Kamis, 22 September 2016

UGA TATAR SUNDA

Mupunjung jeung ngagungkeun karuhun téh teu cukup ku kebul kukus jeung ngagul-ngagulna wungkul, tapi kudu dibarung ku kasadaran yén karuhun téh ninggalkeun karya jeung hanca. Sarta mangka inget yén unggal entragan pasti jadi karuhun, demi kawajiban urang nya éta nuluykeun hanca karuhun, ngagarap tangtangan jaman sorangan. Nyieun karya nuluykeuneun entragan anu pandeuri.

Uga Tatar Sunda
Patali jeung éta, sabenerna masarakat Sunda mangpirang-pirang kawaris tradisi jeung kabudayaan ti para karuhunna. Wujud warisan karuhun Sunda, diantarana: karya sastra saperti pantun, babad, mitologi atawa folklore/carita ra’yat anu teu sepi tina ramalan-ramalan ngeunaan kajadian anu bakal kasorang jaga. Boh anu tinulis dina kitab kahot atawa anu dicaritakeun deui ku juru pantun, atawa ngaliwatan pituah ti para pini sepuh jaman baheula.

Ari ramalan-ramalan di Tatar Sunda ieu téh kawentar disebut Uga, anu méh kapanggih disaantéro suklak-sikluk Jawa Barat.

Istilah Uga bisa jadi asal muasalna tina kecap “Yuga” atawa “Duga”. Di Jawa Tengah jeung Tatar Sunda remen aya ogé anu nyebutna: Ogan –saperti Ogan Lopian (gambar Lopian) jimat milik Batara Kresna, ari hartina mémper-mémper kana “Ramalan”.

Kaunggel dina Kamoes Basa Soenda (1948:149), kalimat Yoega hartina, naon-naon nu diwudjudkeun; ngayoegakeun berarti ngawudjudkeun, ngalahirkeun orok djeung ngadjaga kasalametannana.

Dina Kamoes Basa Soenda, dijéntrékeun: Oega nya éta waktoe parobahan, babakoena parobahan kaajaan nagara atawa bangsa. Moen geus nepi ka oegana, tangtoe tanah oerang merdéka. (Satjadibrata, 1948:249). Sedengkeun dina Kamus Basa Sunda, anu disusun ku Lembaga Basa dan Sastra Sunda (1980:547) disebutkeun yén uga berarti tujuan nu aya patalina jeung parobahan penting, babakuna parobahan kaayaan nagara atawa daérah; Geus nepi kana ugana, geus nepi kana waktuna nu ditujum ku karuhun.

KH. Hasan Mustafa (1890), dina hiji tulisanna méré pengertian Uga anu leuwih deskriptif kieu:
“Basa uga ditelahkeunana kana omongan anu méré béja piayaeun naon-naon kangeunahan atawa bancang pakéwuh (kasusahan) di ahir, tapi lain anu bangsa lahir, saperti kana tangkal cau, jaga bakal jantungan. Ieu jelema jagana bakal diruang; tapi kapakéna uga mah kanu moal kapanggih, tapi ku pikiran tahayulan jelema tangtu kapangih, ngan teu nyaho di urang kénéh atawa ku anak incu. Nu matak ari aya nu rada sarupa jeung taksiran sok diaromongkeun ‘geus tepi ka ugana’ atawa ‘samorong ceuk uga’
Ari conto-contona omongan baheula,
“Jaga mah, barudak, sajajalanna disaungan”. Béh karéta api.
“Gancang carita béja, mun geus aya balabar kawat”. Béh telegram.
“Jaga mah, barudak, batu turun keusik naék”. Béh anak somah naék pangkat, anak ménak teu pangkat.
“Jaga mah, barudak, nganteuran ka nu digawé gé mawa kéjo dina iteuk, nandakeun angger gawé” Béh nu dagang di pagawéan.
Kitu deui kana cacandran nagara, jaga mah barudak, Bandung heurin ku tangtung /…/ Éta gé jadi omong geus tepi kana ugana. Jeung sajaba ti éta loba deui uga geus tepi jeung nu acan, nurutkeun tahayul pikiranana, nu jadi basa jangji kudu ngabukti, subaya kudu mangrupa. Malum perkara tahayul ti unggal ati, anu keur ngarep-ngarep kaanéhan. (Rosidi, 1989:350-351).

Dina buku Diktat keur murid-murid SGB anu judulna ‘Kasusastraan Sunda’, yén Uga ogé disebut Tjatjandran nya éta tjarita karuhun nu ngagambarkeun kaajaan nagara djst., nu bakal kasorang, saperti tjatjandran Djajabaja, atawa di urang aya ogé kolot-kolot baheula geus njarebutkeun Sumedang ngarangrangan, Galunggung ngadeg tumenggung, Sukapura ngadaun ngora, Bandung heurin ku tangtung, Tjiandjur katalandjuran, Tjiamis amis ku maneh, Banagara sor ka tengah.

Nu sarupa jeung Uga ieu téh, geus nyampak ti baheula mula. Bisa kapanggih disakabéh agama jeung bangsa disaantéro ieu jagat. Dina agama, istilah Ugah leuwih dikenal ku sesebutan ‘Nubuat’.

Patali jeung Uga, ieu ramalan téh ngandung papatah-petitih; pépéling; jeung tungtunan. Ku kituna, Uga téh bisa digolongkeun kana the bible of the folk atawa kitab suci-na ra’yat jalata (James Dananjaya, “Kegunaan Folklore sebagai Sumber Sejarah Lokal Desa-Desa di Indonesia”, 1985).

Kusabab Uga ogé sok loba ngamuat ramalan-ramalan anu baris karandapan, ceuk Prof. Dr. Yus Rusyana éta téh minangka futurisme folklore. Anu disebut Uga mah disusun dumasar kana: ilham; instink; panghayatan (ngalenyepan); jeung tatapa nyucikeun diri. Ku ka arif-an para karuhun Sunda, aranjeunna mampuh nga-abstraksi jeung nga-generalisasi puteran lalampahan sajarah manusa nepi ka lahirna Uga anu jadi ruhay obor-na pikeun nyaangan sajarah anak-incu dina mangsa anu bakal kasorang.

Wujud Uga
Sacara umum, aya sababaraha rupa wujud Uga Sunda, diantarana:
1.    Dina wangun ucapan anu dihubungkeun jeung tanda-tanda alam. Boh anu dinyatakeun dina wujud simbul (lambang), boh anu diungkabkeun sacara harfiah. Conto Uga dina wujud perlambang bakal kapanggih dina ‘Uga Bandung’: yen nagara Indonesia kakarék bisa ngalaman adil ma’mur saupama “Kawah Ratu” (panguasa) geus ngahiji jeung “Kawah Upas” (rakyat). Cohagna: Upama para pamingpin, miroséa tur geus paham enya-enya kana aspirasi rakyat.
2.  Dina wujud carita pantun, kapanggih dina Pantun Bogor saperti: Pakujajar di Lawang Gintung, jeung Kujang di Hanjuang Siang.

Salahsahiji ‘wangsit’ ti Raja Pajajaran anu kapanggih di Kabuyutan Galunggung ngungkabkeun ogé ngeunaan suasana jaman édan anu bakal kasorang, diantarana:
Budak teu ngawaro jeung teu héman ka kolot; murid teu tuhu ka Guru; Raja sabuana salah pamakéna; Pandita salah pamakéna; Panghulu salah pamakéna; antukna patulak tawur; tanpa wastu ilang buana.Padahal, papatah-petitih heubeul nganaséhatan yén pribadi anu kudu diajénan téh: Guru; Ratu; Wong Atua-karo.
Maksudna: di ieu dunya téh, tatanan masarakat bakal lumangsung mulus rahayu berkah salamet saupama “Generasi ngora-na hormat, ta’at, tur ngajénan para Guru anu ngagem budi luhur tur luhung élmuna; Pamaréntah anu adil tur agung wibawana; sarta Kolot-kolot anu arif wijaksana”.
Palangsiang, nya hal éta pisan anu kurang perhatian ti kalangan nonoman kiwari téh.

Uga Bandung
1. Bandung bakal heurin ku tangtung; Cianjur katalanjuran; Sukabumi tinggal resmi; Sumedang ngarangrangan; Sukapura ngadaun ngora; Galunggung ngadeg Tumenggung; Garut jadi pangirut.
2.  Musuh utama kota Bandung téh “seuneu”. Acan kaungkab, naon anu dimaksud seuneu téh, naha éta téh ngandung ma’na simbolis atawa ngabogaan harti harfiah ?
3.    Bandung bakal pindah tur merepet deui ngalegaan ka Ciranjang, kuloneun kota Bandung.
4. Upama kebon anu perenahna di wétaneun Bui Banceuy geus salin jinis jadi pasar, bakal ngarandapan huru-hara. Bangsa pribumi bakal merdika, sedengkeun kebo bulé (Walanda) bakal mulang ka nagrina.
5.  Engké saupama Bui Banceuy geus aya anu ngabongkar, kota Bandung téh bakal dimaratuhan ku jelema-jelema baringung. Poé ieu ngadegkeun wawangunan, isukna dibongkar deui. Cindekna: kuriak teu anggeus-anggeus.
6.    Sunda nanjung, lamun nu pundung ti Bandung ka Cikapundung geus balik deui.

Uga Galunggung
Sunda nanjung, lamun pulung turun ti Galunggung.

Uga Kawasen (Buk Kawasen, Lakbok Banjar)
1.  Urang kudu peperangan, dina keur nyieun jalan tengah di Gunung Kendeng, maung ngembang dadap, di cai buhaya ngembang kaso. Dina keur peperangan kadé kudu bareng jeung kolot, urang ulah hareup teuing bisi kaleyek, ulah tukang teuing bisi katinggaleun.
2. Ari anu bakal jadi ratu, baju butut babadong batok, anu jolna ti Gunung Surandil, bandérana kararas cau.

Uga Banten:
Nagara kartaraharja, lamun lebak cawéné geus kapanggih.

Uga Garut
1. Kota Garut bakal pindah ka Bagendit, ti dinya bakal pindah deui ka Cilauteureun di basisir Samudera Hindia. Ka hareupna bakal ngadeg dua nagri (kota) di Kandangwesi (Garut) jeung Cidamar, masing-masing ngaranna téh Jayanti jeung Jayana.

2.  Uga Kampung Dukuh: Di akhir jaman bakal loba parahu. Urang Dukuh mah makéna parahu belang.

3.   Uga Cilauteureun (Uga Tilu Sunda nu Pinunjul):
·   Jaga di Cilauteureun bakal ngadeg leuit salawé jajar, sajajarna salawé suhunan, sasuhunana dieusian paré salawé caéng

·  Nagara ilang komara; rahayat pinanggih lara; sagala kias teu mental; sakabéh pamingpin bingung. Geus kitu bakal muncul Ki Sunda nu katilu. Nu katilu mah can jisim; pinunjul ahli nagara; pinter tur perténtang ngomong; kaloka ka jagat ingwang; tabah ngolah paréntah; kaceluk manusa punjul; taya pibandingeunana.

·     Ki Sunda nu munggaran, nya éta: Dalem Boncel. Anjeunna nété karier-na tina asal hiji tukang ngarit keur parab kuda di Kandangwesi Garut terus melesat kana jadi Dalem (Bupati) Caringin di Banten.

·   Ki Sunda nu kadua, nya éta: Kiai Haji Hasan Mustafa, Hoofd Panghulu Bandung. Anjeunna kawentar pisan salaku bujangga Sunda, ulama ahli agama nu moyan kabina-bina.

·  Satria Sunda Katilu, nya éta Ki Sunda anu bakal muncul ngageugeuh nagara Indonesia, ngajugjug mangsa kajayaan nu adil tur ma’mur. Ari éta calon piseraheun Sunda téh ku Uga dibulen kénéh.
http://sundalandgeografi.blogspot.co.id/

Tidak ada komentar:

Poskan Komentar