Kembang sungsang dinang kunang Kotak kurawis wayang Lindu nira bumi bengkah Adam adam babu hawa Siskang danur wilis Ingkang ngagelaraken cahya nur cahya Anwas anwar ngagelaraken Malih kang danur citra Nurcahya nursari nurjati Dangiang wayang wayanganipun Semar sana ya danar guling Basa sem pangangken-angken Mareng ngemaraken Dat Kang Maha Tunggal Wayang agung wineja wayang tunggal Wayang tunggal

Jumat, 14 Oktober 2016

Carita Parahyangan

Dicutat tina
Atja (1968) Carita Parahiyangan: Naskah Titilar Karuhun Urang Sunda. Bandung:
Jajasan Kebudajaan Nusalarang

Téks Carita Parahyangan
I
Ndéh nihan Carita Parahiyangan.
Sang Resi Guru mangyuga Rajaputra.
Rajaputra miseuweukeun [1] Sang Kandiawan lawan Sang Kandiawati, sida sapilanceukan. Ngangaranan manéh Rahiyangta
Déwaraja. Basa lumaku ngarajaresi ngangaranan manéh Rahiyangta ri Medangjati, inya Sang Layuwatang, nya nu nyieun Sanghiyang Watang Ageung.
Basana angkat sabumi jadi manik sakurungan, nu miseuweukeun pancaputra; Sang Apatiyan [2] Sang Kusika, Sang Garga Sang Mestri, Sang Purusa, Sang Putanjala inya Sang Mangukuhan, Sang Karungkalah, Sang Katungmaralah [3], Sang Sandanggreba, Sang Wretikandayun.
 II
Hana paksi Si Uwur-uwur, paksi Si Naragati, nyayang di titrayatra [4] Bagawat Resi Makandria [5]. Dihakan anakna ku salakina. Diseuseul [6] ku éwéna [7].
Carék éwéna, "Papa urang, lamun urang teu dianak, jeueung Bagawat Resi Makandria.
Ditapa sotéh papa, ja hanteu dianak."
Carék Bagawat Resi Makandria, "Dianak ku waya, ja éwé ogé hanteu."
Ti inya carék Bagawat Resi Makandria, "Aing dék leumpang ka Sang Resi Guru, ka Kéndan."
Datang siya ka Kéndan.
Carék Sang Resi Guru, "Na naha siya Bagawat Resi Makandria, mana siya datang ka dinih?"
"Pun samapun [8], aya béja kami pun, kami ménta pirabieun pun. Kéna kami
kapupulihan ku Paksi Si Uwur-uwur, paksi Si Naragati, papa baruk urang hanteu di na anak."
Carék Sang Resi Guru, "Leumpang siya ti heula ka batur siya deui, anaking Pwah Aksari Jabung, leumpang husir Bagawat Resi Makandria, na pideungeuneun satapa, anaking."
Leumpang Pwah Rababu, datang ka baturna, teu diaku rabi. Nyeueung inya wedadari
geulis, ti inya nyieun manéh Pwah Manjangandara, na Bagawat Resi Makandria nyieun
manéh Rakéyan Kebowulan, sida pasanggaman. Carék Sang Resi Guru,
"Étén [9] anaking, Pwah Sanghiyang Sri! Leumpang kita ngajadi ka lanceuk siya, ka
Pwah Aksari Jabung."
Ti inya leumpang Pwah Sanghiyang Sri ngajadi, inya Pwah Bungatak Mangaléngalé.
 III
Carék Sang Mangukuhan, "Nam adiing [10] kalih, urang ngaboro [11] leumpang ka
tegal."
Sadatang ka tengah tegal, kasampak Pwah Manjangandara deung Rakéyan Kebowulan.
Digérékeun ku sang pancaputra; beunangna samaya, asing [12] nu numbak inya ti
heula, nu ngeunaan inya, piratueun [13].
Keuna ku tumbak Sang Wretikandayun, Kebowulan jeung Pwah Manjangandara.
Lumpat ka patapaanana, datang paéh. Dituturkeun ku Sang Wretikandayun. Pwah
Bungatak [14] Mangaléngalé kasondong nginang deung Pwah Manjangandara; ku Sang
Wretikandayun dibaan pulang ka Galuh, ka Rahiyangta ri Medangjati.
 IV
Lawasniya adeg ratu lima welas tahun, disilihan ku Sang Wretikandayun di Galuh,
mirabi Pwah Bungatak Mangaléngalé.
Na Sang Mangukuhan nyieun manéh panghuma; Sang Karungkalah nyieun manéh
panggérék, Sang Katungmaralah nyieun manéh panyadap; Sang Sandanggreba nyieun
manéh padagang. Ku Sang Wretikandayun diadegkeun Sang Mangukuhan,
Rahiyangtang Kulikuli; sang Karungkalah diadegkeun Rahiyangtang Surawulan; Sang
Katungmaralah diadegkeun Rahiyangtang Pelesawi [15]; Sang Sandanggreba
diadegkeun Rahiyangtang Rawunglangit.
Sang Wretikandayun adeg di Galuh. Ti inya lumaku ngarajaresi, ngangaranan manéh
Rahiyangta ri Menir [16]. Basana angkat sabumi jadi manik sakurungan, inya nu
nyieunna Purbatisti.
Lawasniya ratu salapan puluh tahun.
Disilihan ku Rahiyangtang Kulikuli, lawasniya ratu dalapan puluh tahun.
Disilihan ku Rahiyangtang Sarawulan, lawasniya ratu genep tahun, katujuhna panteg
kana goréng twah.
Disilihan ku Rahiyangtang Rawunglangit, lawasniya adeg ratu genep puluh tahun.
 V
Disilihan ku Rahiyangtang Mandiminyak.
Seuweu Rahiyangta ri Menir [17], teluan sapilanceukan; anu cikal nya Rahiyang
Sempakwaja, adeg Batara Dangiyang Guru di Galunggung; Rahiyangtang Kedul, adeg
Batara Hiyang Buyut di Denuh; Rahiyangtang Mandiminyak adeg di Galuh.
Carék Sang Resi Guru, "Karunya aing ka Rahiyang Sempakwaja hanteu diboga [18] éwé.
Anaking Pwah Rababu! Kita leumpang husir Rahiyang Sempakwaja, kéna inya
pideungeuneun siya satapa."
Sang Resi ngagisik tipulung [19] jadi jalalang bodas, leumpang ngahusir Rahiyang
Sempakwaja, eukeur melit [20].
Carék Rahiyang Sempakwaja, "Na naha jalalang bodas éta?"
Top sumpit. Nya mana dihusir, dék nyumpit inya. Kapanggih Pwah Rababu eukeur
mandi di Sanghiyang Talaga Candana.
Carék Rahiyang Sempakwaja, "Ti mana kéh, éta nu mandi?"
Éta diléléd sampingna ku sumpit. Beunang diléléd. Aya deungeunna Pwah Aksari kalih,
tuluy lalumpatan ka tegal. Pwah Rababu dicokot ku Rahiyang Sempakwaja, dipirabi,
dikasiahan na Pwah Rababu. Nya mana diseuweu, inya Rahiyang Purbasora, Rahiyang
Demunawan, dwaan sapilanceukan.
 VI
Ngareungeu tatabeuhan humung gumuruh tanpa parungon [21], tatabeuhan di Galuh.
Pulang ka Galuh teter nu ngigel.
Sadatang ka buruan ageung, carék Rahiyangtang Mandiminyak, "Sang Apatih, na saha
éta?"
"Béjana nu ngigel di buruan ageung."
"Éta bawa sinjang saparagi, iweu kéh pamalaan aing. Téhér bawa ku kita keudeukeudeu!"
Leumpang sang apatih ka buruan ageung, dibaan ka kadatwan na Pwah Rababu.
Dipirabi ku Rahiyangtang Mandiminyak, dirabi kasiahan na Pwah rababu. Diseuweu
patemuan, dingaranan Sang Salah.
 VII
Carék Rahiyang Sempakwaja, "Rababu leumpang! Ku siya bwatkeun budak éta ka
Rahiyangtang Mandiminyak. Anteurkeun patemuan siya Sang Salahtwah."
Leumpang Pwah Rababu ka Galuh.
"Aing dititah ku Rahiyang Sempakwaja mwatkeun budak éta, beunang siya ngeudeungeudeu
aing téh."
Carék Rahiyangtang Mandiminyak, "Anak aing tu kita, Sang Salah."
Carék Rahiyangtang Mandiminyak, "Sang Apatih, ku siya teundeun kana jambangan.
Bawa ka tegal!"
Dibawa ku sang apatih ka tegal, sapamungkur [22] sang apatih, ti tegal metu ikang
aprama [23] tog ka langit, kabireungeuh ku Rahiyangtang Mandiminyak.
"Sang Apatih, husir deui teundeun siya, budak ta!"
Dihusir ku sang apatih ka tegal, kasondong hirup. Dibaan ka hareupeun Rahiyangtang
Mandiminyak. Dingaranan Sang Sénna.
 VIII
Lawasniya ratu tujuh tahun. Na Rahiyangtang Mandiminyak disilihan ku Sang Séna.
Lawasniya ratu tujuh tahun, disilih-jungkat ku Rahiyang Purbasora. Na Sang Séna
diintarkeun ka Gunung Marapi, diseuweu Rakéyan Jambri.
Ageung [24] sakamantrian, lunga ka Rahiyangtang Kedul, ka Denuh [25], ménta
dibunikeun.
Carék Rahiyangtang Kedul, "Putu aing mumul kapangkukan ku siya, sugan siya
kanyahoan ku ti Galuh. Leumpang siya husir Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang
Pandawa ring Kuningan, deung anak saha tu [26] siya?"
Carék Rakéyan Jambri, "Aing anak Rahiyang Sang Séna. Dijungkat, diintarkeun ku
Rahiyang Purbasora."
"Lamun kitu, mawa boga kami ngasuhan. Ngan mulah mo sambut samaya aing. Moga
ulah meunang prangan; lamun siya ngalaga prang [27] ka kami. Ngan siya leumpang
maratkeun, husir Tohaan di Sunda."
Sadatang ka Tohaan di Sunda [28], tuluy dipulung minantu ku Tohaan di Sunda. Ti inya
ditinggalkeun, ngahusir Rabuyut Sawal. Carék Rabuyut Sawal, "Saha siya?"
"Aing pun seuweu Sang Séna. Aing nanyakeun pustaka bawa Rabuyut Sawal. Eusina ma
ratuning bala sariwu; pakeun séda, pakeun sakti, paméré Sang Resi Guru."
Dibikeun ku Rabuyut Sawal.
Ti inya pulang ka Galuh Rakéyan Jambri. Tuluy diprang deung Rahiyang Purbasora.
Paéh Rahiyang Purbasora.
Lawasniya ratu tujuh tahun. Disilihan ku Rakéyan Jambri, inya Rahiyang Sanjaya.
 IX
Carék Rahiyang Sanjaya, "Sang Apatih, leumpang siya, nanya ka Batara Dangiyang Guru
ku piparintaheun urang inih!"
Sadatang sang apatih ka Galunggung, carék Batara Dangiyang Guru, "Na naha béja siya,
Sang Apatih?"
"Pun, kami dititah ku Rahiyang Sanjaya ménta piparintaheun [29], adi Rahiyang
Purbasora."
Hanteu dibikeun ku Batara Dangiyang Guru. Carék Batara Dangiyang Guru, "Rahiyang
Sanjaya, leumpang nyandogé manéh. Éléhkeun Guruhaji Pagerwesi, éléhkeun Guruhaji
Mananggul, éléhkeun Guruhaji Tepus, éléhkeun Guruhaji Balitar. Lunga Rahiyang
Sanjaya; éléhkeun Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa ring Kuningan.
Nyandogé na kasaktian, kénana ta Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa ring
Kuningan, hanteu kawisésa Dangiyang Guru. Mana ingéléhkeun, inya sakti."
Rahiyang Sanjaya ka Kuningan, tuluy diprang. Éléh Rahiyang Sanjaya. Digérékan, teka
ring loh Kuningan [30], undur Rahiyang Sanjaya.
"Dara [31] aing para dinih, digérékan. Éléh [32] pun kami."
Ti inya pulang deui ka Galuh, Rahiyang Sanjaya.
Sang Wulan, Sang Tumanggal pulang deui ka Arilé. Rahiyang Sanjaya tuluy marék ka
Batara Dangiyang Guru. Carék Batara Dangiyang Guru, "Rahiyang Sanjaya, naha béja
siya datang ka dinih?"
"Aya pun béja kami, pun kami dipiwarang, éléh pun kami, supén pun kami [33]. Kami
meunang ku jadi, pun gumanti diboroan ku Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang
Pandawa ring Kuningan."
Pulang deui Rahiyang Sanjaya ka Galuh.
 X
Carék Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang pandawa ring Kuningan, "Mawa pisajieun
leumpang ka Galunggung, widihan sajugala ma, palangka wulung, munding
satempahan [34], bras sapadangan."
Sateka siya ka Galunggung, mandeg ring Pakembangan. Kasondong ku Pakembangan,
majar ka Batara Dangiyang Guru. Carék Dangiyang Guru, "Naha béja siya?"
"Pun Batara Dangiyang Guru! Aya Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa di
Kuningan."
"Bagéa amat, siya datang ka dinih. Leumpang siya ka Galuh. Ala Rahiyang Sanjaya,
mangka mawa pisajieun; widihan sajugala ma, saha palangka wulung, munding
satémpahan [35], kawali wesi, bras sapadangan."
Sadatang siya ka Galuh, carék Rahiyang Sanjaya, "Naha béja siya, Pakembangan?"
"Kami pun disuruh ku Dangiyang Guru. Rahiyang Sanjaya mangka nu sangkep mawa
pisajieun. Aya Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa ring Kuningan."
Lunga Rahiyang Sanjaya. Téka ri hareupeun Dangiyang Guru, carék Batara Dangiyang
Guru, "Rahiyang Sanjaya! Lamun kawisésa ku siya Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang
Pandawa ring Kuningan, aing nurut carék siya. Ja beunang ku aing kawisésa, turut
carékéng! Ja aing wenang nuduh tan [36] katuduh. Ja aing anak déwata."
Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa ring Kuningan kawisésa ku Batara
Dangiyang Guru.
Sang Wulan dijieun Guruhaji Kajaron.
Sang Tumanggal dijieun Guruhaji Kalanggara di Balamoha.
Sang Puki jadi Guruhaji Pagerwesi.
Sang Manisri dijieun Buyuthadén Rahaséa [37], di Puntang.
Buyuthadén Tunjungputih di Kahuripan.
Buyuthadén Sumajajah di Pagajahan.
Buyuthadén Pasugihan di Batur.
Buyuthadén Padurungan di Lembuhuyu.
Buyuthadén Darongdong di Balaraja.
Buyuthadén Pagergunung di Muntur.
Buyuthadén Muladarma di Parahiyangan.
Buyuthadén Batutihang di Kuningan.
 XI
Rahiyang Sanjaya kawekasan ring Medang. Ratu
ring Galuh, Sang Seuweukarma. Ikang ari ratu Galuh, mananem sarwijagih Dadalem
gawey puja, lilir désa, séwabakti ring Batara Upati.
Rahiyangtang Wéréh, maka siya dingaran Rahiyangtang Wéréh, masa siya tinggal anak
sapilanceukan.
Rahiyangtang Kedul wurung ngadeg haji, kena rohang, ja mangka ngaran Rahiyang
Sempakwaja.
Rahiyangtang Kedul wurung ngadeg ratu kena kemir, ngaran mangadeg Wikuraja.
Siya jadi Tohaan di Kuningan, anakna ditapa, tu siya seuweu Rahiyang Sempakwaja.
Ujar Rahiyang Sanjaya, "Sama sanak ring aing aki! Lamun kitu ma karah. Ulah anggeus
narahan aing aki, sang apatih!"
Ujar sang apatih, "Mangka dapet deui urang nyayangan Sanghiyang Darmasiksa, mulah
mo déngé!"
Carékna patih kalih ka Rahiyang Sanjaya, "Lamun dék jaya prangrang, mangkat ti
Galuh!"
Prangrang ka Mananggul, éléh sang ratu Mananggul, Pwanala panulak sanjata. Tuluy ka
Kahuripan, diprangrang, éléh Kahuripan, na Rahiyangtang Wulukapeu nungkul. Tuluy
ka Kadul, diprangrang, éléh Rahiyang Supena, nungkul. Tuluy ka Balitar [38], diprang,
éléh sang ratu Bima.
Ti inya Rahiyang Sanjaya nyabrang ka désa Malayu. Diprang di Kemir, éléh
Rahiyangtang Gana. Diprang deui ka Keling, éléh Sang Sriwijaya. Diprangrang ka Barus,
éléh Ratu Jayadana. Diprang ka Cina, éléh Patih Sarikaladarma.
Pulang Rahiyang Sanjaya ka Galuh ti sabrang.
Ndéh humeneng.
 XII
Rahiyangtang Kuku, Sang Seuweukarma di Arile, diheueumdeungna para patih; gusti
winekasan pangajaran kaparamartan.
"Nam urang marek, mawa tanggung ka Rahiyang Sanjaya. Mupu omas sakati, gangsal
(buhniya), bawaeun urang ka Rahiyang Sanjaya."
Ti inya diheueum deui di Galuh deu(ng) para patih kali(h).
"Nam, urang nyieun labur di jalan gedé pakeun nyungsung Sang Seuweukarma, ja turut
Rahiyangtang Kuku."
Sateka ka sisi(m)pang(an) ka Galuh deung ka Galunggung, disungsung, disocaan.
Ujar Rahiyangtang Kuku, "Sang apatih, bawa kami marék ka Rahiyang Sanjaya. Ornas
sakati, gangsal boéhniya."
Ujar sang apatih, "Pun Tohaan! Hanteu dipilarang na omas na beusi ku Rahiyang
Sanjaya, hengan huripna urang réa dipilarang."
Andéh kahimengan Rabiyangtang Kuku, pulang deui ka Arile.
Diheueum deungna para patih kalih.
Ujar Rahiyangtang Kuku, "Na naha pakeun urang bakti ka Rahiyang Sanjaya?"

XIII
Sakitu ménakna, ini tangtu Rahiyang Sempakwaja.
Ndéh nihan ta ujar Rahiyangtang Kuku, lunga ka Arile, ngababakan na Kuningan.
Kareungeu ku Rahiyangtang Kuku, inya Sang Seuweukarma ngadeg di Kuningan,
seuweu Rahiyang Sempakwaja; ramarénana pamarta ngawong rat kabéh.
