Kembang sungsang dinang kunang Kotak kurawis wayang Lindu nira bumi bengkah Adam adam babu hawa Siskang danur wilis Ingkang ngagelaraken cahya nur cahya Anwas anwar ngagelaraken Malih kang danur citra Nurcahya nursari nurjati Dangiang wayang wayanganipun Semar sana ya danar guling Basa sem pangangken-angken Mareng ngemaraken Dat Kang Maha Tunggal Wayang agung wineja wayang tunggal Wayang tunggal

Kamis, 25 Oktober 2018

Buk Medang Kamulyan/Babon Manusa


BAGENDA SYAH JENENG RATU DI KARAJAAN MEDANG LARANGAN (LAIN SUMEDANG LARANG) ANU KARATON NA DI CIPTA KU SAYIDINA SIS AS DI CAI PAKU SATUTASNA SURUTNA CAI SAGARA NGEUEUM ALAM MEDANG KAMULYAN . ARI DI SEBUT CAI PAKU IEU MANGRUPA PANGELING ELING IEU TEMPAT ANU GEUS OROT TINA CAI SAGARA LOBA TANGKAL PAKU KU AYANA PRAHARA ALAM MEDANG KAMULYAN KA KEUEUM KU CAI SAGARA ... kitu sabenerna ieu tempat ngadegna karajaan medang larangan di cai paku ayana saterusna BAGINDA SYAH NYIPTA 3 URANG KAPETENGAN DI KARATON MEDANG LARANGAN JUJULUKNA TRI TUNGGAL ISUN CAKRA BUANA KAKASIHNA BAMBANG, SOMANTRI, BAMBANG SURADILAGA BAMBANG SIDAKSINA

KARAJAN MEDANG LARANGAN ANU NGAGEULARKEUN MANUSA LINUHUNG TURUNAN TAPEL ADAM BABU HAWA JENENG RATU DI KARAJAAN MEDANG LARANGAN NGALAKONAN DARMA PANCEN GAWENA TI ALLAH TAALA JADI RATU TI ALAM MEDANG KAMULYAN SATERUSNA DI SEBUT "DARMA RAJA", SABENERNA SABAGEAN TINA HURIP HIRUP NA RUNDAYAN TI SAIDINA ANWAR NGABOGAAN TURUNAN RATU DI KARAJAAN MEDANG LARANGAN .

Karaton medang larangan nu ngarundaykeun karajaan sumedang larang, pakuwan galuh, padjadjaran  anu ngeus nyata bukti dijadikeun catur ngadadarkeun SAJARAH PASUNDAN ANU TE KA LACAK NEPI KALULUHURNA. nya ayeuna baris di sawalakeun saujdratna sangkan ulah ngatog ngeunaan keterangan anu geus aya dina kitab WARUGA JAGAT NGABEJAKEUN YEN RAJA" SUMEDANG BAHEULA ASALNA NAGARA CEYLON ANU AYENA KATELAH SAILAN/ SRILANGKA ieu kabeh beja oge SALAH! Sabab kudu nyaho dimana lungsurna tapel adam jeung babu hawa ka alam medang kamulyan merenahna di mana, SANG IDAJILLAKNATULLAH DIMANA LUNGSURNA KUDU DI BUKTIKEUN KALAYAN NYATA Tina KATERANGAN ANU NGES AYA DINA KITAB SAJATINA ALLAH TAALA DINA RAGA AWAK SAKUJUR!

KARATON MEDANG LARANGAN SAUMUR JEUNG ALAM MEDANG KAMULYAN NGADEG SALUNGSURNA TAPEL ADAM JEUNG BABU HAWA KATUT SANG IDAJILLATNATULLAH TI ALAM WAHIDIAT KA ALAM WAHDAT ANU JADI ALAM MEDANG KAMULYAN ALAM JAGAT KABIR ALAM DUNYA RAME ALAMA BUANA PANCA TENGAH 
MANCEN GAWE DARMA LAKONE RAGA AWAK ISUN KANG MANUSA ING ALAM BUANA KALIH MARING ALAM MEDANG LARANGAN PANCEN GAWENE IRA RASA ALLAH TAALA MARING TURUNANE IPUN SAYIDINA SIS ALLAEHISSALLAM KANG DATANG DAWUH DAULAT DAKSA LAN DARMA LAKONE ING ALAM DUNYA KALIH LAHIR LAN BATIN PANCEN GAWE ADADI PAPAYUNG AGUNG ING KRATON ALAM MEDANG LARANGAN DADI RATU ING ALAM JAGAT BUANA KALIH KANG METU STUNGGAL LANANG TURUNANE IRA SAYIDINA SIS ALLAEHISSALAM AREP ADADI RATU ADIL RATU ADIL CAKRA BUANA PANCA TENGAH SAKING KRATON MEDANG LARANGAN

ING KAKASIHE IPUN BATARA TUNGTANG BUANA IPUN AREP MEDAL DARMA LAKONE ING GAWENE IDER JAGAT ALAM BUANA TENGAH NULI ALAM JAGAT RAYA SEMESTA KANG SDAYA ISINE IPUN ING RIKSANE LAN AJAGANE IRA SAKEHE ISINE ALAM JAGAT RAYA SEMESTA IPUN MUNG STUNGGAL RAGA SLIRANE IPUN ALANGLANG ALAM BUANA KANG IRINGE KANG PITU ING STUNGGAL SATO KUDA ING IRENG RAGA AWAKE IRA SI DUGUL ARANE IPUN KALIH TRI TUNGGAL LANANG TRI TUNGGAL ISUN CAKRA BUANA LAN TRI TUNGGAL LANANG TRI TUNGGAL ISUN IDER BUANA ADADI KANCA SETIANE IPUN SANG BATARA TUNTANG BUANA ALANGLANG BUANA PANCA TENGAH. ‪DARMA‬ RAJA

3 URANG PUTRA GURU AJIAN KAKASIHNA GURU HAJI PUTIH, RATU KOMARA, RATU AJAR SAKTI. ARI RATU KOMARA SENAH LUNTA KA KIDUL WETAN KU Uyut SEMAR TITAH NGABABAKAN DEUKEUT SITU PANJALU BELAH KALER KULON SEDENGKEUN RATU AJAR SAKTI SINA LUNTA KA TUNGTUNG KULON NUSA JAWADIPA NGABABAKAN DI UJUNG KULON SEDENGKEUN GURU HAJI PUTIH DI BERE TUGAS SAMEMEH JENENG RATU TATAPA DI GUNUNG SANGKAN JAYA SALILA 3 TAHUN SABAB 3 DULUR SAKEMBARAN IEU NU 2 URANG NYATANA ANU CIKAL JEUNG ANU BUNGSU TE DAEK BOGA GEUREUHNA . NYA GURU HAJI PUTIH TATAPA DI GUNUNG SANGKAN JAYA SALILA 3 TAHUN RENGSE TATAPA DI ANGKAT JENENG RATU DI KERAJAAN MEDANG LARANGAN JUJULUKNA PRABU GURU HAJI PUTIH TAPI GELAR KAPRABONAN DIRINA TEU DI PAKE.

Bagenda Syah batari pohaci gaduh putra lanang 4.
1.  PRABU HAJI PUTIH (RATU ARIA MANAH WENING)
2. RATU KANDAGA BUANA
3. RATU AJAR AJIAN
4. PRABU KANCANA BUANA 
Ngan saatos nusa dipa robih jadi jawa dipa nyokot ngaran tina jaman dewa (jawa). Nu ngaratuan atos gentos nya Ratu Guruh Deweh bareng jeung dulur sabrayna Munding Laya dikusumah jeung asih terus nyipta putra lanang kakasihna GURU AJIAN. Ieu lalakon saatos jaman wayang eusina jamus kalimasadah.

