Kyai: wilujeng
sumping menak..!
Santri: pangersa..
nampi nuhun, ditampi ku kaula.
Kyai: bade
tumaros ieuteh, saha nami teh?
Santri: kaula
teh, Bambang Jaya Sentika.
Kyai: dimana
linggih?
Santri: justru
kaula teh teu gaduh tempat.
Kyai: ah
teu mungkin..!
Santri: naha
aki nyebut teu mungkin?
Kyai: biasana
ari ditaroskeun tempatmah, aya weh…unggal jelema ge.
Santri: kaula
bieu nyebut teh teu boga tempat?
Kyai: muhun..!
Santri: bujeng
hingga kaula boga tempat, da kaula ge lain nu kaula, istuning ‘diri sasampiran,
awak sasampaian, umur ukur gagaduhan, saliring-liring dumadi, saringkak jeung
sapari-pola, kaulateh kagungan gusti’
Kyai: ee..e..e..!
mawa ka jero yeuh budakteh.
Santri: ari
aki saha kakasihteh?
Kyai: ari
katelahmah, ngaran aki teh Kyai ajar padang.
Santri: oh
Kyai ajar padang..!
Kyai: ari
maksad menak kadieu teh aya naon?
Santri: maksad
kaula teh, bade naroskeun bab elmu nu teu acan kaharti ku kaula.
Kyai: oh..kitu
Santri: kaula
teh nuju haus ku elmu, lapar ku pangabisa.
Kyai: sae..
budak ngora mah kudu kitu.
Santri: kaula
the mendak katerangan.
Kyai: katerangan
naon?
Santri: ieu
kateranganteh, sabda na kanjeng Rasul.
Kyai: kumaha
eta dawuhanana?
Santri: saur
kanjeng Rasul “umat kami bakal jadi sababaraha golongan, anu katarima
ku pangeranteh ngan hiji.”
Kyai: da
enya..
Santri: tah
kaula teh rek naroskeun, golongan mana nu bakal katarima teh?
Kyai: katarima
kusaha?
Santri: ku
pangeran.
Kyai: sakitu?
Santri: nu
kadua, jalma nu iman jeung nu taqwa teh nu kumaha?
Kyai: jero
hungkul ieu pertanyaan teh.
Santri: katilu,
naon hartosna iman, jeung naon hartosna taqwa? Sabab nu ku kaula didenge-denge
ku kaula, ngan kudu i..man weh jeung taqwa, tapi bari teu dibejakeun naon eta
iman, jeung kudu kumaha?
Kyai: jadi
teu dibejakeun eta iman jeung taqwa teh?
Santri: muhun.
Kyai: atuh
boroning nu ngadenge eta katerangan, jigana nu nersngkeunage biheung apaleun,
sabab karek sabatas maca hungkul.
Santri: kaopat,
naon pangna agama di ka kamanusakeun?
Kyai: ngan
punten bilih salah.
Santri: ah
ulah bilih salah, sing jentre weh ki..!
Kyai: da
aki teh sarua weh jelema, teu cicing dina sifat langgeng, teu cicing dina hiji
martabat, entong boro ayeuna jeung isuk, ayeuna jeung jam hareup, jelemamah
moal apal.
Santri: cing
atuh ki..! naha golongan mana nu bakal katarima teh?
Kyai: katarima
kusaha?
Santri: ku
pangeran.
Kyai: da
pangeranmah moal narima golongan.
Santri: naha?
Kyai: tadi
ceuk katerangan? kumaha cing sakali deui..!
Santri: umat
kami..
Kyai: umat
kami..
Santri: bakal
jadi..
Kyai: bakal
jadi..
Santri: sababaraha
golongan.
Kyai: keun
neupi eta weh heula, ‘umat kami bakal jadi sababaraha golongan’
Santri: enya..
Kyai: tah
nu sababaraha golongan teh umatna.. eta the.!
Santri: oh..umatna?
Kyai: umatna
keneh etateh.
Santri: ‘nu
katarima ku pangeran ngan hiji’
Kyai: aya
bahasa golongan didinya?
Santri: teu
aya..!
Kyai: berarti
nu katarima the lain golongan.
Santri: jadi
nu kumaha atuh nu ditarima ku pangeran teh?
Kyai: nu
iman weh.. jeung nu taqwa.
Santri: enya..atuh
ari kitumah carana.
Kyai: kahartos?
Santri: kahartos.
Kyai: ieu
mah misalna..
Santri: kumaha?
Kyai: ayeuna
golongan, misalna jadi 73 golongan nu katarima ngan hiji..! sabaraha hiji nu
teu katarima?
Santri: 72..!
Kyai: tuh
geuning..salah
Santri: naha?
Kyai: angger
weh.. 73 nu teu katarimamah, sabab tadi ge lain golongan nu ditarimamah, tapi
nu iman jeung nu taqwa. Ngan ieu iman jeung taqwa teh teuing aya digolongan
mana..!
Santri: ari
jalma nu iman jeung nu taqwa teh nu kumaha?
Kyai: jelema
nu salilana migawe kana parentah pangeran, jeung anu salilana ngajauhan
larangan pangeran.
Santri: oh..kitu
Kyai: enya.
Santri: nu
katilu. Naon hartosna iman jeung taqwa?
Kyai: hartosna
iman teh percaya.. ngan percaya dimana geus nyaho jeung apal.
Santri: percaya
teh?
Kyai: percaya
the dimana geus nyaho, geus apal, jeung geus nyata. Kakara percaya, ari can
yakin mah ulah waka percaya,sabab bisi dibobodo kubatur.
Santri: contona?
Kyai: “alhamdulillahi
rabbil ‘aalamin” naon hartosna?
Santri: “sadayana
puji kagungan Allah, nu ngurus sadaya alam.”
Kyai: saha
nu ngurus teh?
Santri: nya
Allah..
Kyai: tuh
da salah..!
Santri: naha
emang ceuk anjeun saha?
Kyai: naha
rek dikamanakeun kecap “kun fayakun” lamun pangeran kudu
ngurus keneh mah?
Santri: kan
ceuk katerangan ge kitu. “sagala puji bagi Allah nu ngurus sadaya alam”
Kyai: ‘sadayana
puji kagungan Allah, nu ngurus sadaya alam’
Santri: enya..
Kyai: kumaha
upami urang contohan..?
Santri: kumaha
contona?
Kyai: “eta
topi, kagungan bambang. Nu nutupan kana sirah” saha nu nutupan teh?
Santri: nya
topi..
Kyai: topi.?
Santri: enya.
Kyai: yakin?
Santri: yakin.
Kyai: tah “sadaya
puji kagungan Allah, nu ngurus sadaya alam” jadi saha nu ngurus teh?
Santri: nya
Allah..!
Kyai: tuh
geuning… singhoreng anjeun manusa nu goblog teh…!!
Santri: eh..
naha kasar kitu geuning ki..?
Kyai: punten…!
Goblog aki mah beda jeung goblog budak ngora,
Santri: goblog
aki emang kumaha?
Kyai: lain
goblog kasar, jeung nyarekan, tapi aki mah goblog ieu ngandung harti lir ibarat
ngaput baju teu make ukuran, kadang-kadanag sereg, kadang-kadang logor. Ari
logor goblog tea, ari gobog teu mejehna, jadi anjeun jelema nu can meujeuhna.
Bongan teu daek dikotektak, bongan da nuduhna kanu jauh.. bongan da nyawangna
kanu anggang.. padahal ceuk katerangan “jelema dimana ngaji ulah kaluar
tina dirina, lamun manusa ngaji kaluar tina dirina, maka bakal sasar eta
manusa, mun di dunya geus sasar, bakal linglung ke di akhirat.”
Santri: naha
anu mana atuh nungurus teh?
Kyai: sategesna
lain Allah tapi “puji” nu ngurus teh..
Santri: puji?
Kyai: puji.
Santri: kumaha
kanyataannana?
Kyai: geura
pek lamun anjeun ayeuna muji tangkal sampe, heug seukeutan, tuluy cecebkeun,
tah bakal ngurus ka urang, geus sataun ala..!
Santri: oh
kitu nya..!
Kyai: puji
dimana urang keur lempang, aya nu nangkring di jalan, carana muji teh ‘punten..’ceuk
nu nangkring teh ‘mangga wilujeng..!’ maka bakal ngurus eta jelema
ka urang. Coba lamun teu nyebut ‘punten’, derr weh nu nangkring the
jelemana geureuhan ‘eh siyah..jiga hayam wae, teu punten-punten acan
lempangteh’. Nu leumpang babari kasinggung ‘ngomong naon siyah bieu
teh?’, tungtungna pasea..weh..! tah eta ngaruksak sadaya alam.
Santri: aduh..!
le..res ari kitumah.
Kyai: ari
carana muji, urang kudu ngahormat ka sasama manusa. hormateun teh aya tilu:
kasaluhureun, kasapantareun, jeung kasahandapeun. ngahormat ka kasaluhureun..
keur tanyakeuneun jeung pentaeun,ngahormat ka sapantareun.. keur batur keueung
jeung batur pakumaha, ngahormat ka sahandapeun.. keur bereeun jeung titaheun.
Santri: leres
pisan nya ki..?
Kyai: boroning
muji ka sasama manusa..! ti kotok kudu di puji.
Santri: naha
ki?
Kyai: cing
aki rek nanya..!
Santri: naon?
Kyai: ti
kotok nu kumaha nu geuleuh the?
Santri: nu
bau..?
Kyai: lain..
Santri: nu
medok?
Kyai: lain..
Santri: nu
kumaha atuh?
kyai: nu saeutik..! coba lamun
tilu treuk? bakal jadi pupuk di sawah.
Santri: leres pisan nya aki..!
Kyai: matak
ulah ngewaan urangmah cu..! ulah geureuhan, ulah syirikan, pidik, dengki,
kaniaya, jail, angguran geura prak geura hormat.
Santri: leres
ki..
Kyai: nu
matak dordarna golongan ieu jeung itu, dilantarkeun parebut paham, parebut
bener. Ari bener can kapimilik, eri pasea diheuleakeun.!
Santri: leres
pisan aki..
Kyai: contona:ceuk
golongan ieu haram ngukus teh (meuleum menyan), ceuk golongan ieu heunteu. Bari
padahal tiu kitu wae dipaseakeun..
Santri: da
enya atuh, ngukusmah haram..!
Kyai: haram?
Santri: enya.
Kyai: ceuk
saha?
Santri: da
puguh teu aya dina katerangan..!
Kyai: euweuh..?
Santri: enya..!
Kyai: ari
dina katerangan aya dawuhan kieu,
Santri: kumaha?
Kyai: “hei
manusa-manusa, teu meunang maneh ngukus, sabab ngukus teh haram” aya
katerangan kitu?
Santri: teu
aya..!
Kyai: naha
atuh pangeran teu ngaharamkeun tapi manusa ngaharamkeun?
Santri: aduh..
enya atuh.
Kyai: jadi
yakin.. ieu teh manusa na anu goblog.
Santri: timbalan
aki..! jadi ngukus the teu haram?
Kyai: heunteu.!
Tah lamun aya jelema nu ngaharamkeun kanu ngukus, eta jelema teh jelema sasar.
Santri: Etateh.?
Kyai: ari
pangeran teu ngaharamkeun, ari manusa ngaharamkeun.
Santri: ari
nu sok ngukus?
Kyai: lamun
nu sok ngukus (meuleum menyan), tapi niatna menta disalametkeun ku pangeran,
menta dibere rizki ku pangeran, menta dibere rizki ka karuhun, menta
disalametkeun ka karuhun. eta nu ngukus teh linglung..!
Santri: naha
nu ngukus disebut linglung?
Kyai: lamun
niatna nu bieu..!
Santri: apan
aya kateranganana.. menta ka pangeran.
Kyai: naon?
Santri: “prak
araranjeun geura menta ka kaula.!”
Kyai: menta
naon?
Santri: nya
menta rizki..!
Kyai: saha
nu geus dibere ku pangeran?
Santri: geuning
batur ge barareunghar? Matak kitu ge geus dibere ku pangeran
Kyai: tanyakeun
kanu beunghar, ‘ieu teh dibere ku pangeran, atawa meunang ikhtiar?’. Lamun
enyamah dibere ku pangeran, tanyakeun, ‘sagede kumaha panangana pangeran teh?’.
Sabab ari hukumna dibere teh: hiji nu mikeun, dua nu mere, tilu barangna. Jadi
kudu kasaksi. Sabab kanyataanana, urang ka dunya the teu mawa nanaon..! cing
ari anjeun jeung sampe, ka dunya heula mana?
Santri: heula
sampeu..
Kyai: heula
sampeu?
Santri: enya..!
Kyai: yakin?
Santri: yakin.
Kyai: naha
atuh menta deui ka pangeran..?
Santri: na
kumaha atuh?
Kyai: carana
menta teh, geura pigawe parentahna, jeung geura jauhan laranganna. Sapertina
urang haying boga sampeu, geura pelak sampeu, tuluy urus, ameh jadina alus.
Jadi cara menta ka pangeran teh kudu daek ikhtiar.
Santri: kumaha
lamun urang menta disalametkeun ka pangeran?
Kyai: menta
disalametkeun ka pangeran?
Santri: enya..!
Kyai: kumaha
lamun ceuk pangeran, “lamun maneh haying salamet, kudu bener weh hirup.!’
Sedengkeun geus aya pituduhnateh nyaeta al-Quran jeung as-Sunnah.
Santri: ari
eta menta rejeki ka karuhun?
Kyai: ari
ceuk pamadeugan anjeun, saha karuhun the?
Santri: jelema
nu geus paeh..
Kyai: boroning
menta rejeki kanu paeh, kanu hirup ge geus hese.
Santri: lamun
menta disalametkeun ka karuhun?
Kyai: kumaha
lamun karuhuna baheulana urut jelema doraka, ‘boroning nyalametkeun
sia, aing ge keur ripuh..!’ ceuk karuhun teh.
Santri: naha
kudu kumaha atuh tekadna dimana urang ngukus?
Kyai: tekadna
ngukus teh, baca ku anjeun..! eta the simbul kana wujud, siloka kana awak,
silib kana diri. Jeung ngukus the lan agama, tapi adat. Ngan tina adat kudu
jadi pamadeugan.
Santri: contona?
Kyai: ari
rupa haseup?
Santri: bodas.
Kyai: ari
rupa areng?
Santri: hideung.
Kyai: ari
rupa seuneu?
Santri: koneng.
Kyai: ari
rupa ruhak?
Santri: beureum.
Kyai: aya
leuwihna ti eta?
Santri: teu
aya..!
Kyai: tuh
geus opat rupa, nandakeun: amarah, lawamah, sawiyah, jeung muthma’inah.
Santri: leres
pisan atuh ki.
Kyai: Ari
menyan the seungit.
Santri: ari
ceuk kaula mah bau jurig deuih..!
Kyai: geus
panggih jeung jurig?
Santri: encan.!
Kyai: tuh
geus nipu maneh.. anjeun..! ari jeung jurig can panggih, ari ngambeuna
eunggeus. Eta mah lain bau jurig, tapi kadorong tina rasa kangewa anjeun, ka
manusa nu sok ngukus. Ari ngewa teh salah cu..!
Santri: leres
ki..!
Kyai: aya
nu meuleum menyan, kaambeunateh seungit. Ari seungit teh karesep ghaib..
Santri: karuhun?
Kyai: lain..!
tapi karesep ghaib ‘ambeu’ nu aya tina irung urang. Cing ari ngambeu ti kotok
bakal kumaha?
Santri: bakal
dipempet..!
Kyai: tuh..
ari nu bau mah teu beukieun geuning.! maksudna urang kudu saling seungitan,
jeung saling majukaeun.
Santri: muhun
pisan atuh ki.!
Kyai: jeung
jelema nu ngaharamkeun ngukus, etateh jelema sasar.
Santri: naha
nu ngaharamkeun ngukus disebut sasar?
Kyai: heueuh
ari pangeran teu ngaharamkeun, tapi manusa ngaharamkeun?
Santri: enya
ceuk kaula ge pedah euweu katerangannana.
Kyai: euweuh?
Santri: teu
aya.
Kyai: cing
aya katerangan kieu:
Santri: kumaha?
Kyai: “hei
manusa-manusa, geura arudud anjeun.!”
Santri: teu
aya..!
Kyai: naha
atuh manusa beut ararudud?.meureun sarua weh..eta ge bid’ah. Geus ulah
udud-udud acan, geus ulah dibaju-baju acan, lamun jelema loba kangewa.
Santri: enya
atuh..
Kyai: jadi
urang iman the percaya dimana geus nyaho. Ari ngkus the adat karuhun urang.
Karuhun teh mere bacaeun keur diri urang. Nu pentingmah, nu sok ngukus
keunbae.. da moal nanaon.
Santri: ari
nu tara ngukus?
Kyai: nu
tara ngukus? Keun bae.. da moal nanaon. Nu pentingmah nu sok ngukus jeung nu
tara ngukus jelemana sing akur..! kapan pemerintahan ge geus nganjurkeun, yen
urang the kudu ngahiji antara kasatuan jeung persatuan. Matak urang hijikeun.
Santri: naon
nu kudu dihijikeun?
Kyai: tekadna,
ucapna, lampahna. Tah nu tilu ieu teh ulah pakia-kia tah nu tilu teh, kudu
babarengan, ameh kaditunage runtut raut.
Santri: enya..!
Kyai: nu
matak didieu.. ceuk dina katerangan urang kudu ngucapkeun “Mahasuci Allah” 33x.
Santri: enya..?
Kyai: subhanallah,
subhanallah, maha suci Allah, maha suci Allah. Tuluy weh urang nyebutkeun
kitu..!. kumaha lamun urang ngucapkeun “maha suci Allah” ku
Allah dijawab, “heueuh sia nu kotorna”
Santri: na
kumaha contona?
Kyai: nu
matak didinya ge 33, ari 33 the direndengkeun 3 jeung 3. Sabab dina wujud urang
ge kabeh 33: 1 irung 2 ambeu 3 nungambeu, 1 panon 2 awas 3 nu awas, 1 ceuli 2
denge 3 nu ngadenge. Singkatnamah: 1 ucap 1 tekad 1 lampah. Hijikeun kabeh
tah.. suikeun kabeh, kakara kaditunage ngaguluyur.
Santri: ari
hartosna taqwa?
Kyai: hartina
taqwa teh, milih kana jalan anu hiji, nu lempeng turta bener.
Santri: enya
ki..!
Kyai: kahartos?
Santri: karasa..
Kyai: nya
sukur weh.. ari geus karasamah.
Santri: tah
ayeuna nu ka opat, naon pangna agama di kamanusa keun?
Kyai sabab
manusa mah makhluq anu dibedakeun jeung makhluq nu lain. Diancikan akal, budi,
pikiran, rasa, jeung perasaan. Sabab manusa mah kabeh sampurna. Benerna manusa
the leuwih ti sato, jeung salahna manusa ge leuwih ti sato.
Santri: naha
jahatna manusa leuwih ti sato?
Kyai: leuwih..
Santri: naha?
Kyai: cing
nyatakeun..! ayeuna aya domba dimana maling sampeu, nya beuti na ongkoh, nya
daun ongkoh, nya pagerna dirusak. Aya domba nu kitu?
Santri: teu
aya.!
Kyai: domba
mah dimana maling sampeu ngan saukur daunna hungkul. Tapi jelema can beutina,
tuluy daunna, jaba pagerna diruksak. Tuh jelema mah leuwih jahat ti batan
sampeu.
Santri: enya..nya.!
Kyai: ayeuna
aya, boh sapi atawa munding nyokel jandela, tuluy maok tv jeung radio,
neupikeun maehan nu boga imah?
Santri: teu
aya.
Kyai: jelema
mah aya nya?
Santri: aya.
Kyai: tuh
jelema mah jahatna leuwih ti sato, jeung benerna oge leuwih ti sato.
Santri: leres
ki..!
Kyai: kaharti?
Santri: kahartos
pisan aki..
Kyai: matak
ulah sasar, ulah linglung. Anu pentingmah taluktik diri ti kiwari, kotektak
awak ti ayeuna. Sahubungan jeung katerangan, dimana manusa geus apal kana
dirina, maka eta jelema bakal apal ka pangeran. Dimana jelema geus apal ka
pangeran, maka baka ngarasa diri bodo. Lain bodo teu bias maca nuis, tapi
bodonateh teu umakau, teu umaing, teu guminter, teu jumago, teu boga rasa ieu
aing uyah kidul. Salilana sumerah jeung pasrah.
Santri: enya?
Kyai: cing
kaula rek nanyakeun, ari sumerah jeung pasrah kudu kasaha?
Santri: nya
kudu ka pangeran.
Kyai: ka
pangeran?
Santri: enya.
Kyai: pangeran
the nu kagungan.
Santri: enya.
Kyai: maenya
ayeuna masrahkeun kanu kagunganana?
Santri: jadi
kudu kasaha atuh?
Kyai: apan
matak itu di bikeun ka urang the, da geus teu butuheun..
Santri: naha
kudu kasaha atuh?
Kyai: kudu
kana hukum-hukum anjeuna.
Santri: oh
enya..!
Kyai: sumerah
jeung pasrahteh kudu kana hukumna. Ayeuna lamun urang sumerah jeung pasrah ka
pangeran, kumaha lamun pangeran ngajawab, “manehteh tong boro tina
sumerahna, tina heunteuna ge da nu aing.!” Jadi pasrah mah kanu
hukumna.
Santri: hatur
nuhun aki. Dina semet ayeuna kaula rek ngaku guru lahir jeung bathin.
Kyai: nuhun
jang..!
Tidak ada komentar:
Posting Komentar