Kembang sungsang dinang kunang Kotak kurawis wayang Lindu nira bumi bengkah Adam adam babu hawa Siskang danur wilis Ingkang ngagelaraken cahya nur cahya Anwas anwar ngagelaraken Malih kang danur citra Nurcahya nursari nurjati Dangiang wayang wayanganipun Semar sana ya danar guling Basa sem pangangken-angken Mareng ngemaraken Dat Kang Maha Tunggal Wayang agung wineja wayang tunggal Wayang tunggal

Kamis, 25 September 2014

Agama Sunda

[kisunda] Nedunan panghiap Kang Ganjar perkara Agama Sunda
engkus ruswana, Wed, 23 Feb 2005 11:05:30 -0800
Sampurasun kasadayana para wargi kisunda, hususna ka kang Ganjar nu tos ngahiap sim kuring ngunaan padungdengan Agama Sunda, neda sihapunten nembe tiasa nedunan panghiap ti salira, kumargi sim kuring dina raraga kumawula ka diri nu salawasna nganteur kana kahayang kuring teh, sok ider-ideran ka luar daerah nu antukna jarang tiasa mukaan millist kisunda, nya sakalina kebo mulih pakandangan teh, dimana muka nya saabreg bahan bacaeun sim kuring hasil kamotekaran kidulur sadaya, sadayana oge sok dibaca da matak narik hate pikeun ngabandunganana, nya dimana rada nyalse nembe tiasa mairan. Dina mairan sim kuring biasana sok rada panjang da hoyong sabeuleugeudeurna ulah dugi ka gantung huap, janten peryogi oge waktos nu rada nyalse.
Ngeunaan Agama Sunda nu dipadungdengkeun, memang kuring ge kantos paadu hareupan sareng kang Rozak teh, waktos anjeunna nuju nalungtik pikeun desertasina, tapi rupina anjeunna teu mampu ngagali eusina eta ajaran sareng memang biasana sateuacan nalungtik teh biasana tos nyusun heula “hipotesa” numutkeun pamadegan anjeunna, nu tangtos dina nalungtikna eta perkara tos nganggo koridor pikeun diarahkeun kana ngabuktikeun sareng nguatkeun eta hipotesa tea (da kitu teori ilmiah nu dianggo), nya tangtos bae hasilna tiasa benten sareng nu saestuna. Da numutkeun sim kuring mah upami hoyong nalungtik nu objektif (sanyatana), nya kedah diibaratkeun nyandak kertas kosong pikeun dieusi ku naon bae nu kapendak, nembe ditarik hipotesa teras hasilna dikonfirmasikeun deui (naon atuh basa sundana hipotesa jeung konfirmasi nya??). Kitu oge saatos disusun drfat/rancangan tulisanna. Tapi ari ieu nu ku sim kuring kabandungan mung ukur datang 2-3 kali kalayan nyandak sababaraha tulisan/buku teras pleng les terang-terang nonghol di Mangle, padahal ari nalungtik soal ajaran nu nyangkut spiritual mah dugi ka ngartos eusina teh mangtaun-taun, atuh tangtos bae nu katangkepna saukur kulit-kulitna eta ge teu sautuhna.
Naha aya kitu Agama Sunda??
mun aya nu kumaha ??

Kitu nu dipadungdengkeun. Di dieu sim kuring bade nandeskeun yen ari kecap agama teh estuning pituin kecap nu urang tina basa Kawi (Asli Sunda-Jawa), da di nagara deungeun mah teu dikenal kecap agama, cenah aya nu nganggap asal ti India/Sanskrit, ku kuring kungsi ditaroskeun ka utusan agamawan urang India, waktos kaleresan sim kuring ngaluuhan ondangan Saresehan International terbatas ngeunaan “Religion minority and belief” di Colombo Srilangka, nu oge hadir utusan ti India, Pakistan, Srilangka, Nepal, Malaysia, Indonesia, Inggris. Ceuk eta utusan India cenah ari religion ceuk basa Sanskrit mah disebutna”Dharma” , jadi Hindu Dharma teh hartina Agama Hindu. Kitu oge waktu kungsi padungdengan jeung Sahid Agil Siraj (ahli Fiqih ti NU) jeung Mohamad Sobari, oge padungdeng jeung Nurcholis Madjid dina raraga dialog terbatas di CSIS, oge netelakeun yen di Islam dikenal kecap/istilah Nilah – Milah jeung Din nu hartina dina basa Indonesia mah diterjemahkeun ngan sakecap bae jadi agama, sok sanajan antara nilah, milah jeung din teh aya bedana. Oge aranjeunna percaya yen tiasa bae di Sunda/Jawa jeung suku nu lianna kungsi turun nabi, da cenah Gusti teh nurunkeun sakitu rebu nabi nu lamun diitung jumlah nu turun di timur tengah masih keneh aya rebuan sesana nu mungkin bae sumebar di Nusantara.
Tah ku katerangan eta beuki yakin sim kuring yen eta kecap agama teh asli basa nu urang, ku sabagian urang sunda mah sok oge disebut ageman. Tah lamun kitu tangtu bae aya kecap/ngaran pasti aya nu dibere ngaran boh barang, boh laku atawa sipat atawa naon bae pikeun nuduhkeun eta ngaran/kecap. Janten pami kitu teu kaci lamun urang ngahartikeun eta kecap make basa deungeun, jadi jauh teuing lamun dihartikeunana jadi tidak kacau (a=tidak; gama = kacau) duka tina basa nanahaon dicokot eta harti da dina basa Inggris mah teu aya kecap “gama”, lamun nyokot tina basa Yunani, naha aya kitu kecap “Agama”. Aya oge kecap “gamma” nu sok dipake simbul dina matematik atawa ngaran sinar, tapi nya keun bae da kabiasaan urang mah kitu lamun aya nu tiheula ngucapkeun, nya sok loba nu tuturut munding ngiluan jeung ngaenyakeun, bari jeung duka teuing enya henteuna mah nyahona, lamun seug tea mah diudag. Ceuk pamanggih sim kuring kecap “agama” tina “Hagama” asal tina kecap h(a) = hana = aya atawa nu Aya (Gusti), jeung gama = patokan, (conto lain dina jaman kaemasan Majapait disebut “Nagara Kartagama” nu hartina nagara nu geus make patokan nu beres pikeun karaharjaan rakyatna). Jadi hartina agama teh patokan ti nu Maha Kawasa (Gusti), apan hirup jeung kahuripan urang estu patokan ti Gusti atuh sakuduna urang ulah ingkar tina patokanNa/kersaNa/kudratNa ti nu Maha Kawasa. Lamun urang geus rumasa dikersakeun ku Nu Maha Kawasa jadi manusa atuh ulah ingkar tina kamanusaan, lamun geus rumasa dikersakeun jadi urang Sunda atuh ulah ingkar tina kasundaan, lamun rumasa dikersakeun cukang lantaran dilahirkeun teh ku indung-bapa jeung luluhur Sunda atuh ulah ingkar ti luluhur Sunda, ari ieu geuning teu saeutik nu ngaugung-ugung luluhur batur nu teu hir walahir, ari luluhur sorangan kaluli-luli dianggap euweuh ajenna, naha naon salah luluhur urang Sunda. Kitu deui lamun rumasa dikersakeun ngabogaan lemah-cai Sunda anu sakitu nyatana saripatina geus ngawujud jadi wujud/salira ngalangkungan cai nu kaleueut, kadaharan nu katuang, napas nu kaseuseup, hawa panas jeung panonpoe nu kaserep, asa butek teu ngarti kuring mah lamun aya jalmi nu leuwih ngamumule lemah-cai batur tinimbang lemahcaina sorangan, nganggap suci ka lemah cai batur ari lemah cai sorangan teu dianggap suci, nepi ka teu lebar dijual murah pikeun ngamumule lemah-cai batur (naha bisa kitu urang nyieun lemah cai, apan sagala nu diciptakeun ku Nu Maha Suci tangtos Suci ayana), padahal sakuduna mah diurus hade-hade, dipupusti saestuna jeung dipiara sanyatana, da kawajiban manusa nurutkeun kersaNa pikeun ngurus dunya sabanda-sariksa-sapariboga sangkan awak cageur, kalakuan bageur, kanyaho bener, pamilihna pinter jeung boga budi-daya nu jujur nu tangtos mawa genah-merenah jeung tumaninah nya salamet diri sakujur (namung punteeenn…. pisaaann …. ieu mah pamadegan sim kuring bae).
Tah patokan Gusti eta nu ku luluhur Sunda geus prak dipigawe kalayan sanyatana bakat ku nyaah ka anak-turunanna, diterapkeun dina raraga kumawula ka dirina, ka luluhur jeung ka turunannna, ka papada kawula, ka alam-lingkunganna, oge tangtu ka Gustina.
Tah harita mah teu acan aya ngaranna ngan disebut bae Agama (da ayana istilah agama Sunda atawa Agama Sunda Wiwitan, Agama Jawa jeung sajabana eta mah kadieunakeun sanggeus agama nu datang marake merek), tapi sanggeus datangna kayakinan/kapercayaan luar ti bangsa deungeun nu ngajarkeun soal kumawula ka sasama mahluk, ka alam jeung ka Gusti numutkeun adat jeung budaya bangsana nu asalna ti kapercayaan Hindu disebut bae agama Hindu, nu datang ti kapercayaan Budha disebut bae agama Budha, nu datang ti Islam disebut Agama Islam, nu datang ti Kristen disebut bae agama Kristen jeung sajabana, ari agama nu aslina teu meunang disebut agama, nya disarebut bae kapercayaan, padahal kecap Aliran Kapercayaan atawa Kepercayaan terhadap Tuhan YME mah nya ti taun 1973 sanggeus abus dina GBHN, samemehna disarebut Aliran Kebatinan atawa Aliran Kerohanian atawa Aliran Kejiwaan, padahal kecap “batin” jeung “rohani” eta kecap tina basa Arab, sedeng nu diagem ajaran asli, geuning nyata patukeur baju teh, nu ti jero make ngaran deungeun nu ti luar make ngaran pribumi (jati kasilih ku junti). Didieu sim kuring bade ngabandingkeun sareng pangalaman urang nu anyar keneh, ti keur leutik malah nepi kaayeuna ari nyebut pasta gigi teh sok nyebut odol, kajeun merek naon bae aya odol merk pepsoden, aya odol merk Ritaden, merk close-up jsb, teu apal yen odol teh hiji merk pasta gigi nu pangheulana sumebar di urang, sanggeus merk odol teu kaluar deui, ngaran odol teh jadi ngaran “generik” pikeun pasta gigi. Kitu oge sababaraha taun katukang ari nyebut tustel, kajeun merk naon bae sok disarebut “kodak”, padahal kodak teh ngaran merk tustel nu baheula ngamasarakat (populer), tapi sanggeus merk kodak jebul deui, laun-laun jarang nyebut kodak nya tustel bae, conto lain cai mineral lamun urang nitah meuli cai mineral teh sok nyebut pangmeulikeun aqua, sok sanajan nu jebulna merk Vit, nya jarang diprotes da nu dimaksudkeunana cai mineral.
Luluhur urang teu kacaritakeun nolak sumawonna nyerang ka eta bangsa jeung agama nu datang ti deungeun, sabab luluhur urang geus make patokan Gusti tea, yen mandang ka diri batur sacara kadirina pribadi moal nandasa ka batur da urang ge embung ditandasa, moal nyerang ka batur dan urang oge embung diserang, dina laku hirup jeung kahuripan teu garah geureuh ka batur sabab boga pamadegan yen saha nu melak bakal metik hasilna. Nya akibatna agama-agama deungeun jadi ngembang kalayan subur sabab teu diganggu, tapi nu tetep mikukuh jeung mituhu kana agama heubeul ti baheula tepi ka kiwari tetep hirup teu leungit sok sanajan ngurangan jeung jadi kalindih. Nu jadi hanjakal pikeun sabagian bangsa urang, oge sabagian urang Sunda kmiwari, nyaeta naha geuning nu ngagem agama asli bet ditandasa, lolongkrang hirup jeung kahirupanana dipager jeung disesered, malahan aya nu ngahaja sangkan leungit, contona kawin nu teu dumasar kana agama deungeun hayoh dianggap kumpul kebo teu disahkeun jadi teu meunang bukti kawin ti nagara, nu antukna boga anak dianggap anak haram jadi teu boga akte lengkep (najan meunang ngan disebut anak indung teu disebut ngaran bapana/haram??), dina digawe jadina teu meunang tunjangan anak-pamajikan da teu boga akte kawin ti pamarentah, dina digawe di pamarentahan lian ti hese abusna, dina abusna tong ngaharepkeun dipromosikeun najan pinter jeung jujur sakumaha oge, hayang jadi tentara atawa pulisi teu bisa da saratna kudu meluk salah sahiji agama ti luar (nu-5), di lingkungan masyarakat sumawonna dianggap aneh, kadang dipikangewa pedah nyepeng kayakinan nu beda ti umumna, padahal boh nu nyepeng pamarentahan, boh masyarakat umumna cenah geus ngagem agama nu suci, naha dina prak-prakanana bet kitu???. Ieu kitu nu ku sabagean urang Sunda sok disarebut “Jati kasilih ku Junti teh”.
Saenyana beurat tangtangan ngagem agama luluhur sorangan teh, jadi teu aneh lamun loba nu kapaksa pikeun identitas dirina jadi nyepeng agama nu di kudukeun ku pamarentah/ masyarakat, cenah da bongan dipaksa keun bae itung-itung “nyumput buni dinu caang” supaya teu dikucilkeun. Ana kitu boh pamarentah, boh masyarakat umum geus ngadorong sabagian rahayatna pikeun teu jujur/ngabohong, padahal apan ngabohong teh geus ingkar tina ajaran agama naon bae oge. Buktina waktu ngeusian formulir KTP teu ngaku ngagem salah sahiji agama nu-5, eeh jebulna jadi KTP duka ku Camat atawa Lurah/Kapala Desa sok rajin dieusian jadi ngagem salah sahiji agama, ari diprotes alesanana cenah kitu aturanna jeung euweuh dina komputerna, jadi mun teu dieusi komputerna macet, euuh….. kutan nya manusa eleh ku komputer. Matak pantes lamun akibatna bangsa urang disebut bangsa munafik teh da geuning kanyataana kabohongan teh dirarojong, jeung sok sanajan bangsa Indonesia teh mayoritas ngagem agama suci, geuning kanyataanna tingkat korupsi kaabus pangrongkahna di dunya, kriminalitas lianna oge kaabus rongkah (geuning unggal poe urang ngabandungan jeung nyakseni dina TV sagala bentuk kaingkaran jeung angkaramurka), dina kahirupan sapopoe geuning nu geus jelas nyolok mata buncelik yen nilik kana ukuran gajih teh teu mungkin upamana loba pejabat nu boga kakayaan nu lubak-libuk, tapi geuning ku masyarakat mah tetep dipikaserab jeung diajenen pisan, nyata geuning laku-lampah nu nyimpang teh dirarojong ku masyarakat, jadi dina hal ieu masyarakat ge boga salah pikeun ngadorong perilaku nyimpang teh, matak pantes mun alam geus ngambek jeung nyimpang tina welas asihna, da jalma nu ngeusian ieu alamn geus loba nu ingkar tina kamanusaan jeung leungit kawelas-kaasihna boh ka sasamana boh ka alamna, pan ceuk ajaran kisunda mah antara alam jeung nu ngalaman teh ngabogaan sifat silih gumantung, da buktina nu ngawujud jadi waruga nu ngabogaan daya teh asalna tina sapipatina alam (acining cai-bumi-angin/udara-seuneu jeung sari rasa alam).
Mangga urang sami-sami ngalenyepan….
Perkawis patarosan ti Kang Ganjar eta biasa sok ditararoskeun, da ngukurna tina acuan agama deungeun tea khususna ti agama Samawi, jadi mun teu sarua jeung patokan eta dianggapna lain agama nu antukna agama seperti Hindu jeung Konghucu nu tadina teu wanoh kana konsep nabi jeung sorga/naraka geuwat ngabebenah diri neangan saha nu dijadikeun nabi jeung nerangkeun sorga/naraka, Konghucu teu ngenal kitab suci, geuwat ngumpulkeun ajaran-ajaran nu dijadikeun kitab suci. Tah biasa patarosan teh soal saha nabina ?, naon kitab sucina ?, kumaha sholatna ?, kamana kiblatna ?, naha aya syahadatna ?, kumaha puasana ?, naha percaya ayana sorga jeung naraka ? kumaha sual konsep dosa ? jeung sajabana.
Mangga ku si kuring dipedar, tapi ieu mah mung saukur paupamaan da teu sadayana konsep eta aya wujudna, mung tiasa bae diterangkeun.
Soal Saha Nabina?
Didieu aya sababaraha katerangan, nyaeta kieu : upama nu dimaksudkeun nabi teh nu ngadugikeun ajaran, nu nungtun pikeun milih antara nu hak jeung nu teu hak nyaeta biwir jeung ucapna nu asal ti Nu Maha Ucap, da eta biwir jeung daya ucapna teh estu kersaning Nu Maha Kawasa da kabeh jalma teh teu aya nu meuli eta biwir sumawonna ucapna estu utusan ti Gusti pikeun ngucapkeun jeung nyoarakeun nu bener nu bersih nu didumasaran ku welas asih da Gusti mah gaduh sifat Maha Welas tur Maha Asih, nu ngandung harti sakabeh jalma kudu jadi nabi da memang tugas manusa di dunya pikeun ngatur dunya nu didasaran ku welas asih. Upama nu dimaksud nabi teh juru salamet, nyaeta Indung Bapa, da urang moal bisa mungkir yen salametna urang tug dugi ka gede jeung boga ajen teh estu gegedena jasa indung bapa urang, urang sarerea pasti tiasa ngarumasakeun sakumaha gedena jasa indung-bapa urang, coba lamun harita keur orok beureum ku indung/bapa urang dipalidkeun atawa ditandasa saperti jaman ayeuna nu sok kabejakeun dina TV, tangtu urang moal hirup tepi kaayeuna. Jadi jelas indung-bapa urang nu jadi juru salamet, atuh tangtu ku lantaran indung bapa urang oge disalametkeun ku nini-aki, nya nini aki ge sebagai juru salamet dan moal aya urang lamun indung-bapa urang teu salamet, nya saterusna nerekel atuh cindekna mah ti indung-bapak tepi ka luluhur urang eta nu jadi juru salamet urang, atuh pantes mun urang boga rumasa miajen jeung ngamumule luluhur sorangan ulah dilalaworakeun. Cobi geura lenyepan sing lantip, naha urang geus pernah husuk sidakep situhu tunggal madep neneda ka Nu Kawasa sangkan sagala puji-puja, rahmat, sapaat, maunat jeung mujizat supaya ditamplokkeun ka indung-bapa jeung luluhur urang, umumna mah geuning sok ditamplokkeun keur luluhur batur, ari kolot jeung luluhur sorangan teu kabagean da sok dianggap bae loba dosa, menta teh sangkan diampunan dosana, padahal Gusti mah Maha Uninga jeung geus netepkeun hukumna dimana melak eta nu metik hasilna malahan sok kaala oge ku anak turunanana, boh alusna boh gorengna.
Naon kitab sucina ?
Upama nu dimaksud yen kitab suci teh tulisan ti Nu Maha Kawasa nu jadi Sumber Elmu pikeun bekel salamet manusa hirup di dunya, atuh tangtu bae eta tulisan Nu Maha Kawasa mah moal tiasa dipapandekeun jeung moal bisa diturutan ku manusa, kajeun ngan ukur sahurup, manusa ukur bisa maca, ngaji, terus ka ngaos, eta ge mun daek jeung katepi, tapi ari nepi ka tamat ngelmu ti kitab suci Gusti mah asa pamohalan, jeung tinimbang tamat ngelmu mah kalah ka kaburu tamat ngalalakon di dunya, jadi lamun tea mah aya nu umaku geus tamat ngelmu tina Kitab Suci (Elmu) Gusti, bet asa ku kaleuleuwihi, komo bari jeung umaku geus sakitu kali namatkeun elmu gusti mah, sabab mun geus bias namatkeun elmu Gusti hartina geus sarua tingkatan jeung Gustina, tah ari nu kitu bisa henteu disebut ujub-ria-takabur (teu langkung parawargi, sumangga).
Jadi naon atuh kitab sucina. Tah nu dimaksad kitab suci damelan pangeran tempat atanapi sumber elmu kasalametan teh, ceuk luluhur Sunda mah nyaeta alam semesta jeung pangeusina, didinya sumber elmu teh pek geura baraca (maca), terus diaji (ngaji) mun geus kaaji tangtu bisa kaaos (ngaos) kaluhunganana. Cobi bae aya sabaraha surat jeung ayat eta di alam, oge kaasup diri sakujur urang nu mungkin salah sahiji surat elmu Gusti, eta aya sabaraha rebu ayat dina diri urang sakujur, tong boro namatkeun elmu nu aya di alam, maca -ngaji –jeung ngaos elmu nu aya dina diri nu sapopoe dibabawa, asa pamohalan urang bias namatkeun tepi ka urang pulih ka jati mulang ka asal, da buktina elmu kadokteran nu geus sabaraha generasi manusa ngotektak ngaguar elmu dina diri, geuning can taramat keneh bae.
Upama urang maca jeung ngaji kana tangkal cau contona nu jadi salah sahiji ayat Gusti, urang bisa maca sabagian tina diri tangkal cau, geuning tangkal cau mah geus rumasa jeung tumarima dikudratkeun jadi cau, nya tangkalna tangkal cau, daunna daun cau, jantungna jangtung cau, buahna buah cau, akarna akar cau, tug dugi ka rasana (batina) oge rasa(batin) cau teu nyimpang tina papagon hirupna, teu ingkar tina kudratna kersaning Nu Maha Kawasa, malahan urang oge bisa ngabedakeun bedana rasa jeung tangtungan cau ambon, cau muli, cau emas, cau kepok jsb., tara sugan patukeur rasa (batin) sok sanajan papada sasama cau estu natrat ngukur ka kujur mituhu kana KersaNa Nu Kawasa. Dina amal-amalanana oge jelas, manehna geus kumawula ka manusa jeung sasatoan, geus ngabuktikeun kawelas kaasihna tangkal cau rido dirina paeh sanggeus cauna diala (tangkal cau umumna terus paeh lamun geus diala buahna), tapi samemeh buahan tangkal cau sok tatan-tatan ngabogaan anak heula, sangkan kumawulana langgeng.
Tuh geuning sakitu luhurna eta babakti cau, da jelas tangkal cau ge papada mahluk hirup sanajan beda cara hirupna jeung manusa. Tah balik deui ka urang sanggeus ngaji eta tangkal cau, naha urang nu geus dikudratkeun kersaning Gusti jadi urang Sunda, naha geus rumasa rasa Sundana tetep kukuh pengkuh teu patukeur rasa (batin) jeung sasama manusa liana nu dikudratkeun jadi bangsa nu beda tangtungan jeung rasana numutkeun adat jeung budayana, jeung geus sakumaha urang migawe kumawula ka papada hirup teh.
Mangga bandingkeun jeung cau, naha bener urang leuwih luhur ajen tinimbang cau .???
Soal tulisan Gusti nu teu bisa diturutan ku mahluk Gusti, didieu jelas naha urang bisa nyieun cau kilangbara tangkal cau sautuhna mah (paling oge bias nyieun ukur cacauan nu teu sarua jeung cau nyaan), naha urang bisa nyieun curuk nu mangrupakeun sabagian leutik tina diri, paling oge bisa curuk buatan nu pasti beda fungsi jeung sifatna, Jadi jelas didieu yen tulisan jeung elmu (Kitab Suci) Nu Maha Kawasa mah moal bisa diturutan ku jelema, jadi jelas Sucina, matak kuring mah sok helok ngabandungan laku manusa nu leuwih miajen jeung leuwih ngamumule Kitab Suci Agama nu diagemna tinimbang dirina, malah aya nu rela ngorbankeun dirina demi keur ngabela eta Kitab.
….Nya mangga, eta mah soal pilihan hirup.
Kumaha sholatna jeung syahadatna ?, 
Ajaran luluhur Sunda teu ngenal kecap sholat, nu aya teh nyaeta kecap Sembahyang nu hartina Manembah/kumawula ka Gustina. Tah dina raraga kumawula teh tangtu mudu dikanyahokeun heula saha nu rek dikawulaan jeung saha nu kumawulana, anu tangtos kedah nganyahokeun heula saha Kuring jeung saha Gusti Kuring, saha diri kuring jeung saha wujud Gusti Kuring, matak sok dimimitian heula ku maca jeung ngaji diri : Saha jeung timana ari dat nu aya dina diri naon bae pangawasa nu aya dina diri, timana asalna jeung naon pancenna, sanggeus kapendak nya atuh geura saadatkeun, lamun rumasa dijadikeun manusa asal ti Nu Maha Kawasa atuh geura saluyukeun make adatna manusa nu ngabogaan sifat welas asih, lamun ngarasa jeung rumasa dikersakeun jadi mahluk pangunggulna tinimbang mahluk gusti nu liana, nyata ku lengkepna pangawasa nu dititipkeun asal ti Nu Maha Kawasa atuh tangtu ngabogaan pancen pikeun ngatur dunya (ceuk wayang mah Sanghyang Jagatnata) sangkan di dunya mulus rahayu berkah salamet silih pikawelas pikaasih keur sakabeh mahluk pangeusi dunya, da dunya teh keur sarerea lain ngan ukur keur manusa tapi oge keur sakabeh mahlukNa, tinangtu di dunya kudu ngajalankeun kaadilan. Tah lamun geus dipercaya ku Gusti jadi urang Sunda (da pan lain meunang nawar urang jadi urang Sunda teh, estu ku KersaNa), atuh prak geura saadatkeun numutkeun adat jeung budaya bangsana, da matak aya adat jeung budaya di saban bangsa ge tangtu oge kenging rahmat atanapi kersaning Gusti oge, prak geura pigawe. Tah lamun urang geus nganyahokeun kalayan rumasa jeung tumarima kana kersaning Gusti, tangtu sah adatna lamun manusa sunda ngajalankeun kamanusaan pikeun mancen gawe ngilu ngatur dunya, hususna di lemah-caina nu didumasaran ku welas asih, kalayan make cara ciri jeung adat budaya Sunda nu ngurus dirina sangkan cageur-bageur-bener-pinter-jujur jeung salamet, ngamumule lemahcaina, miajen jeung mituhu ka luluhurna, kumawula ka gustina make basa jeung budaya nu sorangan teu kudu nginjeum basa jeung budaya deungeun, tinangtu sah adatna.
Tah nu kacatur di luhur nu disebut sembahyangna urang Sunda baheula mah, jadi lain muja-muji ka Pangeran da bisa ngucap jeung nyarita teh estu ku pangawasa Maha Ucap Anjeuna, lain sumbuh sembah ka Pangeran da bias gerak ge ku pangawasa Maha Hirup Anjeunna, tara puntu-penta ka Pangeran da Gusti mah Maha Uninga, naon bae nu dipilampah jeung nu dipikabutuh mahlukna Gusti mah tos Uninga kukituna Anjeuna parantos netepkeun hukum-hukumNa, jadi sagalana di Gusti mah geus nyampak, maenya ngiriman cai ka lautan. Jadi tinggal prak migawe kamanusaan saluyu jeung kudratna ti Nu Maha Kawasa dan eta memang Kersana, matak ceuk dulur-dulur ti Kanekes mah geus dijadikeun papagon hirup sapopoe pikeun “tapa di mandala” nu hartina prak digawe molah alam kalayan ngajaga kasucian alam raya (buana ageung) jeung ngajaga kasucian buana alit (diri) ku tekad ucap jeung lampah nu hade luyu jeung papagon kamanusaan.
Nya dina raraga rumasa jeung tumarimana ka Nu Kawasa, osok oge ngajalankeun laku Heneng-Hening-Eling-lan Waspada, nu intina ngendapkeun rasa, pikir elingan jeung kuringna pikeun nganuhunkeun Agungna ka Gusti Nu Maha Suci, jembarna ka Ibu Pertiwi (bumi) jeung Rama Angkasa (langit), oge ka Indung-bapa jeung ka para luluhur oge ka pangkon rasa sabudeur awun, rehna geus rumasa jeung tumarima tos dipasihan sagala kanikmatan, kalayan nyata kawelas-kaasihna tos katarima, nya ngucapna ijab-kabulna mah ku basa batin bae kalayan make basana sorangan nu kaharti ku dirina.
Kamana Kiblatna?
Ari kiblat teh ceuk pamaham sim kuring, nya patokan arah pikeun kadeuhueskeun ka Gustina jeung nganyahokeun salah-benerna. Tah upama eta hartina ceuk ajaran luluhur Sunda mah nyaeta tangtungan diri badan sakujur, da geuning pikeun nangtukeun mana kaler-kidul, wetan-kulon jeung luhur-handap teh geuning tangtungan diri, da geuning lamun urang aya di kota Bandung nyebut Lembang teh aya di kaler, tapi sabalikna lamun urang keur aya di Subang nyebut Lembang teh ayana di Kidul, pon kitu deui urang ngarasakeun uyah teh asin, gula teh amis, cengek teh lada apan eta teh nyata ceuk rasa nu ngancik di letah nu aya dina diri, nyahona warna beureum, bodas, koneng, jsbna oge ceuk awasna panon nu aya dina diri, eta awas teu bisa dibohongan da lamun ceuk batur koneng, tapi ceuk awasna panon netelakuen bodas nya tangtu bae kayakinan teh bodas moal bisa dibohongan.
Nu kitu disebut elmu nu hakiki teh lain cenah jeung lain beja estu nyata karasa ku sorangan da ari cenah jeung cenah keneh mah can karasa kasaksi ku sorangan eta hartina can jadi elmu, pon kitu deui dina ngarasakeun kawelas-kaasih Gusti, ngarasakeun pangawasana nu asal ti Gusti, tangtu ngagunakeun tangtungan dirina sewang-sewangan, teu bisa urang tuturut munding atawa jiga beo nganyahokeun ka Gustina ngaliwatan cenah ceuk batur, na kumaha ngayakinkeunana lamun masih cenah, estu kudu karasana disorang ku sorangan keur sorangan jeung nyorangan tah eta ceuk kolot disebutna elmu kasunyatan teh, matak dina wayang mah diri teh disimbulkeun jadi “Batara Guru”, da sagala kanyaho teh apal jeung nyatana teh make diri.
Jadi ceuk kolot lamun urang hayang deuheus ka Gustina atuh geura “nalungtik diri ngotektak awak, nyungsi diri nyuay badan, angelo paesan tunggal”. Da urang tangtu moal apal ka Gustina mun teu apal ka dirina. Ari lolobana mah geuningan seueur nu neangan Gusti jauh-jauh bari cul kana ngaraksa jeung ngariksa diri, ceuk istilah Mama Mei mah cenah loba nu neangan seuneu kundang damar, nyukcruk leuwi neangan cai, kukurilingan neangan sangu bari mawa sumbul eusi kejo, tinggal prak naha bet ngaprak.
( tapi punnteeen).
Tapi ceuk bawirasa sim kuring asa teu jauh-jauh teuing hakikina mah jeung ki dulur nu nedunan munggah haji, punten ieu ge pami kenging macakeun make dadasar kacamata elmu Sunda, nya pami teu sapagodos, anggap bae katerangan ieu teu aya. Ieu mah nu kasaksi dina TV geuning dina raraga ngadeuheuskeun jeung Gustina teh sok ngurilingan wangunan kabah atawa “baithullah” (punten pami lepat nyeratna), beuki lila beuki ngadeukeutan sangkan tujuanna bisa atel/nyabak komo deui bisa nyium mah kana eta adegan. Ceuk bacaan elmu sunda enya bener eta adegan nu dipusti-pusti teh ngalambangkeun adegan diri nu kukuh, da buktina bangunanna segi opat kalayan aya pancerna (papat kalima pancer) jeung aya kaen disingraykeun mangrupa panto, nu kahartina ku kuring nyimbulkeun adegan diri nu asal ti sarining cai-seuneu-angin-bumi jeung nu jadi pancer kuringna, jeung eta panto dibuka pikeun nganyahokeun Gustina, sedengkeun warna kaen panutup hideung ceuk elmu sunda ngalambangkeun kukuh-pengkuh atawa tetep teu galideur, atuh tangtu benerna pikeun ngadeuheuskeun jeung Gustina geura kurilingan eta diri sakujur kalayan sing pengkuh tong galideur dina nyungsina.
Atuh aya deui amalan lianna nyaeta maledogan patok/menara batu nu nangtung cenah pikeun ngusir setan, eta kahartina ku kuring geura usir eta setan (nafsu-nafsu goreng) nu nyaliara dina dirina sewang-sewangan (batu satangtung ceuk Kisunda mah).
Pon kitu deui dina papakeana keur ritualna geuning sagala pakean diuculkeun teu meunang dipake iwal ti kaen bodas salambar nu dibeulitkeun pikeun nutupan aurat, nu kahartina ku kuring nya tangtu lamun rek deudeuheus ka Gusti Nu Maha Suci. Diri urang ge ulah mawa rereged dunya estu kudu taranjang (asli) dibeulitan kaen bodas nu hartina dibeulitan ku niat nu suci. Tah kitu ceuk bacaan make dumasar Kasundaan mah.
Kitu oge lamun ngabandungan prak-prakanna shalat ki dulur muslim, geuning dimimitian ku niat rek dedeuheus ka Gusti terus bae wudhu beberesih da urangna ge kudu suci lamun hayang deuheus jeung jeung Nu Maha Suci nu sareatna mah geuning meresihan eta bagian-bagian anggota badan nu biasa dipake pikeun ngalakukeun kasalahan, nyaeta uteuk jeung elinganna, baham jeung ucapna, cepil jeung danguna, soca jeung awasna, pangambung jeung angseuna. leungeun jeung obahna, sampean jeung langkahna. Tah eta pisan parabot nu sok bisa dipake salah nu ngotoran kana diri teh. Atuh tangtu bae eta mah simbolna da nyatana mah kudu diwujudkeun dina tekad-ucap jeung lampah, jeung memang salilana kudu deuheus jeung Gusti teh, nu hartina beberesih teh kudu diudak keur salilana saumur hirup urang kudu terus beberesih, supaya sifat manjing sifat (sifat suci dina diri manjing jeung sifat Maha Sucina Gusti). Tah eta simbul-simbul teh ku luluhur urang mah teu pati dilulugukeun, tapi estu pok-pek-prak, langsung dipigawe sanyatana dina tekad ucap jeung lampah sapopoe.
Tah kitu para wargi dulur-dulur Ki Sunda, hususna ka Kang Ganjar mugi wae tiasa nambihan ka wanoh, nya nuhun mun teras bogoh mah, komo mun seug dugi ka jatukramina tiasa kebo mulih pakandangan. Naha bade ku saha dipupustina elmu karuhun Sunda lamun sanes ku seuweu-siwina Ki Sunda, … mangga nyanggakeun…
Ti iraha “agama Sunda” ayana ??
Tah palebah dieu sim kuring teu tiasa ngawaler nu nyugemakeun, da teu acan kapendak, namung upami ngabandungan para ahli sejarah jeung antropologi, seueur nu nyindekeun yen Agama Asli di Nusantara (Sunda) teh tos aya jauh samemeh agama deungeun abus ka Nusantara, malah aya sabagean nu nyebutkeu yen rebuan taun samemeh Masehi agama Sunda geus aya, tapi hal ieu tiasa diterangkeun nu kaberik ku pangarti, kahontal ku akal, katerangannana kieu : bangsa Sunda kaabus bagja dikersakeun ku Gusti gumelar di lemah-cai Pasundan-Parahyangan nu endah tur subur-makmur loh jinawi nu ceuk M.A.W Brouwer mah diibaratkeun tanah parahyangan teh diciptakeun waktos Gusti nuju imut ngagelenyu, meureun baheula mah leuwih subur tibatan ayeuna anu tangtu euyeub ku mangrupa-rupa sato hewan jeung euyeub ku mangrupa-rupa tatangkalan, oge nu buahna, daunna, tangkalna, jeung akarna bias dijadikeun keur kadaharan, obat-obatan jeung papakean nu tangtu luyu jeung tingkatan teknologi di jamanna.
Tah kulantaran leuwih loba kadaharan tinimbang nu rek ngadaharna, tangtu teu susah pikeun neangan pangan, papan jeung sandang teh. Oge tangtu yen ti jaman karuhun baheula ge teu beda sapoe-sapeuting teh 24 jam, 12 jam beurang jeung 12 jam peuting. Oge pasti Ku Gusti ge karuhun urang geus dibere parabot jeung pangawasa dirina nu lengkep pikeun ngajalankeun tugas kamanusaan di dunya. Tah ku anggapan eta asa piraku lamun beurang peuting teh ngan ukur dipake sare, da teu siirikna hayang dahar tinggal am, hayang sare tinggal dug.
Tah kuring boga kayakinan yen kulantaran loba waktu nu luang da keur kabutuhan sapopoe harita mah mah teu hese, sedengkeun alam nu sakitu kayana, atuh tangtu ti baheula ge luluhur urang ngagunakeun waktuna pikeun nalungtik alam jeung pangeusina, nalungtik dirina jeung tangtu nepi ka nalungtik pikeun nganyahokeun ka Gustina, mangga bandingkeun upama digumelarkeun di alam nu werit jeung teu subur susah kadaharan, atuh tangtu bae waktuna loba kasita keur neangan pangabutuh diri nu tinangtu waktu pikeun nalungtik diri-alam jeung gustina pasti samporet. Eta hasil panalungtikan nu tangtuna terus turun tumurun mangtaun-taun diwariskeun ngajadikeun hiji budaya, matak teu heran lamun ti baheula luluhur urang geus ngahasilkeun jeung budaya perhitungan, sitim pananggalan, budaya aksara/tulisan, pangarti soal alam, soal perhubungan jeung tangtu soal nu nyangkut spirtual agama. Tinangtu lila-lila jadi kaceluk ka awun-aun kakoncara ka janapria (ceuk dalang), nu antukna datang bangsa deungeun nu mawa budaya jeung agamana ka tanah pasundan oge tinangtu bangsa deungeun ge marawa oleh-oleh budaya jeung agama hasil panalungtikan luluhur Sunda pikeun disumebarkeun di lemah-caina nu tangtu oge diluyukeun jeung adat-budaya maranehna. Tah sanggeus bangsa penjajah datang kalayan pulitik adu dombana, nya jigana ti mimiti harita bangsa urang nu ngagem kaaslian nu mikareueus kalemah-caina dikerdilkeun ku panjajahan, nu ngagem agama nu bisa nguatkeun kacintaan jeung kanyaah ka lemah caina ditandasa, sabalikna mun nyebarkeun ajaran nu nguntungkeun penjajah, nu matak ngurangan mikanyaah jeung mikaasih ka lemah-caina disokong, antukna oge muterbalikeun sajarah nu pajar luluhur bangsa urang mah biadab teu berbudaya jeung agamana cenah animisme-dinamisme (nya kaharti da eta pulitik penjajahan – jadi lamun aya nu nyebutkeun yen luluhur urang baheula cenah teu beradab jeung nganut animisme-dinamisme, kacindekan kuring eta nu nyebut teh antek penjajah bae), atuh sagala bukti kaagungan jeung kaluhungan budaya luluhur urang diringkid ka nagara manehna, sangkan urang leungiteun tapak jeung leungit jati diri bangsana, nu dampakna ayeuna geuning karasa urang jadi leuwih ngaugung-ugung bangsa deungeun tinimbang bangsa sorangan. Jadi punten sakali deui kuring can bisa ngabuktikeun eta kayakinan soal kaluhungan elmu karuhun Sunda baheula, tapi apan ajaranna mah sabagian masih diparake keneh, nya mudah-mudahan sauetik-saeutik eta tutungkusan nu disimpen di bojong jalan, nu diteundeun di handeuleum sieum ditunda di hanjuang siang nuntut dibarukaan ku nu manggihan, kitu oge geus waktuna kaneron teh dibukaan, sugan jadi urang Sunda dihariap deui jeung urang Sunda ngahampura, Nya Sunda jaya deui.
Sual nu diagem ku ki dulur di Cigugur, Lebak Cawene, Ciparay, Gunung Halimun oge dulur di Kankes, eta intina mah sarua, nu beda teh raehanana saluyu jeung kondisi jeng situasi perkembangan jeung dongsokan dina kahirupan nu kaalaman mangtaun-taun, nu teu weleh ngalaman halangan jeung harungan boh nu di kota, dikampung sumawonna nu di gunung. Jadi tangtu bae geus loba nu laleungit, nya kitu deui dulur nu di Kanekes, nu diparake ayeuna memang masih asli, tapi geus teu lengkep, loba nu ditinggalkeun lantaran harita aya di alam panyumputan diudag-udag ku tentara kasultanan banten, nu tinangtu loba adat budaya nu teu bias dikembangkeun. Oge nincak di jaman alam kamerdekaan, jaman DI/TII masyarakat nu ngagem kasundaan dimusuhan jeung loba nu ditandasa tepi ka binasa, kitu oge jaman rengsena PKI, ku lantaran teu ngaku salah sahiji agama nu aya nya loba oge nu ditandasa jeung dibui da dianggap PKI, eeh jaman ayeuna oge masih keneh aya sikep diskriminasi ti pamarentahan, jeung deui ki dulur nu lian mani aranteng bae teu ngabelaan sumawonna narulungan, malahan mah sok loba nu ngilu nyalahkeun, iraha atuh pabaralik pikirna ???.
Tah sakitu bae heula pedaran ti sim kuring pikeun nedunan panghiap ti ki dulur kang Ganjar nu sanesna mah ke urang sampeur deui kapayun, oge kasanggakeun ka kidulur sunda sanesna, hayu atuh urang pada-pada mikareueus jeung mikanyaah ka elmu Sunda, kusaha deui mun teu ku urang. Hapunten nu kasuhun bilih langkung saur, bahe carek teu sapagodos jeung pamendak para dulur.

Agama Sunda II

Re: [kisunda] Nedunan panghiap Kang Ganjar perkara Agama Sunda II
engkus ruswana

Thu, 24 Feb 2005 13:09:20 –0800
Sampurasun kang Ganjar anu ku sim kuring oge sami dipihormat, Ngahaturkeun nuhun oge kana panggeuing soal nu digurat ku akang, eta oge janten bahan ngalenyepan sim kuring.
1. Soal metodologi disertasi kang Rozak anu oge di sapukan ku akang, da memang leres kitu teori ilmiah teh, namung didieu ngabuktoskeun yen geuning teu ngajamin hasil panalungtikan ilmiah teh ngahasilkeun nu kabeneran nu sanyatana da memang sok diwengku ku koridor-koridor hipotesa nu tos ditangtoskeun tea sateuacanna, nya pangalaman sim kuring ge kitu waktos nyerat tugas ahir di Planologi-ITB (planologi ge sami langkung caket kana elmu sosialna tinimbang teknik), oge geuning kantos urang ngabandungan kritikan nu seukeut nu dimuat di koran ti kang Ayip Rosidi kana hasil panalungtikan Ceu Nina Lubis sareng rengrengan ngunaan sajarah Sunda.
Janten dina hal ieu urang sadayana, komo deui para akademisi kedah ati-ati upami bade ngabewarakeun ka media umum tina hasil panalungtikan, hususna pami kacindekannana tiasa dianggap “memvonis” hiji golongan/masyarakat tertentu jeung nimbulkeun pamahaman/panalaran nu nyimpang tina kanyataan, nu balukarna eta golongan/masyarakat beuki kadedetkeun (keur mah eukuer…).
2. Sual ajaran ti luluhur Sunda, tinangtos oge aya rengkolna, namung luluhur urang dina ngabukukeunna nya nganggo sababaraha rupi wanda, aya nu dina bentuk tulisan boh di lontarna boh di batuna, aya nu nganggo guguritan kawih kidung jeung sajabana, aya nu diterapkeun dina bentuk upacara-upacara adat, oge aya dina bentuk seni boh alatna, caritana kalayan pentasna, oge aya nu disimpen dina carita-carita legenda jeung mitos nu upami ningal luarna eta legenda/mitos teh teu abus akal. Sapalih kadieuna keun aya oge sabagian nu diserat kana buku di masing-masing kelompok, namung seuseueurna mah masih keneh galieun, kumargi nya kapungkurna kabujeng kajajah tea, janten teu kapirosea. Mudah-mudahan kapayunna ku kamotekaran sareng ku kareueusna seuweu-siwi Sunda nu micinta ka budaya luluhurna eta sakedik-sakedik tiasa dikempelkeun sareng dibukukeun.
3. Soal apriori ti kalangan nu ayeuna disebat masarakat “kapercayaan” eta teu kedah dipikahariwang da seuseueurna mah nampi sareng sumerah bade dikitu-dikieu ku pamarentah sumawonna ku masarakat sanesna, margi tos biasa ti kapungkur oge, mung ti kalangan nonoman sareng kalangan nu rada terpelajar anu rada tanginas pikeun merjoangkeun sangkan “mardika” dina ngagem kayakinan jeung ngaleungitkeun “diskriminasi” nu tumiba tug dugi ka ayeuna, soka sanajan kanyataannana sesah pisan, nya hal eta nu kadang nimbulkeun geregetan ti para nonoman. Soal istilah agama impor, lemah cai deungeun, budaya deungeun atanapi budaya impor jeung sajabana, nya teu kedah ditanggapi negatif da eta mah istilah nu umum, sarupaning nu datang ti luar nagara sorangan disebatna impor, sareng ari nagara luar nya biasa disebut nagara deungeun, naha kedah kumaha nyebatna atuh??. Tapi eta kecap biasana diangge kanggo nandeskeun, nya hapunten pami teu sapuk mah, mung pasihan terang kumaha kedah nyebatna da eta mah nyarioskeun kanyataan, sanes mikangewa atanapi apriori. Benten kayakinan nya tangtos ulah megatkeun duduluran, da kanyataan di masarakat nu ngagem kapaercayaan Sunda teh umumna pasti bae aya di lingkungan kulawargana nu ngagem agama-agama sanesna kalayan teu aya pacogregan naon-naon, nya sewang-seangan bae dina kayakinan mah, namung dina enggon-engoning ngajalankeun kahirupan nya tetep silih asah-silih asih-silih asuh. Hoyong buktos nu nyata mangga tingal di Dusun Susuru Ciamis sareng di Cigugur Kuningan, oge di Ciparay.
4. Saleresna urang teh kantos tepang di darat sok sanajan saliwat, waktos aya acara nyabut mulihna kang Ayip ka Indonesia nu diayakeun di UNPAD, geuning abdi kantos rada nyempad soal Islam-Sunda sareng Sunda-Islam, teras akang ngawaler kalayan ngahaleuangkeun “tahlil”, nya mudah-mudahan oge kapayun urang tiasa tepang langkung wanoh di darat.
Sakitu heula panginten kang pangwaler ti sim kuring, oge aya pamundut pami teu kaabotan sim kuring ge hoyong di-japri-keun eta power point, supados abdi oge tiasa nambih wawasan sareng bahan kajian. Hatur nuhun
sateuacanna. Rampes.
Hatur Nuhun
Baktosna
pun Engkus

Tidak ada komentar:

Posting Komentar