Sabda Allah taala pikeun umat manusa anu baris tetep renggenek cicing di ieu tempat kudu bisa MAHING NAON NUDI PAHING TINA SABDA ALLAH TAALA, HUSUSNA PIKEUN UMAT MANUSA TURUNAN SAYIDINA SIS AS ANU AYA DI NUSA DIPA AYANA KARAMAN DATANGNA TI SANG Idajillatnatullah katut incu tuturunanna di nusa dipa jadi ajang KARAMEAN satutas ngadeg karajaan maniloka di jonggring salaka di puncak SEMERU. Nepi ka loba korban jiwa manusa nu te tuah teu dosa ku ayana kasarakahan raja ALENGKA mimiti ngaco dina sagala rupana.


Catatan : Ini hanya sebagian isi Medang Kamulyan/Babon Manusa yang semua ada 334 halaman
============================
Sumber : Pangawung Rangga
Dusun sukajadi desa neglasari kec. Darmaraja. Rt 004/003. Bapak Idik/Dela Sumedang

DUA KITAB KARATON TI SUNDA NGALAHIRKEUN PAMINGPIN NUSANTARA


HENTEU kabéh nyaho, kaasup sabagéan gedé kaangan sejarahwan, yén di tanah Sunda kungsi lahir kitab-kitab istiméwa anu ngalantarankeun raja-raja Jawa Dwipa nyongcolang jeung kakoncara sa Asia Tenggara. Salah sahijina nyaéta Kitab Pustaka Ratuning Bala Sariwu, kitab anu eusina taktik tempur kamilitéran. 

RADÉN SANJAYA téh raja munggaran anu sanggup ngahijikeun Nusantara. Inyana ngabogaan stratégi perang jeung tata-nagara. Nampa jujuluk Sang Taraju Jawa Dwipa anu kumawasa di tilu karajaan badag di Pulo Jawa jeung kakoncara di Asia Tenggara.  Jaman harita, saban raja kudu boga pasaratan. Boga kaséhatan jasmani jeung rohani anu dieuyeuban ku kamampuh nu sipatna “tuhu” (kuat dina kasatiaan), “tuah” ( kuat lahir batin) jeung  “tulah” (kuat atawa sanggup dina ngahukum deungeun). Raden Sanjaya, Radén Wijaya jeung Prabu Siliwangi boga éta tilu kakuatan, sabab ditunjang ku pangabisa dina ngajalankeun élmu anu aya dina Kitab Karatuan, nyaéta Kitab Sanghyang Sasanakerta jeung Kitab Pustaka Ratuning Bala Sariwu.

Radén Sanjaya ngawasa eusi dua Kitab ajaran. Kahiji ajaran ngeunaan cara-cara ngasejahterakeun nagara, manusa jeung dunya. Ieu ajaran aya dina  Kitab Sanghyang Sasanakerta. Kadua, ngeunaan Kapamingpinan jeung élmu perang “Yuddhenipuna mwah Baladhika ning Wadyabala”, atawa di Karajaan Sunda leuwih kajojo ku ngaran Pustaka Ratuning Bala Sariwu. Éta dua Kitab téh sumberna hiji, nyaéta nyokot tina Kitab Sanghyang Watangageung, hasil cipta karya Resiguru Kendan ti Karajaan Tarumanagara, ladang diparéntah ku Raja Tarumanagara ke 10, nyaéta Suryawarman anu kajojo sabdana nu unina: “…ini sabda kalandara rakyan juru pangambat i kawihaji panyca pasagi marsa ndesha barpulihkan haji sunda.”

Saterusna, tina hasil nyutat éta kitab, lahir  Kitab Sanghyang Sasanakerta hasil cipta karya Raja Kendan ka-6 nyaéta Kandiawan Déwaraja nu saterusna  diwariskeun ka Wretikandayun pendiri jeung Raja Karajaan Galuh. Ari Kitab Pustaka Ratuning Bala Sariwu hasil cipta karya Raja Tarumanagara ke 11, nyaéta Prabu Suraliman,  diwariskeun ka Prabu Linggawarman, saterusna ka Prabu Tarusbawa pendiri jeung raja munggaran Karajaan Sunda taun 669 Maséhi.

Radén Sanjaya téh turunan  Wretikandayun, ti Mandiminyak. Bapana,  katelahna Bratasenawa jadi Putra Mahkota Galuh, dibekelan élmu pangaweruh anu sumberna tina Kitab Sanghyang Sasanakerta bogana Wretikandayun, anu sacara turun-tumurun diwariskeun.

Radén Sanjaya jadi Raja Sunda ku sabab pernikahanna jeung incu sakaligus anak pulung Prabu Tarusbawa nyaéta Putri Téja Kancana. Radén Sanjaya dibekelan Kitab Pustaka Ratuning Bala Sariwu, nu harita éta Kitab dititipkeun ka Resiguru Rabuyut Sawal di Gunung Sawal Ciamis.  Kitab Pustaka Ratuning Bala Sariwu diwariskeun minangka pangrojong Tarusbawa ka Radén Sanjaya ku sabab teu bisa mantuan niat Radén Sanjaya, anu hayang merangan Purbasora, nu harita ngarajaan Galuh. Harita Radén Sanjaya hayang males pati alatan nu jadi bapana, nyaéta Bratasenawa kakawasaanana direbut ku Purbasora.. Ari Tarusbawa pan harita keur meumeujeuhna nyobat jeung Wretikandayun, malah nyieun perjangjian moal eudeuk ngayakeun peperangan antara Karajaan Sunda jeung Karajaan Galuh. Malah kapan jauh saméméhna nikahkeun Radén Sanjaya jeung Téja Kancana gé pikeun ngaraketkeun tatali wargi antara Sunda jeung Galuh. Kitu sababna,  Radén Sanjaya diwaris jeung diwarah sina metu ngagunakeun ajaran-ajaran nu aya dina Kitab Pustaka Ratuning Bala Sariwu, nu harita dititipkeun ka Resiguru Rabuyut Sawal di Gunung Sawal, (ku masarakat mumunggang Gunung Sawal mah, ieu resi téh disebutna  Resi Séda Sakti atawa Séda Suci). Radén Sanjaya ditugaskeun ku Tarusbawa mraktekeun élmu  Kitab Pustaka Ratuning Bala Sariwu dina numpas kaum karaman (rampog) di wilayah  Karajaan Sunda, tur hasil alukkeun karaman. Ngan saterusna, sanggeus paham pisan dina ngagunakeun taktik tempur Ratuning Bala Sariwu, saterusna Radén Sanjaya gé ngagempur Karajaan Galuh, ngaliwatan titik panginditan ti Gunung Sawal, atawa kurang-leuwih  7 km ka tebéh wétan nujul ka Karajaan Galuh Karangkamulyaan.

Prabu Tarusbawa jadi raja di Karajaan Sunda, leuwih lila dibandingkeun jeung Wretikandayun, sabab ajegna Sunda jeung Galuh téh waktuna bareng. Bédana, umur Tarusbawa waktu dibenum raja di Sunda téh masih ngora kénéh pisan. Ari Wretikandayun  mah basa jadi raja di Galuh téh umurna geus 74 taun.  Tarusbawa bisa jadi saksi sagala rupa kajadian penting nu kaalaman ku Karajaan Galuh sanggeus Wretikandayun tilar. Ngan baé ari sawaktu Radén Sanjaya jadi raja di Karajaan Galuh mah, Tarusbawa teu nyaksian da baasa Radén Sanjaya keur tatahar eudeuk ngajorag Galuh gé, Tarusbawa mah kaburu tilar deuih. Ti satilarna Tarusbawa, Radén Sanjaya dibenum jadi Raja di Karajaan Sunda. Sawaktu ngajorag Galuh. Sanjaya ngarasa lébér wawanén sabab ngarasa geus boga taktik tempur anu hébat nu taya babandinganana, nyaéta ladang nyuprih tina Kitab Pustaka Ratunng Bala Sariwu. Raden Sanjaya ngajorag puseur dayeuh Karajaan Galuh di Karangkamulyan, dibantuan ku militér Karajaan Sunda anu tapis ngagunakeun rupa-rupa élmu tempur tina Kitab Ratuning Bala Sariwu. Purbasora katut sakumna balatentarana (nu padahal dibantuan ku Karajaan Indraprahasta ti Cirebon) binasa.. Henteu kapalang, Indraprahasta ogé sarua digempur.

“kaampuhan Pustaka Ratuning Bala Sariwu na yudhakala rebut kreta Galuh Pakuan na kadatwan wus dumadi ranasabha ingga purbasora pinenjahan dening Sanjaya yudhakala.” Maksudna, kaampuhan Kitab Pustaka Ratyuning Bala Sariwu geus sanggup meruhkeun Galuh katut ngabinasakeun Purbasora.

Ngarasa boga jangjang, saterusna Radén Sanjaya jadi sakama-kama. Saterusna, inyana mingpin pasukan piukeun ngagempur karajaan-karajaan leutik anu saméméhna kapanggih biluk ka Purbasora. Malah sababaraha karajaan anu aya di Jawa Tengah jeung Jawa Timur ogé sarua diperangan sangkan biluk ka manéhna.  Radén Sanjaya urang Sunda anu béda, sabab manéhna mah resep pisan ngayakeun peperangan. Malah merangan karajaan-karajaan nu aya di Asia Tenggara sagala rupa dina tarékah hayang ngalegaan kakawasaanana. Ku sabab mindeng unclang-anclong hayang nalukkeun nagara deungeun,  Radén Sanjaya nyérénkeun Karaton Galuh Karangkamulyan ka Premanadikusuma turunan Galuh,  dibarengan ku Tamperan turunan Sunda Pakuan. Maranéhna diaku salaku raja bawahan Radén Sanjaya. Ti taun 723 tepika 732 Maséhi Radén Sanjaya téh kumawasa di tilu karajaan. Karajaan Sunda, Karajaan Galuh jeung Karajaan Mataram Kalingga. Malah saterusna, Radén Sanjaya mah milih cicing di Mataram baé ( ti taun 754). 

Karajaan Galuh disérénkeun ka Radén Manarah (Ciung Wanara) turunan murni Wretikandayun, ti aki Prabu Jantaka jeung bapana Premana Dikusumah. Radén Sanjaya gé nyérénkeun Karajaan Sunda ka Banga, turunan Tamperan, asli turunan Karajaan Sunda.keluarga keraton Sunda Pakuan.  Dina saterusna, ieu dua karajaan (Sunda jeung Galuh), diwariskeun ka Jayadéwata tur ka hareupna kakoncara salaku Sri Baduga Maharaja (Prabu Siliwangi), ngagabungkeun deui Sunda jeung Galuh jiga saméméhna tur ngajengléng jadi Pajajaran.

Sanggeus Radén Sanjaya bumén-bumén di bumi Mataram, Kitab Pustaka Ratuning Bala Sariwu dan Kitab Sanghyang Sasanakerta teu jelas diwariskeun ka saha. Ngan ku urang bisa katiténan, karajaan-karajaan nu aya di Jawa Tengah jeung Jawa Timur tarapis pisan dina tata-cara ngagedékeun komara nagara, boh tatanagara boh kamilitéran. Boh raja Jawa Tegah boh raja-raja Jawa Timur, sanggup ngayakeun ekspansi militér ka pulo-pulo séjén di luar Jawadwipa. Saperti ka Nusa Tenggara Barat, (di ditu tug ka kiwari aya  Kota Mataram.) Kahadiran Wangsa Sanjaya, boga peranan penting tur satata gawé babarengan ngamajukeun Jawadwipa, bareng jeung  wangsa séjénna saperti jeung wangsa Wangsa Syailéndra jeung Wangsa Iswara, di Jawa Tengah jeung Jawa Timur. Radén Sanjaya téh Gurhyang Duta Laksana (Panembahan Patriot Sunda).

Dicutat tina: Majalah Sasakala Sunda Ujung Galuh


Uga Tatar Sunda



Mupunjung jeung ngagungkeun karuhun téh teu cukup ku kebul kukus jeung ngagul-ngagulna wungkul, tapi kudu dibarung ku kasadaran yén karuhun téh ninggalkeun karya jeung hanca. Sarta mangka inget yén unggal entragan pasti jadi karuhun, demi kawajiban urang nya éta nuluykeun hanca karuhun, ngagarap tangtangan jaman sorangan. Nyieun karya nuluykeuneun entragan anu pandeuri.

Uga Tatar Sunda
Patali jeung éta, sabenerna masarakat Sunda mangpirang-pirang kawaris tradisi jeung kabudayaan ti para karuhunna. Wujud warisan karuhun Sunda, diantarana: karya sastra saperti pantun, babad, mitologi atawa folklore/carita ra’yat anu teu sepi tina ramalan-ramalan ngeunaan kajadian anu bakal kasorang jaga. Boh anu tinulis dina kitab kahot atawa anu dicaritakeun deui ku juru pantun, atawa ngaliwatan pituah ti para pini sepuh jaman baheula.
 
Ari ramalan-ramalan di Tatar Sunda ieu téh kawentar disebut Uga, anu méh kapanggih disaantéro suklak-sikluk Jawa Barat.
 
Istilah Uga bisa jadi asal muasalna tina kecap “Yuga” atawa “Duga”. Di Jawa Tengah jeung Tatar Sunda remen aya ogé anu nyebutna: Ogan –saperti Ogan Lopian (gambar Lopian) jimat milik Batara Kresna, ari hartina mémper-mémper kana “Ramalan”.
 
Kaunggel dina Kamoes Basa Soenda (1948:149), kalimat Yoega hartina, naon-naon nu diwudjudkeun; ngayoegakeun berarti ngawudjudkeun, ngalahirkeun orok djeung ngadjaga kasalametannana.
 
Dina Kamoes Basa Soenda, dijéntrékeun: Oega nya éta waktoe parobahan, babakoena parobahan kaajaan nagara atawa bangsa. Moen geus nepi ka oegana, tangtoe tanah oerang merdéka. (Satjadibrata, 1948:249). Sedengkeun dina Kamus Basa Sunda, anu disusun ku Lembaga Basa dan Sastra Sunda (1980:547) disebutkeun yén uga berartitujuan nu aya patalina jeung parobahan penting, babakuna parobahan kaayaan nagara atawa daérah; Geus nepi kana ugana, geus nepi kana waktuna nu ditujum ku karuhun.
 
KH. Hasan Mustafa (1890), dina hiji tulisanna méré pengertian Uga anu leuwih deskriptif kieu:
Basa uga ditelahkeunana kana omongan anu méré béja piayaeun naon-naon kangeunahan atawa bancang pakéwuh (kasusahan) di ahir, tapi lain anu bangsa lahir, saperti kana tangkal cau, jaga bakal jantungan. Ieu jelema jagana bakal diruang; tapi kapakéna uga mah kanu moal kapanggih, tapi ku pikiran tahayulan jelema tangtu kapangih, ngan teu nyaho di urang kénéh atawa ku anak incu. Nu matak ari aya nu rada sarupa jeung taksiran sok diaromongkeun ‘geus tepi ka ugana’ atawa ‘samorong ceuk uga’
Ari conto-contona omongan baheula,
“Jaga mah, barudak, sajajalanna disaungan”. Béh karéta api.
“Gancang carita béja, mun geus aya balabar kawat”. Béh telegram.
“Jaga mah, barudak, batu turun keusik naék”. Béh anak somah naék pangkat, anak ménak teu pangkat.
“Jaga mah, barudak, nganteuran ka nu digawé gé mawa kéjo dina iteuk, nandakeun angger gawé” Béh nu dagang di pagawéan.
Kitu deui kana cacandran nagara, jaga mah barudak, Bandung heurin ku tangtung /…/ Éta gé jadi omong geus tepi kana ugana. Jeung sajaba ti éta loba deui uga geus tepi jeung nu acan, nurutkeun tahayul pikiranana, nu jadi basa jangji kudu ngabukti, subaya kudu mangrupa. Malum perkara tahayul ti unggal ati, anu keur ngarep-ngarep kaanéhan. (Rosidi, 1989:350-351).
 
Dina buku Diktat keur murid-murid SGB anu judulna ‘Kasusastraan Sunda’yén Uga ogé disebut Tjatjandrannya éta tjarita karuhun nu ngagambarkeun kaajaan nagara djst., nu bakal kasorang, saperti tjatjandran Djajabaja, atawa di urang aya ogé kolot-kolot baheula geus njarebutkeun Sumedang ngarangrangan, Galunggung ngadeg tumenggung, Sukapura ngadaun ngora, Bandung heurin ku tangtung, Tjiandjur katalandjuran, Tjiamis amis ku maneh, Banagara sor ka tengah.
 
Nu sarupa jeung Uga ieu téh, geus nyampak ti baheula mula. Bisa kapanggih disakabéh agama jeung bangsa disaantéro ieu jagat. Dina agama, istilah Ugah leuwih dikenal ku sesebutan ‘Nubuat’.
 
Patali jeung Uga, ieu ramalan téh ngandung papatah-petitih; pépéling; jeung tungtunan. Ku kituna, Uga téh bisa digolongkeun kana the bible of the folk atawa kitab suci-na ra’yat jalata (James Dananjaya, “Kegunaan Folklore sebagai Sumber Sejarah Lokal Desa-Desa di Indonesia”, 1985).
 
Kusabab Uga ogé sok loba ngamuat ramalan-ramalan anu baris karandapan, ceuk Prof. Dr. Yus Rusyana éta téh minangka futurisme folklore. Anu disebut Uga mah disusun dumasar kana: ilham; instink; panghayatan (ngalenyepan); jeung tatapa nyucikeun diri. Ku ka arif-an para karuhun Sunda, aranjeunna mampuh nga-abstraksijeung nga-generalisasi puteran lalampahan sajarah manusa nepi ka lahirna Uga anu jadi ruhay obor-na pikeun nyaangan sajarah anak-incu dina mangsa anu bakal kasorang.

Wujud Uga
Sacara umum, aya sababaraha rupa wujud Uga Sunda, diantarana:
1.    Dina wangun ucapan anu dihubungkeun jeung tanda-tanda alam. Boh anu dinyatakeun dina wujud simbul (lambang), boh anu diungkabkeun sacara harfiah. Conto Uga dina wujud perlambang bakal kapanggih dina ‘Uga Bandung’: yen nagara Indonesia kakarék bisa ngalaman adil ma’mur saupama “Kawah Ratu” (panguasa) geus ngahiji jeung “Kawah Upas” (rakyat). Cohagna: Upama para pamingpin, miroséa tur geus paham enya-enya kana aspirasi rakyat.
2.  Dina wujud carita pantun, kapanggih dina Pantun Bogor saperti: Pakujajar di Lawang Gintung, jeung Kujang di Hanjuang Siang.
 
Salahsahiji ‘wangsit’ ti Raja Pajajaran anu kapanggih di Kabuyutan Galunggung ngungkabkeun ogé ngeunaan suasana jaman édan anu bakal kasorang, diantarana:
Budak teu ngawaro jeung teu héman ka kolot; murid teu tuhu ka Guru; Raja sabuana salah pamakéna; Pandita salah pamakéna; Panghulu salah pamakéna; antukna patulak tawur; tanpa wastu ilang buana.Padahal, papatah-petitih heubeul nganaséhatan yén pribadi anu kudu diajénan téh: Guru; Ratu; Wong Atua-karo.
Maksudna: di ieu dunya téh, tatanan masarakat bakal lumangsung mulus rahayu berkah salamet saupama “Generasi ngora-na hormat, ta’at, tur ngajénan para Guru anu ngagem budi luhur tur luhung élmuna; Pamaréntah anu adil tur agung wibawana; sarta Kolot-kolot anu arif wijaksana”.
Palangsiang, nya hal éta pisan anu kurang perhatian ti kalangan nonoman kiwari téh.
 
