Kembang sungsang dinang kunang Kotak kurawis wayang Lindu nira bumi bengkah Adam adam babu hawa Siskang danur wilis Ingkang ngagelaraken cahya nur cahya Anwas anwar ngagelaraken Malih kang danur citra Nurcahya nursari nurjati Dangiang wayang wayanganipun Semar sana ya danar guling Basa sem pangangken-angken Mareng ngemaraken Dat Kang Maha Tunggal Wayang agung wineja wayang tunggal Wayang tunggal

Jumat, 12 Agustus 2016

NGAGUAR UCAP SEPUH DINA NGAJALANKEUN KAHIRUPAN


Ngajadikeun hirup lalakon lampah dina kahirupan anu diwangun ku olahan dasar élmu dina tuturan adat jeung budaya tuturunan, karuhun anu buhun, pikeun panataran tur panuturan ules watek jeung paripolahna anu ngagambarkeun salaku manusa Sunda sangkan mampu nyumponan: kabutuh alam jiwa, kabutuhan alam pikir, jeung kabutuh alam waruga, sangkan dina nata rasa jeung niti diri, aya kadali atawa elésan, teu mangprung ngaberung sakama-kama, sakarep ingsun. Aturan Hirup di alam panyorangan. Kudu pengkuh kana aturan dina “tata, titi, duduga, kalih peryoga dina panalar panaluntikan Sajarah Sunda,,,

 Tata 

(aturan léngkah) = tatapakan laku anu kudu napak kana ugeran aturan talari paranti sangkan teu ngarempak aturan, teu “pamali” (hasil kalakuan anu sok jadi mamala goréng).Larapan Tata mun nincak di kewan teu jauh ti sireum hideung ( TATAMAN ) Tataman sipatna sopan unggal amprok jeung babaturan sok eureun terus pacium bari dieundeuk eundeuk sasalaman

 Titi 

(tahapan léngkah) = titincakan laku anu nincak kana paniatan anu surti jeung nastiti. Larapan Titi mun nincak di kewan teu jauh ti titinggi ( LELEPEN ) titinggi sipatna rintih, sukuna nu sakitu lobana sauyunan ngangkat badan titinggi, titinggi sanajan cicing di tempat nu kotor rupana tetep bersih tur herang gambarana teu kabawa kusakabakaba ajeg panceg dina kahadean.

 Duduga 

(sawangan) = rupaning anu rék dilakonan tinangtu kudu disawang heula saméméh disorang, sangkan hasilna caina hérang laukna beunang, anu karasa pikeun kasalametan. (Wiwaha Yuda na Raga). Larapan Duduga mun nincak di kewan teu jauh ti Haphap, haphap sipatna gedé duduga, ana preuk eunteup najan tangkal sakitu gedéna sok saperti di eundeuk eundeuk heula bisi rungkad

 Peryoga 


= ukuran kamampuh pikeun ngajurung laku dina hiji tujuan (kasanggupan anu diukur ku kamampuh). Larapan Peryoga mun nincak di kewan teu jauh ti Munding rupa munding Lintuh bayuhyung (ampuh lungguh) waruga sakadang Munding ,Tandukna baplang (dangah rongkah) gagah tapi sato cicing Dikuah-kieuh (lulah lilah) daek teu jeung ruyang reying, munding sipatna sabar...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar