Kembang sungsang dinang kunang Kotak kurawis wayang Lindu nira bumi bengkah Adam adam babu hawa Siskang danur wilis Ingkang ngagelaraken cahya nur cahya Anwas anwar ngagelaraken Malih kang danur citra Nurcahya nursari nurjati Dangiang wayang wayanganipun Semar sana ya danar guling Basa sem pangangken-angken Mareng ngemaraken Dat Kang Maha Tunggal Wayang agung wineja wayang tunggal Wayang tunggal

Rabu, 28 Februari 2018

Ngaji Diri Neuleuman Kasajatian


Ngaji Diri Neuleuman Kasajatian :

Nafsu,
nyaéta cahaya beureum tangtungan seuneu kasajatian juhud, nu hirup rumingkang di sakur alam nu jadi tangtungan jatidiri sareng wangunan kasajatian adam (akma–sukma). Jadi amparan lampah, ngupama nu ngabuahkeun tanaga ngalahirkeun kakuatan, numutkeun adab lampah kasajatian dina kajuhudan.

Akal,
nyaéta cahaya bodas tangtungan cai kasajatian tuhu, nu hirup rumingkang di sakur alam nu jadi tangtungan jatidiri sareng wangunan kasajatian adam (akma, sukma). Jadi amparan lampah, ngupama nu ngabuahkeun kabersihan, ngalahirkeun kasucian numutkeun adab lampah kasajatian dina katuhuan.

Waruga,
nyaéta cahaya hideung tangtungan bumi kasajatian rusiah. nu hirup rumingkang dina jatidiri sareng wangunan kasajatian adam (salaku manusa/jalma), jadi tutunggangan lampah, ngupama nu ngabuahkeun darma ibadah ngalahirkeun amalan lampah karusiahan.

Kinasihan,
nyaéta cahaya kalangkang hérang tangtungan wening kasajatian Alloh, nu hirup rumingkang dina jatidiri sareng wangunan kasajatian diri adam ( kalbu). Jadi amparan lampah, ngupama nu ngabuahkeun kadeuheusan ngalahirkeun kacintaan, num adab lampah nyawa dina kasanggupan élmu sajatina.

Karahayuan,
nyaéta cahaya ngeplak tangtungan bodas kasajatian Rosul, nu hirup rumingkang dina jatidiri sareng wangunan kasajatian diri adam ( kalbu). Jadi amparan lampah, ngupama nu ngabuahkeun darma agung ngalahirkeun asah, asih-asuh simbul wawangi sajati basta silihwangian, numutkeun adab lampah mimpin (ngakhalifah). dina kasanggupan élmu kasajatianana.

Khalifah,
nyaéta enggon gumilang, tangtungan nabi kasajatian mimpin, lampah tapané sajatining hurip, Jadi amparan lampah ngupama nu ngabuah lampah ngangon diri ngawuluku sakur kasajatian, Jadi amparan lampah ngangon diri nu ngabuah laku ngatik ngadidik, ngasuh ngabimbing, ngabina. Jadi amparan laku ngawuluku kasajatian diri, ngabuah lampah ngaji diri neuleuman kasajatian ngolah diri ngalampahkeun kasajatian.

Ibadah,
Nyaéta darma nu hirup rumingkang dina hirup sareng kahirupan adam (salaku manusa/jalma), jadi dandanan kasa-jati-an khalifah nu ngabuahkeun darma ngalahirkeun amalan, numutkeun adab lampah kasanggupan dina ngawurkeun wawangi sajatina.


Kautamaan adam salaku khalifah bumi :
Lain sawates kajuhudan kasajatian nafsu tangtungan iblis, lain saukur katuhuan kasajatian akal tangtungan malaikat, tapi aya dina kasanggupan mimpin, kasingeran ngangon sakur kasajatian nu aya dina diri (bumi) sareng kasurtian, katalitian sareng ngarti kana wawangi sajati dina wujud adab–adaban sareng panarat nu jadi tatali paranti kasajatian Gusti Mahasajati, para sajati, diri sajati jeung makhluk sajati.

Kautamaan manusa dina lampah ibadah ka Gusti :
Lain dina kajuhudan kasajatian nafsu tangtungan iblis, lain dina katuhuan kasajatian akal tangtungan malaikat, tapi aya dina kaweningan-kasajatian élmu sajati. Nu ngalahirkeun kadeuheusan ka Gustina (manunggal sajatining abdi kaula Gusti) sareng kacintaan ka makhluk-Na. (manunggal sa jati ning abdi kaula makhluk), Nu ngabuah laku lampah cageur, bageur, bener, pinter sareng singer. (jembar manah - asak hampura, handap haté/asor - syukur nikmat, pasrah sumerah - luhur tarékah).


Kasampurnaan darma adam salaku khalifah bumi sareng adam salaku manusa ibadah ka Gusti
 
Nyaéta :
  • Di jero Mahasajatina (Alloh) , di tengah kasajatiana-Na (Muhammad), di luar makhluk.
  • Di jero Kitab Suci Mahasajati, di tengah Kitab Diri Mahasajati, di luar Kitab diri sajati.
  • Di jero nitis ngama’rifat, di tengah nyukma ngahakékat, di luar ngusumah nyaré’at.
  • Di jero ruh/nyawa, di tengah akma sareng sukma, di luar jiwa sareng raraga.
  • Di jero kalbu - akal - nafsu, di tengah hate-pikir, di luar indra - pangawakan.
  • Di jero élmu sajati, di tengah élmu kasajatian, di luar pangarti sajati.
  • Di tukang kalbu, di tengah akal, di hareup haté.
  • Di tukang akal, di tengah pikir, di hareup dama.
  • Di jero haté, di tengah pikir, di luar pangawakan - indra.
  • Di jero ngaji diri, di tengah ngagali diri, di luar guyang diri.
  • Di jero ngadorong, di tengah nyampur, di luar ngaluluguan.
  • Di jero dzikir, di tengah mikir, di luar singkil.
  • Di jero asah, di tengah asih, di luar asuh.
  • Di jero kajuhudan, di tengah katuhuan, di luar kacintaan.
  • Kajuhudan ka-sa-jati-NA, katu-HU-an kana ka-sa-jati-an-NA, kacintaan ka makhluk ciptaan-NA. Manunggal sajatining abdi kaula, sampurnaning adam numutkeun adab kasajatian salaku manusa
http://cipakudarmaraja.blogspot.co.id/2015/12/panggeuing-eling-ngaji-diri-neuleuman.html

Senin, 19 Februari 2018

Uga Tilu Satria Sunda



Mupunjung jeung ngagungkeun karuhun téh teu cukup ku kebul kukus jeung ngagul-ngagulna wungkul, tapi kudu dibarung ku kasadaran yén karuhun téh ninggalkeun karya jeung hanca. Sarta mangka inget yén unggal entragan pasti jadi karuhun, demi kawajiban urang nya éta nuluykeun hanca karuhun, ngagarap tangtangan jaman sorangan. Nyieun karya nuluykeuneun entragan anu pandeuri.

Uga Tatar Sunda
Patali jeung éta, sabenerna masarakat Sunda mangpirang-pirang kawaris tradisi jeung kabudayaan ti para karuhunna. Wujud warisan karuhun Sunda, diantarana: karya sastra saperti pantun, babad, mitologi atawa folklore/carita ra’yat anu teu sepi tina ramalan-ramalan ngeunaan kajadian anu bakal kasorang jaga. Boh anu tinulis dina kitab kahot atawa anu dicaritakeun deui ku juru pantun, atawa ngaliwatan pituah ti para pini sepuh jaman baheula.
Ari ramalan-ramalan di Tatar Sunda ieu téh kawentar disebut Uga, anu méh kapanggih disaantéro suklak-sikluk Jawa Barat.
Istilah Uga bisa jadi asal muasalna tina kecap “Yuga” atawa “Duga”. Di Jawa Tengah jeung Tatar Sunda remen aya ogé anu nyebutna: Ogan –saperti Ogan Lopian (gambar Lopian) jimat milik Batara Kresna, ari hartina mémper-mémper kana “Ramalan”.
Kaunggel dina Kamoes Basa Soenda (1948:149), kalimat Yoega hartina, naon-naon nu diwudjudkeun; ngayoegakeun berarti ngawudjudkeun, ngalahirkeun orok djeung ngadjaga kasalametannana.
Dina Kamoes Basa Soenda, dijéntrékeun: Oega nya éta waktoe parobahan, babakoena parobahan kaajaan nagara atawa bangsa. Moen geus nepi ka oegana, tangtoe tanah oerang merdéka. (Satjadibrata, 1948:249). Sedengkeun dina Kamus Basa Sunda, anu disusun ku Lembaga Basa dan Sastra Sunda (1980:547) disebutkeun yén uga berarti tujuan nu aya patalina jeung parobahan penting, babakuna parobahan kaayaan nagara atawa daérah; Geus nepi kana ugana, geus nepi kana waktuna nu ditujum ku karuhun.
KH. Hasan Mustafa (1890), dina hiji tulisanna méré pengertian Uga anu leuwih deskriptif kieu:
Basa uga ditelahkeunana kana omongan anu méré béja piayaeun naon-naon kangeunahan atawa bancang pakéwuh (kasusahan) di ahir, tapi lain anu bangsa lahir, saperti kana tangkal cau, jaga bakal jantungan. Ieu jelema jagana bakal diruang; tapi kapakéna uga mah kanu moal kapanggih, tapi ku pikiran tahayulan jelema tangtu kapangih, ngan teu nyaho di urang kénéh atawa ku anak incu. Nu matak ari aya nu rada sarupa jeung taksiran sok diaromongkeun ‘geus tepi ka ugana’ atawa ‘samorong ceuk uga’
Ari conto-contona omongan baheula,
“Jaga mah, barudak, sajajalanna disaungan”. Béh karéta api.
“Gancang carita béja, mun geus aya balabar kawat”. Béh telegram.
“Jaga mah, barudak, batu turun keusik naék”. Béh anak somah naék pangkat, anak ménak teu pangkat.
“Jaga mah, barudak, nganteuran ka nu digawé gé mawa kéjo dina iteuk, nandakeun angger gawé” Béh nu dagang di pagawéan.
Kitu deui kana cacandran nagara, jaga mah barudak, Bandung heurin ku tangtung /…/Éta gé jadi omong geus tepi kana ugana. Jeung sajaba ti éta loba deui uga geus tepi jeung nu acan, nurutkeun tahayul pikiranana, nu jadi basa jangji kudu ngabukti, subaya kudu mangrupa. Malum perkara tahayul ti unggal ati, anu keur ngarep-ngarep kaanéhan.(Rosidi, 1989:350-351).
Dina buku Diktat keur murid-murid SGB anu judulna ‘Kasusastraan Sunda’yén Uga ogé disebut Tjatjandran nya éta tjarita karuhun nu ngagambarkeun kaajaan nagara djst., nu bakal kasorang, saperti tjatjandran Djajabaja, atawa di urang aya ogé kolot-kolot baheula geus njarebutkeun Sumedang ngarangrangan, Galunggung ngadeg tumenggung, Sukapura ngadaun ngora, Bandung heurin ku tangtung, Tjiandjur katalandjuran, Tjiamis amis ku maneh, Banagara sor ka tengah.
Nu sarupa jeung Uga ieu téh, geus nyampak ti baheula mula. Bisa kapanggih disakabéh agama jeung bangsa disaantéro ieu jagat. Dina agama, istilah Ugah leuwih dikenal ku sesebutan ‘Nubuat’.
Patali jeung Uga, ieu ramalan téh ngandung papatah-petitih; pépéling; jeung tungtunan. Ku kituna, Uga téh bisa digolongkeun kana the bible of the folk atawa kitab suci-na ra’yat jalata (James Dananjaya, “Kegunaan Folklore sebagai Sumber Sejarah Lokal Desa-Desa di Indonesia”, 1985).
Kusabab Uga ogé sok loba ngamuat ramalan-ramalan anu baris karandapan, ceuk Prof. Dr. Yus Rusyana éta téh minangka futurisme folklore. Anu disebut Uga mah disusun dumasar kana: ilham; instink; panghayatan (ngalenyepan); jeung tatapa nyucikeun diri. Ku ka arif-an para karuhun Sunda, aranjeunna mampuh nga-abstraksi jeung nga-generalisasi puteran lalampahan sajarah manusa nepi ka lahirna Uga anu jadi ruhay obor-na pikeun nyaangan sajarah anak-incu dina mangsa anu bakal kasorang.

Wujud Uga
Sacara umum, aya sababaraha rupa wujud Uga Sunda, diantarana:
1.    Dina wangun ucapan anu dihubungkeun jeung tanda-tanda alam. Boh anu dinyatakeun dina wujud simbul (lambang), boh anu diungkabkeun sacara harfiah. Conto Uga dina wujud perlambang bakal kapanggih dina ‘Uga Bandung’: yen nagara Indonesia kakarék bisa ngalaman adil ma’mur saupama “Kawah Ratu” (panguasa) geus ngahiji jeung “Kawah Upas” (ra’yat). Cohagna: Upama para pamingpin, miroséa tur geus paham enya-enya kana aspirasi ra’yat.
2.    Dina wujud carita pantun, kapanggih dina Pantun Bogor saperti: Pakujajar di Lawang Gintung, jeung Kujang di Hanjuang Siang.
Salahsahiji ‘wangsit’ ti Raja Pajajaran anu kapanggih di Kabuyutan Galunggung ngungkabkeun ogé ngeunaan suasana jaman édan anu bakal kasorang, diantarana:
·      Budak teu ngawaro jeung teu héman ka kolot; murid teu tuhu ka Guru; Raja sabuana salah pamakéna; Pandita salah pamakéna; Panghulu salah pamakéna; antukna patulak tawur; tanpa wastu ilang buana.
Padahal, papatah-petitih heubeul nganaséhatan yén pribadi anu kudu diajénan téh: Guru; Ratu; Wong Atua-karo.
Maksudna: di ieu dunya téh, tatanan masarakat bakal lumangsung mulus rahayu berkah salamet saupama “Generasi ngora-na hormat, ta’at, tur ngajénan para Guru anu ngagem budi luhur tur luhung élmuna; Pamaréntah anu adil tur agung wibawana; sarta Kolot-kolot anu arif wijaksana”.
Palangsiang, nya hal éta pisan anu kurang perhatian ti kalangan nonoman kiwari téh.
Uga Bandung:
1.    Bandung bakal heurin ku tangtung; Cianjur katalanjuran; Sukabumi tinggal resmi; Sumedang ngarangrangan; Sukapura ngadaun ngora; Galunggung ngadeg Tumenggung; Garut jadi pangirut.
2.    Musuh utama kota Bandung téh “seuneu”. Acan kaungkab, naon anu dimaksud seuneutéh, naha éta téh ngandung ma’na simbolis atawa ngabogaan harti harfiah ?
3.    Bandung bakal pindah tur merepet deui ngalegaan ka Ciranjang, kuloneun kota Bandung.
4.    Upama kebon anu perenahna di wétaneun Bui Banceuy geus salin jinis jadi pasar, bakal ngarandapan huru-hara. Bangsa pribumi bakal merdika, sedengkeun kebo bulé (Walanda) bakal mulang ka nagrina.
5.    Engké saupama Bui Banceuy geus aya anu ngabongkar, kota Bandung téh bakal dimaratuhan ku jelema-jelema baringung. Poé ieu ngadegkeun wawangunan, isukna dibongkar deui. Cindekna: kuriak teu anggeus-anggeus.
6.    Sunda nanjung, lamun nu pundung ti Bandung ka Cikapundung geus balik deui.
Uga Galunggung: Sunda nanjung, lamun pulung turun ti Galunggung.
Uga Kawasen (Buk Kawasen, Lakbok Banjar):
1.    Urang kudu peperangan, dina keur nyieun jalan tengah di Gunung Kendeng, maung ngembang dadap, di cai buhaya ngembang kaso. Dina keur peperangan kadé kudu bareng jeung kolot, urang ulah hareup teuing bisi kaleyek, ulah tukang teuing bisi katinggaleun.
2.    Ari anu bakal jadi ratu, baju butut babadong batok, anu jolna ti Gunung Surandil, bandérana kararas cau.
Uga Banten: Nagara kartaraharja, lamun lebak cawéné geus kapanggih.

Uga Garut
1.    Kota Garut bakal pindah ka Bagendit, ti dinya bakal pindah deui ka Cilauteureun di basisir Samudera Hindia. Ka hareupna bakal ngadeg dua nagri (kota) di Kandangwesi (Garut) jeung Cidamar, masing-masing ngaranna téh Jayantijeung Jayana.
2.    Uga Kampung Dukuh: Di ahir jaman bakal loba parahu. Urang Dukuh mah makéna parahu belang.
3.    Uga Cilauteureun (Uga Tilu Sunda nu Pinunjul):
·      Jaga di Cilauteureun bakal ngadeg leuit salawé jajar, sajajarna salawé suhunan, sasuhunana dieusian paré salawé caéng
·      Nagara ilang komara; rahayat pinanggih lara; sagala kias teu mental; sakabéh pamingpin bingung. Geus kitu bakal muncul Ki Sunda nu katilu. Nu katilu mah can jisim; pinunjul ahli nagara; pinter tur perténtang ngomong; kaloka ka jagat ingwang; tabah ngolah paréntah; kaceluk manusa punjul; taya pibandingeunana.
·      Ki Sunda nu munggaran, nya éta: Dalem Boncel. Anjeunna nété karier-na tina asal hiji tukang ngarit keur parab kuda di Kandangwesi Garut terus melesat kana jadi Dalem (Bupati) Caringin di Banten.
·      Ki Sunda nu kadua, nya éta: Kiai Haji Hasan Mustafa, Hoofd Panghulu Bandung. Anjeunna kawentar pisan salaku bujangga Sunda, ulama ahli agama nu moyan kabina-bina.
·      Satria Sunda Katilu, nya éta Ki Sunda anu bakal muncul ngageugeuh nagara Indonesia, ngajugjug mangsa kajayaan nu adil tur ma’mur. Ari éta calon piseraheun Sunda téh ku Uga dibulen kénéh.
KH. Hasan Mustafa
Wallohu’alam bissawab, iraha gumelarna ? tibra dikeukeupan waktu, moal medal salah mangsa.