Uga Bandung
1. Bandung bakal heurin ku tangtung; Cianjur katalanjuran; Sukabumi tinggal resmi; Sumedang ngarangrangan; Sukapura ngadaun ngora; Galunggung ngadeg Tumenggung; Garut jadi pangirut.
2.  Musuh utama kota Bandung téh “seuneu”. Acan kaungkab, naon anu dimaksud seuneu téh, naha éta téh ngandung ma’na simbolis atawa ngabogaan harti harfiah ?
3.    Bandung bakal pindah tur merepet deui ngalegaan ka Ciranjang, kuloneun kota Bandung.
4. Upama kebon anu perenahna di wétaneun Bui Banceuy geus salin jinis jadi pasar, bakal ngarandapan huru-hara. Bangsa pribumi bakal merdika, sedengkeun kebo bulé (Walanda) bakal mulang ka nagrina.
5.  Engké saupama Bui Banceuy geus aya anu ngabongkar, kota Bandung téh bakal dimaratuhan ku jelema-jelema baringung. Poé ieu ngadegkeun wawangunan, isukna dibongkar deui. Cindekna: kuriak teu anggeus-anggeus.
6.    Sunda nanjung, lamun nu pundung ti Bandung ka Cikapundung geus balik deui.
 
Uga Galunggung
Sunda nanjung, lamun pulung turun ti Galunggung.
 
Uga Kawasen (Buk Kawasen, Lakbok Banjar)
1.  Urang kudu peperangan, dina keur nyieun jalan tengah di Gunung Kendeng, maung ngembang dadap, di cai buhaya ngembang kaso. Dina keur peperangan kadé kudu bareng jeung kolot, urang ulah hareup teuing bisi kaleyek, ulah tukang teuing bisi katinggaleun.
2. Ari anu bakal jadi ratu, baju butut babadong batok, anu jolna ti Gunung Surandil, bandérana kararas cau.
 
Uga Banten: 
Nagara kartaraharja, lamun lebak cawéné geus kapanggih.

Uga Garut
1. Kota Garut bakal pindah ka Bagendit, ti dinya bakal pindah deui ka Cilauteureun di basisir Samudera Hindia. Ka hareupna bakal ngadeg dua nagri (kota) di Kandangwesi (Garut) jeung Cidamar, masing-masing ngaranna téh Jayanti jeung Jayana.
 
2.  Uga Kampung Dukuh: Di akhir jaman bakal loba parahu. Urang Dukuh mah makéna parahu belang.
 
3.   Uga Cilauteureun (Uga Tilu Sunda nu Pinunjul):
·   Jaga di Cilauteureun bakal ngadeg leuit salawé jajar, sajajarna salawé suhunan, sasuhunana dieusian paré salawé caéng
 
·  Nagara ilang komara; rahayat pinanggih lara; sagala kias teu mental; sakabéh pamingpin bingung. Geus kitu bakal muncul Ki Sunda nu katilu. Nu katilu mah can jisim; pinunjul ahli nagara; pinter tur perténtang ngomong; kaloka ka jagat ingwang; tabah ngolah paréntah; kaceluk manusa punjul; taya pibandingeunana.
 
·     Ki Sunda nu munggaran, nya éta: Dalem Boncel. Anjeunna nété karier-na tina asal hiji tukang ngarit keur parab kuda di Kandangwesi Garut terus melesat kana jadi Dalem (Bupati) Caringin di Banten.
 
·   Ki Sunda nu kadua, nya éta: Kiai Haji Hasan Mustafa, Hoofd Panghulu Bandung. Anjeunna kawentar pisan salaku bujangga Sunda, ulama ahli agama nu moyan kabina-bina.
 
·  Satria Sunda Katilu, nya éta Ki Sunda anu bakal muncul ngageugeuh nagara Indonesia, ngajugjug mangsa kajayaan nu adil tur ma’mur. Ari éta calon piseraheun Sunda téh ku Uga dibulen kénéh.

sundalandgeografi.blogspot.com/2015/11/uga-tatar-sunda.html