Kembang sungsang dinang kunang Kotak kurawis wayang Lindu nira bumi bengkah Adam adam babu hawa Siskang danur wilis Ingkang ngagelaraken cahya nur cahya Anwas anwar ngagelaraken Malih kang danur citra Nurcahya nursari nurjati Dangiang wayang wayanganipun Semar sana ya danar guling Basa sem pangangken-angken Mareng ngemaraken Dat Kang Maha Tunggal Wayang agung wineja wayang tunggal Wayang tunggal

Minggu, 21 Agustus 2016

panceg dina galur. doa ka kolot kula anu tos teuaya di dunya....!!!


kujang tanah padjadjaran prabu siliwangi..... budaya tanah pasundan...!!!!
panceg dina galur pie doa ka kolot kula anu tos teuaya di dunya....!!!
ku nyebat ku rohmat kagungan alloh,dewasa ku rohmat kaagungan,sakabeh perkara tianjeuna bakal balik deui kaanjeyna nu hurung dina jantung nu ruhay dina angeun jeung sagala kakaremet hirup nu aya dina diri kula jeung laku lampah kula nyungkeun dihampura,
doa kula ka kolot kula anu tos teuaya didunya ka indung anu ngandung,ka indung anu teu ngandung,ka rama anu nyayuga,
kula moal lemah ku dunya,rek hirup panjeg dina galur ka gusti alloh numaha kawasa anu ngurus hirup jeung huripna kula...!!!


PANCEG DINA GALUR.......

Manjing kana waktuna
Ninggang kana mangsana
Muru maluru beh ditu
Nungtik nyungsi nu kamari
Hudang pikeun tandang   nu kiwari
Ngundeur meureun  ngala sugan

Hana nguni hana mangke
Tan hana nguni tan hana mangke
Aya baheula, aya ayeuna
Moal aya ayeuna mun euweuh baheula

Aya indung, aya bapa
Indung nu ngandung bapa nu ngayuga
Aya indung, aya surga
Aya bapa aya dunya
Du’a indung jadi jimat
Jampe bapa jadi ubar
Pikeun lengkah
Pikeun tandang
Ngadekeun ajen Kisunda

Laku lampah nu utama
Nyebarkeun asih kasasama
Tingkah polah sing merenah
Sangkan panggih
kamulyaan
Kajembaran
Kawaluyaan
Karahayuan

Panceg dina galur
Salawasna akur jeung dulur
Panceg dina galur
Babarengan  ngajaga lembur
Panceg dina galur
Moal ingkah najan awak lebur

Munut ridho Gusti
Ngalap berkah Gusti
nu Maha suci

Munut ridho Gusti
Ngalap berkah Gusti
Sang Hyang widhi

Bral geura miang
Tandang makalangan
Nanjeurkeun kabeneran
Ngawangikeun bumi Pasundan

Sok geura hudang
Tandang makalangan
Sanghareupan musuh
Najan palastra nepikabinasa

Sakabeh nu gumelar didunya
Bakal panggih jeung ajalna
Ngan nu mangpaat pikeun sasama
Anu bakal abadi
Ngarana ditulis dina prasasti kahirupan
Laku lampahna turuteun pikeun anak incu

Kujang nu nyurup kana raga
Anu nyieup kana wanda
Ngajirim jadi nonoman sunda
Sinatria ti tanah pasundan

Nanjeurkeun bebeneran jeung kaadilan
Teu keuna ku owah gingsir
Teu kasilih ku junti
Ganjaran nu belapati, satria santosa iman,
Sinatria pilih tanding Lalaki lalanang Jagat

 
Diposkan oleh Nce Koswara

Tidak ada komentar:

Posting Komentar