***

http://abasberbagi.blogspot.co.id/2013/06/uga-tilu-satria-sunda.html

Usia Dalam Petuah Jawa

Bertambahnya Usia
Berapakah usia anda saat ini? Mungkin masih ada yang di bawah 20 tahun atau bisa juga sudah berada di atas 20 tahun. Atau mungkin sekitar usia 30 an, 40 an atau sudah di atas 50 tahun. Yap, tentu saja anda sendirilah yang mengetahui usia anda saat ini.
Angka 1 dalam bahasa jawa disebut “siji”, 2 disebut “loro” dan begitu seterusnya sampai angka 9 yang disebut “songo”. Dan angka 10 disebut dengan “sepuluh”. Namun perbedaan terlihat pada angka berikutnya yaitu 11,12,13,…19, dimana 11 tidak disebut “sepuluh siji” dan seterusnya.
Dalam bahasa jawa, angka 11,12,13,… 19 diucapkan dengan kata “sewelas, rolas, telulas, … songolas”. Disini angka puluhan digantikan dengan kata “welasan”. Orang-orang di usia 11 s.d 19 adalah saat-saat mereka mengerti akan rasa “welas asih” (belas kasih). Rasa simpatik, perhatian, peduli terutama pada lawan jenisnya. Di masa inilah biasanya rasa cinta muncul saat menginjak usia-usia remaja.
Angka 20 disebut dengan “rong puluh”
Selanjutnya angka 21,22,23,…29 tidak disebut dengan kata “rong puluh siji”, “rong puluh loro” dan seterusnya. Angka 21 disebut “selikur”, 22 disebut “rolikur” dan begitu seterusnya. Disini terdapat kata-kata “LIKUR” atau bisa diartikan “Lingguh Kursi” yang dalam bahasa indonesia mempunya arti duduk dikursi.
Mereka pada usia demikian mendapatkan “tempat duduknya”, pekerjaan dan profesi yang ditekuni dalam hidupnya. Namun kata “Likur” tidak berlaku bagi angka 25 karena angka 25 tidak disebut dengan “lima likur” melainkan dengan “selawe”.
“SELAWE” bisa diartikan SEneng-senenge LAnang lan WEdok (Puncak asmaranya laki-laki dan perempuan) yang biasanya ditandai dengan adanya pernikahan. Mungkin tidak mutlak, namun rata-rata pada usia 25 an mereka memulai kehidupan berumah tangga.
Angka 30 disebut dengan “telung puluh” dan begitu seterusnya angka 31 (telung puluh siji), 32 (telung puluh loro), 40 (patang puluh), 41 (patang puluh siji) sampai 49 (patang puluh songo). Tidak ada perubahan ucapan dari barisan angka di atas. Semuanya normal apa adanya. Begitupun dengan hidup yang mereka jalani saat menginjak usia tersebut. Semuanya berjalan normal bersama dengan keluarganya masing-masing. Pekerjaan, pasangan hidup, anak sudah mereka dapatkan dan melanjutkan hidup mereka seperti biasanya.
Masuk angka 50 tidaklah disebut dengan “Limang Puluh”, melainkan 50 biasa diucapkan dengan kata “SEKET” (SEneng KEThonan) yang dalam bahasa indonesia mempunya arti suka memakai kethu/tutup kepala/kopyah.
Usia 50 adalah tanda usia sudah lanjut. Biasanya tutup kepala digunakan untuk menutupi rambut yang mulai memutih atau justru yang rambutnya mulai jarang (botak). Disisi lain kopyah juga bisa melambangkan orang yang sedang beribadah. Diusia sekarang semestinya seseorang lebih memperhatikan ibadahnya sebagai bekal memasuki kehidupan yang selanjutnya.
“SEKET” juga bisa diartikan “supoyo do cekat ceket” yang dalam bahasa indonesia mempunya arti agar segera berbenah. Berbenah diri karena bisa saja kematian bisa datang dengan tiba-tiba.
Dan yang terakhir adalah angka 60 yang tidak disebut dengan “enem puluh” melainkan diucapkan dengan “SEWIDAK”. Sewidak bisa diartikan SEjatine WIs wayahe tinDAK. Sudah saatnya untuk pergi.
Mungkin itu semuanya hanyalah permainan kata dan angka. Kita boleh percaya atau tidak. Namun bagi kita yang masih diberikan kesempatan untuk hidup di dunia ini, perbanyaklah ucapan syukur atas segala nikmat yang TUHAN berikan pada kita.
http://capslocknet.com/usia-dalam-petuah-jawa/

Minggu, 18 Februari 2018

Rahasia Hitungan Huruf Hijaiyah Dalam Wirid & Amalan

Tentu anda penasaran, mengapa ijazah suatu amalan wirid tertentu dari para Guru dan Kyai itu kok ada hitungan jumlah tertentu. Ada yang cuman 100 kali, 129 kali, hingga ribuan kali. Lalu bagaimana menghitungnya..? Darimana sumber penghitungannya...? Simak tulisan kali ini. Yang bersumber dari Blog : DEN ARISANDI

Sebenarnya membaca amalan sejenis zikir, shalawat, asma Allah, dan sebagainya tidak dibatasi dengan jumlah-jumlah tertentu, lebih banyak lebih baik, namun sering kita menemukan dalam kitab-kitab ilmu hikmah sejenis senjata mukmin, amalan-amalan tersebut harus dibaca dengan jumlah tertentu, misalnya membaca ya lathif dengan jumlah 129 kali atau membaca bismillah 786 kali dan sebagainya. Dari mana jumlah hitungan tersebut?

Sedikitnya ada lima cara ulama terdahulu menentukan jumlah bacaan satu amalan tertentu:
  1. Memang ada hadits nabi yang menyebutkan jumlahnya
  2. Hitungan ganjil karena “Allah itu ganjil dan suka yang ganjil-ganjil” contohnya 3, 5, 9, 11, dan seterusnya hingga tak terbatas tapi kebanyakan hitungan ganjil ini dipakai hanya untuk amalan yang dibaca dibawah 99 kali saja
  3. Hitungan genap biasanya untuk zikir yang lebih dari seratus, misalnya 100 dan 1000
  4. Menurut satu hakikat tertentu, misalnya karena yang dibaca adalah asmaul husna maka dibaca mengikuti jumlah asmaul husna yaitu 99 kali, atau menurut hari berjalan dalam bulan tertentu, dan sebagainya
  5. Menurut jumlah isi kandungan huruf dalam amalan tersebut. Inilah yang akan kita bahas disini.

Jumlah kandungan huruf maksudnya jumlah atau nilai huruf jika diangkakan. Perlu kita ketahui sebelum ada angka-angka 1, 2, 3 dan seterusnya manusia menggunakan symbol-simbol untuk menentukan satu jumlah tertentu, kita mengenal angka romawi I untuk melambangkan angka 1 atau V untuk melambangkan angka lima, begitu juga yang terjadi dengan huruf-huruf Arab setiap hurufnya mengandung symbol angka.

Susunan huruf Arab diatas disusun bukan berdasarkan kesamaan huruf seperti yang kita kenal atau biasa disebut a ba ta tsa, namun disusun berdasarkan susunan Abjad atau biasa disebut Abjadiyah atau abajadun sebagaimana terlihat diatas.

Menentukan jumlah hitungan satu amalan dengan menentukan jumlah kandungan hurufnya biasanya digunakan untuk amalan yang dibaca dengan jumlah banyak, biasanya diatas 99 kali dan paling banyak digunakan untuk zikir Asmaul Husna.

Menghitung Jumlah Kandungan Huruf
Kita contohkan dengan asma Allah Al Lathif, biasanya kita dianjurkan untuk membaca Ya Lathif sebanyak 129 kali, jumlah tersebut diambil dari kandungan huruf dalam kata LATHIF. Tuliisan Arabnya: لطيف 

فيطل
8010930

Jumlah =129

Contoh lainnya pada amalan yang biasa dibaca pada malan nisfu sya`ban yaitu ”la ilaha illa anta subhanaka inni kuntu minazzhalimin” yang dibaca sebanyak 2375 kali. Tulisan Arabnya:

لَّا إلَهَ إِلَّآ أَنْتَ سُبْحَانَكَ إِنِّي كُنْتُ مِنَ الظَّالِمِينَ 
Mari kita hitung, dengan ketentuan huruf dobel (syaddah) dihitung satu saja, dalam bacaan diatas kata ILLA dan INNI. Mari kita mulai:

ل=30
ا=1
إ=1
لَ=30
ا=1
هَ=5
إ=1
لَ=30
ا=1
ا=1
نْ=50
تَ=400
سُ=60
بْ=2
ح=8
ا=1
ن=50
كَ=20
إ=1
ن=50
ي=10
ك=20
ن=50
ت=400
م=40
ن=50
ا=1
ل=30
ظّ=900
ا=1
ل=30
م=40
ي=10
ن=50
Jumlah= 2375 

Beberapa contoh lain:
Kaidah Abjadiyah - Kandungan Angka Dalam Bismillahirrahmanirrahim
Kaidah Abjadiyah - Kandungan Angka Dalam La Ilaha illa Allah
Kaidah Abjadiyah - Kandungan Angka Dalam Hasbunallah Wani`mal wakil

Demikianlah sedikit ulasan mengenai Kaidah Abjadiyah, atau Abajadun Hawazun. Semoga bermanfaat untuk anda semua. Salam..

http://www.ulilalbab.com/2013/10/rahasia-hitungan-huruf-hijaiyah-dalam.html