- Amil,lebe : Tukang nuruskeun nu aya patalina jeung Agama di desa
- Anjun = tukang nyieun parabot tina taneuh
- Badaya : Awewe tukang ngigel di karaton atawa di kabupaten
- Barangmaen : Tukang jajaluk
- Bas = tukang nyieun imah
- Bengkong : Tukang nyunatan
- Bujangga = tukang nyieun / nulis sastra
- Candoli = tukang ngajaga pabeaan tinu hajat
- Dalang : Tukang ngalakonkeun carita wayang
- darmamurcaya = ahli bahasa
- Gending = tukang nyieun parabot tina kuningan
- Girang serat = Tukang nulis surat
- hareupcatra = ahli masak
- Indung beurang : paraji nu sok ngurus ngajuru jeung ngurus orok
- Kabayan = tukang di titah ka ditu kadieu
- Kabojengkeng : tukang ngagusur padati
- Kajineman = 1) mandor sakitan, 2) tukang ngajaga jinem (nu dihukum)
- Kamasan = tukang nyieun perhiasan tina emas
- Kulaer = kusir anu tumpakna dina kuda kareta pangagung
- Kuncen = tukang ngurus kuburan
- Kurir = Tukang nganterkeun surat
- Kusir = Tukang narik delman
- Legig = tukang ngasruk dina pamoroan
- Lopor = Tukang ngagondeng jeung ngereunkeun kuda
- Malim = tukang muruhkeun sato galak
- Masinis : Tukang ngajalankeun lokomotip
- Maranggi = tukang nyieun sangku keris
- Merebot = tukang nakol bedug
- Minatu =tukang ngalicin atawa nyeuseuh pakean
- Mo'dim atawa Bilal = Tukang adzan di masjid
- Nakoda = tukang ngajalankeun kapal cai
- Nayaga : Tukang nabeuh gamelan
- Nyarawedi = tukang ngagosok permata
- O’ah : Jago Tukang ngagugulukeun teu ecreug
- Pakacar = tukang pangaladenan / bujang
- Palatuk : iber anu tumpak kuda saheulaeun pangagung
- Paledang = tukang nyieun parabot tina tembaga
- Palika = tukang teuleum
- Pamatang = tukang moro ngagunakeun tumbak
- Pamayang = tukang ngala lauk di laut
- Panday = tukang nyieun parabot tina beusi
- Paneresan = tukang nyadap
- Paninggaran = tukang moro ngagunakeun bedil
- pangeuyeuk = ahli kain/tekstil
- Panyumpit : Tukang nyumpit
- Paraji = tukang ngabantu anu ngajuru
- paraguna = ahli karawitan
- Sarati = tukang ngusir / muruhkeun gajah.
”Hana nguni hana mangke,tan hana nguni tan hana mangke, aya ma baheula aya tu ayeuna,hanteu ma baheula hanteu tu ayeuna, hana tunggak hana watang, tan hana tunggak tan hana watang, hanama tunggulna aya tu catangna.”
Rabu, 07 Desember 2016
Istilah Patukangan Bahasa sunda
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar