Kembang sungsang dinang kunang Kotak kurawis wayang Lindu nira bumi bengkah Adam adam babu hawa Siskang danur wilis Ingkang ngagelaraken cahya nur cahya Anwas anwar ngagelaraken Malih kang danur citra Nurcahya nursari nurjati Dangiang wayang wayanganipun Semar sana ya danar guling Basa sem pangangken-angken Mareng ngemaraken Dat Kang Maha Tunggal Wayang agung wineja wayang tunggal Wayang tunggal

Selasa, 23 Oktober 2012

KATERANGAN ELMU MA’RIFAT

Bismillah hirohmannirohim,
Ngawitan sim kuring nyerat ieu buku berkah tina jenengan allah ta’ala, nu murah di dunya ka umat umatna sakabeh jeung nu asih di aherat ka umat umatna anu mu’min tur alim.
Ari rohmat allah ta’ala kasalametannana lungsur ka panutan urang kanjeng nabi besar Muhammad S.A.W sareng ka para sahabatna rawuh ka para sohabatna.

Nerangkeun
Ari ma’rifat ka allah eta wajib ti sakabeh jalma mualap nu geus dewasa ,eta teu meunang henteu aya dawuhannana ka rosulullah s.a.w
AWALU DINNI MARIPATULLAH TA’ALA
(Awal-awalna agama kudu terang heula ka allah ta’ala)
Pertanyaan ;
Naon sababna pangna kudu nyaho heula ka allah ta’ala ?.
Nerangkeun ;
Supaya manusa dina enggoning ngalakonan ibadah sah di tariama ibadahna ku allahta’ala.Sabab tadi oge amal teh kudu kalawan elmu,upami teu kalawan elmu batal tegesna teu jadi,samangsa mangsa teu jadi tangtu moal aya mangpaatna pikeun aherat ngan ukur keur di dunya hungkul.
Tapi dina elmu kade kaliru,ari hartina elmu teh kanyaho, tapi lain kudu nyaho kana sarat sahna atawa batalna ibadah bae tapi kudu jeung nyaho kana hal maripat ka allahta’ala jeung rosulna.
Sabab eta teh ibarat tempat keur piwadaheun amal ibadah urang sarerea.Di ibaratkeun urang ngabogaan imah anu alus tur weweg supaya dina engoning nyimpen barang barang nu urang teh merenah tur ngeunah di cicingannana sabab sanajan boga barang sakumaha alus tur mahal oge upama teu boga tempat rek di mana urang nendeun.
Komo mun urang boga tekad amal ibadah teh keur bawaeun ka aherat atuh beuki wajib bae kana maripat ka allah ta’ala teh.Sabab pikeun urang pangbalikan nana.
Pertanyaan;
Upama teu di kanyahokeun ti ayeuna kira kirana bisa datang engke kana tempat asal urang tadi.
Nerangkeun;
Dina sakartil maot mah moal aya tanyaeun sabab ngarasakeun kanyeri ,sabab tadi oge ceuk hadisna :
Upama urang lolong di dunya teh , tegesna teu nyaho ka allah ta’ala ka rasulluloh.Engke oge di aherat tetep bae lolong teu nyaho ka allah ta’ala tegesna poek engkena di aherat.Atuh ibadah urang di dunya nu lading hese cape teh rek di bawa Kamana ?.
Upama urang teu bias balik ka allah, ka asal urang tadi palangsiang babawaan urang teh rek di bawa utrak atrok .Urang di jieun badega ku setan siluman,kusabab eta ayeuna urang di dunya kudu di tiung samemeh hujan, tegesna kudu nganjang ka pageto nya kudu bisa paeh samemeh paeh.Ceuk dalilna kieu :
ANTAL MAOTU KOBLAL MAOTU
(Geuning aherat teh kudu di kanyahokeun jeung kudu di anjangan ti ayeuna keneh)
Ari jalana maripat aya 2 jalan
1. Aya nu ti handap ka luhur; nyaeta masantren heula, hartina ngaji kitab Al Quran terus ngalakonan ibadahna.tah eta nu kitu teh jalan keur maripat ka allah.
2. Aya nu ti luhur ka handap; nyaeta nu numponan kana dalil dalilna tadi 
AWALLU DINNI MARIPATULLOH TA’ALA
Pertanyaan;
Kusabab eta mana atuh nu kudu di teangan ku urang ?.
Nerangkeun;
Nyaeta teu aya deui lian torekat para wali nu kudu di susul sabab eta nu bisa tepi ka maripatna allah ta’ala anu kasebut johar awal tea,nyaeta hakekatna Muhammad da piraku teu aya leleberan nana pikeun urang sarerea.
Sabab tadi oge para wali teh pangna tatapa nu sakitu poharana keur ngabelaan umat umatna Rosululloh supaya balik deui ka allah ta’ala .Kusabab kitu hayu urang pada tareangan ete torekat para wali teh upama teu kaburu kapanggih tangtu moal bisa kapanggih deu ka asal,Pasti urang bakal nitis marakayangan balik deui ka dunya cicing dina barang anu keuna kuruksak jeung moal bisa nyumponan dalil :
INNA LILLAHI WAINNA ILLAIHI ROJIUN
(asal ti allah kudu balik ka allah)
Kusabab kitu meureun sarerea oge masih bingung keneh pada pada percaya oge lantaran pada teungarasa turun atawa indit ti allah datang ka alam dunya,tapi kusabab aya dalilna gancang bae ngaku 
jeung urang asal ti allah tapi ngakuna teh ngan semet biwir da sieun di sebut kapir atawa kupur .
Ku hal ieu hayu urang papay ti handap ka luhur malah mandar kaharti .
“Mimitina urang tumarima asal ti indung ,ari indung asal kaluar ti nini, nini asal kaluar ti buyut,buyut asal kaluar ti bao,bao asal kaluar ti udeg udeg, udeg udeg asal kaluar ti canggah wareng, canggah wareng asal kaluar ti kakait gantung siwur,kakait gantung siwur asal kaluar ti hawa, hawa asal ceuk sakaol hadis asal tina tulang iga burung Adam”.
Pertanyan ;
Ari adam asal ti mana ? .
Nerangkeun;
Di terangkeun ku hadis asal adam t eh tina aci ning cai, aci ning bumi, aci ning seuneu, acining angin.
Pertanyaan;
Ari eta 4 unsur teh ti mana ?.
Nerangkeun;
Di terangkeun ku hadis asalna aci tina Nur Muhammad, cahaya nu 4 tea.
1. Cahaya Bodas hakeketna cai
2. Cahaya Koneng hakekatna Angin
3. Cahaya hideung hakekatna Bumi
4. cahaya Beureum hakekatna Seuneu
Pertanyaan ;
Ari Muhammad asal ti mana ?.
Nerangkeun ;
Di terangkeun ku hadis asalna tina Nur Maha suci,nya eta tina johar awal tea.
Tah semet etamah buntu sabab geus di terangkeun ku hadis jeung Al-Quran eta johar awal teh bibitna 7 lapis bumi 7 lapis langit jeung eusina.
Pertanyaan;
Jadi ana kitumah tadi ceuk dalil asal ti allah teh asal ti dinya tina johar awal tea.
Nerangkeun;
Sifat caang padang nya eta gulungan dzat jeung sifat maha suci karna jenengan asama allah.
1. Cahaya Bodas jadi hakekatna lapad Lam ahir
2. Cahaya koneng jadi hakekatna lapad Lam awal
3. Cahaya hideung jadi hakekatna lapad Lam he
4. Cahaya Beureum jadi hakekatna lapad Lam alip nya eta johar awal tasjid.
Kitu katerangannana jadi eta cahaya anu kasebut di luhur teh anu di sebut ismu Dzat, hartina dzat laesa kamislihi nyaeta asma nu maha suci ceuk ahli padikiran mah.
Ari anu di sebut latipah mah,tah engke kudu bisa balik deui ka dunya nu matak kacida wajibna di kanyahokeun ti ayeuna keneh pipindingan nu moekan kana dzat sifat allah,sing kapanggih jeung hakekatna tasjid Muhammad anu aya dina wujud pribadi teh eta nu bakal konci Muhammad,anu ngaburak barik hijabna Allah.
Upama kapanggih Insya allah tanggtu urang bisa nyumponan kana dalil babahan mulih ka jati mulang ka asal.Ari nu mulih ka jati mulang ka asal teh nyaeta rasa jasmani nu keur di pake ku urang ayeuna,nyaeta balik deui kana rasa tadi anu keur waktu nurrullah atawa johar awal.
Pertanyaan;
Ari nu mulang ka asal teh naon ?
Nerangkeun;
Nyaeta jasmanina ngajadi asal deui nyaeta nur Muhammad, cahaya nu opat tea .
1. Cahaya Bodas
2. Cahaya Koneng 
3. Cahaya Hideung 
4. Cahaya Beureum.
Samangsa mangsa balik deui ka asal nya tangtu ngarasa sampurna , hartina beak bersih beak sampurna.
Mimitina mun rek neangan pangeran karena aya dawuhan kanjeng nabi Muhammad saw:
MANTOLALABA MAOLANA BIQOERIN NAFSIHI PAKOD DOLALA BAIDA
(saha saha manusa neangan pangeran kaluar ti dirina sorangan mangka batur baturna eta jalma kasasar jauh jeung allah)
padahal aya dalilna deui :
WANAHNU AKROBA ILLAIHI MINHOBLIL WARID
(kami geus teu aya deui antara jeung maraneh sakabeh,sanajan di ibaratkeun urat beuheung maneh masih keneh deukeut maneh jeung kami)
anu mantak manusa mah leuwih di mulyakeun ku allah.Ceuk hadis :
WALAKOD KA ROMAT BANI ADAM
(kami geus ngamulyakeun pisan ka anak putu adam)
aya deui dalil :
LAKOD HOLAKNAL INSANI PIAKSANI TAKWIM
(manusa teh pang alus alusna jeung pang aheng ahengna kajadian tina sasama mahluk allah)
Geura lamun urang geus nyaho kana kaayaan anu aya dina diri urang sorangan,tangtu engke ngarasa ka ahengan anu aya dina diri urang sorangan.
Aya deui dawuh kanjeng nabi Muhammad saw :
MAN AROPA NAPSAHU PAKOD AROPA ROBAHU
(saha nu geus wawuh kadirina tangtu bakal nyaho ka gustina)
teras deui:
WAMAN AROPA ROBAHU PAKOD JAHILAN NAPSAHU
(jeung saha saha nu geus wawuh ka gustina tangtu ngarasa bodo dirina)
sabab tangtu ku harti jasad moal usik malik ,lamun teu di daya upayakeun ku gusti.sidik ieu jasad jadi ruksakna anu mantak urang ngaji teh ulah ngaji kitab nu keuna ku ruksak bae tapi kudu daek ngaji kitab anu langsung,kapan ceuk hadis :
IKRO KITAB BAKO KAPA BINAPSIKA ALYAOMA ALAIKA HASIBA
(kieu maraneh kudu ngaraji kitab anu langsung nya eta ngaji anu aya dina diri maneh sorangan geura teangan kodrat irodat pangeran dina diri sorangan)
Sabab leuwih nyata kakawasan pangeran dina diri sorangan, jeung leuwih nyata sabab pangeran dina diri sorangan,jeung leuwih nyata elmuna pangeran dina diri sorangan, jeung leuwih nyata hirupna ,danguna pangeran dina diri sorangan ,jeung leuwih nyata pangandika pangeran dina diri sorangan,sabab ceuk dalil :
WAHUWA MAAKUM AENAMA KUNTUM
(allah ta’ala teh ngabarengan bae ka umat umatna sakabeh dimana bae maneh aya didinya kami aya)
Nyaeta kodrat iradatna kalawan elmuna, kapan sidik dina sipat 20 oge geus di rangkep rangkep:
Hayat + Hayan Haratina Hayat hirup hayan nuhirup
Basar + Basirun Hartina Basar ningali Basirun nuningali
Sama + Samian Hartina Sama pangdangu samian Nungadangu
Kalam + Mutakaliman Hartina Kalam ngucap Mutakaliman nungucap
Kudrat + Irodat Hartina Kudrat kawasa Irodat nukawasa(Karsa)
Pertanyaan;
Naon nu kawasa dina diri urang ?
Nerangkeun;
Teu aya deui hirup, buktina geuning bisa usik malik,ari Irodat hartina Karsa, buktina panon bisa ningali ceuli bisa ngadangu, baham bisa nyarita.
Tah geuning sidik/bukti teu pisahna teh ayeuna ngan kari teangan barangna bae, nu aya dina diri sorangan .
Pertanyaan;
Siga naon ari sipat kudrat (sipat hirup) ?

Nerangkeun;
Wajib pisan kapanggih,supaya bisa kaharti jeung karasa.Ulah percaya ceuk beja wae kudu yakin ku sorangan.
Ari hartina iman teh percaya .
Ari hartina Ma’rifat teh nyaho.
Pertanyaan;
Geuning beda Iman jeung ma’rifat teh ?
Ana kitumah urang percaya teh kudu jeung nyahona ka allah ?
Nerangkeun;
Upama teu jeung sidiknamah atuh iman teh meureun iman Taklid jadi ngaku percayana ka allah teh ngan ukur ceuk beja ti batur atawa nyaho ceuk kitab wungkul, tah nu kieu nu hampir sakabeh manusa nyaho teh euceuk jeung cenah hungkul.Iman ka allah teh ngan semet percaya kana ayana bae pedah aya dadamelannan.atuh mun kitumah sumawona nu ber agama islam kapan anu ber agama sejen oge pada percaya kana ayana allah mah.
Pertanyaan;
Naon bedana agama Islam jeung Agama sejen,pedah kitu aya sahadat jeung rukuna.
Nerangkeun;
Ih kapan na agama sejen oge sarua aya sahadat jeung rukunna aya shalatna ngan beda tina pertingkahannana jeung beda beda tina bahasana tina maksudnamah sarua wae.
Kapan tadi oge Agama islam teh nu pang luhungna tibatan agama nu sejen.kieu dalilna 
AL INSANU SIRI WAANA SIRUHU
(Rasa muhammad teh rasa Allah,rasa Allah teh rasa Muhammad )
Aya deui Hadisna kieu :
ILLA HAKKO BILA HAKIM ILLA HAKIM BILA HAKKO
(Muhammad teh hak Allah,Allah teh hak muhammad)
Tah kitu nu matak agama Islam teh agama pang luhur luhurna lantaran pang deukeut deuketna ka Allah.Moal aya Allah lamun teu aya Muhammad moal aya Muhammad lamun teu aya Allah,tegesna moal aya sipat lamun teu aya Dzat,moal aya Dzat lamun teu aya sipat.
Anu matak kanjeng Nabi di sebut panghulu Rasul jeung di sebut babuning roh sakabeh, jadi Agama Islam teh ni matak di sebut pang luhur luhurna nyaeta kusabab aya hak kana maripatulloh.kapan bukti kanjeng Nabi tiasa Mi’raj, Mi’raj teh tiasa tepung sareng sipat nu maha suci.
Hakekatna Muhammad nyaeta nu di Johar awal tea,jeung nu di sebut ku para wali mah eta teh sajatining hirup/Sahadat,nyaeta gulungna 
Dzat jeung sifatna maha suci Allah nu agung kawasa.Jadi sanajan urang oge upama kapanggihmah jeung tarekatna wali-wali Insyaallah bisa tepung sareng hakekat Rasul,Insyaallah engke oge bakal di candak kana kasalametannana nyaeta kana kasucian.
Upama teu terang mah kalawan yakin ka rasul boh kana majajina boh kana hakekatna tetep teu acan sah ngakuna janten umat rasulluloh 
teh sabab dina rukun saena saena maca sahadat oge geus di terangkeun dina kitab, Mimiti 
1. Kudu netepkeun heula Dzatna Allah Ta’ala
2. Kudu netepkeun heula Sifat Allah Ta’ala
3. Kudu netepkeun heula Asmana Allah Ta’ala
4. Kudu netepkeun heula Sidik ka Rasullulloh.
Pertanyaan;
Kumaha bisana netepkeun ayana Allah jeung Rasulullah ?,upama teu nyaho atawa teu marifat kana sipatna 
Nerangkeun;
Sabab bisana netepkeun teh tapi kudu puguh heula barang barang nu di tetepkeunnana,satemena maca sahadat teh lain asal nyebut sabab 
ari asal nyebut hungkulmah budak leutik oge bisaeun nu matak wajib jeung nyahona,Sabab dina bab Agama elmu nu ngaos jeung nu ngadangukeun kudu pada nyaho jeung ngartina ulah gancang wae percaya, ulah gancang ngalain lain ataw ualh damel pitenah saba ieu jaman geus ahir, pikiran jalma geus palinter geus teu pati daek di bobodi jelam ayeunamah dina sagala hayang karasa hayang kaharti hayang yakin kalawan nyata.Sing inget kana babasan kolot baheula batu turun keusik naek teu aya halangannana mungguhing 
manusa,kawenanganana Allah ta’ala anu kawasa kolot jadi bodo budak jadi pinter tur bener sampurna.
Jeung kudu inget munguhing Elmuna Rasulullah teh aya opat perkara:
1. Elmu Sareat
2. Elmu Tarekat
3. Elmu Hakekat
4. Elmu Ma’rifat
Tina jaman ayeunamah Elmu Ma’rifat anu di arudag udag teh ku sabab hayang nyata atawa sidik ka Allah sareng ka rasulna da bongan aya dalilna kieu 

WA BUD ROBBAKA HATA YATI YAHAL YAHIM
(Nyembah ka Allah teh kudu sidik,kudu yakin, supaya sah Dzatna sareng sifatna, sah asmana, sah ap’alna)
Enggoning ngumbara di dunya teh sing tepi ka ngarasa teu pisahna jeung allah jeung rasulullah.Sagala hal moal bisa di sumput sumput,moal bisa di buni buni jeung sagala naon bae kalakuan moal make ujub takabur sabab ngarasa geuning dina dirina teu aya kakawasaan nanaon estu hina, bodo,bisa soteh aya rejekina ti allah ta’ala.
Ari Islam saleresna teu dua teu tili estu ngan hiji hijina keur hijiteh goib pisan.
Nyaeta ari sifatna Islam teh Nuruloh.
Kitu deui nu Islamna oge teu dua teu tilu estu ngan hiji hijina nyaeta kanjeng Rasulullah.tah geuning jalma ngan ukur jadi pangkat umat,tapi anu jadi pangkat umat oge ngan sarebu hiji.
Hakekatna nya urang kudu terang kana hakekat Rasulullah jeung hakekatba Allah nu aya dina diri sorangan,ceuk dalil

KULU UMATTIN WAROSULLIHI
(Tina sakabeh umat oge pada katetepan Rosullullah jeung rasana Allah)
Kusabab eta urang panasaran wajib kunyahona kana hakekatna Rasulullah nu aya di badan sorangan,peupeuriheun urang can bisa ngalakonan rukun rukuna islam nu salah sahijina munggah haji tapi di dieu aya kateranganana yen munggah haji teh aya dua rupa :
• Haji Majaji,nyaeta ngalakonan ibadah haji ku datang ka baetullah di madinah
• Haji Hakiki,nyaeta terang kana hakekatna baetullah jeung rasulullah nu aya dina diri sorangan.
Sabab rasulullah teu pupus da upama pupusmah moal aya urang di alam dunya,kapan geuning kanjeng gusti sarip Hidayat oge tiasa tepang ku jalan tarekat, jadi sanajan urang oge upama hayang jadi umatna Rasulullah teh kudu bisa terang kana hakekatna Rasulullah nu kasebut Johar Awal tea, sing kapanggih jeung tarekatna, leleberannana ti para wali allah.
Umat umatna rasulullah hak hakna aya 4 nyaeta
1. Sahabat Abu bakar
2. Sahabat Umar
3. Sahabat Usman
4. Sahabat Ali
Tah eta sahabat nu opat teh anu sagulung sagalang beurang peuting jeung Rasulullah sarta di damel sahabat atawa utusan Rasulullah.Tapi ayeuna meureun sarerea oge terang jenengannana sahabat anu opat teh parantos pupus mungguh majajinamah tapi hakekatnamah tetep teu pupus aya dina badan urang atawa manusa.
Nerangkeun;
1. Hakekat Abu Bakar - Paningal
2. Hakekat Umar - Pangdangu
3. Hakekat Usman - Pangucap
4. hakekat Ali - Pangangseu
Eta Paningal,pangdangngu, pangangseu, eta kapan Goib teu aya rupana tah eta sahabat nu opat tea.Tapi hakekatna nu matak kudu nyaho hakekatna kanjeng nabi Muhammad jeung kudu nyaho bisa jadi hiji sing ngarasa babarengan beurang peuting jeung kanjeng Rosul.samangsa mangsa eta anu opat teu ngarasa pisahna jeung rosulullaoh tetep jadi umatna tiap tiap jadi umatna tangtu engke bakal di sampurnakeun,di datangkeun ka gusti nu maha suci (Asalna).
Upamamah teu terang ka rasulna sarta teu tiasa ngahiji engkena oge papisah bae nyawa urang balik deui ka dunya jadi marakayangan jadi jurig, setan, siluman nitis deui ka kayu ka batu ka kewan, samangsa mangsa balik deui ka dunya cilaka eta jalma da naraka bageanana.
Sabab ayeuna oge nyawa manusa anu marakayangan nyaeta tegesna anu teu balik deui ka Allah ta’ala ceuk basa ayeuna mah keur di perfentip(di tahan) nunggu kiamatna alam dunya.
Ayeuna urang nerangkeun Marabatna alam dunya.
1. Alam Ahdiat hurupna Alip Lam - 
2. Alam Wahdiat Hurupna Lam Ha - Allah
3. Alam Wahidiat hurupna Mim -
4. Alam Arwah hurupna Lam Mim -
5. Alam Azan hurupna Mim Dal -
6. Alam Misal hurupna Alip -
7. Alam Insan Kamil hurupna Dal Mim -
Ieu Ibarat nerangkeun Alam alam anu ti jaman lalakon Allah, Muhamma 

Nampi Teu aya Dzatulloh.
Di saksikeun ku tujuh sifat
1. Kodirun = Nu Kawasa
2. Muridan = Nu Kersa
3. Alimun = Nu Uninga
4. Hayun = Nu hirup
5. Samiun = Nu ngadangu
6. Basirun = Nu ningali
7. Mutakaliman = Nu ngandika
Firman Allah :
WAMA ZATULLOHU WAHUWA SIRHUNA
( Dzat kaula nu hiji, eta rasa anjeun nu suci )
ILLAHA.
Nampi umum Sifatulloh/Af’alulloh.
Di saksikeun ku 7 ( tujuh ) sifat :
1. Kudrat
2. Irodat
3. Ilmu
4. Hayat
5. Sama
6. Basor
7. Kalam
Firman Allah :
WAMA SIPATULLOH WAHUA QALBUNA
( Dzat kaula nu hiji, eta hate anjeun nu suci )
ILLA.
Isbat = Kanyataan .
Af’alulloh.Di saksikeun ku 6 (Genep) sipat :
1. Wujud - Nu Aya 
2. Kidam - Tiheula
3. Bako - Langgeung 
4. Muhalap - Beda-beda
5. Kiyamuhu - Ningal
6. Wahdaniat - Dzat,Sipat,Asma,Af’al.
WAMA AF’AL ALLOHU WAHUA JASAHUNA
( Af’al kaula nu eta jasad anjeun nu suci )
Misbat Nganyahokeun Asma Alloh.
Di saksikeun ku 4 sipat :
1. Sidik - Nu Aya
2. Amanat - titipan 
3. Tablig - Percis
4. Patonah - Patokan
Firman Allah :
WAMA ASMA ALLOH WAHUA ROHINA
( Asma kaula nu hiji, eta roh anjeun nu suci )
Jadi kanyataan kalimah tauhid nyaeta :
1. Rasa - anu suci
2. Hate - anu suci
3. Jasad - anu suci
4. Roh - anu suci
LAILLAHA ILLA ALLOH.
Firman Alloh/Hadis nabi :

MAN AROPA NAPSAHU PAKOD ROBAHU PAKOD AROPA ROBAHU JAHILAN NAPSAHU
( Samangsa mangsa kenal ka dirina pasti kenal ka gustina,samangsa mangsa kenal ka gustina pasti ngarasa bodo pikeun dirina )
1. Mani
2. Wadi
3. Madi
4. Maningkem.
-
1 Mani ngahijina - Nupus
2 Wadi ngahijina - Napas
3 Madi ngahijina - Tanapas
4 Maningkem ngahijina - Tanupus
-
1 Nupus Hartina - Roch
2 Napas hartina - Kaluar asup
3 Tanapas hartina - Nyawa
4 Tanupus hartina - Iman
-
1 Nupus Hartina - sifat Jalal
2 Napas hartina - sifat Jamal
3 Tanapas hartina - sifat Komal
4 Tanupus hartina - sifat Kohar
-
1 Nupus napsuna - Sawiah
2 Napas napsuna - Amarah
3 Tanapas napsuna - Loamah
4 Tanupus napsuna - Mutmainah
-
1 Nupus badana - Tarekat
2 Napas badana - Sareat
3 Tanapas badana - Hakekat
Tanupus badana - Ma’rifat
1 Tarekat nyatana - Daging 
2 Sareat nyatana - Kulit 
3 Hakekat nyatana - Tulang 
4 Ma’rifat nyatana - Sum-sum
-
1 Iman 
2 Taohid
3 Ma’rifat
4 Islam

I. 1.Napas jalan kaluarasup
2 Nyaeta di sebut
3 A S U K A
4 A S U K I
-
II. 1 Roh - ngaliwatan Asuka Asuki
III. 1 Asuka
2 Asuki Puser
IV. Kaluarna ngaliwatan bahan – bahan anu hirup di sebut pertengahan anggota anu kaluar tina anggota di sebut kaluarna nyawa jeung mawa iman.
V. Asalna Manusa nyaeta tian Acining 
1 Cai 
2 Angin Anu 4 (opat) pasal mangrupa jadi.
3 Bumi 
4 Seuneu
VI. 1 Cai hartian Getih anu bodas
2 Angin hartina Hirupna napas koneng 
3 Bumi hartina Kulit urang hideung 
4 Seuneu hartina panasna badan cahaya beureum
Nerangkeun Jerona ;
1 Di Jero Napas - Roh
2 Di Jero Roh - Nyawa
3 Di Jero Nyawa - Iman
4 Di Jero Iman - Kalbu
Kumpulan Bahan bahan hirup nyaeta sukma nyawa jeung raga nunggal nyaeta di sebut Kujang manjing sarangka, Manusa sukma jiwa jeung raga, jadi ambek jeung watek.
1. Mani Cahaya bodas acining Cai wujud Dzat 
2. Wadi Cahaya koneng acining angin wujud Sipat
3. Madi Cahaya hideung acining bumi wujud Asma
4. Maningkem Chaya beureum acining seuneu wujud Af’al.
1 Cahaya bodas napsuna mutmainah wujud pangambung 
2 Cahaya koneng napsuna Loamah wujud Paningal
3 Cahaya hideung napsuna Sawiah wujud Baham
4 Cahaya Beureum napsuna Amarah wujud Panguping 
1 Bodas siptna Kaler Malaikatna Ijroil = Kamajaya
2 Koneng sipatna Kidul Malaikatna Isropil = Wisnu
3 Hideung sipatna Kulon Malaikatna Minkail = Batara Bayu
4 Beureum sipatna Wetan Malaikatna Jibril = Brahma

1 Sangaherang - Alam Ahdiat 
2 Sanglumenggang - Alam Wahdiat
3 Sanggumulung - Alam Wahidiat
4 Sangarupa - Alam Arwah
5 Gumisik - Alam Arzan
6 Gumalik - Alam Nisal
7 Pancatibiasa - 
8 Purbawisesa - Alam Insan Kamil
9 Earna Sora nu medal - Sijabang bayi
ROH
1 Roh Nabati hartina – uteuk
2 Roh Jasmani hartina – Dasar uteuk
3 Roh Idopi hartina – Hate + paningal
4 Roh Nuroni hartina – Jajantung + kulit
5 Roh Rohani hartina – Bayah + pangambung
6 Roh Robani hartina – Peujit parat kana baham
7 Roh Hudur hartina – Kujang manjin sarung nyaeta ngawujud Manusa
Almamdulillah sim kuring parantos nyusun ieu cutatan, mugia sing janten pangeling ngeling pikeun urang sadaya supados tambih yakin kana ayana nu nyiptakeun urang sadaya katut saeusina kersana Alloh ta’ala.

2 komentar:

  1. nembean bdi ngaos bahsan anu sakitu detilna>upami aya waktosmah hoyong diajar

    BalasHapus
    Balasan
    1. sami di ajar kang eta oge mulungan ti puun guru

      Hapus