Kembang sungsang dinang kunang Kotak kurawis wayang Lindu nira bumi bengkah Adam adam babu hawa Siskang danur wilis Ingkang ngagelaraken cahya nur cahya Anwas anwar ngagelaraken Malih kang danur citra Nurcahya nursari nurjati Dangiang wayang wayanganipun Semar sana ya danar guling Basa sem pangangken-angken Mareng ngemaraken Dat Kang Maha Tunggal Wayang agung wineja wayang tunggal Wayang tunggal

Kamis, 01 Desember 2016

Papatah Jeung Babasan Kolot Sunda


 Hubungan jeung Sasama Mahluk
1. Ngeduk cikur kedah mihatur nyokel jahe kedah micarek
2. Sacangreud pageuh sagolek pangkek
3. Ulah lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang, omat ulah lali tina purwadaksina
4. Nyaur kudu diukur nyabda kudu di unggang
5. Kudu hade gogod hade tagog
6. Kudu silih asih, silih asah jeung silih asuh
7. Pondok jodo panjang baraya
8. Ulah ngaliarkeun taleus ateul
9. Bengkung ngariung bongok ngaronyok
10. Bobot pangayun timbang taraju
11. Lain palid ku cikiih lain datang ku cileuncang
12. Kudu nepi memeh indit
13. Taraje nangeuh dulang pinande
14. Ulah pagiri- giri calik, pagirang- girang tampian
15. Ulah ngukur baju sasereg awak
16. Ulah nyaliksik ku buuk leutik
17. Ulah keok memeh dipacok
18. Kudu bisa kabulu kabale
19. Mun teu ngopek moal nyapek, mun teu ngakal moal ngakeul, mun teu ngarah moal ngarih
20. Cai karacak ninggang batu laun laun jadi dekok
21. Neangan luang tipapada urang
22. Nu lain kudu dilainkeun nu enya kudu dienyakeun
23. Kudu paheuyeuk- heuyeuk leungeun paantay-antay tangan
24. Ulah taluk pedah jauh tong hoream pedah anggang jauh kudu dijugjug anggang kudu diteang
25. Ka cai jadi saleuwi kadarat jadi salogak


Hubungan jeung Gusti Hyang Widi
1. Mulih kajati mulang kaasal
2. Dihin pinasti anyar pinanggih
3. Melak cabe jadi cabe melak bonteng jadi bonteng, melak hade jadi hade melak goreng jadi goreng 

4. Manuk hiber ku jangjangna jalma hirup ku akalna
5. Nimu luang tina burang
6. Omat urang kudu bisa ngaji diri
7. Urang kudu jadi ajug ulah jadi lilin

Hubungan jeung Alam
1. Gunung teu meunang di lebur, sagara teu meunang di ruksak, buyut teu meunang di rempak
2. Tatangkalan dileuweung teh kudu di pupusti
3. Leuweung ruksak, cai beak, manusa balangsak 



Kalayan hapunten bilih kirang tata kirang titi duduga peryoga cologog sareng sajabina. Maklum ciri sabumi cara sadesa, bilih aya cara nukacandak ti desa nu kabantun ti kampung nukajingjing ti patepitan, bilih teu sapuk sareng mamanahan. Punten nu kasuhun.Jeng dulur mah tong nepikeun tileletik silih ala pati, tilelemet getreng, tilelembut silih ala umur, tibubudak silih ala nyawa.

Ulah nuduh kanu jauh, ulah nyawang kanu anggang, nu caket geura raketan nu dekeut geura deueusan. Moal jauh tina wujud moal anggang tina awak, aya naon jeung aya saha? Tina diri sorangan, cirina satangtung diri. Pek geura panggihan silaturahmi teh jeung diri sorangan, ulah waka nyaksian batur, saksian heula diri sorangan kusorangan weh.
Sing diajar nulung kanu butuh, nalang kanu susah, ngahudangkeun kanu sare, ngajait kanu titeuleum, nyaangan kanu poekeun., mere kanu daek, nganteurkeu kanu sieun
Saban-saban robah mangsa ganti wanci ilang bulan kurunyung taun, sok mineng kabandungan manusa sanajan ngalamun salaput umur kahayang patema-tema kareup hanteu reureuh-reureuh, dageuning anu bakal karasamah anging kadar ti pangeran, manusa kadar rencana, Kabul aya tinu maha agung, laksana aya tinu maha kawasa.
Beurat nyuhun beurat nanggung beurat narimakeunnana. (Kecap nuhun)
Nyumput buni tinu caang, negrak bari teu katembong. (Tawadhu)
Tong Kabobodo tenjo, kasemaran tingali.
Najan Buuk hideung jadi bodas, dada antel kana bumi, buluan belut, jangjangan oray. moal waka wangsul saacan kenging ridho Gusti.
Indung anu ngandung bapa nu ngayuga, indung ngandung salapan bulan melendung, tapi indung henteu pundung sabab taqdir tinu maha Agung.
Urang kabeh teh  Reket dengdeng, papak sarua. (Sarua)
Teu ngakal moal ngakeul, teu ngarah moal ngarih, teu ngoprek moal nyapek.
Eta dina hate maneh leungitkeun sifat sirik, pidik, jail, kaniaya, iren, pangasten, dudupak, rurumpat, ngumpat, simuat, ujub, takabur, nyaci,  maki, jeung pedit

Pangarti nu jadi ciri, kagagahan anu rongkah, kapangkatan nu dipiwegah, geuning percuma tanpa dibarengan ku kaimanan jeung kataqwaan kanu kawasa.
Kade loba jalma nu jadi Bibit rurujit. Indung rurusuh. (provokator)
Bakal bagja dimana hiji nagara geus Sepi paling, towong rampog, nudigawe simpe hate, kaum buruh teu ripuh, karyawan sarenang, para tani sugih mukti, nu dagang ge sugema.Rakyatna dititah gotong royong teu popolotot, dititah bebersih teu cecerengir, dititah nyumbang teu nararantang.
Bru dijuru, bro dipanto, ngalayah di tengah imah, buncir leuit, loba duit, ngenah nyandang, ngenah nyanding, ngenah nyandung.
Para ratu mikayunyun, para menak mikaserab, kolot ngeso, budak era, deungeun-deungeun mikadeudeuh.
Tong Kumeok memeh dipacok, biyuni hayam kabiri, bodas ceuli. (mundur sebelum berperang)
Indit kudu bari cicing, lumampah ulah ngalengkah.
Alam nirwana, alam asal, poe panjang, Nagara tunjung sampurna, nu baheula ka alaman, ngan kahalangan ku poho, sabab poe kamari lain poe ayeuna. (Akherat)
Wayang nyaeta gambaran kahirupan manusa Nu dipipindingingan ku silip sindir, dihalangan ku siloka sareng sasmita, kalayan dirimbunan ku gunung simbul.

Geus loba pangarti nu kapimilik, pangabisa nu geus kapibanda, elmu nu geus katimu. kari diamalkeun
Mipit amit, ngala menta, nyukcruk walungan, mapay wahangan, nete taraje, nincak hamalan, ipis lapis, kandel tapel. (malapah gedang)
Sing waspada jeung permana tinggal. (Waspada)
Inditna ulah ngagidig, nyokotna ulah ngaleos, mawana ulah ngalengkah.
Meredih tina ati, menta tina manah. Menekung kanu Maha Agung, muja brata kanu Maha Kawasa
Pasti teu bisa dipungkir, kadar teu bisa di singlar, papasten nu tumibar.
Sing bisa nilik kana diri, bisa ngukur kana kujur.
Elmu teh bakal ngancik tinu nyaring, bakal cicing dinu eling
Niti wanci nu mustari, ninggal mangsa nu sampurna, kahirupan di dunya taya lian keur taqwa.
Bagja dimana boga sobat medok, istri denok, sawah ledok.
Nu geulis jadi werejit, nu lanjang jadi baruang.

Nyukcruk galur nu kapungkur, mapay laratan anu baheula, nitih wanci nu kamari, ninggang mangsa nu sampurna. Sanajan urang beda tapi sarua, sanajan teu ngahiji tapi sa ati, milari ridho gusti nu Sajati.
Tunggul tong dirurud, catang tong dirumpak, hirup katungkul ku umur, paeh teu nyaho dimangsa. Sing inget kana purwadaksi, purwa wiwitan, daksi wekasan. Hartina sing apal kana diri, asal timana?, cicing dimana? Balik kamana?
Urang teh bakal pinanggih jeung poe akhir, nu ngandung harti poe pamungkas, raga ditinggalkeun nyawa, maot pingaraneunana. Bakal digiring kurung keur kuring, bakal dibulen saeneng-eneng, bakal ngagebleg deui jeung mantena.
Hirup katungkul ku umur, paeh teu apal dimangsa, numatak rinik-rinik kulit harti, cicing harti ngawincik diri, mun nyaah kana raga sing nyaho kana dasar agama.
Positip x posotip= positip. Negative x negative= positip. Positip x negative=negative. Nu bener dibenerkeun eta bener, nu salah disalahkeun eta bener. Nu bener disalahkeun eta salah, nu salah dibenerkeun eta salah.
Ratu tara ngahukum, raja tara nyiksa, melak cabe jadi cabe, melak bonteng jadi bonteng, melak hade jadi hade, melak goreng jadi goreng.
Ulah taluk pedah jauh, tong hoream pedah anggang, tong cicing pedah tebih jauh kudu dijugjug, anggang kudu diteang, tebih kudu di sungsi

Kudu paheuyeuk- heuyeuk leungeun paantay-antay tangan
Neangan luang tipapada urang
Ulah nyaliksik ku buuk leutik
Ulah lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang, omat ulah lali tina purwadaksina
Ulah pagiri- giri calik, pagirang- girang tampian

Bengkung ngariung bongkok ngaronyok
Nyaur kudu diukur nyabda kudu di unggang
Hirup di alam dunya sembaheun anging Gusti nu kagungan urang sadaya, nu ngajadikeun bumi, langit, sawarga, naraka jeung sagala eusina
Hate nu Kalingkung ku wawangunan, kalingker ku papageran.
Miindung ka waktu, mibapa ka zaman
Sabar teh lain  Ditampiling cicing, ditajong morongkol, digebug murungkut.
Sagolek pangkek, sacangred pageuh, teu unggut kalinduan, teu geudag kaanginan.
Meredih kana asihna Gusti, menta kana murahna nu Kawasa.
Jeung dulur mah Jauh silih tepungan, anggang silih teangan, gering silih ubaran, paeh silih lasanan, salah silih benerkeun, poekeun silih caangan, mun poho silih bejaan.

Dedeg sampe, rupa hade, patut teu nganjuk, rupa teu menta, na kalakuan teu beda ti euwah-euwah?
Bisi aya elmu kasungkur-sungkur, pangabisa nu can ka talaah, ajian nu kasingkir-singkir, geura taluktik ti kiwari, geura kotektak ti ayeuna.
Ulah jalir janji lanca-linci luncat mulang udar tina tali gadang
Zaman kiwari mah Anu dakwah kari pertentangna, anu ngaji kari hariringna, tapi kajahatanmah beuki meuweuh
Dimana-manahurung nangtung siang leumpang, caang jalan, lugina hate, kakait ati anu sajati, gagantar rasa anu sampurna, nun gusti .. teupangkeun kuring jeung manehna, meureun aya rasa, rasa bagja anu sampurna salamina
Kateter basa, kalangsu mangsa, katinggaleun poe, nyasab dina waktu, ayeuna, isuk jeung kamari, hiji niat na diri, miharep, ngapimilik anu sajati
Dina sawatara isuk, dina sawatara wanci haneut moyan, dina sawatara poe anu keur dilakonan, dina sawatara harepan, dina sawatara impian, mugi aya dina cageur jeung bageurna, panceg jeung ajegna, hirup jeung huripna, waluya balarea, prung tandang makalangan marengan caang jalan pasampangan
Peun we ah papait ka tukang, kaseudih anu kamari, tunggara anu mangkukna, rek dipendem ameh balem, disimpen cing rikip, ditunda, diecagkeun, moal di teang, moal di ingeut, geus wayahna nyampeur kabagja, geus wayahna ninggali kahareup, ajeug nangtungan hirup, ngabageakeun anjeun anu aya, anjeun anu nyanghareup, anjeun anu aya sajeroning rasa

