Kembang sungsang dinang kunang Kotak kurawis wayang Lindu nira bumi bengkah Adam adam babu hawa Siskang danur wilis Ingkang ngagelaraken cahya nur cahya Anwas anwar ngagelaraken Malih kang danur citra Nurcahya nursari nurjati Dangiang wayang wayanganipun Semar sana ya danar guling Basa sem pangangken-angken Mareng ngemaraken Dat Kang Maha Tunggal Wayang agung wineja wayang tunggal Wayang tunggal

Jumat, 18 November 2016

Panggeuing Éling, Ngaji Diri Neuleuman Kasajatian


Ngaji Diri Neuleuman Kasajatian :

Nafsu,
nyaéta cahaya beureum tangtungan seuneu kasajatian juhud, nu hirup rumingkang di sakur alam nu jadi tangtungan jatidiri sareng wangunan kasajatian adam (akma–sukma). Jadi amparan lampah, ngupama nu ngabuahkeun tanaga ngalahirkeun kakuatan, numutkeun adab lampah kasajatian dina kajuhudan.

Akal,
nyaéta cahaya bodas tangtungan cai kasajatian tuhu, nu hirup rumingkang di sakur alam nu jadi tangtungan jatidiri sareng wangunan kasajatian adam (akma, sukma). Jadi amparan lampah, ngupama nu ngabuahkeun kabersihan, ngalahirkeun kasucian numutkeun adab lampah kasajatian dina katuhuan.

Waruga,
nyaéta cahaya hideung tangtungan bumi kasajatian rusiah. nu hirup rumingkang dina jatidiri sareng wangunan kasajatian adam (salaku manusa/jalma), jadi tutunggangan lampah, ngupama nu ngabuahkeun darma ibadah ngalahirkeun amalan lampah karusiahan.

Kinasihan,
nyaéta cahaya kalangkang hérang tangtungan wening kasajatian Alloh, nu hirup rumingkang dina jatidiri sareng wangunan kasajatian diri adam ( kalbu). Jadi amparan lampah, ngupama nu ngabuahkeun kadeuheusan ngalahirkeun kacintaan, num adab lampah nyawa dina kasanggupan élmu sajatina.

Karahayuan,
nyaéta cahaya ngeplak tangtungan bodas kasajatian Rosul, nu hirup rumingkang dina jatidiri sareng wangunan kasajatian diri adam ( kalbu). Jadi amparan lampah, ngupama nu ngabuahkeun darma agung ngalahirkeun asah, asih-asuh simbul wawangi sajati basta silihwangian, numutkeun adab lampah mimpin (ngakhalifah). dina kasanggupan élmu kasajatianana.

Khalifah,
nyaéta enggon gumilang, tangtungan nabi kasajatian mimpin, lampah tapané sajatining hurip, Jadi amparan lampah ngupama nu ngabuah lampah ngangon diri ngawuluku sakur kasajatian, Jadi amparan lampah ngangon diri nu ngabuah laku ngatik ngadidik, ngasuh ngabimbing, ngabina. Jadi amparan laku ngawuluku kasajatian diri, ngabuah lampah ngaji diri neuleuman kasajatian ngolah diri ngalampahkeun kasajatian.

Ibadah,
Nyaéta darma nu hirup rumingkang dina hirup sareng kahirupan adam (salaku manusa/jalma), jadi dandanan kasa-jati-an khalifah nu ngabuahkeun darma ngalahirkeun amalan, numutkeun adab lampah kasanggupan dina ngawurkeun wawangi sajatina.


Kautamaan adam salaku khalifah bumi :
Lain sawates kajuhudan kasajatian nafsu tangtungan iblis, lain saukur katuhuan kasajatian akal tangtungan malaikat, tapi aya dina kasanggupan mimpin, kasingeran ngangon sakur kasajatian nu aya dina diri (bumi) sareng kasurtian, katalitian sareng ngarti kana wawangi sajati dina wujud adab–adaban sareng panarat nu jadi tatali paranti kasajatian Gusti Mahasajati, para sajati, diri sajati jeung makhluk sajati.

Kautamaan manusa dina lampah ibadah ka Gusti :
Lain dina kajuhudan kasajatian nafsu tangtungan iblis, lain dina katuhuan kasajatian akal tangtungan malaikat, tapi aya dina kaweningan-kasajatian élmu sajati. Nu ngalahirkeun kadeuheusan ka Gustina (manunggal sajatining abdi kaula Gusti) sareng kacintaan ka makhluk-Na. (manunggal sa jati ning abdi kaula makhluk), Nu ngabuah laku lampah cageur, bageur, bener, pinter sareng singer. (jembar manah - asak hampura, handap haté/asor - syukur nikmat, pasrah sumerah - luhur tarékah).


Kasampurnaan darma adam salaku khalifah bumi sareng adam salaku manusa ibadah ka Gusti
 
Nyaéta :
  • Di jero Mahasajatina (Alloh) , di tengah kasajatiana-Na (Muhammad), di luar makhluk.
  • Di jero Kitab Suci Mahasajati, di tengah Kitab Diri Mahasajati, di luar Kitab diri sajati.
  • Di jero nitis ngama’rifat, di tengah nyukma ngahakékat, di luar ngusumah nyaré’at.
  • Di jero ruh/nyawa, di tengah akma sareng sukma, di luar jiwa sareng raraga.
  • Di jero kalbu - akal - nafsu, di tengah hate-pikir, di luar indra - pangawakan.
  • Di jero élmu sajati, di tengah élmu kasajatian, di luar pangarti sajati.
  • Di tukang kalbu, di tengah akal, di hareup haté.
  • Di tukang akal, di tengah pikir, di hareup dama.
  • Di jero haté, di tengah pikir, di luar pangawakan - indra.
  • Di jero ngaji diri, di tengah ngagali diri, di luar guyang diri.
  • Di jero ngadorong, di tengah nyampur, di luar ngaluluguan.
  • Di jero dzikir, di tengah mikir, di luar singkil.
  • Di jero asah, di tengah asih, di luar asuh.
  • Di jero kajuhudan, di tengah katuhuan, di luar kacintaan.
  • Kajuhudan ka-sa-jati-NA, katu-HU-an kana ka-sa-jati-an-NA, kacintaan ka makhluk ciptaan-NA. Manunggal sajatining abdi kaula, sampurnaning adam numutkeun adab kasajatian salaku manusa
http://cipakudarmaraja.blogspot.co.id/

Tidak ada komentar:

Posting Komentar