Dayeuh paradayeuh, désa paradésa, nusa paranusa. Ti KeIing bakti ka Rahiyangtang
Kuku: Rahiyangtang Luda di Puntang. Rahiyangtang Wulukapeu di Kahuripan.
Rahiyangtang Supremana di Wiru. Rahiyang Isora di Jawa. Sang ratu Bima di Bali. Di
kulon di Tungtung Sunda nyabrang ka désa Malayu: Rahiyangtang Gana ratu di Kemir.
Sang Sriwijaya di Malayu. Sang Wisnujaya di Barus. Sang Brahmasidi di Keling.
Patihnira Sang Kandarma di Berawan. Sang Mawuluasu di Cimara-upatah. Sang
Pancadana ratu Cina. Pahi kawisésa, kena inya ku Rahiyangtang Kuku. Pahi
ngadegkeun haji sang ma¬nitih Saunggalah. Pahi ku Sang Seuweukarma kawisésa, kena
mikukuh tapak Dangiyang Kuning.
Sangucap ta Rahiyang Sanjaya di Galuh, "Kumaha sang apatih, piparéntaheun urang?
Hanteu di urang dipikulakadang ku Rahiyangtang Kuku. Sang apatih, leumpang,
dugaan ku kita ka Kuningan. Sugan urang dipajar koyo ilu dina kariya, ja urang hanteu
dibéré nyahoan, daék lunga."
Sang patih teka maring Kuningan, marék ka kadaton, umun [39] bakti ka Rahiyangtang
Kuku.
Ujar Rahiyangtang Kuku, "Deuh sang apatih, na naha na béja kita, mana kita datang ka
dinih?"
Ujar sang apatih, "Kami pun dititahan Rahiyangtang Sanjaya. Disuruh ngadugaan ka
dinih. Saha [40] nu diwastu dijieun ratu?"
Carék Rahiyangtang Kuku, "U sang apatih, yogya aing diwastu dijieun ratu ku na urang
réa. Ngan ti Rahiyang Sanjaya ma hanteu nitah ku dék kulakadang deung hamo ka
kami, ja bogoh maéhan kulakadang baraya. Ja aing ogé disalahkeun ka Kuningan ku
Rahiyang Sempakwaja. Aing beunang Rahiyang Sempakwaja nyalahkeun ka Kuningan
ini. Mana aing mo dijaheutan ku Rahiyang Sanjaya."
Pulang deui sang apatih ka Galuh. Ditanya ku Rahiyang Sanjaya, "Aki, kumaha carék
Rahiyangtang Kuku ka urang?"
"Pun Rahiyang Sanjaya! Rahiyangtang Kuku teu meunang tapana. Mikukuh Sanghiyang
Darma kalawan Sanghiyang Siksa. Nurut talatah Sang Rumuhun, ngawayangkeun awak
carita. Boh kéh ku urang turut tanpa tingtimanana. Biyaktakeun ku urang, ja urang
sarwa kaputraan, urang deung [41] Tohaan pahi anak déwata.
Ndéh inalap pustaka ku Rahiyang Sanjaya. Sadatang inungkab ikang pustaka. Sabdana
tangkarah,
"Ong awignam astu krétayugi balem raja kretayem rawanem sang tata dosamem, sewa
ca kali cab pratesora sang aparanya ratuning déwata sang adata adininig ratu déwata
sang sapta ratu na caturyuga."
"Dah umangen-angen ta Sang Resi Guru sidem magawéy Sang Kandiawan lawan Sang
Kandiawati. Mangkana manak Rahiyangtang Kulikuli, Rahiyangtang Surawulan,
Rahiyangtang Pelesawi. Rahiyangtang Rawunglangit, kamiadi Sang Wretikandayun.
Sang Wretikandayun mangka manak Rahiyangtang Sempakwaja, Rahiyangtang
Mandiminyak. Rahitangtang Mandiminyak mangka manak Sang Séna, Rahiyang Sang
Séna mangka manak Rahiyang Sanjaya."
Bo geulisan Dobana bawa bahetra piting deupa, bukana bwatan sarwo sanjata.
"Urang ka nusa Demba!"
Data sira lunga balayar.
Kareungeu ku Sang Siwiragati. Dek mwatkeun Pwah Sang kari Pucanghaji Tunjunghaji
ditumpakkeun dina liman putih. Dék ngajangjang turut buruan; momogana teka
Rahiyangtang Kuku, Sang Seuweukarma ka nusa Demba, tuluy ka kadatwan, calik
tukangeun Sang Siwiragati.
Rahiyangtang Kuku dihusir ku liman putih, lumpat ka buruan mawa Pwah Sangkari.
Hanteu aya pulang deui ka kadatwan liman putih ta, bakti ka Rahiyangtang Kuku.
Pulang deui Rahiyangtang Kuku ka Arile, dibawa na liman putih deung Pwah Sangkari.
Manguni:
"Naha hanteu omas saguri, sapetong, sapaha sapata-payan?" Tuluy ka Galuh ka
Rahiyang Sanjaya, hanteu sindang ka Arile. Dibawa na liman putih, dirungkup ku
lungsir putih tujuh kayu diwatang ku premata mas mirah komara hinten.
Datang siya ti désa Demba, tuluy ka kadatwan. Sateka Rahiyangtang Kuku ring kadaton,
mojar ka Rahiyang Sanjaya. naha suka mireungeuh liman putih.
Tanyana: "Mana?"
"Tuluy dipitutunggangan, diaseukeun Pwah Sangkari ka Rahiyang Sanjaya. Sateka ring
dalem hanteu pulang deui.
Dah Rahiyang Sanjaya: "Naha tu karémpan? Aing ayeuna kreta, aing deung bapangku,
Rahiyangtang Kuku, Sang Seuweukarma. Hanteu ngalancan aing ayeuna. Ajeuna nu
tangkarah:
"Alas Dangiyang Guru di tengah, alas Rahiyang Isora di wétan paralor Paraga deung
Cilotiran, ti kulon Tarum, ka kulon alas Tohaan di Sunda."
Dah sedeng pulang Rahiyangtang Kuku ka Arile, sadatang ka Arile panteg hanca di
bwana, ya ta sapalayaga dirgadisi lodah.
Mojar Rahiyang Sanjaya, ngawarah anaknira Rakéan Panaraban, inya Rahiyang
Tamperan: "Haywa dék nurutan agama aing, kena aing mretakutna urang réya."
Lawasniya ratu salapan tahun,disiliban ku Rahiyang Tamperan.
 XV
Tembey Sang Resi Guru ngayuga taraju Jawadipa, taraju ma inya Gulunggung, Jawa ma
ti wétan.
Di pamana Sunda hana pandita sakti, ngaraniya Bagawat Sajalajala, pinejahan tanpa
dosa. Mangjanma inya Sang Manarah, anak Rahiyang Tamperan, dwa sapilanceukan
denung Rahiyang Banga.
Sang Manarah males hutang; Rahiyang Tamperan sinikep deneng anaknira. Ku Sang
Manarah dipanjara wesi na Rahiyang Tamperan.
Datang Rahiyang Banga, ceurik, teher mawakeun sekul kana panjara wesi, kanyahoan
ku Sang Manarah. Tuluy diprangrang deung Rahiyang Banga. Keuna mukana Rahiyang
Banga ku Sang Manarah.
Ti inya Sang Manarah adeg ratu di Jawa pawwatan.
Carék Jawana, Rahiyang Tamperan lawasniya adeg ratu tujuh tahun, kena twah siya
bogoh ngarusak nu ditapa, mana siya hanteu heubeul adeg ratu.
Sang Manarah, lawasniya adeg ratu dalapanpuluh tahun, kena rampés na agama.
Sang Manisri lawas adeg ratu geneppuluh tahun, kena isis di Sanghiyang Siksa.
Sang Tariwulan lawasniya ratu tujuh tahun.
Sang Welengan lawasniya ratu tujuh tahun.

XVI
Ndéh nihan tembey Sang Resi Guru
miseuweukeun Sang Haliwungan, inya Sang Susuktunggal nu munar na Pakwan
reujeung Sanghiyang Haluwesi, nu nyaeuran Sanghiyang Rancamaya.
Mijilna ti [42] Sanghiyang Rancamaya:
"Ngaran kula ta Sang Udubasu, Sang Pulunggana, Sang Surugana, ratu hiyang
banaspati."
Sang Susuktunggal inyana nu nyieunna palangka Sriman Sriwacana Sri Baduga
Maharajadiraja, ratu haji di Pakwan Pajajaran. Nu mikadatwan Sri-bima-untarayanamadura-
suradipati, inyana pakwan Sanghiyang Sri Ratudéwata.
Kawekasan Sang Susuktunggal, pawwatanna lemah suksi, lemah hadi, mangka premana
raja utama.
Lawasniya ratu saratus tahun.
 XVII
Rahiyang Banga lawasnia ratu tujuh tahun, kena twah siya, mo makéyan agama bener.
Rakéyanta ri Medang lawasniya adeg ratu tujuh tahun.
Rakéyanta Diwus lawasniya ratu opatlikur tahun.
Rakéyanta Wuwus lawasniya ratu tujuhpuluhdua tahun.
Sang lumahing Hujung Cariang, lawasniya ratu telu tahun, kaopatna panteg kena salah
twah, daék ngala éwé sama éwé.
Rakéyan Gendang lawaniya ratu telulikur tahun.
Déwa Sanghiyang lawasniya ratu tujuh tahun.
Prebu Sanghiyang lawasniya ratu sawelas tahun.
Prebu Ditiya Maharaja lawasniya ratu tujuh tahun.
Sang lumahing Winduraja lawasniya ratu telulikur tahun.
Sang lumahing Kreta lawasniya ratu salapanpuluhdua tahun, kena mikukuh na twah
rampés, turun na kretayuga.
Disiliban deui ku Sang lumahing Winduruja, teu heubeul adeg, lawasniya ratu
dalapanwelas tahun.
Disilihan deui ku Sang Rakéyan Darmasiksa, pangupatiyan Sanghiyang Wisnu, inya nu
nyieun sanghiyang binayapanti, nu ngajadikeun para kabuyutan ti sang rama, ti sang
resi, ti sang disri, ti sang tarahan, tina parahiyangan.
Ti naha bagina?
Ti sang wiku nu ngawakan jati Sunda, mikukuh Sanghiyang Darma ngawakan
Sanghiyang Siksa.
Lawasniya ratu saratuslimapuluh tahun.
Manak Sang lumahing Taman lawasniya ratu genep tahun.
Manak deui Sang lumahing Tanjung, lawasnija ratu dalapan tahun.
Manak Sang lumahing Kikis, lawasniya ratu dwalikur tahun.
Sang lumahing Kiding, lawasniya ratu sapuluh tahun.
Manak Aki Kolot, lawasniya ratu sapuluh tahun.
 XVIII
Manak deui Prebu Maharaja, lawasniya ratu tujuh tahun, kena kabawa ku kalawisaya,
kabancana ku seuweu dimanten, ngaran Tohaan. Mundut agung dipipanumbasna.
Urang réya sangkan nu angkat ka Jawa, mumul nu lakian di Sunda. Pan prangrang di
Majapahit.
Aya na seuweu Prebu, wangi ngaranna, inyana Prebu Niskalawastu Kancana nu surup di
Nusalarang ring giri Wanakusuma. Lawasniya ratu saratusopat tahun, kena rampés na
agama, kretajuga.
Tandang pa ompong jwa pon, kenana ratu élé h ku satmata. Nurut nu ngasuh Hiyang
Bunisora, nu surup ka Gegeromas. Batara Guru di Jampang.
Sakitu nu diturut ku nu mawa lemahcai.
Batara Guru di Jampang ma, inya nu nyieun ruku Sanghiyang Pak é, basa nu wastu
dijieun ratu. Beunang nu pakabrata séwaka ka d éwata [43]. Nu di tiru ogé paké
Sanghiyang Indra, ruku ta.
Sakitu, sugan aya nu d ék nurutan inya twah nu surup ka Nusalarang. Daé k él éh ku
satmata. Mana na kretajuga, él éh ku nu ngasuh.
Nya mana sang rama énak mangan, sang resi é nak ngaresisasana, ngawakan na
purbatisti, purbajati. Sang disri énak masini ngawakan na manusasasana, ngaduman
alas pari-alas. Ku b éét hamo diukih, ku gedé hamo diukih. Nya mana sang Tarahan
énak lalayaran ngawakan manu-rajasasana. Sanghiyang apah, teja, bayu, akasa, sangbu
énak-énak,ngalungguh di sanghiyang Jagatpalaka. Ngawakan sanghiyang rajasasana,
angadeg wiku énak di Sanghiyang Linggawesi, brata siya puja tanpa lum. Sang wiku
énak ngadéwasasana ngawakan Sanghiyang Watang Ageung, énak ngadeg manu-rajasuniya.
Tohaan di Galuh, inya nu surup di Gunungtiga. Lawasniya ratu tujuh tahun, kena salah
twah bogoh ka é stri larangan ti kaluaran.
 XIX
Disilihan ku Prebu, naléndraputra premana, inya Ratu Jayadéwata, sang mwakta ring
Rancamaya, lawasniya ratu telupuluhsalapan tahun.
Purbatisti, purbajati, mana mo kadatangan ku musuh ganal, musuh alit. Suka kreta tang
lor, kidul, kulon, wétan, kena kreta rasa.
Tan kreta ja lakibi dina urang réya, ja loba di Sanghiyang Siksa.
 XX
Disilihan inya ku Prebu Surawisésa, inya nu surup ka Padaré n, kasuran, kadiran,
kuwamén.
Prangrang limawelas kali hanteu éléh, ngalakukeun bala sariwu.
Prangrang ka Kalapa deung Aria Burah. Prangrang ka Tanjung. Prangrang ka Ancol
kiyi. Prangrang ka Wahanten girang. Prangrang ka Simpang. Prangrang ka Gunungbatu.
Prangrang ka Saungagung. Prangrang ka Rumbut. Prangrang ka Gunung. Prangrang ka
Gunung Banjar. Prangrang ka Padang. Prangrang ka Panggoakan. Prangrang ka
Muntur. Prang rang ka Hanum. Prangrang ka Pagerwesi. Prangrang ka
Medangkahiyangan.
Ti inya nu pulang ka Pakwan deui. hanteu nu nahunan deui, panteg hanca di bwana.
Lawasniya ratu opatwelas tahun.
 XXI
Prebu Ratudé wata, inya nu surup ka Sawah-tampian-dalem. Lumaku ngarajaresi. Tapa
Pwah Susu.
Sumbé lé han niat tinja bresih suci wasah. Disunat ka tukangna, jati Sunda teka.
Datang na bancana musuh ganal, tambuh sangkané. Prangrang di burwan ageung.
Pejah Tohaan Saréndét deung Tohaan Ratu Sanghiyang.
Hana pandita sakti diruksak, pandita di Sumedeng. Sang panadita di Ciranjang
pinejahan tanpa dosa, katiban ku tapak kikir. Sang pandita di Jayagiri Iinabuhaken ring
sagara.
Hana sang pandita sakti hanteu dosana. Munding Rahiyang ngaraniya linabuhaken ring
sagara tan keneng pati, hurip muwah, moksa tanpa tinggal raga teka ring duniya.
Sinaguhniya ngaraniya Hiyang Kalingan. Nya iyatnajatna sang kawuri, haywa ta sira
kabalik pupuasaan.
Samangkana ta pr écinta.
Prebu Ratudé wata, lawasniya ratu dalapan tahun, kasalapan panteg hanca dina bwana.
 XXII
Disilihan ku Sang Ratu Saksi Sang Mangabatan ring Tasik, inya nu surup ka
Péngpéléngan. Lawasniya ratu dalapan tahun, kenana ratu twahna kabancana ku estri
larangan ti kaluaran deung kana ambutéré. Mati-mati wong tanpa dosa, ngarampas
tanpa prégé, tan bakti ring wong-atuha [44], asampé ring sang pandita.
Aja tinut d é sang kawuri, polah sang nata.
Mangkana Sang Prebu Ratu, carita inya.
 XXIII
Tohaan di Majaya alah prangrang, mangka tan nitih ring kadatwan. Nu ngibuda
Sanghiyang Panji, mahayu na kadatwan, dibalay manelah taman mihapitkeun dora
larangan. Nu migawe bale-bobot pituweJas jajar, tinulis pinarada warnana cacaritaan.
 XXIV
Hanteu ta yuga dopara kasiksa tikang wong sajagat, kreta ngaraniya. Hanteu nu
ngayuga sanghara, kreta, kreta.
Dopara luha gumenti tang kali. Sang Nilak éndra wwat ika sangké lamaniya
manggirang, lumekas madumdum cereng. Manganugraha weka, hatina nunda
wisayaniya, manurunaken pretapa, putu ri patiriyan. Cai tiningkalan nidra wisaya ning
baksa kilang.
Wong huma darpa mamangan, tan igar yan tan pepelakan [45]. Lawasniya ratu kampa
kalayan pangan, ta tan agama gayan kewaliya mamangan sadirasa nu surup ka sangkan
beunghar.
Lawasniya ratu genepwelas tahun.
 XXV
Disilihan ku Nusiya Mulia. Lawasniya ratu sadewidasa [46], tembey datang na prebeda.
Bwana alit sumurup ring ganal, metu sanghara ti Selam.
Prang ka Rajagaluh, élé h na Rajagaluh. Prang ka Kalapa, él éh na Kalapa. Prang ka
Pakwan, prang ka Galuh, prang ka Datar, prang ka Madiri, prang ka Paté gé, prang ka
Jawakapala, él éh na JawakapaJa. Prang ka Galé lang. Nyabrang, prang ka Salajo, pahi éléh ku Selam.
Kitu, kawisésa ku Demak deung ti Cirebon [47], pun.

Dicutat tina
Atja (1968) Carita Parahiyangan: Naskah Titilar Karuhun Urang Sunda. Bandung:
Jajasan Kebudajaan Nusalarang

Téks Carita Parahyangan

Tarjamahan dina basa Sunda kiwari:
I
Enya kieu Carita Parahiyangan teh.
Sang Resi Guru boga anak Rajaputra.
Rajaputra boga anak Sang Kandiawan jeung Sang Kandiawati, duaan adi lanceuk.
Sang Kandiawan teh nyebut dirina Rahiyangta Dewaradja.
Basa ngajalankeun kahirupan sacara rajaresi, ngalandi dirina Rahiangta di Medangjati,
oge katelah Sang Lajuwatang, nya mantenna nu nyieun Sanghiang Watangageung.
Sanggeusna rarabi, nya lahir anak-anakna limaan, mangrupa titisan Sang Kusika, Sang Garga, Sang Mestri, Sang Purusa, Sang Puntandjala, nya eta: Sang Mangukuhan, Sang Karungkalah, sang Katungmaralah, Sang Sandanggreba jeung Sang Wretikandayun.
 II
Aya manuk ngaranna si Uwur-uwur, oge katelah Si Naragati, nyayang di pangjarahan Bagawat Resi Makandria. Anakna dihakan ku jaluna. Dicarekan ku bikangna.
Carek bikangna: "Kacida hinana, lamun urang teu boga anak teh. Bireungeuh tuh
Bagawat Resi Makandria!Tatapa soteh bane bae sangsara da henteu boga anak."
Carek Bagawat Resi Makandria: "Kumaha rek boga anak. Da kawin oge henteu."
Ti dinya, carek Bagawat Resi Makandria: "Aing dek indit ka Sang Resi Guru, ka
Kendan."
Manehna datang ka Kendan.
Carek Sang resi Guru: "Na nahaon bejana, hidep Bagawat Resi Makandria, nu matak
datang ka dieu?" "Pangampura bae; saleresna aya piwartoseun. Dek nyuhunkeun
pirabieun. Lantaran kawartosan ku manuk si Uwur-uwur, nu nelah oge si Nagaragati.
Sanggemna kacida hinana, lamun urang teu gaduh anak."
Carek Sang resi Guru: "Jig hidep ti heula ka patapan deui. Anaking Pwah Rababu
geuwat susul Bagawat Resi Makndria. Lantaran nya manehna pijodoeun hidep teh,
anaking."
Pwah Rababu terus nyusul, dating ka patapan Sang Resi Makandria, teu diaku rabi.
Kabireungeuheun aya widadari geulis, ngarupakeun Pwah Mandjangandara, nya geuwat
Rasi Makandria ngajadikeun dirina Kebowulan. Terus sanggama.
Carek Sang Resi Guru: "Enten, anaking Pwah Sanghiang Sri! Jig hidep indit ngajadi ka
lanceuk hidep, ka Pwah Aksari Jabung."
Ti dinya Pwah Sanghiang Sri indit sarta terus nitis, nya lahir Pwah Bungatak
Mangalengale.
 III
Carek sang Mangukuhan: "Nam adi-adi sadaya urang moro ka tegalan."
Sadatang ka tegalan, kasampak Pwah Manjangandara reujeung Rakean Kebowulan.
Diudag ku limaan, sarta beunangna pada jangji, yen saha anu pangheulana keuna
numbakna, nya manehna piratueun.
Keuna ditumbak ku Sang Wretikandayun, Kebowulan jeung Pwah Manjangandara teh.
Kebowulan lumpat ka patapan, sadatangna hos bae paeh.
Ku Sang Wretikandayun dituturkeun, kasampak pwah Bungatak Mangalengale keur
nyusu ka Pwah Manjangandara.
Pwah Bungatak Mangalengale teh ku Sang Wretikandayun di bawa mulang ka Galuh, ka
Rahiangta di Medangjati.
 IV
Rahiyangan di Medangjati lawasna ngadeg ratu limawelas taun. Diganti ku Sang
Wretikandayun di Galuh, bari migarwa Pwah ngatak Mangalengale.
Ari Sang Mangukuhan jadi tukang ngahuma, Sang Karungkalah jadi tukang moro, Sang
Katungmaralah jadi tukang nyadap sarta Sang Sandanggreba jadi padagang.
Nya ku Sang Wreti Kandayun Sang Mangukuhan dijungjung jadi Rahiangtung Kulikuli,
Sang Karungkalah jadi Rahiangtang Surawulan, Sang Katungmaralah jadi Rahiyangtang
Pelesawi, Sang Sandanggreba jadi Rahiangtang Rawunglangit.
Sabada Sang Wretikendayun ngadeg ratu di Galuh, nya terus ngajalankeun kahirupan
sacara rajaresi sarta ngalandi dirina jadi Rahiangta di Menir. Dina waktu bumenbumen,
harita teh nya nyusun Purbatisti.
Lawasna jadi ratu salapanpuluh taun. Diganti ku Rahiang Kulikuli, lawasna jadi ratu
dalapanpuluh taun. Diganti ku Rahiangtang Surawulan, lawasna jadi ratu genep taun,
katujuhna diturunkeun, lantaran goring lampah. Diganti ku Rahiangtang Pelesawi,
lawasna jadi ratu saratusdualikur taun, lantaran hade lampah. Diganti ku Rahiangtang
Rawunglangit, lawasna geneppuluh taun.
 V
Diganti ku Rahiangtang Mandiminyak.
Anak Rahiangta di Menir teh aya tiluan, nu cikal nya Rahiang Sempakwaja, ngadeg
Batara Dangiang Guru di Galunggung; Rahiangtang Kidul, ngadeg Batara Hiang Buyut
di Denuk; Rahiangtang Mandiminyak ngadeg ratu di Galuh.
Carek Sang Resi Guru: "Karunya aing ku Rahiang Sempakwaja henteu boga pamajikan.
Anaking Pwah Rababu! Hidep leumpang ungsi Rahiang Sempakwaja, lantaran aya
manehna pibatureun hidep tatapa."
Sang Resi Guru ngagesek totopong jadi jaralang bodas, nya indit nyampeurkeun
Rahiang Sempakwaja, nu harita kabeneran keur ngawelit.
Carek Sanghiang Sempakwaja: "Na naha nya aya jaralang bodas etah?"
Cop nyokot sumpit, terus diudag rek disumpit. Pwah Rababu kapanggih eukeur mandi
di talaga Candana.
Carek Rahiang Sempakwaja: "Ti ma etah nu mandi?" Sampingna dileled ku sumpit,
beunang. Aya baturna para Pwah Aksari, tuluy lalumpatan ka tegalan.
Pwah Rababu dibawa ku Rahiang Sempakwaja, dipirabi. Kacida dipikaasihna. Nya lahir
anakna lalaki duaan, nya eta Rahiang Purbasora jeung Rahiang Demunawan.
 VI
Barang ngadenge tatabeuhan ngaguruh teu puguh rungukeuneunana, tatabeuhan di
Galuh, Pwah Rababu terus mulang ka Galuh di dinya teh taya kendatna nu ngigel.
Sadatangna kaburuan ageung, cek Rahiangtang Mandiminyak: "Patih, na naon eta
ateh?"
"Bejana nu ngigel di buruan ageung!"
"Eta bawa pakean awewe sapangadeg, sina marek ka dieu. Keun tanggungan aing.
Geuwat bawa sacara paksa!"
Patih indit ka buruan ageung. Pwah Rababu dibawa ka kadaton. Dipirabi ku
Rahiangtang Mandiminyak. Kacida bogohna ka Pwah Rababu. Tina sapatemonna, nya
lahir anak lalaki dingaranan Sang Sena.
 VII
Carek Rahiang Sempakwaja: "Rababu jig indit. Ku sia bikeun eta budak ka Rahiangtang
Mandiminyak, hasil jinah sia, Sang Salahlampah."
Rababu tuluy leumpang ka Galuh.
"Aing dititah ku Rahiang Sempakwaja mikeun budak ieu, beunang sia ngagadabah aing
tea."
Carek Rahiangtang Mandiminyak: "Anak aing maneh teh, Sang Salah?"
Carek Rahiangtang Mandiminyak deui: "Patih ku sia budak teh teundeun kana
jambangan. Geus kitu bawa kategalan!"
Dibawa ku patih ka tegalan, Samungkurna patih, ti eta tegalan kaluar kila-kila nepi ka
awang-awang. Kabireungeuh ku Rahiangtang Mandiminyak.
"Patih teang deui teundeun sia nu aya budakna tea!"
Ku patih diteang ka tegalan, kasampak hirup keneh. Terus dibawa ka hareupeun
Rahiangtang Mandiminyak. Dingaranan Sang Sena.
 VIII
Lawasna jadi ratu tujuh taun, geus kitu Rahiangtang Mandiminyak diganti ku Sang
Sena. Lawasna jadi ratu tujuh taun, diganti lantaran dilindih ku Rahiang Purbasora.
Kajaba ti eta Sang Sena dibuang Gunung Merapi, boga anak Rakean Jambri.
Sanggeusna manehna sawawa indit ka Rahiangtang Kidul, ka Denuh, menta
dibunikeun.
Carek Rahiangtang Kidul: "Putu, aing sangeuk kacicingan ku sia, bisi sia kanyahoan ku
ti Galuh. Jig ungsi Sang Wulan, Sang Tumanggal jeung Sang Pandawa di Kuningan,
sarta anak saha sia teh?"
Carek Rakian Jambri: "Aing anak Sang Sena. Direbut kakawasaanana, dibuang ku
Rahiang Purbasora."
"Lamun kitu aing wajib nulungan. Ngan ulah henteu digugu jangji aing. Muga-muga
ulah meunang, lamun sia ngalawan perang ka aing. Jeung deui leuwih hade sia indit ka
tebeh Kulon, jugjug Tohaan di Sunda."
Sadatangna ka Tohaan di Sunda, tuluy dipulung minantu ku Tohaan di Sunda. Ti dinya
ditilar deui da ngajugjug ka Rabuyut Sawal.
Carek Rabuyut sawal: "Sia teh saha?"
"Aing anak Sang Sena. Aing nanyakeun pustaka bogana Rabuyut Sawal. Eusina teh,
'retuning bala sarewu', anu ngandung hikmah pikeun jadi ratu sakti, pangwaris Sang
Resi Guru."
Eta pustaka teh terus dibikeun ku Rabuyut sawal. Sanggeus kitu Rakean jambri miang
ka Galuh.
Rahiang Purbasora diperangan nepi ka tiwasna. Rahiang Purbasora jadina ratu ngan
tujuh taun. Diganti ku Rakean Jambri, jujuluk Rahiang Sanjaya.
 IX
Carek Rahiang Sanjaya: "Patih, indit sia, tanyakeun ka Batara Dangiang Guru, saha
kituh anu pantes pikeun nyekel pamarentahan di urang ayeuna."
Sadatangna patih ka Galunggung, carek Batara Dangiang Guru: "Na aya pibejaeun
naon, patih?"
"Pangampura, kami teh diutus ku Rahiang Sanjaya, menta nu bakal marentah, adi
Rahiang purbasora."
Hanteu dibikeun ku Batara dangiang Guru.
Carek Batara Dangiang Guru: "Rahiang Sanjaya, indit beunangkeun ku sorangan.
Elehkeun Guruhaji Pagerwesi, elehkeun Wulan, Sang Tumanggal, elehkeun Guruhaji
Tepus jeung elehkeun Guruhaji Balitar. Jig indit Rahiyang Sanjaya; elehkeun Sang
Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa di Kuningan. Maranehna meunang kasaktian,
nu ngalantarankeun Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa di Kuningan henteu
kabawah ku dangiang Guru. Lamun kaelehkeun bener maneh sakti."
Rahiang Sanjaya tuluy perang ka Kuningan. Eleh Rahiang Sanjaya diubeuber, nepi ka
walungan Kuningan. Rahiang Sanjaya undur.
"Teu meunang hanteu aing kudu ngungsi ka dieu, lantaran diudag-udag, kami kasoran."
Ti dinya Rahiang Sanjaya mulang deui ka Galuh, Sang Wulan, Sang Tumanggal mulang
deui ka Arile.
Rahiang Sanjaya tuluy marek ka Batara Dangiang Guru, Carek Batara Dangiang Guru:
"Rahiang Sanjaya, naon pibejaeun sia, mana sia datang ka dieu?"
"Nya eta aya pibejaeun, apan kami dipiwarang, tapi kami eleh. Ti mana kami unggulna,
anggur kami diuber-uber ku Sang Wulan, Sang Tumanggal jeung Sang Pandawa di
Kuningan." Sanggeus kitu Rahiang Sanjaya tuluy mulang ka Galuh.
 X
Carek Sang Wulan, Sang Tumanggal, sang Pandawa di Kuningan: "Mawa pisajieun,
urang miang ka Galunggung, pakean lalaki sapangadeg, pangcalikan, munding sarakit
(?), beas sacukupna pikeun dahar."
Sadatang ka Galunggung, eureun di Pakembangan. Kasampak ku (Sang) Pakembangan.
tuluy popojan ka Batara Dangiang Guru.
Carek Batara Dangiang Guru: "Aya beja naon?"
"Pun Batara Dangiang Guru! Aya Sang Wulan, Sang Tumanggal jeung Sang Pandawa di
Kuningan."
"Kacida bagjana sia datang ka dieu. Jung miang ka Galuh. Ondang Rahiang Sanjaya,
caritakeun, kudu mawa pisajieun, pakean lalaki sapangadeg, pangdiukan wulung,
munding sarakit (?), kawali beusi jeung beas sacukupna pikeun dahar."
Sadatang sia ka Galuh, carek Rahiyang Sanjaya: "Aya pibejaeun naon, sia
Pakembangan?"
"Kami teh dititah ku Dangiang Guru. Rahiang Sanjaya supaya mawa pisajieun
salengkepna. Aya Sang Wulan, Sang Tumanggal jeung Sang Pandawa di Kuningan."
Rahiang Sanjaya indit.
Barang nepi ka hareupeun Dangiang Guru, carek Dangiang Guru: "Rahiang Sanjaya!
Lamun kaereh ku sia Sang Wulan, Sang Tumanggal jeung Sang Pandawa di Kuningan,
aing bakal nurut kana sagala ucapan sia. Da beunang ku aing kabawah. Turut kana
ucapan aing. Da aing wenang ngelehkeun, hanteu kasoran. Da aing anak dewata."
Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa di Kuningan kabawah ku Batara
Dangiang Guru.
Sang Wulan dijenengkeun Guruhaji di Kajaron.
Sang Tumanggal dijieun Guruhaji Kalanggara di Balamoha.
Sang Pandawa di Kuningan jadi Guruhaji Lajuwatang.
Sang Puki jadi Guruhaji di Pagerwesi.
Sang Manisri dijadikeun Buyuthaden Rahesa di Puntang.
Buyuthaden Tujungputih di Kahuripan.
Buyuthaden Sumajajah di Pagajahan.
Buyuthaden Pasugihan di Batur.
Buyuthaden Darongdong di Balaraja.
Buyuthaden Pagergunung di Muntur.
Buyuthaden Muladarma di Parahiangan.
Buyuthaden Batuhiang di Kuningan.
 XI
Rahiyang Sanjaya tumetep di Medang Ratu di Galuh, Sang Seuwakarma.
Ari adina Ratu Galuh, miara sabaraha hiji anak munding, nyieun padumukan pikeun
muja. Pindah-pindah tempat, sewabakti ka Batara Upati.
(Nelah) Rahiang Wereh, nu matak disebut kitu, waktu ditilar, adi lanceuk masih laleutik
keneh.
Teu tulus jadi ratu, lantaran (huntuna) rohang, mangkana katelah Rahiang
Sempakwaja. Rahiyang Kidul oge hanteu bisa jadi ratu sabab burut, nya jadi Wikuraja.
Sang Seuweukarma jadi Tohaan di Kuningan, lahirna di patapan, enya eta anak Rahiang
Sempakwaja.
Cek Rahiang Sanjaya: "Atuh masih pernah dulur aing, aki! Lamun kitu mah karah. Ulah
weleh mere bantuan ka aing, aki patih!"
Cek patih: "Muga-muga bae bisa deui urang ngamalkeun Sanghiang Darmasiksa. Ulah
teu digugu!"
Omongan para patih ka Rahiang Sanjaya: "Lamun haying unggul perang, geura
mangkat ti Galuh!" Prang ka Mananggul, eleh sang ratu Mananggul, Pu Anala
pamanggul juritna. Tuluy ka Kahuripan, diperangan, eleh Kahuripan, Rahiangtang
Wulukapeu taluk. Tuluy ka Kadul, diperangan eleh Rahiang Supena, taluk. Tuluy ka
Balitar, diperangan, eleh sang ratu Bima.
Ti dinya Rahiang Sanjaya nyabrang ka wilayah Malayu. Kemir diperangan, eleh
Rahiangtang Gana. Perang deui ka Keling, eleh Sang Sriwijaya. Perang ka Barus, eleh
ratu Jayadana. Perang ka Cina, eleh pati(h) Sarikaladarma.
Mulang Rahiang Sanjaya ka Galuh ti sabrang.
Tunda.
 XII
Rahiangtang Kuku, Sang Seuweukarma di Arile, ngayakeun gempungan jeung para
patih; raja dicaritakeun hal pangajaran kaparamartaan.
"Nam urang rek marek, mawa kiriman ka Rahiang Sanjaya. Cokot emas sakati, lima
boehna, bawaeun urang ka Rahiang Sanjaya."
Dina danget eta, oge di Galuh ngayakeun kumpulan jeung para patih sakabeh.
"Nam urang nyieun labur di jalan gede pakeun ngabageakeun Sang Seuweukarma,
lantaran enya eta Rahiang Kuku."
"Barang datang ka sisimpangan ka Galuh jeung ka Galunggung, dipapag, dihormat
disayagian cai pikeun sibanyo."
Carek Rahiangtang Kuku: "Sang patih, bawa kami marek ka rahiang Sanjaya. Tah emas
sakati, lima boehna."
Carek sang patih: "Pun Tohaan! Boh emas boh beusi henteu diajenan ku Rahiang
Sanjaya. Nu diajenan teh ngan huripna jalma rea."
Rahiangtang Kuku jadi kabingungan. Terus mulang deui ka Arile. Carek Rahiangtang
Kuku: "Na naon pakeun urang bakti ka Rahiang Sanjaya?"
 XIII
Sakitu mulyana, ieu tangtu Rahiang Sempakwaja. Ayeuna urang caritakeun
Rahiangtang Kuku, indit ka Arile, ngababakan di Kuningan.
Kasohor Rahiangtang Kuku, enya eta Sang Seuweukarma, ngadeg di Kuningan, anakna
Rahiang Sempakwaja. Indung bapana teh tempat panyaluuhan jalma rea.
Dayeuh, desa, pulo jeung sakurilingna: ti Keling bakti ka Rahiangtang Kuku;
Rahiangtang Luda di puntang; Rahiangtang Wulukapeu di Kahuripan; Rahiangtang
Supremana di Wiru; Rahiang Isora di Jawa sang ratu Bima di Bali (tar); di Kulon di
Tu(n)tang Sunda nyabrang ka wilayah Malayu. Rahiangtang Gana ratu di Kemir; Sang
Sriwijaya di Malayu, Sang Wisnujaya di Barus, Sang Bramasidi di Keling. Patihna Sang
Kandarma di Berawan; Sang Mawuluasu di Camara Upatah; Sang Pa(n)cadana ratu di
Cina.
Kabeh kabawah ku Rahiangtang Kuku. Kabeh ngaku ratu ka nu calik di Saunggalah.
Kabawah ku Sang Seuweukarma, sabab Ngukuhan ajaran Dangiang Kuning.
Di Galuh Rahiang Sanjaya nanyakeun: "Kumaha sang patih, pilukeun urang? Urang
hanetu dianggap kulawarga ku Rahiangtang Kuku. Sang patih! Jig indit sidikkeun ku
sorangan ka Kuningan. Bisa jadi urang dipajarkeun turut campur kana karia, padahal
urang henteu dibejaan, daek indit."
Sang patih nepi ka Kuningan, marek ka kadaton, terus ngabakti ka Rahiangtang Kuku.
Carek Rahiangtang Kuku: "Oh sang patih!Na naon bejana, mana dating ka dieu?"
Carek sang patih: "Kami dititah ku Rahiang Sanjaya. Diparentah nyidikkeun ka dieu.
Saha nu dijungjung, nu dijenengkeun ratu?"
Carek Rahiang Kuku: "Eh sang patih! Pantesna nya aing dijungjung dijenengkeun ratu
ku balarea. Ngan ti Rahiang Sanjaya mah henteu diharepkeun, lantaran kulawarga,
jeung moal ka kami mah, sabab dianggapna resep maehan kulakadang baraya. Malah
aing ditempatkeun ka Kuningan oge ku Rahiang Sempakwaja. Aing beunang Rahiang
Sempakwaja nempatkeun ka Kuningan ieu teh.
Mana aing teyu diganggu ku Rahiang Sanjaya."
Sang patih mulang ka Galuh.
Ditanya ku Rahiang Sanjaya: "Aki, kumaha carek Rahiangtang Kukuka urang?" "Pun,
Rahiang Sanjaya! Rahiangtang Kuku teh tapana kataekan. Ngagem Sanghiang Darma
kalawan Sanghiang Siksa. Tumut kana wisik Sang Rumuhun, jadi lulugu dina Hirup
kumbuh. Kukituna ku urang turut tanpa rasa gigis. Tembongkeun ku urang, da urang
jeung Tohaan teh saturunan, kabeh ge pada-pada turunan dewata."
Geuwat dicokot pustaka ku Rahiang Sanjaya. Barang nepi terus diungkab eta pustaka
teh. Unina kieu: "Ong awignam astu, kretajugi balam raja kretayem rawanem sang tata
dosamem, sewa ca kali cab pratesora sang aparanya retuning dewata, sang adata
adining ratu dewata sang sapta ratu na caturyuga. Sang Resi Guru tipekur di nu suni
ngayuga Sang Kandiawan jeung Sang Kandiawati. Nya puputra Rahiangtang Kulikuli,
Rahiangtang Surawulan, Rahiangtang Pelesawi, Rahiangtang Rawunglangit, bungsuna
Sang wretikandayun.
Sang Wretikandayun boga anak Rahiang Sempakwaja, Rahiang Kidul, Rahiangtang
Mandiminyak. Rahiangtang Mandiminyak boga anak Sang Sena, sang Sena boga anak
Rahiang Sanjaya."
Awewe geulis, Dobana mawa parahu, panjangna tujuh deupa, dibagian hareupna
dimomotan rupa-rupa pakarang.
"Urang ka nusa Demba!" Nya terus maranehanana balayar.
Kareungeu ku Sang Siwiragati. Dek ngamuatkeun Pwah Sangkari Pucanghaji
Tunjunghaji, ditumpakkeun dina gajah putih. Kakara ge leumpang sapanjang buruan.
Teu disangka-sangka Rahiangtang Kuku, Sang Seuweukarma cunduk ka nusa Demba,
tuluy ka kadaton, diuk tukangeun Sang Siwiragati.
Rahiangtang Kuku diudag ku gajah putih, lumpat ka buruan mawa Pwah Sangkari.
Henteu aya balik deui ka kadaton gajah putih teh, ngawula ka Rahiangtang Kuku.
Rahiangtang Kuku mulang deui ka Arile, dibawa dina gajah putih jeung Pwah Sangkari.
Pwah sangkari teh ngomong: "Naha henteu aya emas saguri, sapotong sapaha jeung
salengkepna papakean?"
Tuluy bae ka Galuh, ka Rahiang Sanjaya, henteu nyimpang ka Arile. Dibawa na gajah
putih ditutup ku lungsir putih tujuh kayu diwatangan mas mirah komara inten.
Barang dating ti nusa Demba, tuluy ka kadaton, sanggeus cunduk, Rahiangtang Kuku
nyarita ka Rahiang Sanjaya, naha resep mireungeuh gajah putih.
Tanyana: "Mana?"
Tuluy gajah putih teh ditumpakan, Pwah Sangkari disanghareupkeun ka Rahiyang
Sanjaya. Sanggeus nepi ka padaleman, henteu balik deui.
Carek Rahiang Sanjaya: "Na naon nu jadi karempan teh? Ayeuna aing hayang runtut
raut. Aing jeung bapa, Rahiang Kuku, Sang Seuweukarma. Ayeuna aing moal ngalawan.
Ayeuna urang tetepkeun: tanah bagaian Dangiang Guru di tengah, bagian Rangiang
Isora ti Wetan; jauhna nepi ka kalereun Paraga jeung Cilotiran, ti Kulon Tarum, ka
Kulon bagian Tohaan di Sunda."
Sanggeus Rahiangtang Kuku mulang ka Arile, sadatangna ka Arile, putus hancana di
dunya, hilang dina umur nu kacida kolotna.
Rahiang Sanjaya sasauran, ngawulang anakna, Rakean Panaraban, enya eta Rahiang
Tamperan: "Ulah arek nurutan agama aing, lantaran eta aing dipikasieun ku jalma rea."
Lilana jadi ratu salapan taun, diganti ku Rahiang Tamperan.

XV
Mimiti Sang Resi Guru ngawangun kuta pulo Jawa, kutana teh nyaeta Galunggung, ti
wetana Jawa.
Di wates Sunda, aya pandita sakti, dipateni tanpa dosa, ngaranna Bagawal Sajalajala.
Atma pandita teh nitis, nya jadi Sang Manarah. Anakna Rahiang Tamperan duaan jeung
dulurna Rahiang Banga.
Sang manarah males pati.
Rahiang Tamperan ditangkep ku anakna, ku Sang Manarah. Dipanjara beusi Rahiang
Tamperan teh.
Rahiang Banga datang bari ceurik, sarta mawa sangu kana panjara beusi tea.
Kanyahoan ku Sang Manarah, tuluy gelut jeung Rahiang Banga. Keuna beungeutna
Rahiang Banga ku Sang Manarah.
Ti dinya Sang Manarah ngadeg ratu di Jawa, mangrupa persembahan.
Nurutkeun carita Jawa, Rahiang Tamperan lilana ngadeg raja tujuh taun, lantaran
polahna resep ngarusak nu tapa, mana teu lana nyekel kakawasaanana oge.
Sang Manarah, lilana jadi ratu dalapanpuluh taun, lantaran tabeatna hade.
Sang Manisri lilana jadi ratu geneppuluh taun, lantaran pengkuh ngagem Sanghiang
Siksa.
Sang Tariwulan lawasna jadi ratu tujuh taun.
Sang Welengan lawasna jadi ratu tujuh taun.
 XVI
Enya kieu, mimiti Sang Resi Guru boga anak Sang Haliwungan, nya eta Sang
Susuktunggal nu ngomean pakwan reujeung Sanghiang Haluwesi, nu nyaeuran
Sanghiang Rancamaya.
Tina Sanghiang Rancamaya aya nu kaluar.
"Ngaran kula Sang Udubasu, Sang Pulunggana, Sang Surugana, ratu hiang banaspati."
Sang Susuktunggal, enya eta nu nyieun pangcalikan Sriman Sriwacana Sri Baduga
Maharajadiraja, ratu pakwan Pajajaran. Nu kagungan kadaton Sri bima-untarayana
madura-suradipati, nya eta pakwan Sanghiang Sri Ratudewata.
Titinggal Sang Susuktunggal, anu diwariskeunana tanah suci, tanah hade, minangka
bukti raja utama.
Lilana ngadeg ratu saratus taun.
 XVII
Rahiang Banga lawasna ngadeg ratu tujuh taun, lantaran polahna hanteu didasarkeun
kana adat kabiasaan anu bener.
Rakean di Medang lilana ngadeg ratu tujuh taun.
Rakeanta Diwus lilana jadi ratu opatlikur taun.
Rakeanta Wuwus lilana jadi ratu tujuhpuluh dua taun.
Nu hilang di Hujung Cariang lilana jadi ratu taun, kaopatna teu cucud, lantaran salah
lampah, daek ngala awewe ku awewe.
Rakean Gendang lilana jadi ratu tilulikur taun.
Dewa Sanghiang lilana jadi ratu tujuh taun.
Prebu Sanghiang lilana jadi ratu sawelas taun.
Prebu Datia Maharaja lilana jadi ratu tujuh taun.
Nu hilang di winduraja lilana jadi ratu tilulikur taun.
Nu hilang di Kreta lawasna jadi ratu salapanpuluhdua taun, lantaran ngukuhan kana
lampah anu hade, ngadatangkeun gemah ripah.
Diganti deui ku nu hilang di Winduraja, henteu lila ngadegna ratu ngan dalapanwelas
taun.
Diganti ku Sang Rakean Darmasiksa, titisan Sanghiang Wisnu, nya eta nu ngawangun
sanghiang binajapanti.
Nu ngajadikeun para kabuyutan ti sang rama, ti sang resi, ti sang disri, ti sang tarahan
tina parahiangan.
"Tina naon berkahna?" Ti sang wiku nu mibanda Sunda pituin, mituhu Sanghiang
Darma, ngamalkeun Sanghiang Siksa.
Boga anak nu hilang di Taman, lawasna jadi ratu genep taun.
Boga anak deui nu hilang di Tanjung, lilana jadi ratu dalapan taun.
Boga anak nu hilang di Kikis, lilana jadi ratu dualikur taun.
Nu hilang di Kiding, lilana jadi
ratu tujuh taun.
Boga anak Aki Kolot, lilana jadi ratu sapuluh taun.
 XVIII
Boga anak, Prebu Maharaja, lawasna jadi ratu tujuh taun, lantaran keuna ku musibat,
Kabawa cilaka ku anakna, ngaran Tohaan, menta gede pameulina.
Urang rea asalna indit ka Jawa, da embung boga salaki di Sunda. Heug wae perang di
Majapahit.
Aya deui putra Prebu, kasohor ngaranna, nya eta Prebu Niskalawastu kancana, nu tilem
di Nusalarang gunung Wanakusuma. Lawasna jadi ratu saratus opat taun, lantaran hade
ngajalankeun agama, nagara gemah ripah.
Sanajan umurna ngora keneh, tingkah lakuna seperti nu geus rea luangna, lantaran ratu
eleh ku satmata, nurut ka nu ngasuh, Hiang Bunisora, nu hilang di Gegeromas. Batara
Guru di Jampang.
Sakitu nu diturut ku nu ngereh lemah cai.
Batara guru di Jampang teh, nya eta nyieun makuta Sanghiang Pake, waktu nu boga hak
diangkat jadi ratu.
Beunang kuru cileuh kentel peujit ngabakti ka dewata. Nu dituladna oge makuta
anggoan Sahiang Indra. Sakitu, sugan aya nu dek nurutan. Enya eta lampah nu hilang
ka Nusalarang, daek eleh ku satmata. Mana dina jaman eta mah daek eleh ku nu
ngasuh.
Mana sesepuh kampung ngeunah dahar, sang resi tengtrem dina ngajalankeun
palaturan karesianana ngamalkeun purbatisti purbajati 35). Dukun-dukun kalawan
tengtrem ngayakeun perjangjian-perjangjian make aturan anu patali jeung kahirupan,
ngabagi-bagi leuweung jeung sakurilingna, ku nu leutik boh kunu ngede moal aya
karewelanana, para bajo ngarasa aman lalayaran nurutkeun palaturan ratu.
Cai, cahaya, angin, langit, taneuh ngarasa senang aya dina genggaman pangayom jagat.
Ngukuhan angger-angger raja 36), ngadeg di sanghiang linggawesi, puasa, muja taya
wates wangenna.
Sang Wiku kalawan ajen ngajalankeun angger-angger dewa, ngamalkeun sanghiang
Watangageung. Ku lantaran kayakinan ngecagkeun kalungguhanana teh.
Diganti ku Tohaan Galuh, enya eta nu hilang di Gunung tiga. Lawasna jadi ratu tujuh
taun, lantaran salah tindak bogoh ka awewe larangan ti kaluaran.
 XIX
Diganti ku Prebu, putra raja pituin, nya eta Sang Ratu Rajadewata, nu hilang di
Rancamaya, lilana jadi ratu tilupuluhsalapan taun.
Ku lantaran ngajalankeun pamarentahanana ngukuhan purbatisti purbajati, mana
henteu kadatangan boh ku musuh badag, boh ku musuh lemes. Tengtrem ayem Beulah
Kaler, Kidul, Kulon jeung Wetan, lantaran rasa aman.
Teu ngarasa aman soteh mun lakirabi dikalangan jalma rea, di lantarankeun ku
ngalanggar Sanghiang Siksa.
 XX
Diganti enya eta ku Prebu Surawisesa, anu hilang di Padaren, Ratu gagah perkosa, teguh
jeung gede wawanen.
Perang limawelas kali henteu eleh. Dina ngajalankeun peperangan teh kakuatan
baladna aya sarewu jiwa.
Perang ka Kalapa jeung Aria Burah. Perang ka Tanjung. Perang ka Ancol kiyi. Perang ka
Wahanten Girang. Perang ka Simpang. Perang ka Gunungbatu. Perang ka Saungagung.
Perang ka Rumbut. Perang ka Gunungbanjar. Perang ka Padang. Perang ka Pagoakan.
Perang ka Muntur. Perang ka Hanum. Perang ka Pagerwesi. Perang ka
Madangkahiangan.
Ti dinya mulang ka pakwan deui. Hanteu naunan deui. Ratu tilar dunya. Lawasna jadi
ratu opatwelas taun.
 XXI
Prabu Ratudeawata, enya eta nu hilang kasawah-tampian-dalem.
Ngajalankeun kahirupan saperti rajaresi. Tanpa Pwah Susu.
Disunatan, maksudna supaya bersih, suci tina kokotor ari dikumbah, disunat ku
tukangna, pituin Sunda eta teh.
Datang huru-hara, musuh loba teu kanyahoan ti mana asalna. Perang di buruan ageung.
Tohaan Sarendet jeung Tohaan Ratu Sanghiang kasambut.
Aya pandita sakti dianiaya, pandita di sumedang. Sang pandita di Ciranjang dipaehan
tanpa dosa, katiban ku tapak kikir. Sang pandita di Jayagiri digubruskeun ka sagara.
Aya pandita sakti taya dosana. Munding Rahiang ngaranna, digubruskeun ka sagara,
henteu paeh, hirup keneh, ngilang tanpa ninggalkeun ragana di dunya. Katelah
ngaranna Hiang Kalinganja. Ku lantaran eta masing iatna anu masih tinggal di belakang
kali, ulah arek hirup api-api pupuasaan. Tah kitu kaayaan jaman susah teh.
Prebu ratudewata, lilana jadi dalapan taun, kasalapanna tilar dunya.
 XXII
Diganti ku Sang Ratusakti Sang Mangabatan di Tasik. Enya eta anu hilang ka
Pengpelengan. Lilana jadi ratu dalapan taun, lantaran ratu lampahna cilaka ku awewe.
Larangan ti kaluaran jeung ku indungtere. Mindeng maehan jalma tanpa dosa,
ngarampas tanpa rasrasan, hanteu hormat ka kolot, ngahina pandita.
Ulah diturut ku nu pandeuri, lampah ratu kitu mah. Tah kitu riwayat sang ratu teh.
 XXIII
Tohaan di Majaya eleh perang, lantaran kitu hanteu cicing di kadaton. Manehna nu
nyipta sanghiang Panji, ngendahan kadaton, dibalaj diatur mirupa taman mihapitkeun
panto larangan. Nu ngawangun bale bobot tujuhwelas jajar, diukir diparada
diwujudkeun rupa-rupa carita.
 XXIV
Dina jaman jalma sajagat hanteu ngalaman kajahatan disebutna jaman kreta.
Henteu aya nu ngajadikeun ancurna jagat.
Dina jaman dopara, jaman parunggu, saterusna diganti ka jaman kali, jaman beusi,
Sang Nilakendra, dilantarankeun lila teuing dina kasenangan, ngumbar hawa napsu.
Bogana anak, kana hatena geus kaancikan ku rekadaya, nya nurunkeun pertapa, incu
pateterean.
Inuman keras dianggapna saperti cai wujudna godaan napsu. Jelema nu ngahuma
rewog baranghakan, teu gumbira lamun teu pepelakan. Lila ratu ngalajur napsu dina
barang dahar, teu nurutkeun adat kabiasaan, enggoning ngumbar kasenangan borakborak
da nganggap saluyu jeung kabeungharanana.
Lilana jadi ratu genepwelas taun.
 XXV
Diganti ku Nusia Mulya. Lilana jadi ratu duawelas (!) taun. Mimiti datangna perobahan.
Buana lemes nyusup ka nu kasar, timbul karusakan ti Islam.
Perang ka Rajagaluh, eleh Rajagaluh. Perang ka Kalapa eleh Kalapa. Perang ka Pakwan,
perang ka Galuh, perang ka Datar. Perang ka Ma(n)diri, perang ka Patege, perang ka
Jawakapala, eleh Jawakapala. Perang ka Gegelang. Meuntas perang ka Salajo; kabeh
eleh ku urang Islam.
Kitu nu matak kabawah ka Demak jeung ti Cirebon.

Dicutat tina
Atja (1968) Carita Parahiyangan: Naskah Titilar Karuhun Urang Sunda. Bandung:
Jajasan Kebudajaan Nusalarang

http://rumahbacabukusunda.blogspot.co.id/


Tidak ada komentar:

Posting Komentar