Panon poe geus moncorong, indung beurang geus nyaangan, gearkeun hate anu aleum, heabkeun rasa anu tiis, bray hibar cahyana ka sakuliah alam dunya, mawa bagja keur urang sararea
Pajajaran kari ngaran, Pangrango geus narikolot, Mandalawangi ngaleungit, Nya dayeuh geus jadi leuweung.
Lamun neda kudu ka Pangeran, mustang ngeumbing mung ka Gusti. Sabab lamun menta ka manusa, matak bosen nganti-nganti
Amit ampun nya paralun, ka Gusti Nu Maha Agung, ka Nabi anu linuhung, Muhammad anu jinunjung
Kaluhur neda papayung, papayung Nu Maha Agung, kahandap neda pangraksa, pangraksa Maha Kawasa
Ampun ka anu Maha Agung, Nu kagungan Kun fayakun, Jleg ngadeg sakur kersa-Na, Bral gumelar kawasa-Na
Lain rek mamatahan nerekel ka monyet, mamatahan ngojay ka soang.
Geura menta hampura kanu jadi bapa, geura menta ampun kanu jadi indung, sabab duanana pangeran urang di alam dunya.
Hariring lain nu kuring, haleuang lain nu urang. Hariring kagungan Nu Maha Wening, Haleuang kagungan Nu Maha Wenang
Jelema mah tungkul tumpuk kalalaputan, tanggah tempat kalalepatan. Samenit ganti sajam robah, sore janji isuk teu dipake
Lain sia kudu melaan agama, tapi agama nu kudu melaan sia. Sabab agama bakal nyalametkeun urang dunya akherat
Sakur nu rek ngarugikeun kana diri, bangsa jeung nagara, cegah ku diri sorangan

Jalma nu iman ka Pangeran, dimana datang bala sobar, datang untung sukur
Geura leungitkeun sirik pidik nu ngancik dina ati, aral subaha nu nyayang dina dada
Ditarima ku panangan dua, disuhun dinu embun-embunan, ditampi ku ati sanubari
Hirup kudu sauyunan, mun cai jadi saleuwi, ka darat jadi salogak. Sapapait samamanis, sabagja satanggung jawab, sareuneuh saigel
Ari nu ngaranna hukum adil teH teu ninian, teu akian, teu indungan, teu bapaan, teu sobat-sobat acan
Dimana urang doraka ka indung bapa, lir ibarat Lamun di lembur kai randu, lamun di leuweung kai dander. Dipake pangorek bingkeng, dipake pamikul bengkung. Dipake suluh matak teu ruhai, matak beuleuweung kanu niupna

Ulah gugur samemeh tempur, ulah perlaya samemeh perang. Indit ka medan jerit ulah dengki, lumampah ka medan dadalaga ulah dendam, lumaku ka medan tempur ulah ujub
Taat sumembah kanu janten rama, sumujud tumut kanu janten ibu
Dihareupeun aya kasusah, ditukang pasti aya kabungah
Dahareun anu asup kanu awak, bakal jadi kulit, jadi daging, jadi sumsum, jadi balung, matak sing ati-ati

Mudah-mudahan urang kakungkung ku rohmat pitulung nu Maha Agung.
Sasanget-sangetna leuweung, moal leuwh sanget tibatan sungut
Manusa mah beda jeung anjing budug di jarian, dimana paeh ngan saukur bilatungan, tapi manusa sajabana ti bilatungan bakal anggih jeung balitungan
Kudu mampu tungkul kanu jukut, ulah tanggah ka sadapan, sing awas kana tincakan
Amit kanu mangku lembur, kanu nyungsi dinu sepi, nu keur genah tumaninah

Sanajan urang paanggang, hatemah paanjang-anjang. Sanajan urang papisah, kanu Maha Kawasa urang sumerah pasrah

Tidak ada komentar:

Posting Komentar