Kembang sungsang dinang kunang Kotak kurawis wayang Lindu nira bumi bengkah Adam adam babu hawa Siskang danur wilis Ingkang ngagelaraken cahya nur cahya Anwas anwar ngagelaraken Malih kang danur citra Nurcahya nursari nurjati Dangiang wayang wayanganipun Semar sana ya danar guling Basa sem pangangken-angken Mareng ngemaraken Dat Kang Maha Tunggal Wayang agung wineja wayang tunggal Wayang tunggal

Sabtu, 17 Februari 2018

KUMPULAN KIDUNG SOENDA






Ditulis oleh : Somantri



KIDUNG RADEN SETRA



Aduh ampun kayang agung kagusti nu maha suci,, milari jalan nu pasti, da bongan
hanteu taliti milih diri anu hiji badan nu teu boga rasa.
Buktina jada sulaya da teu tigin kana jangji sok daek ngudar subaya, badan kalindih ku
iblis batin dituruban setan, idajil anu nuruban.
Kana lampah anu sampurna da teu terang kana badan, omat pisan sing taliti di
catet di jero ati supados dipendak jalan jalma anu sajati.
Tah urang the sing sajati, nyepeng diri anu suci, ngolah badan nu sampurna lain
gusti nu teh pasti ngan manusa nu cangcaya wungkul ngatur kahayangna.
Gumelar di alam dunya jeung urang timana, sampean arek kamana, gerang eling kana
jangji pan urang teh keur di uji laku lampah anu tadi.
Dawuhan para luluhur, Allah anu marentahkeun kajalma anu taro’at khalifah Alloh
sajati, tanwande urang teh ngarti dina batin anu sajati.
Lahir bathin dunya akherat alamat di sapa’atan, hirup urang kudu jujur jeung
sampurna milih kanu sajati, mulang kana asal tadi, alam tujuh jadi hiji.
Didikan indung nu tangtu raksaan ti bapa nyata rahayu gusti kawasa bapa nu
ngalap darajat cukangna Alloh nu nyata, nya manusa geura areling.
Ka gusti nu maha suci sanajan waktu can tangtu tanwande alam nu nyata, jeung
pilarinya pusaka, papasten anu di ageum raden setra surya kancana.
Pama urang teh kalangsu boga rasa jul-jel aya, gumilang di alam dunya, mana teh gera
areling ka manusa anu sampurna tumiba ka alam dunya.



KIDEUNG PEPELING SILIWANGI.



Ayun ambing ayun ambing si utun nya geura nyaring, geus nyaring sumbangga
nyanding, saha itu anu bade sumping, geura papag bari ginding, pakakas sinar
sinangling kebo bule macan runcing, saha anu heunteu eling, berul ambrul teu aya
langling, satunggal batur teu eling anu kedah silih geuing, iman ma’rifat kedah
nyanding.
Tetegkeun raga awaking, supaya ulah jadi langling, waktu sapoe sapeuting, diri
saha anu hayang nyangking, saterangna manusa ginding.
Sakedap deui anu bade sumping munding bule rupa kuring, gagah rongkah
kaliwat saking opat ratus juta balad ngiring ratu bayangan nu nyanding nu
kasebut ratu jungkiring.
Maksudna rek ngadu munding burak barik munding runcing.jegur siur sinawuran deder
pater pangenteran, sora siamuk gareueuman, tujuh kali patembalan,
Metuna jurit setan siluman, kabeh pada laleungit iman, pada laleungit sandang pangan,
jalma-jalma kabeh katuraleungan, pada gugur babareungan, heunteu aya nu nulungan.
Susumbar ratu nu tadi, bongan maneh teu ngahiji , cunduk waktu ninggang
wanci, kami inditna ti bumi, lilana sasuka kami, kami anu taya lain kami
nganyeunyeuri.
Lamun maneh acan sami, lami kami ningalkeun bumi, dimana maneh geus sami,
kami pasti balik deui, ngan janji kami nu tadi kudu suci jeung ngahiji.
Tangtu betah kami ngahiji saupami anjeun sami pasti sugih sareng mukti disarengan
nyata kukami, naon kahayang pasti tepi, apan aing ngaran nyai seri.
Puhu ratu siliwangi anu ngeusi pasti kami; dimana jalma manusa anu ngari sareng
nyesa katibaan pangawasa jadi manusa wisesa.-
Da tadina sok ngabakti nyumponan kahayang kami moal jauh maneh jeung kami
pamulang asihna kami, pasti terang maneh ngari, campuh ripuh maneh seuri.
Nyata ratu ing manusa nu bisa nyapih pasea, di muka bumi nu lega, campuhna
angkara murka anu hayang pada mulya, anu nyapihna jalma hina.
Sasumpingna jalma hina, ku jalma teu di upama pedah goreng nya rupana, padahal eta
ratuna nu nyumput goreng baju, eta ratu anu asalna.
Nu bisa mere adilna kasakabeh anu didamelna, geus di tugaskeun ka abdina piwarang
jadi wakilna gusti idin jadi ratu anjeuna.
Ieu aing geus waktuna nyakrawati di buana, gelar aing jeung sucina, jalma anu
pada nyesana jadi manusa sampurna di panggihkeun jeung mulyana.
Air nyata ratu sunda, ieu bumi anu saha, jin, setan, silumana, sia balik ka asal
sia, tempat tadi dimana, cicing sia teh didinya.
Jadi tangtu manusa suci, diri bukti ciptaan gusti, sadar suci anu ngari, anu dugi ka
kiwari, ngadeg ratu maneh nyaksi, ratu pasti anu suci.
Sang ratu kabeh satuhu, kabeh jalma the rahayu, sandang pangan pada ngabayu,
geumah ripah enya tangtu, subur ma’mur tangtu milu, jalma-jalma pada satuhu.
Ratu tungtung aing wujudna, ratu mu’min damar wulan, ratu adil pala marta, ratu
geumah ripah loh jinawi, ratu pasti nami gusti, jungjunan langit pangeran kudrat
pasti.



KIDUNG EYANG SANTANG.



Buru-buru geura dayung, anu pundung ratu maung, ku putra anu ditundung, ditempat
ratu nu mangprung, leungiteun anu pundung, susah payah putra bingung.
Ditinggalkeun ku ingkang rama, putra nyebarkeun agama islam sareat. Wujudna di
tempat nu tadi ramana leungit agama tadina jadi islam sareatna.
Rama pundung nu di tundung, teu terang gusti nu agung, lebet ka islam nu
luhung, isi bakti sahadat nu nangtung, bismilah cahyanu agung, wiwitan anu
agung.
Nu ditundung bade sumping, anu pasti putra teu eling, darama kaliwat ginding,
ginding manusa nu eling, suci bukti rama kuring.
Datangna katempatna anu asal tadi anjeuna, nyakrawati di tempatna, rupa lain tadi
anjeuna, tapi yakin anjeunana, pasti putra moal telikna.
Nyata ciri anu bukti, ratu anu pundung tadi, saktina hanteu kaciri, ratu manusa nu suci,
anjeuna geus wujud deui.
Anu pundung nyata disaung, anu rek nyiar nu bingung, upami anjeuna teu
linglung, aing geus muka-keun payung, aing yakin ratu pundung, gera asup kana
payung.
Anu pasti putra bingung, margi rama sejati di saung, padahal rama aya di saung,
anu the eling bakal linglung, jadina pasar kaduhung, putra eling pasti ginding.
Rama sajati di saung, putra eling terang di gubug, moal terang nu pagebug, terang kanu
silih gebug, dihalangan ku bapa anu digubug, pasti anjeun moal kagebug.
Tanggung jawab anu digubug, di waktu nu silih gebug, ngan maneh ulah ngaranjug,
bapa anu salin rupa, nyipta warna raga rupa, warna tadi teu dibawa.
Papay sungsi sing kapanggih, ku aranjeun nu geus mulih, saha ti arabna nu cuih,
rosulullah sing kapanggih, ulah balik jadi sugih, nyusul bukti anu sugih.
Rosulullah asal timana, lain asal di arabna, ngan di utus ku gustina, kedah
mekarkeun agama, di tanah arab buktina.
Padahal wiwitanana mulih jati nya mulangna katempat tadi anjeuna, moal aya jalma anu
uninga saupami sanes walina, jeung sanes rupa tadina da puguh tadi payana.
Jadi bukti aya tilasna, di tanah arab buktina, jalma-jalma sok jarahna, caritana munggah
hajina, ngaberik kana urutna, dimana aya wujudna.



KIDUNG PILIHAN RATU.



Tunggal ratu salin baju, bubuka baju nu bungsu, gelar cahya manjing raga, rupa cahya
wujud raga, salin cahya wujud raga, salin rupa langgeung cahya, tetep langgeung rupa
cahya.
Cur mancur cahaya gumulung, di ratu bunder sagara, panetep wawakil gusti ditincakan
wali salapan nu ngawujud ratu suci, panutup wawakil gusti.
Weng katilu pada satuhu,wengku dua sujudna wengku hiji anu di sembah, bukti
cahaya dat dumulung, nudisebut kujeuneungannana, teri suci raga suci.
Ratu tujuh pada ngasuh, ngasuh ka jalma teu puguh tujuh ratu pada ngasuhna
jalma susah rek ngakuna mana ratu sajadina ratu sapaat wujudna.
Hayu sadayana geura nyaksian wujud bukti gera tetelakeun ngaran rupa jeung asalna
ratunanu sajadina ti mana rek datangna anu ngutus ka tujuh ratu.
Dipalabuhan ratu rek ayana ratu tujuh ngan wujudna sing telek kana cirina ratu tujuh teu
bisana ratu anu sejatina mere sapaat ka umatna.
Ngan bae mapay anu bukti ulah hanteu bari suci ulah ngaku luhung diri sanajan
anjeun teh wali moal aing nanyakeun wali wali teu pasti di kabuli.
Aing nyata anu bukti bukti suci pasti ngari anu bukti ngaran haji hiji suci wawakil
gusti cirina badas sing awas kana dat nu suci.
Ciri wali anu suci wawuh kanu raga suci nu kasebut manusa naon rupa hanteu bisa
ngan ukur seja ngaula.
Ieu waktu wali jeung haji nyata bukti sareng suci ngan wujudken wali jeung haji sadaya
kedah ngahiji emul kana raga anu didamelua raga suci ngan wujudna.
Jin setan siluman mana raga suci pasti nahan sareng kedah mere adilna kaasa
kabeh mere adilna wawakil gusti wujudna welas asih ka wujudna.
Pasti di pelabuhan ratu ayana, panutup rame sadunya, umat gusti pada
kumpulna, ngagulung menta sapa’at , anu puguh ratu kawasana nyapa’atan ka
umatna.
Tujuh ratu pada bingung, pada ngado’a kanu agung, ngan bae do’a teu langsung,
sapa’at heunteu langsung, sabab kahalangan ku manusa aya di gunung, wawakil gusti
anu agung.
Gunung tilu anu milu, gunung bodas anjeun sing awas, gunung halimun ulah ngalamun,
gunung anjeun sing terang, gunung sunda mana nu sia, gunung sumping anjeun sing
eling.
Panutan raga nu eling, tujuh ratus pada bingun, aya manusa di gunung, paingan
do’a teu langsung, kahalangan ku manusa aya di gunung.
Sumping manusa ti gunung, ratu tujuh pad mungpung, bari pada ngarambung,
tujuh ratu menta tulung, menta sapa’’at jeung payung, kanu sumpingna ti
gunung.
Sumping ratuna nu eling, sumping adilna jeung subur, sumping hukum pasti aman,
sumping sandang pasti senang, sumping waluya gemah ripah, sumping tutup manusa
ejineling.
Sumping manusa ti nusa, suka jalma pasti nyesa, anu payahna ti tadina, anu kuat ti
gedena, ratu sejatina, ti suka wayahna datangna.
Sumping anu saeusina, mustika ratu wadahna, rupa wujud raga suci, nu
ngabawah sakabehna, kum suci anu ngawujudna.
Bumi langit kabeh berekah, jalma manusa pada barungah, naga tunjung
sampurna, agama suci jeung bukti, hukum pasti nagara aman, sakabehna jadi
hiji.



KIDUNG SAUNG LUNGSUR.



Di pucuk gunung honje sakehe, anu sepi sareng rehe, wungkul nisan nyangkere, di
saung lungsur mangkere, anak pamajikan teu dipalire, indung bapa dulur di palire.
Kahayang nya geura rengse, kajeun hese beleke, moal weleh teu di pake, di pucuk
gunung honje, kuring anu jadi bangke, hanteu dahar saban poe,
Ti peuting terang panjangna, di beurang terang panjangna, beuteung anu
euweuh eusina, wungkul hanteu kamana-mana, kudrot pasti jenenganana.
Disaung lungsur tagiwur, supaya kaula lungsur ulah aya dipuncak gunung, kuring
setan dangiang, bingung aya manusa digunun, hayu urang geura lungsur.
Sabab eta manusa linuwih, menang ku urang kapanggih, ayeuna di saung keur nyepi,
anu bisa merenahkeun urang, da manusa anu saurang.
Eta mah teu weleh adil, sanajan urang setan idajil, etamah teu weleh adil, jenenganana
oge ratu adil, urang-urang setan jeung idajil.
Saung lungsur di gunung honje, hojahna menang hese cape, hayang nepi kana
nugrahna, sakabeh umat gustina, leungit tina kasusahna.
Ditalangan ku sorangan,laparna sareung sieuna, duru wiksa sakabehna, anu
digunung dikatana, eta the kasieuna, kudu lungsur ti kasucian.
Nyata jeneungan teri suci raga suci, gumelar dimuka bumi, anu arek dibawa kamuka
bumi, inurah mulya sakabeh sami, kawujudna teri suci raga suci, subur mamur gemah
loji nawi.
Samemehna aya sieun jeung keueung, susah payah sakabeh jalma, bongan teu nyaho
kana sucina, turun patakanan turun panyakitna, saha anu bisa salametna.
Ngan nu nyaho kanadirina, jeung nu nyaho kana ratuna, pasti kasapa’atanana,
sabab eta ratuna welas asihna, kasakabeuh umat gusti.
Saha disaung meuleungkung, ngadoa kanu maha agung, supaya geura waluya
nagara sareung eusina, leungit tina katunggaraan, timbul jadi suburna.
Ku hayang laksana, suburna mamur jeung adilna, nagara sareung eusina, nohonan
keucap ngabdi, peurjuangan tri suci.
Waluya sakabeh umatna, langgeung mulya jeung nugrahna, upami teurang kagusti, anu
teu jauh dina diri, geura kumaneuh geura aji, sing kapanggih anu hiji.
Sabab eta anu mere sugih, dat Ilahi sing kapanggih, supaya meunang ka-asih,
kugusti dipikanyah, da maneh anu wawuh kaaing anu teu jauh.
Saha anu aya disaung, wakil gusti anu agung, geura tanyakeun ka andika, mun
andika hayang jadi manusa, guruan ajiannana sing sarupa jeung anjeunana.
Sabab eta manusa, pas andika jadi manusa, da guruna ratu manusa, cara manusa ulah
rosea, supaya leungit nu murka, hak dat geura bawa kuaranjeun sarerea.
Pagawean anu utama, sing kapanggih jeung gustina, telekeun salawasna, upami geus
panggih jeung gustina, sing langgeung imana.
Kanu mere usik malikna, jadi wujud tina ragana sucina, hak dat anu
mayunganana, kamanusa anu sajatina, kudrat pasti anu mawana.
Gumelar dialam dunya, salat hak dat anu ayana, anu mawa wakil gustina, kudrat
pasti jeunenganana, islam sajati jeuneunganana.
Gelarna payung agung, di bawa kumanusa disaung, aya disaung lain bingung, ngan
sapaat bisi teu nangtung, kajalma anu linglung, numatak aya disaung.
Sugih harti jembar bisa, nu ngajadi manusa wisesa, nu ngaula titadina karatuna, moal
asup kapasar kaduhung, daterang ratu aya disaung, fasti nyapaatan anu hurung ,
Sapaat tangtu hurung, leungit manusa nu bingung, jadi wungkul kanu agung,
terang asal wiwitannana, anu bisa nypa’atan, mulih ka asal panutan, kudrat pasti
jenenganana.



KIDUNG GUNUNG HONJE



Hayoh siamarah anu sarakah, kabeh manusa dibawa, katempat angkara murka, aing
anu jadi ratu amarah kedah digugu, menang geura make baju.
Pan sia hayang senang, anu bari teu kumamang, salilana beuteung bonceunang,
beuteung seubeuh awak senang, jauh tina sumoreang, indung bapa teu hayang datang.
Anu loba harta jauh aing kana tunggara, da aing mah lain manusa, salilana
susah teu boga, sudi aing manusa, meuning jadi angkara murka.
Ku papada di upama, da aing mah loba harta dunya, kabeh jalma ngarupama,
sudi aing di deukeutanana, bisi ka bawa hina.
Moal aing bisa di telekna, kana sipat darma upaya, sabab aing bisa mawa, ka jalma anu
leungit imana, hayang senang eumbung ripuhna.
Tumaninah waktu ayeuna, ngadago umat gustina, alim ulama mualimna, gampang
digodana, anu bari teu karasana, hubud dunya diupama.
Hadis dalil ngarundangna, haram batal teu salatna, qur’an anu di utusna dipake
nyingsieunana, ka jalma anu bodona, lila-lila menta zakatna.
Supaya aing gampangna, menta ka jalma bodona. teu mere disingsieuna,
kanaraka anu teu zakatna, mualim anu nampana, ulama anu geunahna.
Harta harti jadi bukti, jadi gerakna Ilahi, loba alim ulamana di akhir jaman anu bungsu,
ngajualan ayat qur’ana, islam anu dijeun kedokna.
Leungit amal ma’rupna, teu sapuluh rebu teu sanggup, nerangkeun qur’’an tasaup, ka
jalma anu buta hurup, sabab aing hayang loba dunya, upah nerangkeun qur’an tasaup.
Balakatriktik balakacombrang, beuteng mutriktrik berekat menang, loba pinuh
uang menang, saban taun hanteu pegat, eta jalma salilana hayang berekat.
Tungtik ku maneh sing katarik, ka jalan anu sidik supaya leungit nu sirik, jauh
tina sirik pidik, deukeutkeun bari leungitkeun, asal manusa ulah rokaha.
Brul ambrul anu ngabrul, ti leuweung anu ti kidul, para muka ratu rohaka, jigrah atah
lawang dibuka, aing pasti beuteung seubeuhna, hakaneun anu sakieu lobana.
Aing sakeu laparna, ayeuna ku ratu adil di keparna, atuh aing kacida olokna, anu sarupa
jeung aing dibawana, moal aya anu kaliwatna, kajaba sifat manusa.
Ratu adil amanatna, sesakeun manusana, lain ti eta geura bawa, katempat tadi
asalna, umat aing wungkul manusa, anu bisa nya di bawa.
Ka gusti ka wali sukma, manusa jadi hajina, jadi timbul sami suci, leungit tina
sirik pidikna, jadi mulya nugrah jeung suci, jadi umat mulya jeung suci.
Gumulung ngajadi hiji, sakabeh wali jeung haji, pakean cadar jeung suci, tekad ucap
lampah sami, gerakna kalawan gusti.
Moal kurang sandang pangan, upami terang sorangan, katempat kanu kagungan, harta
dunya tinggal mulungan, upami terang kanu kagungan.
Hayang kanu sorangan, kedah wayahna sorangan, ulah aya anu ngabaturan,
supaya gampang nyauran ka urang ka babaturan, ulah arek di barengan.
Upami geus panggih mulih, saha anu heunteu aya wujudna, ngan wujud urang
sorangan, dina gusti anu kagungan, wujud gusti teu sami, jeung makhluq anu di
damel.
Di terangkeun ku kaula, gusti anu ngadamel kaula, hanteu sami jeung kaula, jeung nu
ngadamel kaula, ngan bisa kaula nepungkeun nyata bisa mawa kalimahna.
Gusti geus ngadawuh, nya umat gera wawuh ka kami jeung wakil kami, geus nurunkeun
kami kamuka bumi, wakil kami wujud jentul kudrat pasti.
Sumanding bari teu eling, saha anu nyaho kakuring, aing lain sipat munding,
ngan wung ku sia supaya eling, kana diri anu ngadamping, dina waktu beurang
jeung peuting.
Hariring anu nyanding, kamanusaan nu eling, kiwari geus ngandeg suci, raga
keudah taliti, kutekad sadar jeung suci.
Tekad ucap lampah sami, sami nuju kanu suci, raga keudah ngabdi, ngabdi kagusti nu
suci, sing taliti rasa nu hiji, raga rasa keudah suci.
Jauhkeun sareng leungitkeun, ujub takabur sarakah geura leungitkeun, ulah arek
diayakeun, timbulkeun iman islam, sing ngahiji jadi islamna.
Hartina sareng eusina islam aksarana lima, iman ka gustina, sadar kana
papastena, eling laku lampahna, Allah anu ayana manusa jadi umatna.
Upami geus bisa ngalalakon, nu disebut islam sajati, moal aya anu
ngagangguna, di leuweungna jeung dikotana, margi teurang kana islamna, sieun
setan idajilna.
Moal aya anu wanina, kabel umat gustina, ka islam anu sajatina, malahan pada
sujudna, hayang jadi umat mulyana, ka bawa ku isalam sajatina.
Welas asih watekna, kabeh umat gustina, anu geus nyata isalamna, leungit sieun timbul
nyaahna, leungit wani timbul welasna, sami pada umatna.



KIDUNG TURUNAN.



Run tumurun ingsun, gumulung sumilir giliran, wanci ngalanglang ngacacang, mangsa
ngalingling alam kiwari, ngajajah alam ayeuna, rep sirep neda ti gusti.
Nya ingsun banyu rahayu, banyu mulus banyu asin, banyu pangauban jagat, banyu
sejatining manik, nya ingsun langlang buana, pangauban seuweu siwi.
Pangeran galuh galunggung, anaking mangka caringcing, ngembah jagat,
jagatna manusa, didinya ayana harti, didinya ayana ucap, pibeukeuleun hirup
hurip.
Sasaka pusaka karuhun, pangauban pajajaran, panjeg pangeran adil, leuleus
jeujeur liat tali, pandita ngayeuh nagri.
Dina lengkah aya tangtung, tangtungan diri pribadi, ulah gedag ku panggoda,
teungeutkeun cingcirina wanci, lalakon pangreka jaman, sembahan alam kiwari.
Ulah nyungkur kuwung-kuwung, endah rupa tanpa jirim, adegan manawi purba, bibit
pamekar sakti, wibawa ucap pamarentah, sakti dina darma bakti.



KIDUNG SUNAN KALIJAGA.



Agung-agung kanjeung sinuwun, neda gusti sunan kalijaga, ka gusti nu leuwih kawasa,
nu bisa asup miraga dua, kuring neda sapaneja tinurutan.
Lamun heunteu tinurutan sipat gusti, sami jeung kaula sangiang tiran atas angin,
Bulkukus ing menyan-menyan, aing kamanggung kaluhur kasang agung, kahandap
kasang darajat.
Sangiang sangkan nu aya di awak kuring, sri mutah-mutih, matih pamake kaula
kabeh, letah aing ula lelaki, ciduh aing ula welang, ari mutah matih pamake
kaula kabeh.
Ayeuna ngahaturan ngukus, suguh halus nya dahar menyan, kadulur kuring nu
ngajaga, nu ngariksa, ka dulur urang nu opat kalima pancer, genep badan, tujuh
nyawa, dalapan kakang kawah adi mas ari-ari.
Guru waena bayu putih, embok arwah embok ariah, embok luwuk, kubur ka karinget,
beraya sangriak-riak, sang belegedeg.
Ereng geutih lan puser, sabda pangrungu, bajina kiring, papak manggala, adi sir kakang
sir, ibu sir bapa sir, adi batin kakang batin, ibu batin bapa batin.
Malaikat anu tujuh , Jabrail, mingkail, isrofil, ijrail, munkar wa nakir, jamaniah,
amarah, lowamah, sawiah mutmainah, roh hilafi, roh hewani.
Roh hamami jeung sukma, nu ngasuhan sadaya di awak kuring, jeung nyai
mamang, aki mamang, nu ngamamang awak kuring, sabeurangna sapeutingna.
Jeung nyai jaga, aki jaga, nu ngajaga awak kuring, sabeurangna sapeutingna, nu aya di
awak kuring, ayeuna ngahaturan ngukus.
Suguh halus ngadahar menyan, ayeuna kuring neda sapaneja, naon anu dipenta
anatapi nu dipikahayang tinurutan, nyuhunkeun leuwih sandang, leuwih pangan, leuwih
dunya, leuwih rizki. Amin ya robbal alamin, mugi gusti nangtayungan.



KIDUNG PANGRUAT SUKMA.



Wujud nya kurungan wungkul, eusinamah bajinakiring, sumerah rasaning dewa, jinaring
rasaning dewi, rasa wujud inang tunggal, jirim aya tanghi-tanghi.
Tineka jatining tulus, kasirep rasaning jati, kurungan ti karohmat, roh saiki jadi abdi, rep
madep maring kang tunggal, gelese sukma sejati.
Titip kurung ka luluhur, muga dijaga dijaring, ku kaula rek dilar, rek jarah ka
gunung jati, nyekar ka hidayatullah, maksud ngamuludkeun keris.
Sumerahna roh sarujud, kuring dinu maha suci, raos madep rosululoh,
ngimamna ka imam mahdi, napsu opat jamaniah, tekad tetep jadi alip.
Tisore tepi ka isuk, jirim poma lilir-lilir, poma ngagoda nu jarah, ngabubungah niiskeun
pikir, nyukruk sejarah panutan, puntanganen beurang peuting.
Pakidungan ti luluhur, nyen areling ka para wali, riksa para abdi, sahabat sami pada
ngaping, tetep dinu maha suci.
Sukma muga ucul-ucul, dedemit jurig pada nyingkir, hama-hama pada suda,
generewo banaspati, jin setan roban siluman, indit leungit tampa pamit.
Katumbal ku kidung mulya, jati ka silih ku junti, mulya raga sampurna rohmat,
ngaping silih asih bumi, bumi langit bulan bentang, di sarengan banyu lan angin.
Awang-awang uwung-uwung, menahan papat pancer bumi, kandel iman manusa
mulya, panjalmaan sukmajati, medal cinta inang turunan sahadat sejati.
Sumurup karung hirup, sumaling kajisim hurip, paraksa pa bela-bela, pa aping pa asihasih,
puhun alam kajadraan, lara tunggal jadi hiji.
Rahayu ti sewu putu, hurip gusti waras abdi, sanak mirosesa kadang manusa
areling ka jalma, anak areling ka indung bapa, ceurik nyuuh balas asih.



KIDUNG PASAR KADUHUNG.



Buru-bu gera mapag, ku aranjeun nu geus murag, Ditangan wali tunggal, saha eta anu
geus milu ka abu jahal, Moal aing arek manggil, di cekek kalah merejel.
Pas anjeun moal ka taji, ngan aing anu jangji, Ku sapaat aing di buri, sabab kami hanteu
sudi, Ayeuna maneh teu ngabakti, ka kami hanteu ngabakti
Hukum kami supaya ulah ingali, ka maneh anu teu sami, Sabab kami hanteu
sudi, usik malik kedah katampi, Ka gusti nu Maha Suci, eta karek jadi umat kami
Cunduk waktu nu mustari, ieu lalakon geus nampi, Kana tempat wali jeung haji,
Aya umat anu ningali, hayang milih tembang haji.
Kaduhung kuring teu milu, padahal geus mere baju, Baju anu tilu, hiji bener dua jujur tilu
eling, Kuring ngan teu dipake bangun tadi hese cape.
Kaduhung kuring teu nurut, moal kabawa ku idajil, Anu aya di lawang gerut, pan tadi
aing geus nyaho, Yen kieu bakal dilarut, da bongan aing anu pegat.
Jeung nu sakti nyaung-nyaung di gunung, gening eta anu nangtung, Anu tadi
sareng kuring, ngan kuring heunteu percaya, Sabab loba anu ngusulna, yen eta
teh PKI-na nu jahat.
Kaduhung kuring teu eling, pada eta teh aya di kuring, Anu tadi mere
pepeling, pajar nipu hayang ginding, sihoreng yakin lan bohong.
Kaduhung hanteu ngawaro, kuring pangheulana nyaho, Kana rupa ngaran wujudna,
ngan kuring nyebut piraku, Yen eta nu jadi ratu, keur goreng pang mararatna.
Kaduhung kuring teu milu, padahal ka kuring heula ngajakna, Ngan kuring heunteu
percaya, piraku kudu bisa nyata, Ku goreng sareng bodona, edan kuring heunteu
miluna.
Kaduhung kuring teu neangan, mun neangan senang sorangan, Milu jeung nu
jadi ratu, padahal tadi geus panggih, Ngan kuring anu hayang sugih, adu kuring
terus disepak.
Kaduhung kuring teu nurut, moal kuring asup kalarut, Panyakit da tadina teu
nurut, teu percanten eta teh ratu kudrat, Piraku ratu pundung bungsu
Piraku kuring niggalkeun ku teu kuat ku buana, Aduh kuring anu geus ancrub, kumaha
panas dibawana, Nu matak kuring ninggalkeun.
Kaduhung kuring ninggalkeun, geuning eta teh ratu Sunda, Anu bisa nyapaatanana,
kumaha kuring hayang miluna, Bisa katembongna deui anu ka kuring ngajak jeung
mawa.
Kaduhung kuring teu milu, geuning eta teh ratu sunda nu tadi, Tadi mah kuring
meh teu percaya, da bongan goreng rupa, Padahal geuning anjeuna kasepna
kabina-bina sareng adil ka umatna
Kaduhung kuring wawalina, hanteu terus jeung ngahina, Geuning ngawujud teh
ayeuna, kuring anu dihina ku rahayatna, Jadi ratu pangluhurna, kaduhung kuring
ngahina.
Kaduhung kuring teu ngadamping, padahal sering panggihna, Ngan kuring anu engeuh,
teu sangka yen manehna anu jadi ratuna, Jadi ratu anu sejatina,, mun nyaho pasti
ngadamping.
Kaduhung kuring geus panggih, jeung rupa geus wawuh, Ngan kuring acan enggeuh teu
sangka ti tadina, Yen anu eta rek jadina, hanjakal hanteu ngadeukeutanana
Kaduhung kuring geus milu, ngan kuring teu kuat bau, Loba pisan gogodanana,
pada nyaram kana rasana, Ulah diwaro eta jalmana padahal eta ratu adil dana
reksa, Anu jadi ratu sadunya.



KIDUNG SALAT HAKDAT



Ter puth nama gumulung, ter herang nama ngalenggang, Ter kuing nama geus manjing,
nudi sebut bayi suci, Gumelar di alam rame, nincak lalakon nutadi
Manjing bari eling, rasa suci anu manjing, Manusa anu nguriling, bulak balik aya
manjing, Raga satunggal kuring, gelarna beurang jeung peuting
Muterna sukma nu suci, milari tempat nu tadi, waktos papisah ti bumi, asal raga
balik ka cahya, sukma suci anu mawa, nghadap kanu kawasa.
Raga sukma anu dua, balikna kanu kawasa, pada pendak dina cahya, cahya
raga sareng sukma, balik kanu kawasa, dua tunggal kanu ilahi.
Jadi gumulungna sukma, milari nyawa anu pasti, nu sarupa nya jeung sukma, suma
wawuh kana nyawa, nyawa wawuh kana sukma, da puguh anu tadi tea.
Sukma nyawa geus ngahiji, jadi jisim latip wadah ilahi, dzat Muhammad anu suci, milari
tempat anu tadi, raga anu katinggali, anu dahir di muka bumi.
Nyata jadi kudrat pasti, turun deui ka muka bumi, mawa tugas ti Illahi, Islam anu
kedah bukti, sembah sujud kedah ningali, bari tekad sadar jeung suci.
Tugas gusti kudrat pasti, kabeh umat kedah ningali, ka gusti nu maha suci,
kedah wawuh kanu eling, pagawean tina tilu manjing, jadi salat hakdat wali.
Anu parek mendak Illahi, eusi raga anu tadi, raga dohir anu ngabdi, ka gusti ka kudrat
pasti, nu nyebarkeun salatna wali, kasakabeh umat gusti.
Turun deui ka muka bumi, wawakil gusti nu sakt, nami jungjunan kudrat pasti, margi nu
aya di bumi, umat kabeh pada lali, ka gusti nu maha suci.
Gelap gulita geus nyata, kabeh jalma pada murka, ragana maning ragana, pada
murka hayang kaya, setan idajil anu ngagoda, mawa kana loba dosa.
Supaya lali ka gusti, jauh kana tempat suci , numpes islam anu sajati, abu jahal
balik deui, jadi ratu murka tadi.
Ayeuna geus manjing deui, raga nu tadi ka raga Muhammad anu teu suci, jadi poek teu
ningali, Raga nyawa sukma teu suci, lain anu ngeusi tadi.
Raga dohir sipat muhammad, raga batin sipat idajil, abu jahal ratu idajil,, bari mawa
harta dunya, rayat kaya anu murka, abu jahal anu nyokotan.
Supaya ulah percaya, kanu ditugaskeun kawasa, etamah jalma teu boga,
salilana jalma sangsara, ulah make di ropea, bisi kabawa sangsara.
Turun deui dawuhan gusti, aing manjing kudrat pasti, abu jahal tete basmi, umat
aing kudu suci, raga nyawa kudu suci, wawadah eusi kudu sami.
Sami suci tilu ngahiji, pagawean wali jasmani, jadi wali sareng haji, guru mursid anu
sama, anu kedah ditingali, jadi manusa nu suci.
Cunduk waktu ninggang wanci, mekarkeun islam sajati, dinu sajawa ngahiji, pagawean
wali jeung haji, tilu hakdat anu sama kedah bukti jeung ningali.
Nyapukeun hakdat jadi sipat idajil, batu tumbuh idajil supaya mabok, ulah jadi
raga gundul, leungit tina abu jahal, jadi manusa nu satunggal.
Pasti bukti jadi sami, kabeh manusa sajati, ageman tilu ngahiji, salat hakdat anu
ngabasmi, angkara murka di bumi, ancur lebur jadi sami.
Manusa jadi manusa, sato hewan jadi sato hewan, idajil moal bijil, ditutup ku nami gusti,
jungjunan langit pangeran kudat pasti.



KIDUNG SUKA WAYAHNA.



Bubuka Sin aksarana sakuliyah raga manusa, didamel tina nur Alloh, Muhammad
wiwitan datulloh, sangratu raga sadunya Muhammad jeuneungan rasul.
Jadi Mustika sadunya aksara sareng eusina, wujud rupa jeung ngarana hanteu pisan di
robahna, asal Muhammad ngarana anu pangheulana aya.
Dohir pang akhirna, ngaran raga muhammad, tapi yakin hiji wujudna, gusti rasul
jumenengna, tiasa dugi ka ayeuna, jadi pinuh alam dunya.
Anu ngaku ka Muhammad, anu puguh islam agamana, jadi gempar jeung
islamna, panutup wawakil gusti, ku kasebut saibul mahluk, nu jadi robul sapa’at.
Sang surya medal ti kulon, babaran ti pangarasa, tilu jadi sapamilu, dua pilihaneun, ari
suci raga suci.
Anu asal titadina sapanggihna, bukti sareng nya wujudna, wali tunggal ti sukawayahna,
anu ngabawah ka wali salapan, anu ngauban ka satunkup ning langit.
Anu ngahirupan satangkarak ning lemah nukasebut ratu wali nu metu dinu
nyawa, nu jadi ratu sadunya, nu mekar na dimekah, nu sanyawa tadi asalna.
Nyanggakeun sembah sujudna, ieu abdi pangikutna, kanjeung gusti mugi
ngahapunten, kasadaya anu awewena, awan tekad ucap lampahna, kanjeng
gusti mugi ngahapunten.
Ngambung abdi sadayana, babakti sadar jeung suci, suara sareng ragana, sembah
sujud kagustina, pangandung wali gusti, ratu gusti jungjunan gusti.
Wawangi rasa Sirullah, pangembah rasa Nurullah, jumeneng rasa Datullah, nuhirup rasa
nupasrah, rahman rahim wujud alloh.
Jadi waluyana raga, bukti aya rasa nu mulya, jdi sukma aya numawa, pangasuh
raga nu eling anu geus asup raga nu eling nyanding, kumelip asup jadi nyarung.
Mana urang sukawayahna, sabab ieu raga darma upaya, naon rupa hanteu bisa,
sakadar ukur ngahuma, teu terang raga nu saha, diri bukti ciptaan gusti.
Nyanggakeun kanu kagungan, raga kaula sadayana, ti luhur sausap rambut, tihandap
sausap dampal, ti gigir sagiling gisik, ti hareup ti tukang gusti anu kagungan.
Ngan wungkul raga Illahi, darma upaya sahiji, sahadat anu sahiji, Bismillah raga
jasmani, ni Rahman wungkul Illahi, ni Rahim anu ngahiji.
Jumeneng satunggal gusti, seja raga anu ngabdi, ngabdi ka raga rohani, anu
ngeusi raga jasmani, anu wujud gantina wali, eusina bukti kedah suci.
Suka wayahna nyata wadahna, suka wayahna saeusina jalma, anu alam di alam
dunya, nu kasebut wujud mahluk, sa-antero sipat wujudna, ti saha wayahna
asalna.
Kanjeng gusti wali sakti, nu kasebut ratu wali, jisim latif gusti jisim, nukasebut wali
kodim, raga gusti anu kawasa, nu kasebut kudrat pasti.



KIDUNG SAHADAT.



Ngadeg manusa wujud sahadat, gumelar dibumi alam langit, wiwitan aya lalakon, gusti
ka Muhammad nakon, Muhammad anjeun sahadat.
Sahadat pangwalon Muhammad, kudrat pasti jenengan gusti, wawadah pastina kudrat,
eusina sareng wadahna nu moal pegat, paling ngan ukur diganti, dimana wadah geus
ruksak.
Eusi mah tetep nu tadi, sanajan lain rupa nu tadi, da eusi mah moal ruksak,
sanajan wadah geus ruksak, balik kana asal tadi, kana cahya opat tadi.
Gumulung ngajadi hiji, jadi rupa wadah deui, eusi mah tetep nu tadi, kana wujud
wadah tadi, ngan bae wadah teu wawuh kana eusi anu ngasuh.
Padahal yakin jeung nyata, eusi mah nu tadi tea, nganbae wadah teu wawuh, kana eusi
anu ngasuh, dina warna ngaran tadi, wadah tadi puguh paya, nyata balik kana cahya.
Sihoreng geus balik deui, jadi kumpul dinu tadi, jadi kun kecap Illahi, gerak Muhammad
kudrat pasti, eusi wadah manjing deui, kudrat pastina Muhammad.
Gumelar di bumi alam deui, nincak lalakon nu tadi, mawa sahadat nu tadi,
Muhammad sahadat anjeun, bukti lalakon sahadat, ku ayana datna Muhammad.
Gumerlar di bumi alam langit, ku ayana kudrat pastina Muhammad, nu jadi bibit
ramena, kudrat pastina sim abdi, abdi jadi wawadah gusti, wawakil gusti wada
abdi.
Gerak gusti sareng abdi, raga nyawa hidup gusti, nu ngahirupkeun ka sajagat kabeh, nu
hurung luhureun langit, nu herang luwareun jagat, nga hauban kasakabeh bumi langit.
Jumeneng kudrat pasti, jumeneng bumi langit jeung eusina, jungjunan kudrat jeung
pasti, abdi di damel ku gusti, gerak gusti gerak abdi.
Aya Gusti aya abdi, jumeneng Gusti jumeneng abdi, kersa gusti kersa abdi,
kawasan gusti kawasa abdi, abdi kawasan kersa gusti, hirupna abdi nyata gusti.
Elingna nyata gusti rasa gusti, anu katelah Rabul alamain, watek hirup nyata
eling, l anggeng hirup nyatana eling, kudrat pasti anu manjing.
Opat saderek di lahir raga, anu jadi sarang hama tea, ti awal dugi ka akhir, opat saderek
tetep hawatir, etamah saderek raga, anu teu pisah tina raga.
Saderek raga nyata sarangka, aya bukti opat rupa, saderek eusi anu bukti, teu katingali
ku raga, aya opat anu nyata, bukti Sir, Budi, Cipta, nyata.
Ngadeg wujud anu sarupa, guru mursid anu mawa rupa, raga di bawa kunu
sarupa, sarupa wadah jeung eusina, eusina sareng wadahna, jumlah limalimana.
Eusi opat kalima pancer, wadah opat kalima pancer, anu hiji nyanghareupna
enol, wujud hiji manjing jisim, wujud hiji enol sapatemon.
Jumeneng gusti tilu ngahiji, hiji balik deui kana tempat nu tadi, nya sipat opat kali, wujud
eling wujud raga, sir wujud budi gerak awak, cipta aya gerak awak.
Jadi kumpul deui dinu eling, aya raga aya nu sarupa manjing, nyamperkeun lalakon nu
asal anu tadi, anu awal dugi ka akhir.
Muji hiji bari tekad suci, muji dua bari rasa tetela, muji tilu bari sir milu, muji opat
bari budi bener, muji lima bari cipta nyata, muji eling ka hirup.
Kudu aya dinu tilu, supaya ganti wadah dina asal tadi, kum jumeneng ngahiji
deui, asal manusa jadi manusa, asal muhammad jadi muhammad, asal kudrat
pasti jadi kudrat pasti.



KIDUNG RAKA RAYI (Patih Karna & Samiaji).



Jangji sing geus pasti, samemeh turun ka bumi, di alam langgeung nu tadi, can dohir
raga jasmani, gusti nu mere pasti, anu di bere pasti.
Pasti gusti moal palsu, ngaran aing geus ngabayu, rayi wakil kanu anu bungsu, wujud
aing goreng baju, rek ngabasmi ratu nu palsu, anu hanteu make hukum tangtu.
Dimuka bumi nu leuga, ratu palsu keur upaya, supaya ulah timbulna, ratu anu
sajatina, ditutup liang jalanna, supaya ulah timbulna.
Ratu palsu anu ayeuna, lain hayang gera bubarna, ngan hayang manehanana,
anu senang bangsa sukuna, abong kawasa ngahina, jadi ratu satutup umurna.
Akal politik bawana, ngaku ratu satutup umur, ngan bae hanteu laksana, kaburu ieu
waktuna, bongan hawek ka dulurna, jadi cemar bau ngarana.
Padahal tadi geus jangji, raka sareng tuang rayi, raka masing inget kadiri, diri raka keur
di upami, ulah wani di jual ka istri, istri jadi racun diri.
Bukti nyata teu sulaya, raka anu keur kawasa, di upama ku sadunya, leungit raka
kawasana, budak leutik teu ngaupama, akibat istri buktina.
Anu teu inget ka asalna, jangji tadi jeung adina, babarengan dina senangna, anu
hanteu ngajaitna, teu ngupama ka adina, ngaran bau ka tungtungna.
Akibat bukti jeung nyata, raka anu kabeulitna, ku istri anu buktina, jadi kaluar tina
tahtana, leungit tina jasmanina, jadi tinggal kagorenganana.
Terang waktu panggihna, di kantor MV perda ti adina, anu geus mere simbulna, maka
baju panggorengna, raka anu teu telikna, raka anu goreng tungtungna.
Simbul adi goreng bajuna, raka goreng jerona, anu pasti katembongna, ku
sakabeh rakyatna, anu asal tadi alusna, timbul kagorenganana.
Ciri bukti ti balikna, anu asli nya rupana, anu pinter pulitikna, keur seungit ngaran
wujudna, jadi bukti sabalikna, leungitna alus goreng tungtuna.
Adi anu keur gorengna, rupa goreng teu bogana, anu hanteu di upama, teu boga
kahina-hina, istri anu teu hayangna, sudi ngadeukeutanana.
Atuh puguh pang puguhna, keur goreng pangmalaratna, dipandang dunya karana, raka
mah keur hade adeg rupana, anu mana nya buktina, susah payah kami hayang
panggihna.
Tah ieu urang buktikeun, hade goreng gusti anu nyieun, masing percaya ulah
sieun, ku aing rek dibuktikeun, aing bukti anu nyieun, adil aing dibuktikeun.
Manan aing ngarupakeun, nu rek nyapih ngaratakeun, supaya ulah ka goda, ku
idajil jadi jalma, jadi awewe nya buktina.
Sabar aing geus tadina, waktu setan idajilna, rek nyumponan ka hayangna, dimana rek
kaluwarna, ratu mu’min ngawujudna, jadi awewe rupana.
Tah ayeuna geus waktuna, anu pinuh ku idajilna, malah nu jadi ratu ayeuna, teu terang
kana wujudna, anu estu manusana, ratu mu’min ngawujudna.
Padahal geus dina gado, ngan manehna hanteu nenjo, jadi ratu loba poho, idajil
anu keur ngolo-ngolo, supaya leungit anu ngejo, jalma kabawa saparo.
Gusti pasti mere adilna, anu hade jadi gorengna, nu goreng jadi hadena, nu
gede jadi leutikna, nu leutik jadi gedena, nu senang jadi ripuhna.
Adil bukti jeung nyata, anu beunghar jadi ripuh, anu malarat jadi beungharna, anu pinter
jadi bodona, anu bodo jadi pinterna, anu aya jadi euweuh.
Adil suci anu bukti, anu luhur jadi handapna, anu handap jadi luhur, menak cadi
cacahna, cacah jadi menakna, kolot jadi budakna.
Adil karasa kusadayana, kolot jadi budakna, mulya jadi hinana, hina jadi
mulyana, wani jadi sieuna, sieun jadi wanina.
Pasti adi raka adina, adi jadi rakana, mulya raka jadi ratuna, miskin adi jadi
rakyatna, mulya adi jadi ratuna, rakyat miskin jadi rakyatna.
Moal salah nu rek ngajadina, raka anu geus katembongna, anu pinuh jadi ratuna,
leungit raka jadi ratuna, jadi tumbuh pasti adina, jadi ratu di akhirna.
Raka jawa opat lima, jadi ratu samentara, persiapan danarasa, adi bukti ti pasundan,
anu neraskeun raka ti jawa, raka jawa pasrah ka sunda.
Mangga rayi anu ti sunda, ieu akang geus kagoda, kagoda ku buah dada, anu
buktina wanoja, pasrah akang ka rai bukti, akang jadi pangikutna, jadi wawakilna
gusti.
Nyakrawati ti ayeuna, bumi langit pangeusina, anu kedah rai ratuna, pasrah
akang ka rai bukti akan jadi pangikutna, jadi wawalna gusti.
Anu jadi papayung agung, adi akang anu nangtung, sandang pangan pada mumpung,
leungit jalma anu bingung, timbul suka jadi untung, adi bukti jadi payung.
Bukti adi raga suci, wawakil gusti anu suci, anu mawa islam sejati, sakti jadi aya di adi,
nami gusti aya di rayi, kawasa gusti aya di rayi.
Nami gusti jeumenengna, rasa hirup jenenganana, ku jenenganana nami gusti,
jungjunan langit, pangeran kudrat pasti, wawadah talaga kaosar.



KIDUNG UJUNG



Uwung-uwung, awang-awang bumi langit keur gumulung, dilebet rasiah gumulung,
Muhammad jadi kukuncung.
Kukuncung nyatana tangtung, sanes bukti jadi maung, tapi bukti terang kukuncung, puti
anu nulung.
Wadah kukuncung putih, aya gusti ngan sahiji, hiji lain sifat mahluk, penduduk
rasiah manusa.
Nu terang kadudukan kuncung, Muhammad waktu gumulung, ngan maneh
nyaho kadiri, diri Muhammad anu haji.
Wawah kukuncung putih, Muhammad raga anu putih, jeung pang-awalna didamelna,
jeung pang akhir jumenengna.
Anu kasebutna Muhammad rasiah kukuncung putih, anu ngagelarkeun di bumi, anu
ngeusina kabeh Muhammad.
Nu kasebut wawakil gusti, Muhammad dat Illahi, hanteu dua hanteu tilu, sakabeh
sipat Muhammad.
Sakabeh sembah sujudna, gumelar Muhammadna, anu nyebarkeun islamna,
wungkul terang sembah sujudna.
Mana anu sategesna, tepi kana Muhammad, nyembah kana hakekatna, Dat kukuncung
putih nu nu nyieun.
Saha ari hahekatna Muhammad, nyaeta dat kukuncung putih, nu kasebut rasiah
Muhammad, nyembah Muhammad hakdat suci.
Ujung kulon rasiah Muhammad jadi manusa Muhammad, tepi ka ratu ujung
Muhammad, jadi kulon abdi Muhammad.
Sangiang sirah Muhammad, sirah eling raga Muhammad, dana adil raga
muhammad, leungeun welasna raga muhammad.
Leungeun kenca asihna raga muhammad, subur suku kenca raga muhammad, subur
suku katuhu raga muhammad, suci rasana raga muhammad.
Jumeneng raga muhammad, nu suci raga, wadahna nu suci , sang ratu raga nu suci,
sirah sirna muhammad rasulluloh.
Di akhir jumenengna sirna muhammad, Rasululloh raga muhammad, ujung kulon
tungtung abdi, abdi nyesana muhammad.
Wawakil dat Illahi, rasululloh raga satunggal, muhammad jeung suci, sipat
rasululloh dat suci.
Panimbang raga muhammad, amal hade jeung amal goreng, dinyatakeun di panimbang,
kabeh jalma pada nyerang, pasti gusti mere adilna, pamulang amal ibadahna, kumaha
tadi lampahna, dimana waktu eta karsana.
Moal salah deui raga ditimbang, timbangan anu teu terang, teu menang aya nu
nulungan, indung bapa anak pamajikan.
Moal aya anu bisa nulungan, ieu mah wungkul sorangan, ngan aya anu nyatana
panutan urang, gusti anu bisa nyapa’atan.
Nu kasebut ratu sunda, ratu bisa nyapa’atan ka umatna, upami sanes tugas
mahabahna, umat kabeh ditanggung jawabna.
Pertakonan umat sadaya, anu ningali raga manusa muhammad, pasti kana ditakona,
tina timbangan amal hade gorengna.
Waktu mana sia laksana, jadi umat pang mulyana, sabab ngabdi ka raga sucina,
muhammad ratu raga anu sucina.
Ulah salah anu di asuh, jalma manusa anu rendah, nu sadar suci jeung asih, teu
ingkar tina nu tilu.
Bener suci pasti ngari, jujur suci pasti seuri, eling suci pasti aya harti, jadi manusa nu
sajati.
Kedah wawuh kanu nyieun, supaya ulah loba kasieun, saha urang anu nyieun, nyaho
kanu nyieun pasti moal sieun.
Sakabeh aya ratuna, ratu setan idajilna, ratu sato hewan sakabehna, manusa
jadi ratuna.
Anu kasebut ratu manusa, nyata gusti anu kawasa, teangan ti ayeuna anu nyata,
papay sungsih sing kapanggih.
Ujung kulon tungtung abdi, sangiang sirah muhammad, dat gumulung sirna muhammad,
sing tetep raga sucina muhammad.
Tilu sapamilu muhammad suci, dua sakarupa muhammad suci, hiji pilihaneun
muhammad suci, tri suci raga suci ratu suci.



KIDUNG SUKARAME.



Muter jengleng jumeneng deui, tiba waktu nu mustari, jadi bukti kasampeur deui, pancer
gumelar alam rame.
Mayangsari sukaseri, bungah tas boga salaki, jadi timbul karameanana, nikahkeun nyi
mayangsari.
Nu ngalamar ti saban nagara, salapan puluh salapan kabehna, hayang cinta
hayang kapigarwa, bingung putri anu hiji.
Da kami boga salaki, para raja kunaon mahugi, pan kami boga salaki, dumeh
kami teu katingali.
Salaki anu sejati, jadi gelar sadunya sakabeh, marebutkeun puti hiji, ramena dimuka
bumi, kabeh raja pada mahugi, mahugi putri nu hiji, bari cinta suka seuri, putri sejati teu
nampi.
Ka para raja nu sakeu lobana, anjeun ngadu saembara, saha anu bisa nyakuta, ngadep
madep kanu kawasa.
Manusa sadunya mukakeun cipanon, ku menta mas kawina, kubur layang anu
tilu, anu aya di sawarga.
Cing saha anu bisa ngawujudkeun ieu pamenta, kami pasti anu ngaula, moal
mandang kana rupa.
Sanajan harta birana, para raja pada bingung, pada ngaluarkeun dayung, campuh raja
pada mungpung.
Pamenta putri nu luhung, kabeh raja pada adigung, nyangkutan rame sadunya, kabeh
raja pada kolotna.
Pagisik pagiring-giring, harta dunya jalma prangpring, jadi bangun hanteu eling,
ka bapa anu ngadamping,.
Ka geleng ku saembara, jalma kabeh pada tunggara, nagara sareng eusina
campuh karameanana.
Raja kabeh hayang ngawina, hayang kabawa kanagrina, jadi timbul rame sadunya,
marebutkeun putri wanoja.
Anu hayang kapigarwa, jadina timbul pasea, pada ruksak sarerea, anu bari hanteu
laksana, da puguh aya nu boga, moal kabawa ku raja, bangun teu bisa nyangkuta,
ngabuktikeun anu dipenta.
Kabeh raja pada nyerahna, jadi hayang diakuna, urut cinta ngaku ema, raja
kabeh pada sujudna. Pada sanggup ngabanguna, bumi sakur eusina, pasti jadi
nya mewahna, jadi kota sadunya.
Di nusa sunda wujudna, kamodelan, karamean, ka sukaan, kageulisan, putri
geulis sakembaran, widadari milu lebaran, jadi kumpul dina kasucian.



KIDUNG BANYU SUARA



(diturun disawo jajar bogor tahun alip), Tgl 13 mulud tahun 1970
Banyu suci anu gumelar, banyu suci tulung haji, banyu ratu cahya suci, nu ngawujud di
bumi alam, sangiang sirah aya wujudna.
Nyata manusa katembongna, metu banyu ditalaga metu banyu tina dada, rawuh banyu
ti kal-kaosar, rawuh suci nyai sri tambah lapar.
Sumur tilu anu nungku, sumur dua anu nyata, sumur hiji anu nyata, sumur bukti
raga suci, anu wawuh dat ilahi, anu kasebutna muhamad.
Nyata banyu anu ngabayu, nyata hirup raga aya, nyata rasa ku pangawasa,
nyata banyu aya di raga, banyu latip anu sumerep, banyu kasar anu katinggal.
Anu tiasa manjing suara, anu ngancik dina rupa, rupa banyu adegan sarira, jaya banyu
adegan sarira, kuat banyu adegan sarira, awas banyu paninggal sarira.
Pangrungu banyu celi sarira, kahayang banyu sir sarira, aya banyu di raga sarira, suara
banyu diraga sarira, pangeusi banyu aya di raga sarira, wujud banyu wujud rasa sarira.
Subur naga sari bukti, subur raga pangawasa nyesa, subur raga jaya jati mustika, subur
raga manusa suci, subur mustika mangsa,subur raga pasti suci.
Anu aya diraga pasti, banyu suara anu pasti, hanteu kurang sandang pangan,
tetep langgeng aya nganteng, cahya rasul anu nganteng.
Manteng langgeng sakabehna, ngawujudkeun di bumi langitna, nu nyumponan
raga wujudna, muhammad jadi ratuna, jadi ngawujudkeun beungharna.
Ku ayana banyu suara, ciri timbul ratu sunda, nu kasebut ti baheula, rek timbul ratu
sundana, ngan bae mana wujudna, banyu suara anu bebeja.
Timbul ratu sunda asalna, anu aya titadina, ieu nyaho rek kaluarna, suara ratu rek nakon
kasakabeh jalmana, nya nanya asal usulna.
Mun maneh asal ti mana, naon anu di bawa kumaneh, naon papakean maneh,
naon rek di pake kumaneh, jeung saha ari maneh, mana sajatina maneh.
Anjeun agama naon, naon anu dijenengkeun agama, timana asalna agama,
saha anu mawa agama, ayeuna agama aya dimana, kumaha ari rupana agama.
Sabalikna ari agama, mana cirina agama, iraha maneh beragama, mana tangkalna
agama, mana dahana agama, mana akarna agama.
Pan anu disebut agama, sabaraha dahana agama, jeung naon ari rantingna agama,
mana dauna agama, jeung mana kembangna agama, mana buahna agama.
Kumaha rasana agama, jeung mana wujudna agama, aya anakna agama, jeung
aya incuna agama, mana anakna agama jeung mana wujudna agama.
Jeung wawuh maneh ka agama, jelas pasti jadi ratu sunda, nu rek nakonan ka
jalma, cirina ieu banyu suara, suara ratu sunda anu aya, rek ngancurkeun
angkara murka.
Nu jadi pertakonan suara ratu sunda geura takon, sakabeh umat di takon, salah
ngajawab pertakonan, pasti di ancurkeun ka pertakonan, moal bisa kana ngabohongna.
Jawab salah pasti teu geunah, ditempatkeun dinu teu geunah, sabab perjawaban teu
merenah, ratu sunda lain teu nyaah, maneh ngarasa jauh jeung maneh, per jawaban
maneh salah.
Lamun maneuh jeung maneh atuh ngajawab atuh ngajawab, moal salah maneh
kitu teu wawuh kana adegan maneh.



CATATAN : Dilarang keras menduplikasi tanpa ijin penulis.



http://blogsoenda.blogspot.co.id/

Tidak ada komentar:

Posting Komentar