Kembang sungsang dinang kunang Kotak kurawis wayang Lindu nira bumi bengkah Adam adam babu hawa Siskang danur wilis Ingkang ngagelaraken cahya nur cahya Anwas anwar ngagelaraken Malih kang danur citra Nurcahya nursari nurjati Dangiang wayang wayanganipun Semar sana ya danar guling Basa sem pangangken-angken Mareng ngemaraken Dat Kang Maha Tunggal Wayang agung wineja wayang tunggal Wayang tunggal

Sabtu, 01 Oktober 2016

PEPELING


“Kulit urang geus pareot, umur ogé tinggal sakilat. Ku sabab kitu, urang kudu ngahargaan kana sababaraha papatah , sanajan papatah hargana teu sabaraha. Isuk-isuk sing rajin usak-usik, supaya soré-soré bisa sura-seuri. Sanajan teu jadi béntang, ulah nepika jadi banténg! Bisi hirup jadi jalma leutik, kahadé ulah nepika lutak-létak. Hirup mah teu kudu muluk-muluk, sok waé sing loba melak, ku cara kitu, Udin bakal loba milik. "Tulungan jalma nu butuh talang, talangan jalma nu ménta tulung.

Memang goréng kutap-kétap kanu loba ketipna, tapi ulah oge ngariricuh jalma nu loba récéhna. Ulah ngahina ka jalma édan, boa dina diri jalma édan ngabogaan sipat édun. Ulah muja ka jalma edun, boa dina diri jalma édun ngabogaan sipat édan. Jalma soléh aya salahna, jalma salah aya soléhna, makana kudu silih suluh, ulah silih salahkeun. Mun kabeneran jadi pajabat, ka jalma ulah jubat-jebot, sabab mun jabatan geus dicabut, hinaan jalma bakal tingjarebét.”

Tidak ada komentar:

Posting Komentar