Kembang sungsang dinang kunang Kotak kurawis wayang Lindu nira bumi bengkah Adam adam babu hawa Siskang danur wilis Ingkang ngagelaraken cahya nur cahya Anwas anwar ngagelaraken Malih kang danur citra Nurcahya nursari nurjati Dangiang wayang wayanganipun Semar sana ya danar guling Basa sem pangangken-angken Mareng ngemaraken Dat Kang Maha Tunggal Wayang agung wineja wayang tunggal Wayang tunggal

Rabu, 07 Desember 2016

Luhur Budi Hade Akhlaq

." Nun Gusti mugi Gusti nuduhkeun ka diri abdi kana akhlaq nu utama, taya nu tiasa nuduhkeun kana kasaean akhlaq lintang ti Gusti, sareng mugi Gusti nebihkeun ti diri abdi akhlaq nu awon, taya nu tiasa nebihkeunana ti abdi salian ti Gusti".
(HR Ahmad- Muslim ti Ali rd)
Harga awak nasib diri ieu tergantung kana akhlaq, runtuh reujeung runtagna diri tergantung kana akhlaq. Nu ngangkat harkat tur nasib diri akhlaq nu utama, sarta nu ngarunruhkeun harga awak sorangan ku akhlaq anu goreng.
Jalma pendek petekrek, rupa hideung irung deple, teu matak dosa teu mawa cilaka, tapi lamun rusak akhlaq eta nu mawa cilaka, matak meunang siksa katut wiwirang.
Jalma gagah, tegep,rupana hade, teu bisa jadi jaminan kana bisa nyalametkeun dirina, sarta ngajauhkeun awakna tina siksa Alloh, lamun goreng akhlaqna bejad budina.
Akhlaq mangrupa pepelakan alaeun, sabab eta nu hade akhlaqna bakal hade hasilna, kitu oge nu goreng akhlaqna bakal goreng hasilna.
Hiji jalma ngaringkukdi imah butut bari humarurung ngararasakeun panyakit nu karasa. Sepi, taya pisan nu ngalayad, dulur suwung baraya taya nu datang, komo nu haat hayang ngubaran estu teu aya. Nalika ditanya, pokna : ieu teh buah pepelakan kuring baheula, sadar nalika geus terlambat, baheula keur sehat pinuh ku lampah nu matak jauh batur, ngahalang jalma nu rek nyaah jeung karunya.
Aki-aki jompo nu geus taya tanagana, sanajan dahar mah teu meunang pere, kabutuh kudu, tapi teu jadi sangsara pedah karopohanana. Tapi tambah ropoh tambah rea nu karunya, rea nu ngahormatna, malah ningkat jadi "mama" atawa"kyai". Ieu hasil pepelakan nu lana umurna, buah tina akhlak jeung budi nu hade.
Kamajuan dunia nu dibarung ku kamunduran akhlaq bakal mareuman cahaya nu geus caang, ngaruksak jeung ngaruntuhkeun nu geus ngadeg pageuh. Tapi sabalikna, ku akhlaq nu utama bisa ngawangun nagara nu teu subur, sarta ngamankeun nagara nu teu aman.
Dina du'a nu tadi diajarkeun Rosululloh, neda ka Gusti sangkan dituduhkeun dipaparin pepeling sarta hidayat, nu ngabangkit kana hirup-na budi sarta mawa kana akhlaq nu utama. Sabab ngan ku hidayat ti Alloh bisa luhurna budi utamana akhlaq. Sabab tina bab budi jeung palajaran akhlaq, lamun tanpa hidayat ti Alloh moal bukti, sarta dimana bukti sok aya gantar kakaitan reujeung kasombongan nu nyumput dina budi ucing, budi nu teu angger ngayuni pucuk awi gumantung kana musim jeung angin anu niupna.
Pirang-pirang jalma nu ngarti kana palajaran akhlaq ngarti kana urusan budi tapi teu ngarti dina milampahna. Sabab akhlaq lain ngan saukur hade budi, tapi bener kayakinan jeung hade amal perbuatan keuna jeung ridoNa Pangeran ku rido diatur ku aturan hukum Pangeran.
Estu taya jaminan sok sanajan berehan, someah, hade basa, tukang tutulung kanu butuh can bisa disebut hade akhlaqna lamun dasarna hayang kapuji atawa layar keur nutupan kasalahan sorangan, sabab pupujieun eta lain akhlaq nu utama.
Naon hartina budi, lamun berehan ku barang nu lian, hade ku barang batur bari kanu merena tur ngajeujeuhkeunanana ngabantah, teu nurut jeung teu hormat.
Nu dipake hade jeung papada manusa , nu dipake mere jeung tutulung kanu butuh, hakekatna eta rizki ti Alloh, nepika disebut ku batur mah yen urang teh jalma berehan malah ningkat jadi terhormat, tapi ka Gusti nu maparin rizki nanduk teu nurut kana sagala parentahanana, ibadah langka mawa karep sakarepna sorangan. Nu teu bisa syukur jeung mulang tarima kanu masihan sagala kurnia teu bisa disebut manusa berbudi nu hade akhlaqna.
Manusa makhluk nu mulia batan nu lianna, bukti, lamun binatang nurutan tingkah laku manusa naek harkatna. Kabayang domba bisa solat atawa embe bisa wirid, kuda bisa leumpang ku dua suku siga manusa, narik model narik lucu narik mahal hargana jadi pamuji nulian, ieu nuduhkeun lampah manusa eta mulya, sahingga binatang anu hina bisa naek harkat lamun niron-niron adat manusa.
Sabalikna, binatang anu rendah lamun diturutan talajakna ku manusa, ngadadak bakal turun darajat kamanusaanana. Ieu dalil bukti binatang leuwih rendah batan manusa, sarta manusa leuwih luhur maratbatna batan binatang.
Tiap-tiap ibadah mere pangaruh kana alusna budi jeung akhlaq nu utama.
Sholat bisa nyegah kajahatan jeung kamungkaran, puasa bisa ngariksa awak jeung papada manusa nu seje, zakat ponya kitu deui nepika ibadah hajina.
Ngariksa basa sangkan ulah cawokah atawa carita nu teu merenah, oge ngariksa lampah sangkan mawa kana kasalametan dunya jeung akheratna.
Palajaran akhlaq kudu dibarengan jeung didikan akhlaqna.
Didikan lain dadakan sabab ngadidik kudu ti leuleutik sina biasa dimana geus dewasa
Cag...!
https://www.peradaban.co.id

Tidak ada komentar:

Posting Komentar