Kembang sungsang dinang kunang Kotak kurawis wayang Lindu nira bumi bengkah Adam adam babu hawa Siskang danur wilis Ingkang ngagelaraken cahya nur cahya Anwas anwar ngagelaraken Malih kang danur citra Nurcahya nursari nurjati Dangiang wayang wayanganipun Semar sana ya danar guling Basa sem pangangken-angken Mareng ngemaraken Dat Kang Maha Tunggal Wayang agung wineja wayang tunggal Wayang tunggal

Sabtu, 05 Juli 2014

KIDUNG LAKBOK

gunung
gunung

“KiDung- Lakbok”. Nja eta sasakala djeung uga Rawa Lakbok, tina paririmbon Aki Ranadjangga,Ma’lim anu nitis ka Buja Putih.
»PAPATAT – MAKAR«.
1. Ngebul kukusna ka Mangung njambuang ka awang-awang,bau kalemba kastori, mangsoji djeung menjan putih, sasadjen djeung rurudjakan, puntjak manik tangtang angin, tjawisan para puhatji, nu datang ti Kahijangan.-
2. Mugi agung nja Paralun, muga djembar pangampura, Ka luhur ka Sang Rumuhun, ka Batara ka Batari, ka Batara Nagaradja, dedemit Onom Siluman, Sang Pramesti Uti Pati.-
3. Paralun amit rek ngindung, Kidung Lakbok nu kapungkur, tjarita kolor Baheula, sasakala asal tadi, Lakbok teh hidji nagara, Nu disupata ku dewa,Katelah “Bandjarpatroman”, nagri gede loh djinawi.
4. Lembur kalingkung ku gunung, botjorna ngan ka sagara, pamali tarung djeung dulur, matak paanggang pakaja, Sang Ratu Ineung Buana, parebut dajeuh Patroman, Ratu Agung Tambakbaja.
5. Nu tarung Patutunggalan, ana djlog ka “Pataruman, Pataruman tempat tarung, nja silih tjabok di Lakbok, ngarengkol di Pasir Djengkol, mikiran kuma akalna, ngawang ngawang di Batulawang.
6. Silih sUrung di tjikawung, silih dupak di Kokoplak, silih sered di Kawasen, tempat ngadu kasakten, ramena anu keur perang, silih djingdjing silih djungjung, silih gusur silih sumtrung.
7. Silih dupak silih sepak, silih sepak sewangkara, silih djotos silih tjabok,, silih pojok silih haok, silih puak silih bekok, silih tjekek silih kadek, silih tumbuk silih tubruk, silih djingdjing djeung tampiling.-
8. silih gobang silih pedang, silih alung silih bojong, silih sered silih gentjet, silih pentung ku pepentung, silih irik silih gitik, silih pundjeung silih uleng, silih tenggok silih djekok, silih tjiwit silih djembel.-
9. Tarung paungku-ungku, perangna padjaga-djaga, pada sieun kabeunangan, boga rasa kawirangan, wiwirang dikolong tjatang, erana nu eleh perang, kaduhung sagede gunung, wirang sabeurang-sapueting.-
10. Nu perang taja eureuna, itu wani ieu wani, pada-pada embung eleh, taja hidji anu teter, djorelat ngajedat ka “Djelat, diboro ka tjiporoan, mundur ngukuj ka “Tjitanduj, rundag-randeg di “Randegan.-
11. Ngadon ngarandeg sakeudeung, ngadaweung ngabangbang areuj, HUdang patangtang pitingting, LUdeung semu taja keueung, . ….ajonan di Gagajonan, dipupu di “Gunung Tjupu, silih rontok di “Tjikotok, gaduh raos bet kaduhung.
12. Kaduhung tarung djeung dulur, rebut balung tanpa eusi, nu puguh onar ka batur, matak era ka tatangga, napsu nu matak kaduhung, badan anu katempuhan, lebur adjur tutumpuran, nagri ruksak ku sorangan.
13. Kolot mah mili kawirang, bingung patjampur djeung susah, mikiran nu djadi anak, taja reureuhna nu tarung,Tarung ngadukeun pakarang,Sabuk bandring ting kirintjing,Gondewa henteu kawawa,
Ting siripit ting belesur.
14. Burinjaj adu di djalan,Paser potong djadi dua,Sami-sami digdjajana,Namung gaib anu njanding,
Putra isin ku ramana,Rasa geus babalik pikir,Njingkiran era kaduhung,Nja njingkur di “Gunung Sangkur
15. “Gunung Sangkur tempat njingkur,Ngaheneng di “Gunung Tumpeng”Tjijdjurej di arej-arej,
“Tjiigolentrak milu senggak,Njeggakan nu ngadu rosa,Perang tanding djeung saderek,
Wekasan meunang supata,Ngahleng di “Tjitamiang.
16. Reup angkeb bumi djeung langit,Gunung rugrug laut motah,Lini teu aja eureuna,Galindeng sora kawahan,Hawar-hawar kabujutan,Njaksian supata dewa,Nu kantun sami gegetun,Nu nilar ngan bati kelar.
17. Nu anom mung kantun ngungun,Waas patjampur djeung sedih,Bet nagri “Bandjarpatroman,Salin djinis salin rupa,Urut djajeuh djadi leuweung,Urut gedong anu sigrong,Diparake sajang bagong,Djadi leuweung sima gonggong.
18. Situ kalangenan sari,
Djadi rantja tjaneoman,Panjaniti musna leungit,Babantjong melong molongpong,Tjaneom djadi geueuman,Tempat etan duruwiksa,Tempat Siluman-sileman,Dedemit tukang tjilimit,
19. Batu karut nutjamerut,Tjimerut dumeh dikantun,Melong ngan bati bengong,Nagara ngarupa rawa, Gedong-gedong jadi pulo,Pulo putri “Pulo Erang,Manusa djaradi hewan,Lele betok belut sidat,
20. Tumenggung nyurup ka lutung,Korawa mangrupa owa,Si Lengser paeh saleser,”Bandjarsari leungit sari,Kabawa kunu ngahijang,Ratu Agung Tambak Baja,Nu aya ngan “Sindangdjaja,”Sindanghaju nu rahaju.
21. Batu petir nu kiwari,Batu karut nu Kapungkur,Mungkurkeun ti “Gunung Sangkur,Ngariung djeung “Batulawang,Batulawang nu ngahadang,Njandingkeun ka “Gunung Tjupu,Wadah manik astagina,
Batu peti nu mupusti.
22. Sada gugur di kapitu,Sada gelap di kasanga,Aja sora tanpa rupa,Djaga dina djaman achir,
Baris aja nu ngaruat,”Lakbok pulang ka asalna,Nja muntjang labuh ka puku,Kebo mulih pakandangan.
23. Ratu di Gunung Galungung,Menak pentjar Geusan Ulun,
Ku eta dadak sakala,Nagara djadi waluja,Musna chajal timbul insan,Loba jalma kadjadjaden,Dedemit setan siluman,Djadi djalma bungkeuleukan.
25. Palungpung kasilih kampung,Tegal mandjah djadi saah,Nja ratu ngaradja dewek,Djalan panjang disaungan,”Langen djadi kalangenan,”Manganti keur sri Manganti,Paranti Gusti ningali,
Ngawangngawang ka Batulawang.
25. Panungtung Ngadeg tumenggung,Bawah tatar beulah wetan,Duka dimana lebahna,Ngan disebut “KERTADJAGa,Djaga soteh tjeuk baheula,Nagara pulang ka asal,Kapulih manan birahi,Kapunah batan baheula.-
26. Kitu tjaturing pitutur,Kiwari geus njata pisan,Sihoreng Kangdjeng Pagusten,Nu ngaruat ieu “Lakbok,Nepi ka dieu djadina,Kawas nagara tjitjipatan,Tatapi tjerewedna mah,Baris nepi ka kiamah.
HENRY PURWANTO

Tidak ada komentar:

Posting Komentar