Kembang sungsang dinang kunang Kotak kurawis wayang Lindu nira bumi bengkah Adam adam babu hawa Siskang danur wilis Ingkang ngagelaraken cahya nur cahya Anwas anwar ngagelaraken Malih kang danur citra Nurcahya nursari nurjati Dangiang wayang wayanganipun Semar sana ya danar guling Basa sem pangangken-angken Mareng ngemaraken Dat Kang Maha Tunggal Wayang agung wineja wayang tunggal Wayang tunggal

Sabtu, 14 Mei 2016

PEPELING ABAH


Saban-saban robah mangsa, ganti wanci ilang bulan kurunyung taun, sok mineng kabandungan jelema, sanajan ngalamun salaput umur, kahayang patema tema, karep henteu reureuh reureuh . Da geuning nu bakal karasa mah anging kadar ti pangeran, manusa kadar rancana, kobul aya tinu maha agung, laksana aya tinu kawasa.
Ulah nuduh kanu jauh, ulah nyawang kanu anggang, nu caket geura raketan, nu deukeut geura deuheusan, moal jauh tina wujud, moal anggang tina tina awak, aya naon jeung aya saha ? tina diri sorangan. Cirina satangtung diri, pek geura panggihan diri maneh teh, ku maneh weh sorangan, ulah waka nyaksian batur saksian heula diri sorangan. Sing daek nulung kanu butuh, nalang kanu susah, ngahudangkeun kanu sare, ngajait kanu titeuleum, mere kanu daek, nyaangan kanu poekeun. Pitutur para Guru, papatah para ulama, pangeling para kiyai, rawuh para karuhun anu mere tuduh jalan sangkan ulah kajongjonan, jeung kamalinaan. Geura suprih ku pangarti, paruruh ku pangaweruh sakumna elmu, geura eling kana purwadaksi emut kana tuturus laka, urang asal ti mana ?, balik bakal ka mana ?, Ayeuna cicing di mana?, lenyepan masing taliti. Larapkeun na sanubari , di sarengan kulampahna. Tanya heula eta rasa, talek heula eta hate, tilik deui eta diri, di mana ayeuna ngancik ?.

Tekadkeun sing enya –enya pikeun sakabeh laku lampahna, bisi goreng balukarna, napsu nu matak kaduhung, awak anu katempuhan, tina atikan atanapi tina didikan anu munggaran, kasasar nya lampah, pajauh laku, jeung buntu dina laku, yakin dina pamadegan, tanjeurkeun bebeneran sangkan meunang kabagjaan, dunya rawuh akherat.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar