Kembang sungsang dinang kunang Kotak kurawis wayang Lindu nira bumi bengkah Adam adam babu hawa Siskang danur wilis Ingkang ngagelaraken cahya nur cahya Anwas anwar ngagelaraken Malih kang danur citra Nurcahya nursari nurjati Dangiang wayang wayanganipun Semar sana ya danar guling Basa sem pangangken-angken Mareng ngemaraken Dat Kang Maha Tunggal Wayang agung wineja wayang tunggal Wayang tunggal

Kamis, 25 Oktober 2012

SAJATINING LALAKI JEUNG AWEWE


Nu ngarana Roh Idlafi eta teh roh awewe tapi  aya di lalaki.
Ari awewe Rohna teh ngarana Roh Kudus, nu sabenerna eta teh roh lalaki nu aya di awewe, nu di sucikeun kuJinem, nu tempatna dina Junup, jadi bisa ngahudangkeun kahayang sewang-sewangan, kusabab roh awewe di pake ku lalaki, sabalikna oge roh lalaki di pake ku awawe, ku sabab rasa sono kana roh na masing-masing, jadi ahirna timbul hubungan(persenggamaan) badan nu di ngaranan Lambangsari nu akibatna bisa ngawujudkeun hiji wujud. Jadi di ngarananSanggama hartina ngan hiji nu bener, atawa Saresmi artina ngahijina sari jadi sabeungkeutan nu masing-masing meunang kasugemaan. Kusabab di kobulkeun ku nu Kawasa, rek jadi indung jeung bapa. Jadi keur maranehna nu bisa nyirian salahsahiji kajadian saacan ngalampahkeun Sanggama, bisa oge nganyahokeun rupa atawa bentuk budak nu arek lahir engke.
1.  Misalna, dina tilupuluh lima poe, pasangan salaki pamajikan tadi nu boga kahayang ngalakukeun hubungan badan leuwih ti heula saha. Saumpamana pamajikan nu ngabogaan rasa sono leuwih ti heula ka salakina, upama geus ngajadi siki, budak nu bakal lahirteh pasti lalaki.
2.  Misalna, nu ngabogaan kahayang ngalakukeun hubungan badan teh salakina, upama geus neteskeun siki pasti nu lahir budak awewe. Tapi kudu saimbang di jero batin nyaeta kudu sarua boga rasa sugema, ku sabab upama teu nghiji dina sabengkeutan rasa jeung fikir pasti bakal lain jadina. Sanajan bakal lahir orok, kaayanana bakal cidra. Cidra eta teh rupa- rupa bentukna.
Cidra ku lantaran henteu saimbangna kahayang salaki jeung pamajikan dina sajero hubungan badan (sanggama) kusabab:
1.  Umpama ngarasa kuciwa na jero ati, teu reseup dina sajeroning sanggama eta, nu dina hiji waktu bakal nimbulkeun hiji watek ka anakna; sering kuciwa malahan nepi ka ngadatangkeun kasusah saumur hirupna.
2.  Sajeroning bersenggama tadi ngabogaan rasa teu resep atawa nepi ka ngambekna, tapi ngan na jero batin hungkul. Engke jaga upama jadi budak eta budak bakal jadi budak teu kaopan(nu di guguluna ngan hungkul amarah), resep gelut, malahan dina kahirupannana bakal salawasna aya dian karugian.
3.  Umpama salah sahiji dina sajeroning sanggama tadi, aya nu ngabogaan rasa kurang jujur. Upama nu teu jujur eta ti pihak salaki engke budak lahir awewe mangka eta budak jadi tukang bohong. Sabalikna upama nu teu jujur eta ti pihak pamajikan engke budak nu lahir lalaki mangka eta budak oge bakal jadi tukang bohong.
Eta sakabeh kaasup dina jero “ciri” nu bakal katngali dina tilupuluh lima poe atawa Selapan poe eta wajib di titenan ciri-ciri na tina jero pikir masing-masing salaki pamajikan. Jadi orok nu lahir eta di ngaranan ‘Selapan’ upama geus nepi sataun kakara kasebutna ‘anak’ nu dina basa jawa mah ngarana ‘lare’ nu hartina kuwat, jadi ngitungna umur kutaun henteu selapan deui.
Tina amanat Susuhunan Kalijogo, dina hal ciri ieu teu bisa di anggap sapele, malah saumpamana bisa ngupayakeun sangkan meunang katentreman jeung menta rahmat ti Gusti supaya kadua beulah pihak meunangkeun kasaimbangan batiniah nu Suci. Kitu oge saacana jeung saenggeusna ngalakukeun hubungan masing-masing kudu nyucikeun awak. Jeung hareupan supaya hade lahirna budak engke. Nyucikeun diri dina hubungan badan
(sanggama) hartina: pamajikan ulah nepi ka muji ka kasepan lalaki nu sejen, kitu deui salaki ulah nepi ka mikiran nu sejen. Eta nu di ngaranan ‘Wiji Sejati Premati’ hartina siki nu bener-bener pilihan atawa siki unggulan.
Aya sawatara jalma nu ngumpul jeung pamajikan barijeung teu ngahiji antara pikir jeung niat, malahan ngabogaan pikiran nu sejen, kadang mikiran karesep sorangan, nu kitu the saumpama nepi ka jadi janin, bakal lahir budak nu ngabahayakeun keur kolotna. Eta teh nu di ngaranan budak nyien ka onaran kulawarga, bangsa jeung nagarana.
Ku kituna antara salaki jeung pamajikan kudu bisa siling eusi luang, siling hargaan, jeung kudu boga rasa siling ngabutuhkeun. Hartina wajibna pamajikan teu meunang nembongkeun kakeuheulna, kudu di rasiahkeun, kukituna  salaki wenang malire galagat kahayang pamajikan. Sakirana dina sapoe eta eweuh kajadian nanaon, jeung eweuh parasaan susah I du beulah pihak boh salaki boh pamajikan. Hiji tanda yen dina waktu ieu pisan nu Maha Kawasa bakal nurunkeun ‘Wiji Wijanging Sasami’ nu hartina the nyaeta Manusa Pilihan. Nyaeta nu sabener-benerna Trimurti, saterusna loba anu jadi budak nu ngaleuwihan kapinteran kolotna. Kitu oge pikeun jalma nu di pihormat, umpama bener-bener sagala kalakuannana ngabogaan budi nu hade jeung oge taliti dina sagala hal, bener-bener bakal jadi.Aya oge keur nu nyien karicuhan jeung ngaruksak Nagara, nyaeta jalma-jalma nu kurang sabar, nu akibatna kurang hade jeung bakal jadi masalah gede dina Kahirupannana.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar