Kembang sungsang dinang kunang Kotak kurawis wayang Lindu nira bumi bengkah Adam adam babu hawa Siskang danur wilis Ingkang ngagelaraken cahya nur cahya Anwas anwar ngagelaraken Malih kang danur citra Nurcahya nursari nurjati Dangiang wayang wayanganipun Semar sana ya danar guling Basa sem pangangken-angken Mareng ngemaraken Dat Kang Maha Tunggal Wayang agung wineja wayang tunggal Wayang tunggal

Senin, 25 November 2013

Opat kalima pancer

Opat kalima Pancer teh nyaeta palsapah kahirupan urang Sunda anu geus ngahiji ngajadi darah daging dina ketak kahirupan, rengkak saparipolah urang Sunda,. eta kusabab karuhun urang geus bisa maca alam jeung ka-hakikianana. Terus nyurup kana gerak, musik, itungan, jeung ampir sakabehna ngagunakeun dasar kahirupan opat kalima pancer.
Naha naon tea atuh anu di sebut opat teh? Jeung anu mana anu disebut kalima pancer-na? Urang mimitian tina nalungtik diri maca awak urang heulanan. Dina awak urang aya anu disebut sisi opat diman nangtung, nyakujur, siga urang kapanan boga sisi hareup, sisi tukang, sisi kenca jeung sisi katuhu. Tah eta teh kapanan opat sisi sanes? Ari anu kalima na mana? Anukalimana mah nya kapanan awak urang anu ngabogaan sakabehna. Ieu dadaran kasar dina ngajelaskeun sisi anu ku para sepuh rada teu patos diebrehkeun gancang-gancang, kusabab dina ngaguar dadaran ieu estuning henteu mung sakadar bacaan lahir wungkul, da upami diteraskeun mah jujutananan nyaeta muka lawang lain ngeunaan kumaha carana apal kana awak urang, samemeh urang apal ka Pangeran urang.
Urang teraskeun, dina ieu bacaan [ maca= ningali tina sisi lain/ makna palsapah] sakabeh unsur anu aya di alam, anu dilakonan, kalawan talajak manusa sakabehna, eta teh mangrupa simbol dina hirup kumbuh kumelendang di ieu alam, geura urang baca sisi hareup teh kapanan pikahareupeun, sisi tukang mangsa anu geus dilakonan, sisi kenca, sisi kagorengan, sisi katuhu harti tina sisi alus , kabeh diawak urang. Kamana urang nyanghareup (hirup) didinya urang ngabogaan opat perkara anu pasti jadi kalawan ngahiji diawak urang, kumaha urang nyanghareupan isuk, kumaha urang ninggalkeun waktu lalakon anu geus akliwat mangasa katukang, naha urang teh rek jadi jalma anu cek masyarakat alus atawa goreng? keur jalma anu apal kana laku jeung lakuning hirupna, pasti bisa nyaluyukeun jeung alamna,eta jalma pasti bisa hirup dimana bae ayana. dina sisi lain urang baca bae rehna anu disebut opat sisi awak urang teh, sacara garis mah nyaeta horizontal, atawa datar, hartina garis urang hirup kumbuh dialamna, cek urang islam mah disebutna Hablumminannas atawa jalur kahirupan kamanusaan, sedeng anu disebut kalima pancer sacara garis nyaeta vertikal atawa jalujur manusa jeung pangeranana atawa hablumminalloh.
ngarah teu jero teuing, urang buka tina tataran dasar maca awak tina angka-nagka anu nuduhkeun angka opat ka lima kabeh nerap dina awak urang, cobi itung sabaraha jari urang? sabarah anggota awak urang? naha disebutna Panca indera? sabaraha tea eta teh? ari getih aya sabarah jenis? kabeh nuduhkeun itungan alam dina awak urang jeung itungan karuhun urang teh ngan lima. sabaraha unsur ari alam teh?
urang baca ramo urang,naha aya lima? eta nuduhkeun rehna urang kudu bisa maca cinggir,jariji,jajangkung,curuk jeung jempol. Kumah kirata na? (kirata = dikira-kira tapi nyata). Cinggir ( urang teh kudu diajar mikir atawa pake otak teh keur ngolah jeung maca alam), Jariji ( kudu diajar ngahijikeun pamanggih atawa elmu panemu), Jajangkung ( kudu kapanggih ka jangkung na, jucung, atawa kabiruyunganana dina kapangeranan), Curuk (kudu diajar nyukcruk sing kapanggihna) tah lamun geus kapanggih anu opat mah maka eta jalma teh bakal jadi jalma jempolan. naha kumah pentingna jempol teh? sok urang titenan, ku jempol leungit tina ramo urang, kapanan sakitu susahna urang rek nyokot naon bae oge, tapi aya jempol jeung hiji ramo laina, masih keneh bisa nagajalankeun fungsi leungeun. hartina sakumaha penting pisan urang kudu jado jalma jempolan teh bari jeung sagala kurang oge, tapi hirup kalawan ngarti kana lakuning hirup eta nu disebut jalma.
Tina ieu weh bisa katingal ciri, matak urang sunda mah lamun nuduhkeun teh make jempol sanes? komo lamun manggih anu disebut alus mah bakal ngacungkeun jempol.
salajengna, urang baca anggahota awak urang teh aya sabaraha? kahiji sirah, anu kadua leungeun, katilu awak, kaopat suku, anu kalima nyaeta, rasaning rasa anu bisa ngahijikeun sakabehna, contona, anu katincak suku anu nyengir beungeut, anu kasundut leungeun nu ngagorowok sungut, abri jeung kareuwas tepi kateu bisa dahar atawa nginum, tah anu kalima teh anu ngahirupkeun kabehanana, naon tea? peun heula nya?.
Panca Indera kapanan Lima anggota indera paningal, pangambung, panguping, pangecap sareng rasaning rasana tina panon jeung paningalna, ceuli jeung pangupingna, irung jeung angseuna, baham jeung pangrasana. emutkeun ani kalima na.
Getih kade ulah disangka aya dua, eta oge kapanan aya Lima, cikan geura, aya getih beureum, bodas, hideung, koneng, jeung getih anu disebut intisarina getih, sebut wae rasaning rasa na getih dina awak urang, panginten kauninga kumah pami urang kakirangan atanapi kumaha ketakna getih dina awak urang.
ayeuna urang lumaptkeun heula kaluar, maca unsur alam , kahiji seuneu, kadua taneuh, katilu cai, kaopat angin anu kalimana nyaeta anu ngahijikeun kabehanana, aya anu nyebut langit, atawa kosmik hirupna ieu alam. tuh nya kabaca.
ke sugan dina aosan salajengna urang langkung nyosok jero mah, ayeuna urang baca bae laku gerak urang sunda minagka dasar dina sagala rengkak, ebrehna mah dina jurus silat kahareup tukang kenca katuhu, bari jeung balik katengah atawa ngajadi puseur.
dina widang musik, sok geura aos deui sabaraha ketuk ari anu disebat sawilet? teras di baca, naha ari scale urang mah ngan lima? da mi na ti la ? sareng rea rea deui, ke urang teraskeun.sok heulanan sing kaparendak mudah-mudahan ieu sing janten pangbuka manah maca ayat sabenerna dina awak urang.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar