Kembang sungsang dinang kunang Kotak kurawis wayang Lindu nira bumi bengkah Adam adam babu hawa Siskang danur wilis Ingkang ngagelaraken cahya nur cahya Anwas anwar ngagelaraken Malih kang danur citra Nurcahya nursari nurjati Dangiang wayang wayanganipun Semar sana ya danar guling Basa sem pangangken-angken Mareng ngemaraken Dat Kang Maha Tunggal Wayang agung wineja wayang tunggal Wayang tunggal

Senin, 23 Maret 2015

Saeutik Ngeunaan Paririmbon Sunda

PANTRANGAN (CEGAHAN) DINA HIJI-HIJI POE
Wedal Ahad patrangna – ulah ditiung ku baju
Wedal Senen patrangna – ulah ngagelang kembang
Wedal Salasa patrangna – ulah dikiih atawa nyiduh kana seuneu
Wedal Rebo patrangna – ulah dahar taneuh (hampo)
Wedal Kemis patrangna – ulah naruk daun ku kuku
Wedal Jumaah patrangna – ulah heheotan karak kahilir
Wedal Saptu patrangna – ulah silanglang (ngojay nang).
NAREKAHAN GORENG REPOK
Upama wedal Ahad boga bojo ku Jumaah, hartina ahad ka tumbale 9kapateni ku Jumaah). Kiasna tambahan batur saimah ku wedal Salasa, ku bujang. Wedal Ahad apesna 9eleh) ku Jumaah – ubaran ku Salasa
Wedal Senen apesna Saptu – ubaran ku Rebo
Wedal Salasa apesna Ahad – ubaran ku Kemis
Wedal Rebo apesna Senen – ubaran ku Jumaah
Wedal Kemis apesna Salasa – ubaran ku Saptu
Wedal Jumaah apesna Rebo – ubaran ku Ahad
Wedal Saptu apesna Kemis – ubaran ku Senen.
IEU ITUNGAN REPOK SAE AWONNA
1. Pisang punggel - kirang sae
2. Lumbung gumuling - kirang sae
3. Tunggak kasemi - kirang sae
4. Satria lalaku - sae
5. Sangga Waringin - sae
6. Padaringan kebek - sae
7. Ratu sabdaning pandita - sae
NGITUNGNA :
1. Naktu ngaran lalaki
2. naktu ngaran awewe
3. Weton awewe jeung lalaki dihijikeun, dijumlahkeun.
4. Kampung nu ditempatan, aya kampong naon?
Terus jumlahkeun sakabehna, tidinya patangan 7 – 7 – tea sesana aya sabaraha? Tingali kana itungan-itungan nu 7 nomer tea.
ITUNGAN TINA AKSARA ANU 20 nyaeta :
1-H, 2-N. 3-C, 4-R, 5-K, 6-D, 7-T, 8-S, 9-W, 10-L, 11-P, 12-D, 13-J, 14-Y, 15-Ny, 16-M, 17-G, 18-B, 19-T, 20-Ng
Contoh :
1. Upama lalaki Wikanta SAPTU
2 Uapama awewena Carmanah SALASA
Wi – 9 + Kan - 5 + Ta – 7 = 21
Car – 3 + Ma – 16 + Nah – 2 = 21
Jumlahna = 42
Ninggang 42 kana RATU SABDANING PANDITA
Ditambah wedal duaan 12 + 42 = 54 – 42 = 12 – 7 = 5
NAKTUNA POE
Ahad = 5
Senen = 4
Salasa = 3
Rebo = 7
Kemis = 8
Jumaah = 6
Saptu = 9
Ninggang 54 teh kana SANGGA WARINGIN = Sae
Tambah kampungna CIPARAY 3 + 11 + 4 = 18 + 54 = 72
72 – 42 = 30 -21 = 9 -7 = 2 (sesa)
Ayeuna sesana 2, ninggang LUMBUNG GUMULING = awon
Tah kitu carana ngitung the, asal alus jadi goring ku tempat.
(mugia aya manfaatna ieu hasil panalungtikan sesepuh kapungkur).
Rahayu
bima
sumber ti ROHANGAN KARUHUN SUNDA

Tidak ada komentar:

Posting Komentar