Kembang sungsang dinang kunang Kotak kurawis wayang Lindu nira bumi bengkah Adam adam babu hawa Siskang danur wilis Ingkang ngagelaraken cahya nur cahya Anwas anwar ngagelaraken Malih kang danur citra Nurcahya nursari nurjati Dangiang wayang wayanganipun Semar sana ya danar guling Basa sem pangangken-angken Mareng ngemaraken Dat Kang Maha Tunggal Wayang agung wineja wayang tunggal Wayang tunggal

Rabu, 24 Oktober 2012


CARITA PARAHIYANGAN.

BAB I
CARITA PARAHIYANGAN.
Carita Parahiyangan teh naskah anu kapanggih ti Galuh, anu ayeuna di simpen di museum pusat Jakarta. Ceuk para ahli di tulisna teh saenggeus Pakuan Pajajaran “sirna ing bhumi” kira – kira tanggal 8 Mei 1579 M. C.M Pleyte mah ngira – ngirana teh, carita Parahiyangan di tulisna antara waktu pangislaman Galuh kira- kira tahun 1570 M.Islam asup ka Jawa Barat the mimiti taun 1416 M. ku ayana Pasantren Quro nu di adegkeun ku Syeh Hasanudin di Karawang.
Anu mimiti ngagarap naskah carita Parahiyangan the K.F. Holle taun 1881 M. Macana tacan Sampurna, di Tuluykeun ku C.M. Pleyte; R.M.Ng.Purbatjaraka; Ten Dam;J.Noorduyn.Nya Noorduyn nu kawilang sampurna ngagarapna teh, ti mimiti nyusun lambaran nepi ka macana pisan. Taun 1968. Sabada kapnggihna naskah: “Pararatwan Parahiyangan”;”Pararatwan I Bhumi Jawa Kulwan”;”Pararatwan I Bhumi Nusantara” nya kitu deui “Nagara Kertabhumi, Carita Parahiyangan teh beuki lengkep bae, nepi ka hal-hal nu tadin amantak nimbulkeun asa-asa, ayeunamah bisa ka koreksi ku naskah naskah nu kasebut bieu.
Mun di sebut bab mah, Carita Parahiyangan teh eusina aya XXV bab atawa bagian .Bab I-XIV nyaritakeun Galuh(526-739M.)anu di mimitian ku mangsa karajaan Kendan atawa Kaindran anu pernahna di Nagreg ayeuna.Karajaan Kendan teh kungsi di parentah ku dua Raja, Nyaeta Resi Guru (526-568 M)jeung Raja Putra Suralimansakti Raja Kendan(568-597M).Putra Suralimansakti anu katelah Sang Kandihawan mah teu kacatur marentah karajaan Kendantapi pindah ka Medang jati.Putra Kandihawan nu katelah Wretikandayun,ngadegkeun karajaan Galuh dina taun 612M.Bab salajengna nyaritakeun Ihwalna Demunawan Alias Seuweukrama atawa Rahiyang kuku, putra Rahiyang Sempak Waja dangiang Guru ti Galunggung nu marentah Saunggalah Kuningan.
Dicaritakeun deui yen Tamperan atawa Rakean Panaraban, Putra Sanjaya ti Tejakancana Hayupurnawangi,di telasan waktu Sang Manarah putra Premana Dikusumah ngayakeun pemberontakan ka Tamperan Barmawijaya dina taun 739 M.Ari alatannana mah, kulantaran bapana Sang Manarah nyaeta Premana Dikusumah atawa Bagawat Sajalajala nu keur tapa di telasan ku titahan Tamperan dian taun 723 M. Dina Bagean Saterusna Carita Parahiyangan, nyaritakeun mangsa Pakuan Pajajaran Nepi ka runtagna di na mangsa pamarentahan Nusiya Mulya Sang Ragamulya(1567-1579 M.) Nurutkeun Paitungan nu Rada Pasti,Pajajaran runtagteh tanggal 8 Mei 1579.Dina perkawis ieu sim kuring mung bade nerangkeun sacara singkat Sajarah Galuh Di tambih ku susunan Raja-raja anu pernah ngawasa di Jawa Barat, Anu mudah- mudahan tiasa nambihan perbendaharanan sajarah tamina sajarah atanapi carita ngenaan karuhun urang Sunda,da ceunah ngawanohan Sajarah teh urang bisa nyoreang nyawang kahirupan manusa, ngeunaan tumalina kahirupan entragan manusa kiwari jeung entragan manusa bihari,sareng deui ku jalan kitu teh bakal manggihan kaca – kaca kahirupan manusa nu baka nyumbang nyambung kana tumuwuhna harga diri manusa dina nyanghareupan ngamanusakeun dirina.Saur Rakeyan Darmasiksa Sang Paramartha,Raja Galunggung Ka dua mah :(1163-1175 M.) ”Hana nguni hana mangke,tan hana nguni tan hana mangke, aya ma baheula aya tu ayeuna,hanteu ma baheula hanteu tu ayeuna, hana tunggak hana watang, tan hana tunggak tan hana watang, hanama tunggulna aya tu catangna.” Nu hartosna (Aya mangsa bihari aya mangsa kiwari,euweuh bihari tangtu moal aya kiari;eweuh baheulamah tangtu moal aya ayeuna;aya tunggak aya tangkal;ewuh tuggak eweuh tangkal;lamun aya tunggul tanggtu aya catang).Ieu teh kasauran Rakean Darmasiksa nuju mepelingan putrana Prabu Ranggasuci Sang Lumahing Taman.Rakean Darmasiksa Jadi raja di galunggung Taun 1163-1175 M.,saterasna jadi Sunan Pakuan Pajajaran taun 1175-1295 M.Dina carita Parahiyangan kacaturkeun anjeuna nu nyieun Sanghyang Binayapanti di Pajajaran.Kira-kira Sanghyang Binayapanti teh sadarajat jeung Universitas kiwari.
1. CIKAL BAKAL GALUH.
A. Suryawarman Raja Tarumanagara VII (535-561 M.)
Nu jadi cikal bakal Galuh teh, nya ti Tarumanagara keneh.Harita puseur nagara ayana masih di Jayasinghapura atawa Jasinga ayeuna.Suryawarman the raja Tarumanagara VII nu marentah antara taun 535-561 M.Anjeuna kagungan putera tilu nu jenenganana :
a. Kertawarman, nu nuluykeun jadi raja tarumanagara VIII antara taun 561-626 M.
b. Sudhawarman, nu jadi raja Tarumanagara IX antara taun 626-639 M.
c. Putri Tirtakancana, nu nikah ka Resi Guru Manikmaya.
B. Resi Guru Manikmaya Raja kendan I 526-568 M.
Resi Guru Manikmaya ngadegkeun karajaan Kendan dina taun 526 M.ngarajaannana teh dugi ka taun 568 M.Kendan ceuk Hooykas mah,basa nerangkeun ka Noorduyn, asal kecap tina Kaindran.Kiwarimah kendanteh jadi ngaran gunung leutik di daerah nagreg.Didinya loba kapanggih batu-batu nu ku urang nagregna ogen di sebut batu kendan, tapi ceuk elmu sajarah mah di sebutna “atelier neolitik” teu jauh tidinya kungsi kapanggih Arca Durga, disebutkeun + 15 Km.ti Cicalengka nya di nagreg tea. Karajaan kendanteh masih kaasup karajaan bawahan Tarumanagara keneh,karajaan kendan kungsi di parentahan ku dua raja nyata :
a. Resi Guru Manikmaya, nyaeta nu mimiti ngadekkeun karajaan Kendan Antara taun 526-568 M.
b. Suralimansakti Rajaputra, Nyaeta putrana Resi Guru manikmaya nu Ngarajaan kendan antara taun 568-597 M.
C. Suralimansakti Rajaputra Raja Kendan II 568-597 M.
Suralimansakti teh putrana Resi Guru Manikmaya, anjeuna ti nuju anom keneh tos di angkat janten Senapati di nagara Tarumanagara di anggkat ku akina,nu saterusna dina tanggal 12 kresnapaksa bulan Asuji taun 490 Saka Kira-kira tanggal 7 Oktober 568 M.Suralimansakti di istrenan jadi raja kendan II.
Putrana nu jenengannana Khandiwan henteu kacatur janten raja di Kendan Tapi neruskeun rajanateh di daerah Medangjati atawa medanggana nu kakawasaannana di medangjatiteh salami 15 taun nyaeta ti taun 597-612 M. saterusnamah Khandiawan ngabagawan jadi rajaresi dewaraja di kuningan.Khandiawan atawa Raja Resi Dewaraja ieu anu nyieun “Sanghyang Watangageung” nyaeta manrupa naskah suci atawa undang – udang nu engke di pake jadi undang – undang karajaan Galuh.Raja Resi Dewaraja Khandiawan kagungan Putra lima, ngan nu rek dicatur didieumah putrana nu Bungsu nu katelah Wrettikandayun.
D. Karajaan Galuh ngadeg
Wrettikandayun putra bungsu khandiawan ngadegkeun karajaan Galuh.Disebutkeun di istrenannana the dina tanggal 14 Suklapaksa bulan Caitra taun 534 Saka,kira – kira sarua jeung tanggal 23 Maret 612 M.Haritateh sajaman jeung Kertawarman jumeneng jadi raja Tarumanagara VIII(561-626 M.)Kedudukan galuh harita masih keneh bagian atawa bawahan Tarumanagara keneh anu lilanateh aya kana 58 taun, da sabada taun 670 M. mah galuh lesot tina bawahan Tarumanagara.
Taun 670 M. Tarumanagari di bagi jadi dua karajaan.Timimiti walungan Tarumanadi(Citarum)ka kulon jadi karajaan Sunda nu di parentah ku Maharaja Tarusbawa terah sunda anu nikah ka Manasih putrid Linggawarman Raja tarumanagara IX(666-669 M.)Atawa raja Tarumanagara anu panutup.Disebut Maharaja Terusbawa the di istrenanana jadi raja dina tanggal 9 Suklapaksa bulan Yestha taun 591 Saka atawa sarua jeung tanggal: 18 Mei 669 M.Galuh misah ti Tarumanagara jadi karajaan Mardika.
Raja Terusbawa teh nu ngadegkeun karajaan Sunda.Puseur dayeuh Tarumanagara ti Jayasinghapura(Jasinga)di pindahkeun ka Sundapura(Bogor).Nurutkeun Fragmen koropak 406 mah Maharaja Terusbawa teh nu ngadegkeun Karaton Panca persada Pakuan Pajajaran anu dingaranan: Sri Bima Punta Narayana Madura Suradipati.Fragmen Koropak 406 di kuatkeun deui ku Fragmen Naskah Pustaka Rajya-rajya I Bhumi Nusantara kaca 204-205 nu nyebutkeun :”hana pwanung mangadegakna pakwan pajajaran lawan kadatwan sang bima punta narayana madura suradipati”.Dina carita parahiyangan Maharaja Terusbawa the sok di sebut oge Tohaan di sunda.
Ti walungan Citarum kawetan karajaan Tarumanagara Jadi karajaan Galuh,nu di parentah ku Wrettikendayun Prabu Galuh nu nikah ka Pwah Bungatak Mangalengale atawa putrid Candraresmi.Puser karajaan teh aya dina tempat anu ayeunamah di sebut Karang kamulyan di wewengkon Ciamis.
Wretikendayun teh ti taun 612-669 M.jadi raja Galuh, tapi masih dina bawahan Tarumanagara,tapi ti taun 670-702 M. jadi raja Galum mardika.Karajaan Galuh kacatur make undang-undang nu di sebut”Sanghyang watangagung”.atuh tuluy deu ku Wrettikendayun waktu jumeneng jadi Raja di Galuh ngalenkepan jeung netepkeun “Purbatisthi” atawa “Purwatisthi” nu maksudna aturan-aturan talari karuhhun.Anjeuna Jumeneng Raja di galuh 90 Taun Lamina.
Putra Wrettikendayun ti Putri Candraresmi aya tilu nyaeta :
a. Rahiyang Wereh,tapi kulantaran Ompong ahirnamah nelah jadi Rahiyang Sempak Waja ieu teu diangkat raja da ompong tea,tapi anjeuna diangkat jadi Batara Dangiang Guru di Galunggung, ti harita ngadeg kabataraan Galunggung anu di bere wewenang 12 daerah Kakawasaan.
b. Jantaka atawa Rahiyang Kidul nu di angkat di jenengkeun Batara Hyang Buyut di Denuh(Denuh ayeunamah mangrupa leuweung tutupan di daerah taraju-bantarkalong. Di tengahna aya situ denuh).
c. Rahiyang Mandiminyak,nya kulantaran teu cacad tea anjeuna di jeunengkeun Jadi Pabu Galuh ngaganti ramana Wrettikendayun.
E. Rahiyang Mandiminyak, Raja Galuh II(702-709 M).
Rahiyang Mandiminyak nikah ka Parwati putrid ratu Sima Ratu Kalingga.Ti Parwati kagungan putra istri nu jenengannana Putri Sanaha.Teras dei pernah kagungan putra pameget ti Pwah Rababu istrina Rahiyang Sempak Waja (raka mandiminyak), nya dijenengan Sena atawa Bratasenawa. Ieu dua dulur misah indung teh di tkahkeun (ceuk adat hindmah di sebut perkawinan manu)Sena ti Sanaha kagungan putra pameget nu jenengannana Rakean Jambri anu engkena katelah Sanjaya Sang Harisdarma.
F. Sena atawa Bratasenawa,Raja Galuh III(709-716 M.)
Sena atawa Bratasenawa satuluyna jumeneng Raja Galuh Ngagentos Mandiminyak.Sakumaha di carioskeun di luhur ,Senateh putra Rahiyang Mandiminyak ti Pwah Rababu istri Rahiyangng Sempakwaja.Ari Rahiyang Sempak Waja ti Pwah Rababu kagungan putra dua Anu cikal jenengannana Purbasora,adina jenengannana Demunawan anu engkena katelah Sang Seuweukrama Raja di Saung Galah Kuningan anu satuluyna adi raja resi Seuweukrama.
Purbasora nganggap Sena jadi raja di Galuh teu Sah,sabab Sena teh anak di luar tikah indungna nyaeta Pwah Rababu.Purbasora nikah ka Putri Citrakirana Putrana Raja Resi Padma Hariwangsa Raja Indraprahasta(wewengkon Cirebon).Purbasora meunang bantuan jeung pangrojong ti mertuana,nya boga niat ngarebut kakawasaan ti Sena dina taun 716 M.Sena geus nganyahokeun kana pamaksudan Purbasora, malah geus menta bantuan ka maharaja Tarusbawa sangkan di Bantu upama Purbasora ngayakeun serangan.Tapi sa acan bantuan Terusbawa datang ka Galuh Purbasora geus hasil ngarebut kakawasaan di Galuh.Sena bisa lolos ti karaton, ya inyana ngungsi ka Kalingga ka karajaan Parwati,keurmah indung tere tur jadi mitoha deuih.
G. Purbasora jadi Raja Galuh IV(716-723 M.)
Purbasora sabada ngarebut karajaan Galuh, nya jumeneng jadi raja nu lilana ngaasa taun.
Kacatur putra Sena ti Sanaha nyaeta Raken Jambri atawa sanjaya harita geus sawawa. Ti Kalingga sanjaya indit nepungan Rahiyang Kidul di Denuh, menta di tangtayungan.Ceuk Rahyang Kidul :”Aanak saha ari maneh ?.” ceuk Rakean jambri :”kuring anak Sang Sena Raja Galuh anu di singkirkeun ku uwa Purbasora”. Rahiyang Kidul :”Incu,aki teu sanggaup kacicingan maneh,bisi kanyahoan ku Galuh.(Putra Rahyang Kidul boga anak nu jenengannana Balangantrang nu jadi Patih di Galuh)ngan ari nagtayunganmah heg bae .Tapi maneh bakal apes lamun wani ngalawan ka aki.Jig ayeunamah tepungan ba tohaan di Sunda.”
Datang ka Raja Tohaan di sunda (Tarusbawa)Rakean Jambri di aku malah satuluyna mah ditikahkeun ka incuna tohaan di Sunda nyaeta incu anu di rorok ku Maha raja Tarusbawa pedah ramana pupus anom keneh.Harita Sanjaya nikah ka putuna Tarusbawa anu jenengannana Tejakancana Hayupurnawangi.Ahirnamah sabada Maharaja Tarusbawa ngecagkeun ka lungguhan Prabu,Sanaya di istrenan jadi Prabu di karajaan Sunda dina taun 723 M.
H. Sanjaya Sang Harisdarma Raja Sunda II jeung ngarangkep jadi Raja Galuh V.
Sabada Sanjaya terangeun kajadian di Galuh, Sanjaya mawa pasukan karajaan Sunda, nya ngayakeun serangan ngadadak ti peuting ngajorag karajaan Galuh.Purbasora di telasan dina taun 723 M.Patih Galuh nyaeta Balangantrangbisa lolos nya nyingkir ka Geger Sunten.Karajaan Indraprahasta oge di gempur ku Sanjaya da bongan biluk ka Purbasora. Harita karajaan Sunda, karajaan Galuh, jeung karajaan Indraprahasta di hijikeun ku Sanjaya anu sok disebut oge karajan Sunda-Galuh atawa Galuh Pakuan. Upama di itung ku taun Sanjaya teh jadi raja 2 (dua)taun di karajaan Sunda wungkul,satuluyna jadi raja Galuh Pakuan salila 7(tujuh)taun.
I. Premana Dikusumah Raja Galuh VI,tapi raja daerah bawahan Sanjaya.
Taun 723 M.Sanjaya ngagempur Galuh anu di rajaan ku Purbasora anu meunang ngarebut ti Sena,bapana Sanjaya,Sanjaya ngaasa Galuh estu lading hese beleke,meh teu di aku raja da kudu ngalawan pangaruh Batara Dangiang Guru di Galungung ramana Purbasora tea,nyakitu deui pangaruh Indraprahata jeung nu sejena nu biluk ka Purbasora.Pikeun meruhkeun pangaruh ieu Sanjaya ngankat Premana Dikusumah putrana Wijayakusumah putuna Purbasora adi Raja Galuh anu ka VI,tapi jadi bawahan Sanjaya ti karajaan Suda.Premana Dikusumah the masih ka piincu Sanjaya keneh.Pikeun pangawas karajaan Galuh Sanaya ngangkat putrana nyaeta Tampran Brawijaya atawa Rakean Panaruban ti Tejakancana.
Tamperan harita geus kawin ka Dewi Pangrenyep.Ari dewi Pangrenyep teh masih keneh turunan maharaja Tarusbawa tapi ti putra nu istri nyaeta Mayangsari, gaduh putra Anggada, Anggada nya gaduh putra nya Dewi Pangrenyep tea.Meureun kawin ka dulur mingtelu Tamperan ka Dewi Pangrenyep teh.
Taun 732 M. Sanjaya Sang Harisdarma mulang ka Medang da di angkat Raja di Medang warisan Ibuna, putri Sanaha putrana Ratu Parwati atawa incuna Ratu Sima di karjaan Kalingga,harita teh Kalingga geus di bagi jadi dua Karajaan Kalingga Beulah Kaler katelah Bhumi Mataram,Kalingga Beulah Kidul katelah Bhumi Sambhara.Nya Sanjaya ngarajaan Bhumi Mataram, di sebutkeun diistrenan jadi Raja di Bhumi Mataram dina tanggal 13 Suklapasa bulan Kartika taun 654 Saka atwa kira – kira 6 Nopember 732 M.Waktu Sanjaya mulang ka Medang, Prameswari Tejakancana Hayupurnawangi tetep bae di Sunda henteu ngiring ka Medang. Sajaya di Medang Bhumi Mataram nikah deui ka putrid Sudhiwara rana Gajayana.
Premana Dikusumah Raja galh VI,nikah ka Naganingrum masih dulur mingtelu, kapan Naganingrumteh masih turunan Rahyang Kidul. Rahiyang Kidul gaduh putra Balangantrang,Balangantrang kagungan putra Sekarkancana,Sekarkancana kagungan putra nya Naganingrum.Premana Dikusumah ti Naganingrum di sebutkeun kagungan putra Sang Manarah. Kulantaran Premana Diksumah nuju angkat Tatapa jadi Bagawat Sijalajala nya Sang Manarah mah di rorok di singkirkeun ka Balangantrang, buyutna nu aya di Geger Sunten.
Waktu Premana Dikusmah ngabagawan, tamperan ngaheureyan Dewi Naganingrum.Pikeun ngaleungitkeun ka wiring,nya ngutus jala pikeun nelasan Premana Dikusumah atawa Bagawat Sijalajala anu keur tatapa.Sabada Premana Dikusumah pupus jama nu di utus sina nelasan Premana Dikusumah di telasan deui ku Tamperan.Nu saterusna Tamperan ngawin Dewi Naganingrum,tapi rameswarinamah tetep Dewi Pangrenyep.

J. Tamperan Barmawijaya Raja Galuh VII, ngarangkep jadi Raja Sunda-Galuh II sabada Sanjaya.
Sabada Sanjaya Sang Harisdarma jumeneng Raja di Bhumi Mataram, Sunda-Galuh di pasrahkeun ka Tamperan Barmaijaya nya marentah antara taun 732 – 739 M.
Harita Sang Manarah (nu ceuk pantunmah Ciung Wanara)geus sawawa,ku buyutna nyaeta Balangantrang urut Patih Galuh jaman Purbasora jumeneng Raja, anu nyingkir ka Geger Sunten. Sang Manarah di bejaan yen anu nelasan Premana Dikusumah teh Tamperan Barmawijaya,nya kitu deui Purbasora salaku buyutna Sang Manarah di telasan ku Sanjaya Bapana Tamperan Barmaiaya.Ngenaan Manarah bakal di bahas dina bab salajengna.
BAB II
MANARAH atawa ( CIUNG WANARA )

Sanajan Tamperan Barmawijaya nyekel kakawasaan di Galuh,tapi pamorna mah tetep aya di Sanjaya.Harita Resi Guru Sempakaja geus maot(taun 729 M.),kitu deui adina Resi Guru Wanayasa (Jantaka).Minangka sesepuh turunan Galuh anu masih keneh hirup nyaeta Resi Guru Demunawan, raja resi ti karajaan Saunggalah Kuningan.
Sanjaya di bejaan ku bapana (Sena),yen sena rek ngundurkeun diri tina tahta karajaan Kalingga Kaler,nu saterusna rek jadi Patapa.Sanjaya di penta supaya balik ka Jawa Tengah pikeun ngaganti tahta Sena.
Nyanghareupan kaayaan kitu,Sanjaya ngondang sakabeh raja bawahannana nu aya di pulo Jawa, pikeun nyaluuhan musyawarah di karaton Galuh (harita taun 731 M.)Tina eta musyaarah eta bisa di petik kacindekan nu mangrupa hak masing-masing karajaan,diantarana bae di pahetkeun :
1. Sanjaya bakal nyekel pamarentahan di Jawa Tengah, neruskeun pamarentahan indung bapana(Sanaha-Sena).
2. Wilayah Karajaan Galuh jeung Karaaan Sunda sagemblengna di wariskeun ka Tamperan Barmawijaya.
3. Wilayah urut kakawasaan Dangiang Guru Sempakwaja(kawasan karajaan Galunggung) di pasrahkeun ka karajaan Saunggalah nu di cekel ku Resi Guru Demunawan.
4. Wilayah Beulah wetan,Paralor Progo jeung Cilotiran di pasrahkeun ka Iswara(Narayana).
Taun 732 M. Sanjaya sacara resmi masrahkeun kakawasaan Galuh jeung Sunda ka Anakna(Tamperan Barmawijaya).Sanjaya di istrenan jadi raja di Jawa Tengah tanggal 13 Sulapaksa taun 654 Saka,atawa sarua jeung 6 Nopember 732 M.Sanjaya raja nu munggaran ngagunakeun gelar nu ngawasa pulo Jawa,jeung dina mangsa pamarentahannana ngaran Medang di Bhumi Mataram di pake kalawan resmi, inyana nyekel pamarentahan di Jawa Tengah tepi ka taun 754 M.
Basa Tamperan Barmawijaya nyekel kakawasaan Sunda-Galuh, umur manarah anakna Pramana Dikusumah jeung Dewi Naganingrum geus nincak kana 14 taun. Dewi Naganingrum saterusnamah di kawin ku Tamperan Barmawijaya jadi prameswari nu ka dua saentosna Dewi Pangrenyep.Adi terena Banga, harita kakara umur 9 taun.
Manarah(Ciung Wanara) sering milu jeung uyutna, ki Balangantrang di Geger Sunten.Kulantaran Manarah seseringnamah aya di Geger Sunten ahirna nyahoeun oge kana rasiahna karajaan Sunda-Galuh.Manarah jadi nyahoeun,yen Premana Dikusumah(Bapana) di telasan ku Tamperan Barmawijaya.
Ku katawekalannana, oge kalawan di aping ku uyutna nyaeta Balangantrang, Manarah ngumpulkeun kakuatan wadiabalad pikeun males pati.Tatahar di akukeun kalawan rerencepan di Geger Sunten.
Wadiabalad Manarah di wangun ku sesa-sesa laskar Galuh nu satia ka Purbasora,jeung ka Premana Dikusumah.Di pimpin ku ‘Senapati_sepuh’ Ki Balangantrang.Rerencepan Manarah jeung sababaraha urang pangiringna muru tempat ngadu hayam di Karaton Galuh(Pesta ngadu hayam geus jadi kalangenan raja-raja Galuh).
Banga, jeung pasukan Bhayangkara Galuh, oge jeung sababaraha urang pageden Galuh sejena keur aya di kalang ngadu hayam.Karaton ngan ukur di jaga ku Prajurit biasa.
Gempuran ti wadia balad Manarah ti Geger Sunten pancegna tengah poe ereng-erengan. Wadiabalad Geger Sunten nu di pimpin ku Ki Balangantrang ngajorag tempat ngadu hayam.Pakalangan ngadu hayam di kepung.Manarah nu harita geus aya di tengah pakalangan langsung mere Komando Geger Sunten.Pasukan Bhayangkara Galuh bubar katawuran, teu walakaya nyanghareupan wadia balad Manarah nu datangna teu di sangka-sangka.Kudeta Manarah geus hasil aya kuciwana.
Tamperan Barmawijaya jeung Dewi Pangrenyep di tawan, langsung di berok.Wadia balad Galuh nu perangna satengah hate serah bongkokan ka wadia balad Geger Sunten.
Banga nu harita umurna geus 16 taun, ku manarah di bebaskeun tapi di kawal sacara husus.Banga ahirna bisa lolos saenggeus hasil nipu nu ngawal dirina, oge nu ngajaga pangberokan indung bapana.
Wadia balad Galuh nu biluk ka Manarah, geuwat ngudag nu kabur oge Manarah jeung wadia baladna.Banga teu gimir basa adu hareupan jeung Manarah, perang tanding antara dulur tere teu bisa di cegah deui.Banga ahirna Eleh, terus di tawan.Ngan nu ngarudag Tamperan Barmawijaya jeung Dewi Pangrenyep geus kapalang ngudag, behnamah wadia balad Manarah ngarasa sieun udaganana lolos ahirna Tamperan jeung Dewi pangrenyep di teregteg panah nepi ka tiwasna.
Beja tiwasna Tamperan jeung Bojona ahirnamah dugi oge ka Sanjaya di Jawa Tengah.Di barengan ku wadia balad nu loba tur rohaka Sanjaya miang ti edang ngajugjug Galuh.
Manarah geus waspada kana bakal datangna wadiabalad Sanjaya,manarah menta bantuan ti unggal wewengkon sabudeureunnana.Meh kabeh nagara leutik nu tadina pacundang ku Sanjaya, ngirim wadia balad pikeun ngabantuan Manarah.Medan jurit endeur ku perangrongkah antara wadia balad Manarah jeung Wadiabalad Sanjaya. Duanana sarua haying males pati,duanana sarua Dendam.
Saenggeus perang rongkah nu lumangsung sababaraha poe, teu kacipta pi anggeuseunnana, ahirna tokoh sepuh Resi Guru Demunawan kapaksa ‘turun tangan’ di barengan ku barisan Pandita,Resi Guru Demunawan ninggalkeun karaton Saunggalah, muru medan jurit. Inyana hasil nyapih nu keur perang rongkah, sarta ngajak supaya di rengsekeun ku jalan Musyawarah.
Resi Guru Demunawan tembong kaluhungan budina salaku Raja resi nu adil pala marta,ahirna bisa di cokot kacindekan nu kawilang siger tengah.Kawasan karajaan nu tadina di cekel ku Tamperan Barmawijaya di bagi dua kalaan adil.
Karajaan Galuh di pasrahkeun ka ahli warisna, nyaeta Manarah putra Premana Dikusumah suwargi.Karajaan Sunda di pasrahkeun ka turunan Tarusbawa, nyaeta Banga anakna Tamperan Barmawijaya.kajadiannana teh sakitar taun 739 M.
Manarah nyekel kakawasaan di Galuh ti taun 739-783 M. inyana ka telah ku gelar karatuan PRABU JAYAPERAKOSA MANDALESWARA SALAKABUANA.
Prameswarina nyaeta Kancana Wangi buyutan Resi Guru Demunawan ti karajaan Saunggalah, tina lakirabina gaduh putra jenengannana Puspasari(nu dina carita pantunmah katelah Purbasari dina carita Lutung Kasarung).Kawasannana ngawengku Jawa Pawatan( Wewengkon Banyumas)tepi ka Citarum iwal ti karajaan Saunggalah.
Taun 783 M. Manarah milampah Manurajasuniya(Mungkas hirup ku jalan tapa saenggeus ngundurkeun diri tina tahta Karajaan). Manarah maot taun 798 M. dina umur 80 taun. Kalungguhannana di ganti ku salakina Puspasari nyaeta Sang Maniri(Lutung kasarung Tea), kalawan make gelar PRABU DARMASAKTI WIRAJAYESWARA, nu nyekel pamarentahan Galuh ti taun 783-799 M.
Saterusna nu nyekel pamarentahan Galuh teh di antarana bae :
1. Sang Tariwulan nu Gelarna PRABU KRETAYASA DEWAKUSALESWARA(799-806 M.)
2. Sang Welengan nu Gelarna PRABU BRAJANAGARAJAYABUANA(806-813 M.)
3. Prabu Linggabumi(813-852 M.)
Kusabab Prabu Linggabumi teu bogaeun katurunan, tahta karajaan Galuh di wariskeun ka salaki adina, nyaeta Rakeyan Wuwus Turunan Banga.
Balikan deui ka perkara Banga, saenggeus nagara Sunda-Galuh di bagi jadi dua, Banga langsung di angkat jadi Raja Karajaan Sunda kalawan make gelar KRETABUANA YASAWIGUNA AJIMULYA(739-766 M.) inyana nyekel kakawasaan di sahandapeun Pangaruh Manarah. Prameswarina nyaeta Kancana Sari adina Kancana Wangi (prameswarina Manarah), sarua buyut Resi Guru Demunawan.
Saenggeus 20 taun ngusahakeun ngalegakeun wewengkon kakawasaanana jeng nohagakeun Pertahannan puseur dayeuh karajan Sunda ku jalan ngagali susukan (parit) sabudeureun dayeuh, Banga geus hasil ngalepaskeun dirina tina kakawasaan Galuh. Ti taun 759-766 M.inyana nyekel pamarentahan nu bebas Mardika.
Nu saterusna kakawasan sunda di cekel ku :
1. Rakeyan Medang gelarna PRABU HULUKUJANG(766-783 M.)
2. Rakeyan Ujung Kulon gelarna PRABU GILINGWESI(783-795 M.) ;inyana minantu Prabu hulukujang.
3. Rakeyan Diwus gelarna PRABU PUCUKBUMI DARMESWARA(795-819 M.); inyana minantu Prabu Gilingwesi.
4. Rakeyan wuwus gelarna PRABU GAJAH KULON(819-891 M.);inyana kawin ka Putri Sang Walengan ti Galuh.
Taun 852 M.inyana meunang warisan tahta nurut ka pamajikan, ti Prabu Linggabumi di galuh nu teu bogaeun turunan tea.Ku kajadian kitu nagara Sunda jeung Nagara Galuh ngahiji deui kawas jaman Sanjaya Jeung Tamperan.
Kusabab Prabu Gajah Kulon Jinekna di purasaba(puseur dayeuh) Sunda, jadi puseur dayeuh ayana di beulah kulon.Saterusna kitu jeung kitu, mun ahli warisna tahta urang Galuh, puseur dayeuh aya di wewengkon Galuh, kitu deui pama ahli waris tahta ti turunan Sunda puseur dayeuh aya di Karaton Sunda. Atawa aya kalana upama mun di cekel ku ahli waris ti Saunggalah puseur dayeuh aya di Saunggalah (Kuningan).
Ku kajadian laki-rabi na tilu kulawarga karaton Sunda-Galuh-Saunggalah geus nyampurkeun getih turunan, tepikeun ka teureuh Sunda,Teureuh Galuh, jeung Teureh Saunggalah teu pati eces deui jujutannana.Di sagigireun eta, kalungguhan masing- masing salaku raja wewengkon tetep teu robah. Mun Raja Sunda jadi pangawasa pangluhurna (Susuhunan), di Galuh jeung Saunggalah tetep kalungguhannana salaku raja, nu aya kalana make gelar Prabu. Kitu deui upama kalungguhannana aya di Galuh jeung Saunggalah jeung saterusna.
Kuayana kitu, di antarana bae geus tumuwuh kakaliruan silsilah dina nyusun babad, loba tokoh raja daerah nu di dedetkeun kana silsilah utama.Contona bae Munding Kawati jeung Munding Surya Ageung, ta dua tokoh the ngan saukur raja daerah luareun Galuh-Sunda-Saunggalah. Dina naskah-naskah kuno, raja-raja daerah tara kungsi di sebut Prabu.

Catetan : Manarah nu kaunggel dina Sajarah ieu, tiasa di banding-banding jeung dongeng rahayat “Ciung Wanara” nu tos kawentar di tatar Jawa Barat. Mugi ku jalan ieu jadi cepengan sadayana, kumaha carita Ciung Wanara nurutkeun Sajarah.

BAB III
SAEUTIK NGABAHAS KARAJAAN – KARAJAAN
DI JAWA BARAT
NU AYA HUBUNGANNANA JEUNG KARAJAAN GALUH

A. Karajaan Galunggung.
Nurutkeun sumber carita rahayat,puseur dayeuh karajaan Galunggung teh palebah wewengkon Rumantak, desa Linggawangi Kecamatan Leuwisari, Tasikmalaya.Wewengkon ieu teh baheulamah masih kaerah ka wewengkon Kawadanaan Singaparna, urang Kampung Naga mun nyebut Singaparna teh sok Galunggung bae. Nurutkeun piagam Tamaga,tokoh Singaparna nyekel kakawasaan di eta wewengkon, dumasar parentah susuhunan Mataram. Sumber ieu sajalan jeung eusi prasasti batu nu kapanggih di daerah Gegerhanjuang deukeut wewengkon Rumantak.Eta prasasti the ayeuna di simpen di musiem pusat jakarta.Aksara jeung basana sunda kuno, lobana ngan tilu jajar :” Traba I gune apuy nasta gomati sakakala rumatak disusu(k) ku batari hyang pun”, tarjamahanna:”Tanggal 13 Bulan Badra taun 1033 Saka,Rumantak di susuk ku Batari Hyang.(Disusuk=di jieun susukan = nyien parit). Tokoh Batari Hyang nyaeta nu nyekel kakawasaan di ruma(n)tak nu kungsi nitah nyieun susukan(parit pertahanan)pangna di sebut batari bisa di pastikeun yen manehna the awewe. Tina eta prasasti bisa kapanggih yen rumantak teh ngaran puseur dayeuh pamarentahan Karajaan Galunggung.
Sakumaha nu I bahas dina Karajaan ‘Galuh’ Dangiang guru Sempakwaja ngadegkeun pamarentahannanateh di eta wilayah,nu saterusna di sebut Karajaan Galunggung.
Batari Hyang salahsahiji katurunan Dangiang Guru Sempaka. Gelar Baari Hyang, yen eta ratu teh mangrupa Raja Pandita jiga Karuhuna. Prasasti Gegerhanjuang mangrupa monumen nu netelakeun anggeusna nyiaeun susukan pikeun pertahannan di Galunggung nu pancegna tanggal 21 Agustus 1111 M.
Ajen Spiritual Galunggung kungsi di ajarkeun deu ku Prabu Darmasiksa ka anakna Sang Lumahing Taman, mangrupa agama nu ngajarkeun atikan kahirupan jeung katatanagaraan. Jaman Sri Baduga Maharaja(Karajaan Pajajaran), Amanat galunggung the di ‘kodifikasi’-keun deui mangrupa naskah nu di sebu “SANGHIYANG SIKSAKANDANG KARESIAN”, di tulis taun 1518 M. dina carita Parahiyangan mah eta naskah teh di sebut “SANGHIYANG SIKSA”, eta agama ti Galunggung the mangrupa ‘Kandungan Urang Reya’(pikeun cekelan kahirupan balarea).
Cindekna mah sababaraha priode karajaan nu aya di Jawa Barat, make katatanagaraan jeung kawarganagaraan ti Galunggung, nu di ciptakeun ku Dangiang Guru Sempakwaja.
Sang Lumahing Situ Sanghyang nu di pulasarakeun di situ Sangiang, nyaeta Sanghiyang Ageung,dina carita Parahiyangan eta Prebu Sanghiyang, kungsi nyekel kakawasan di jawa Barat taun 1019-1030 M.Situ Sangiang pernahna di daerah Cibalanarik, kecamatan mangunreja, Tasikmalaya. Tokoh Sang Lumahing Situ Sangiang karuhuna Prabu Guru Darmasiksa nu aya patula- patalina jeung Galunggung.Prabu Darmasiksa nyeta turunan entragan ka-6.
Prabu sanghiyang Ageung (Sang Lumahing Situ Sangiang)nya eta bapana Sri Jayabupati(1030-1042 M.) nu kungsi ka bejakeun ku prasasti Cibadak Sukabumi. Inyana Raja Sunda nu kungsi ngadegkeun ‘Kabuyutan’ dukeut sanghiyang Tapak di Cicatih.Dina nakah tradisional anjeuna sok di sebut ‘PRABU DETYA MAHARAJA’atawa ‘Prabu Setya Maharaja’.
Tina tokoh Sri Jayabupati, kanyahoan yen sanghiyang ageung teh sobatna Damawangsa ti Jawa Timur, jeung sobana raja malayu ti Sumatra.
Sri Jayabupati boga pamajikan dua urang. Nu kahiji putrina Darmaangsa, adina Dewi Laksmi(Prameswarina Airlangga).Nu kadua putri ti Sumatra. Salahsahiji incuna Sri Jayabupati ti karjaan Sriwijaya, masih kaasup rerehan raja Wurawari nu nelasan Darmawangsa.
Di kawinkeunana Sri Jayabupati ka putrina Darmawangsa, saacana di istrenan jai raja di karajaan Sunda.Jadi pikeun ngjodokeun Sri Jayabupati jeung purina Darmawangsa teh, ku pokalna Sanghiyang Ageung. Ku alatan kitu, Sri Jayabupati ku mitohana di bere Gelar ‘Jayamanahen Wisnumurti Samarawijaya Sakalabuanamandaleswaranindita Harogowardana Wikramotunggadewa’. Nu Saterusna di gunakeun resmi gelar Raja Sunda( Karajaan Sunda).
Hal eta teh bisa di kanyahokeun tina prasasti Cibadak nu di jieun dina poe Hariyang-Kaliwon-Radite, tanggal 12 Sulapksa Bulan Kartika taun 952 Saka(11 Oktober 1030 M.) Antara ngajodono ka puri Darmawangsa jeung di bere gelar ku mitohana, ngajentrekeun ku naon pangna eta prasati Cibadak make aksara jeung basa jawa Kuno nu sarua jeung prasasti-prasasti nu aya di Jawa Timur, Hal ieu Pernah jadi pasualan Prof.Krom.
Amanat ti Galunggung, naskahna ngan 7(Tujuh) lembar nu aya tulisannana ngan 13 kaca masing-masing 4 Jajar. Teu kabeh nasehat cocog jeung unggeran moral ayeuna, komo mun di tilik tina Agama mah. Bawirasa, aya sababaraha bagean nu perlu di pikiran.
Salahsahiji palsapah ti Galunggung, nyaeta konsep kanagaraan nu di sebut “TRI TANGTU DI BUANA”(tilu pamimpin Umat). Netelakeun yen kalungguhan Rama(Kokolot desa/tokoh Masarakat), Resi(Ulama), jeung Ratu(Raja pimpinan Pamarentahan), boga tugas nu beda tapi teu bisa di pisahkeun.Tilu pamimpin umat bieu kudu babarengan nanjeurkeu kahadean jeung kamulyaan budi, keur kapentingan Masarakatna.
Atikan kanagaraan kitu the tepi ka ayuna masih di pake keneh ku uang Baduy Jero, nu kahirupannana di pimpin ku tilu Puun (Puun Cibeo, Puun Cikertawana, Puun Cikeusik.)Eta tilu Puun teh boga kalungguhan Masing-msing sakumaha kalungguhan Rama,resi, jeung Ratu, nu aya dina konsep Tri Tangtu Di Buana. Ciciren hiji nagara atawa karajaan rek runtag, mun konsep pamarentahan geus ninggalkeun konsep nu bieu. Diantarana ba mun Ratu geus nyapirakeun kalungghan Resi atawa Rama. Tepi kaayeuna di baduy masih keneh tukuh nyekel papagon Tangtu Telu(tilu pimpinan) dina ngaheuyeuk lembur.
Tina Eta amanat Galunggung di sabit sabit oge ngenaan kasadaran kana Sajarah nu unina kieu: “Aya ma baheula aya tu ayeuna, hanteu ma Baheula hanteu tu ayeuna.Hana tunggak kana watang, tan hana tunggak tan hana watang. Hana ma tunggulna aya tu catangna”(Aya baheula aya ayeuna,eweuh baheula moal aya ayeuna. Aya tunggak aya watang, euh tunggak moal aya watang. Mun aya tunggulna pasti aya catangna).

B. Sunda Sembawa.
Kampung Bojong Karaton, kaasup Desa Kebantenan, Kecamatan Cilincing(ayeuna Tarumanajay), Kabupaten Bekasi. Ti kampung karaton geus ka panggih 3(tilu) prasati Tamaga, nu nerangkeun Sunda Sembawa mangrupa Lurah Kawikuan atawa Lemah Dewasasana.
Prasasti 1 :PUN, INI PITEKET SRI BADUGA MAHARAJA RATUHAJI DI DI PAKUAN SRI SANG RATU DEWATA.
Prasasti 2: ONG AWIGNAMASTU, NIHAN SAKAKALA RAHYANG NISKALA WASTU KANYCANA, TURUN KA RAHYANG NINGRAT KANYCANA,MAKA NGUNI KA SUSUHUNAN AYEUNA DI PAKUAN PAJAJARAN PUN.
Prasasti 3 : INI PITEKET NU SEBA KA PAJAJARAN.
Prasasti ka hiji jeung ka dua bisa di pastikeun beunangna Sri Baduga Maharaja. Prasasti ka tilu bisa jadi di jieuna ku pangawasa daerah bawahan Pajajaran, sabab hartina nu seba nyaeta nu bakti atawa nu tumut,mangrupa paraturan daerah.
Prasasti hiji jeung tilu mangrupa pitaket (piagam langsung), sedengkeun prasasti ka dua mangrupakeun sasakala( tanda paringetan) nu hartina eta piagem ngukuhkeun deui kana putusan nu geus di embarkeun ku raja samemehna(Wastu Kancana jeung Ningrat Kancana).
Aya sababaraha hal anu bisa kakoreh tina 3(tilu) prasasti tadi:
1. Wewengkon nu di tangtayungan :
a. Prasasti 1(hiji) jeung prasasti 3(tilu) husus keur Sunda Sembawa.
b. Prasasti 2(dua) keur Jayagiri jeung Sunda Sembawa.
2. Sesebutan nu di gunakeun :
a. Prasasti 1 : Lemah Dewasasana di Sunda sembawa.
b. Prasasti 2 : Dayeuh di Sunda Sembawa.
c. Prasasti 3 : Kabuyutan di Sunda Sembawa.
3. Ancaman atawa Sangsi :
a. Prasasti 1 :’ teu meunang ngarobah wates-wates nu geus di paheutkeun ku raja-raja, sabab raja kacida ngimetan/nitenan kaperluan para wiku’.
b. Prasasti 2 :’ teu menang narik pajeg di eta wewengkon, sabab maranehna,nyaeta para wiku nu ngajalankeun dewasasana.
c. Prasasti 3 :’ sing saha nu ngaganggu wewengkon Sunda Sembawa bakal di hukum pati, sabab eta wewengkonteh wewengkon kawikuan.
Dina prasasti 2(dua) di paheutkeun wates-wates kawasan Dayeuh Sunda Sembawa :
a. Ka beulah wetan :Hanggat(wewengkon)Ciraub tepi ka Sangiang Salila.
b. Ka beulah Kulon : hanggat Ruseb terus ka munjul, ka ci bakekeng.
c. Ka beulah kidul : hanggat leuweng Comon.
Wates ka kaler teu di sebutkeun sabab kawatesan ku laut.oge di tandeskeun :’Saparah jalan gede ka girangkeun,lemah larangan pigeusaneun para wiku pun’.
Ku ayana katangtuan kitu bisa di cindekkeun, yen dayeuh Sunda Sembawa jeung lemah Dewasasana atawa ‘ kabuyutan Sunda Sembawa’ aya dina hiji lokasi nu di pisahkeun ku jalan gede nu kasebut bates. Keur ngmumule eta kabuyutan pangesi Sunda Sembawa di bebaskeun tina sagala rupa pajeg nu mangrupa tanaga (dasa jeung calagara), oge di bebaskeun tina pajeg hasil panen(kapas jeun pare).Nu pangpentingna di imeutan nyaeta ayana dayeuh atawa Dayeuh Sunda Sembawa. Kecap Sembawa atawa Sambawa asal tina basa Sunda kuno nu hartina ‘Asal’ atawa ‘ Munggaran’. Jadi Sunda Sembawa the hartina Sunda Munggaran atawa Sunda Baheula. Hal ieu netelakeun ayana Sunda anyar, samemehna tangtu di eta tempat ngaranateh Sunda teu di tamah ku sembawa (Jauh saacan Sri Baduga).
Ngaran Sunda nu pangheubeulna, sacara ti nulis kapanggih dina prasasti Pasir Muara (Kebon Kopi) nu kapanggih deukeut prasasti Tapak Gajah titinggal Purnawarman. Eta wewengkon ka erah ka wilayah kacamatan Cibungbulang Kabupaten Bogor(prasasti Ciareuteun ayeuna masih di eta wewengkon keneh).
Dina Naskah Cirebon(Pustaka Wangsakerta), Pasir Muara di caritakeun mangrupa hiji wewengkon karajaan bawahan Tarumanagra. Ayana di palebah ‘tonggong pasir nu handap’, nu di watesan ku tilu walungan :Ciareuteun, Cisadane, jeung Cianten.Unggelna eta prasasti the nurutkeun transkripsi Bosch : “Ini sabdakalana rakryan juru panambat I kawihaji panyca pasagi marsa ndesa barpulihkan haji sunda”. Ku Bosch di ‘paksakeun’ supaya sangkala kawihaji panca pasagi,nu kudu di baca 458 Sakajadi tibalik 854 Saka. Alesanana sabab eta prasasti basana basa Malayu Kuno, tangtu nurutkeun eusina eta the di jieun ku salasaurang Pageden Sriwijaya. Padahal dina taun 458 Saka(536 M.) Karajaan Sriwijaya can ngadeg.
Mun nurutkeun sangkal nu umum, eta prasati the ngiberan : “ Ieu nya eta sabda rakryan Juru Pangambat dina (taunsaka) 458, pamarentahan nagara di pulangkeun ka raja sunda.” Kusabab kajadian mulangkeun pamarentahan nagara Bosch ngarasa yakin yen kajadian kitu teh ngan bisa di pilampah ku Sriwijaya. Tangtu palebah dieu teu sapamadegan, sabab basa nu aya dina prasastimah aya nu beda jeung basa malayu Sriwijaya nu kapanggih tina prasasti-prasastina. Kecap pangembat dina basa malayu Sriwijaya di tulisnateh Pangamwat, kitu deui barpulikan, dina asa Sriwijaya di tulis Marpulih.
Ku sabab eta prasasti kapanggihna di pasir muara, nu kaasup ka bawahan Tarumanagara, angtu eta kajaian aya patula patalina jeung karajaan Tarumanagara. Dina Taun 458 Saka(536 M.)nu nyekel kakawasaan di Tarumanagara the Suryawaman(535-561 M.), Raja Tarumanagara nu ka-VII nu boga minantu ka Raja Resi Manikmaya.
Karajaan nu sarupa kapanggih dina Pustaka Pararatwan I Bhumi Jawadwipa, parwa Isarga 3 dina kaca 80 jeung 81 di caritakeun , yen dina taun 454 Saka(532 M.)kakawasan di sababaraha nagara bawahan di pasrahkeun deui ka Tarumanagara.Taun 532 M. kaasup mangsa pamarentahan Candrawarman(515-535 M.), bapana Suryawarman. Mulangkeun deui ka karajaan Sunda mangrupa hojah Suryawarman nu neruskeun pulitik nu di jalankeun bapana.
Basa Maharaja Tarusbawa ngaganti ngaran Tarumanaga jadi Karajaan Sunda, tina naskah Cirebon tea dina kaca 79(Jawadwipa) di caritakeun : “Sabenerna karajaan Sunda geus aya ti memehna mula, ngan bae jadi bawahan Tarumanagara. Jeung deui ngaranna the asalnamah (dayeuh) Sundapura”. Ngaran Sundapura asalnamah ti India.
Tarusbawa bibit-bibitna mah ti Sunda Sembawa. Malahmah anakna nu jadi mitoha Sanjaya, ngarana teh Rakryan Sunda Sembawa. Jadi Sunda Sembawa teh tempat karuhuna Maharaja Tarusbawa nu ngadegkeun Karjaan Sunda(669 M.)
Dina Pustaka Pararawan I Bhumi Jawadwipa, parwa 1 sarga 1 jeung Pustaka Negarakertabumi V, di caritakeun oge yen basa purnawarman mimiti nyekl karajaan Tarumanagara taun 395 M. inyana mindahkeun pamarentahannana ti Jayasingapuranu di adegkeun ku akina Jayasingawarman, raja mimiti Tarumanagara ka beulah kaler(Kab.Bekasi), sarta mere ngaran ka eta wewengkon anyar jadi Sundapura.
Dina Prasasti Pasir Muara dina taun 536 M.pamarentahan sangkan di pulangkeun ka raja Sunda. Kaharti kitu namah, sabab harita puser pamarentahan geus ngeser ka tempat sejen. Sundapura atawa dayeuh Sunda di tambahan ku Sembawa, teu beda ti sesebutan dayeh kolot ayeuna.
Tarusbawa jeung pamajikannana, Manasih alias Widari mayang Kancana ngaganti karajaan Tarumanagara jadi karajaan Sunda, taya lian hayang mulangkeun deui ka jayaan jaman Purnawarman jeung Wisnuwarman nu jinekna di Sundapura.
Tina eta prasasti Bojong Karaton(Prasasti ka Bantenan) ngabuktikeun yen Sunda Sembawa mangrupa tempat lahir karajaan Sunda, nu tetep di pusti jeung di pi hormat ku Wastu kancana jeung Sri Baduga Maharaja.
Prasasti-prasasti Sri Baduga nu aya patula- patalina kana panangtayungannana ka wewengkon Sunda Sembawa, kapanggihnateh ti panduduk Bojong Karaton nu di taksir di dinya pisan lokasina Sunda Sembawa. Hanjakalna teh eta prasasti kaburu kasohor ku ngaran ‘Prasasti Kabantenan’(ngaran desana), tepikeun kurang ngageuing asosiasi diri Holle jeung Pleyte nu kungsi nalungtik eta wewengkon.
C. Karajaan Pajajaran.
Karajaan Pajajaran teh mangrupa karajaan corak hindu pamunkas di Jawa bara, nu di tengetanmah guratna the masih keneh lempeng, ngaruntuy ti jaman Karajaan Salakanagara, Karajaan Tarumanagara, Karajaan Kendan, karajaan Galuh, Karajaan Saunggalah, Karajaan Indraprahasta, Karajaan Galunggung, jeung Karajaan Sunda.
Jayadewata munggaran di istrennana jadi raja di karajaan pajajaran, dina kaayaan jiwana igeung. Sabab inyana nyaksian kumaha pagetrengna antara bapana(Prabu Dewa Niskala) jeung mitohana (Prabu Susuktunggal).
Inyana kungsi di asuh ku akina nu wijaksana, Prabu Wastu Kancana.Pangalaman dina widang pamarentahan basa mimiti jadi raja di wewengkon Sindang kasih, ngaganti mitohana Ki Gedeng Sindang Kasih, sabab Jayadewata samemehna kungsi di kawinkeun ka Ambetkasih. Saterusna inyana boga pamajikan ka Subanglarang, putrina ki Gedeng tapa pangawasa Sngapura(Mertasinga).
Putri Subanglarang Agama Islam, murid yekh Hasanudin ti pondok Quro Karawang. Hasanudin nyata ulama Cina-Islam ti nagri Cempa, nu datangna ka Karaang numpak kapal Armada Ming nu di pimpin ku Laksamana Haji Ma Cheng-ho taun 1415 M. Pondok Quro ieu pasantren munggaran di Jawa Barat. Syekh Hasanudin atawa Syekh Quro the nya eta akina Putri Siu Ban Ci, indungna Raden Patah jeung Raden Kusen.
Jayadewata ngawin Subanglarang ngaliwatan saembara gaya klasik, nyaeta ku jalan ngayakeun tarung antar calon. Dina pinal Jayadewata ngelehkeun Amuk Murugul ratu Japura. Amuk Murugul teh anak cikalna Prabu Susuktunggal. Saterusna Jayadewata kawin deui jeung Putri Mayang Sunda ti karajaan Sunda, adina Amuk Murugul. Putri ieu nu di sebut Padmawati dina lalakon Mundinglaya Dikusuma.
Saenggeusna Jaya dewata kawin jeung Putri Mayang Sunda, inyana nganjrek di Pakuan, sabab mitohana (Prabu Susuk tunggal) geus nyadangkeun dirina pikeun gaganti raja. Basa kajadian pagetrengna Dewa niskala jeung Susuktunggal, jaya dewata datang jadi panyapih jeung nu ngahijikeun deui. Ku ayana kitu Jayadewata di perih pati supaya nyalametkeun tahta Karajaan.
Nya inyana pisan nu bisa nyalametkeun Nagara warisan Wisnu Kancana, sarta bisa nyingkahan perang sadulur. Rasa tanggungjawabna bisa ngelehkeun sikep hormatna jeung ajrihna ka sesepuhna. Jayadewata sayagi jadi tokoh nu nyalametkeun nagara. Ku kasayagaannana, taun 1482 M. Dewaniskala masrahkeun tahta karajaan Galuh ka Jayadewata(salaku anakna), kitu deui Susuktunggal masrahkeun tahta karajaan Sunda ka Jayadewata(salaku minantuna), jadi Jayadewata menang pamasrahan dua karajaan, nu dina pamarentahan di menangkeun nyandang gelar Maharaja.
Nurutkeun Pustaka Negarakertabhumi Parwa 1 Sarga 2, Jayadewata mimiti menang tahta karajaan Galuh ti Bapana, Dewa Niskala salaku pangawasa karajaan Galuh, Jayadewata di bere gelar “Prabu Guru Dewataprana”. Keur saheulaannan inyana cicing di karaton Surawisesa, Kawali.
Saterusna Jayadewata indit ka Pakuan pikeun narima tahta ti mitohana di Karajaan Sunda. Ku eta kajadian Jaya dewata jadi pangawasa Jawa Barat nu ngawengku karajaan Sunda-Galuh. Inyana di istrenan jadi raja kalawan gelarna “Sri Baduga Maharaja Ratu Haji di Pakuan Pajajaran Sri Sang Ratu Dewata”.
Beja ieu saluyu jeung prasasti Batu tulis nu mere gambaran yen Sri Baduga di isternan dua kali kalawan make gelar panjang sakumaha di sebut bieu. Ku diistrennanana nya ngamimitian priode Karajaan Pajajaran nu mangrupa priode raja-raja pamungkas nu corakna Hindu, atawa pra-Islam di Jawa Barat. Gela Sri Baduga ieu kungsi di pake ku Linggabuana raja karajaan Sunda nu tias di tegal Bubat, Majapait. Nu matak tong heran, memeh aya bahasan nu pasti, dua tokkoh nu make gelar Sri Baduga Maharaja sok pahili.Cindeknamah kudu di bedakeun, nu tiwas di bubat mah ti karajaan Sunda nu dayeuhna di Kawali. Sedengkeun Sri Baduga Maharaja dina priode karajaan Pajajaran mah puseur dayeuhna di Pakuan Pajajaran.(Prabu Linggabuana the kurangleuwihna uyutna Jayadewata)
Keur nu ngaheyeuk Pamarentahan Galuh, Sri Baduga nyokot anakna dewa niskala ti pamajikanana nu ka dua, ngarana Jayadiningrata, sabab Sri Baduga mah cicingna di Pakuan Pajajaran (Bogor), keur kapentingan Sri baduga, Susuktunggal geus mugar karaton sarta nyieun Palangka(tahta) Sriman Sriwancana.
Dina prasasti batutulis di caritakeun yen keur nguatkeun pertahanan Pakuan, ku cara nyieun susukan(nyusuk na pakwan), nyieun sanghiyang Talaga Rena Mahawijaya, nyieun sakakala mangrupa punden(gugunungan), jeung nyieun leuweung samida. Oge ngatur deui kalungguhan Lemah dewa Sasana di Sunda Sembawajeung Jayagiri. Nya inyana nyumponan amanah akina, Prabu Wastu Kancana.
Kabeh karya-karyana di caritakeun dina pustaka Negara Kertabhumi Parwa 1 sarga 2, nya eta:
Nyieun jalan ti puseur dayeuh ka sabuderreunnana, nyieun jalan kapunden nyieun taman kaputran, nyieun Ksatrian, Nyusun formasi-formasi Tempur(Pagelaran=bihwa;yuhwa), tempat hiburan(Pamingtonan), nyusun undang-undan (Nitiraja), ngabenahan sistem pajeg jeung upeti, kalawan nohagakeun angkatan Perang.
BAB IV
RAJA RAJA DI JAWA BARAT
I. KARAJAAN SALAKANAGARA.
Puseur Dayeuhna di Rajaputra atawa Salakapura(kota Perak Pandeglang, Banten), raja-rajana :
a. DEWAWARMAN mimpin karajaan ti taun 130-168 M.
b. DIGWIJAYAKALASA DEWAWARMAN taun 168-195 M.
c. SINGASAGARA taun 195-238 M.
d. TIRTALENGKARA x DHARMASATYANAGARA taun 238-252 M.
e. MAHISASURAMARDHINI x DHARMASATYAWARMAN taun 252-289 M.
f. GANAYANADEWA LINGGABUMI taun 289-308 M.
g. BHIMADIWIJAYA SATYAGANAPATI taun 308-340 M.
h. RANI SPATIKARNAWAWARMAN DEWI x DHARMAWIRYA DEWAWARMA taun 340-362 M.
*(x = kawin)
II. KARAJAAN TARUMANAGARA.
Puseur dayeuhna di Sundapura, Bekasi. Raja-rajana:
a. JAYASINGAWARMAN(minantu I/h) taun 358-382 M.
b. DHARMAYAYAWARMAN taun 382-395 M.
c. PURNAWARMAN taun 395-434 M.
d. WISNUWARMAN taun 434-455 M.
e. INDRAWARMAN taun 455-515 M.
f. CANDRAWARMAN taun 515-535 M.
g. SURYAWARMAN taun 535-561 M.
h. KERTAWARMAN taun 561-628 M.
i. SUDHAWARMA taun 628-639 M.
j. HARIWANGSAWARMAN taun 639-640 M.
k. NAGAJAYAWARMAN taun 640-666 M.
l. LINGGAWARMAN taun 666-669 M.
Taun 670 M. Tarumanagara bengkah jadi dua karajaan nyaeta Karajaan Sunda jeung Galuh. Puseur dayeuh karajaan Sunda di Sundapura di pindahkeun ka Pakuan Pajajaran di Bogor.

III. KARAJAAN KENDAN JEUNG GALUH.
Raja-rajana diantara bae nyaeta:
a. RESI GURU MANIKMAYA(minantu II/g) taun 526-568 M. Raja Kendan.
b. RAJAPUTRA SURALIMANSAKTI taun 568-597 M.
c. KANDIAWAN RAJARESI DEWARAJA taun 597-602 M. Raja Medangjati.
d. WRETIKENDAYUN taun 602-702 M. Raja Galuh I.
e. MANDIMINYAK taun 702-709 M.
f. BRATASENAWA(SENNA) taun 709-716 M.
g. PURBASORA taun 716-723 M.
h. SANJAYA HARISDARMA taun 723-732 M.(taun 732 pindah ka jawa tengah)
i. TAMPERAN BARMAWIJAYA taun 732-739 M.
 Ku Sanjaya Karajaan Sunda jeung Karajaan Galuh Bisa ngahiji.
 Taun 759 M. Karajaan Sunda misahkeun diri ti Karajaan Galuh.
IV. KARAJAAN SUNDA .
Puseur dayeuhna di Pakuan, raja-rajana nyaeta :
a. MAHARAJA TARUSBAWA (minantuna II/l) taun 669-723 M. di Pakuan.
b. SANJAYA HARISDARMA(=III/h) taun 723-732 M. di Pakuan.
c. TAMPERAN BARMAWIJAYA taun 732-739 M. di Galuh
d. RAKEYAN BANGA taun 739-766 M. raja Sunda
e. RAKEYAN MEDANG PRABU HULU KUJANG taun 766-783 M.
f. PRABU GILINGWESI (minantu no.e) taun 783-795 M.
g. PUCUKBUMI DARMESWARA (minantu no.f) taun 795-819 M.
h. PRABU GAJAHKULON taun 819-891 M.
i. PRABU DARMARAKSA (adi beuteungna no.h) taun 891-895 M.
j. WINDUSAKTI PRABU DEWAGENG taun 895-913 M.
k. RAKEYAN KAMUNINGGADING PRABU PUCUKWESI taun 913-916 M.
l. RAKEYAN JAYAGIRI PRABU WANAYASA (minantu no.k) taun 916-942 M.
m. PRABU RESI ATMAYADHARMA HARIWANGSA taun 942-954 M.
n. LIMBUR KANCANA (anakna no.k) taun 954-964 M.
o. SUNDASAMBAWA MUNDING GANAWIRYA taun 964-973 M.
p. PRABU JAYAGIRI WALUNGGADING taun 973-989 M.
q. PRABU BRAJAWISESA taun 989-1012 M.
r. PRABU DEWA SANGHYANG taun 1012-1019 M.
s. PRABU SANGHYANG AGENG taun 1019-1030 M.
t. DETYA MAHARAJA SRI JAYABUPATI taun 1030-1042 M.
u. PRABU DARMARAJA taun 1042-1065 M.
v. PRABU LANGLANGBUMI taun 1065-1155 M.
w. RAKEYAN JAYAGIRI PRABU MENAK LUHUR taun 1155-1157 M.
x. PRABU DARMAKUSUMAH taun 1157-1175 M.
y. PRABU GURU DARMASIKSA (akina Wijaya ni ngadegkeun Majapait) taun 1175-1297 M.
z. RAKEYAN SAUNGGALAH PRABU RAGASUCI taun 1297-1303 M. di Kuningan.
aa. PRABU CITRAGANDA taun 1303-1311 M.
bb. PRABU LINGGADEWATA taun 1311-1333 M.
cc. PRABU AJIGUNA LINGGAWISESA (minantuna no.bb) taun 1333-1340 M. di Kawali.
dd. PRABU RAGAMULYA SANG AKI KOLOT taun 1340-1350 M.
ee. PRABU LINGGABUWANA (nu tiwas di perang bubat) taun 1350-1357 M.
ff. BUNISORA SURADIPATI (adina no.ee) taun 1357-1371 M.
gg. PRABU WASTUKANCANA (anakna no.ee) taun 1371-1475 M.
hh. – DEWANISKALA taun 1475-1482 M. di Galuh
- PRABU HALIWUNGAN SANGSANG SUSUKTUNGGAL (lanceukna sabapa jeung Dewaniskala) taun 1382-1482 M.

V. KARAJAAN PAJAJARAN.
Puseur dayeuh karajaan Pajajaran di Pakuan Pajajaran nu di rajaan ku :
a. SRI BADUGA MAHARAJA (Prabu Siliwangi, anakna no.hh/(-)1, jeung minantuna no.hh/(-)2) taun 1482-1521 M.
b. PRABU SURAWISESA (GURU GANTANGAN) taun 1521-1535 M.
c. RATU DEWATA BUANA taun 1535-1543 M.
d. RATU SAKTI SANG MANGABATAN taun 1543-1551 M.
e. PRABU NILAKENDRA taun 1551-1567 M.
f. PRABU RAGAMULYA SURYAKANCANA taun 1567-1569 M. di Pulasari.
Taun 1579 Pakuan ‘dilikwidir’ ku Banten.

VI. KARAJAAN JAWA PAWATAN (GALUH-CIREBON-BANYUMAS)
Raja-rajana di antarana :
a. MANARAH (CIUNG WANARA) taun 739-783 M. di Galuh.
b. MANISRI DHARMASAKTI (minantuna Manarah) taun 783-799 M.
c. TARIWULAN PRABU KERTAYASA taun 799-806 M.
d. WELENGAN PRABU BRAJANAGARA taun 806-813 M.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar