Kembang sungsang dinang kunang Kotak kurawis wayang Lindu nira bumi bengkah Adam adam babu hawa Siskang danur wilis Ingkang ngagelaraken cahya nur cahya Anwas anwar ngagelaraken Malih kang danur citra Nurcahya nursari nurjati Dangiang wayang wayanganipun Semar sana ya danar guling Basa sem pangangken-angken Mareng ngemaraken Dat Kang Maha Tunggal Wayang agung wineja wayang tunggal Wayang tunggal

Kamis, 27 Februari 2014

SaHa ari DiRi UrAnG Teh?…..

Asep Supriyatna

05JUN
Geura ieu kuring rek ngamimitian gunem catur jeung kuring pribadi, rek nanya jasad kuring jeung kuring pribadi, rek nyaritakeun kaayaan kuring sorangan, nu kahartos ku akal, karampa ku rasa sarta kasurti ku ati sanubari kuring sorangan, bari tumamprak kana kadar anu maha kawasa.
Ieu kuring karasa aya, nu bukti kaciri nyaeta Jirim, ngajentul saadeg tangtung, teu daya teu upaya, upama teu aya nu ngadayakeun, ari nu ngusikeun Jirim katelahna Jisim, teu kaciri teu katara, da Jisim ngabadan Latif, awor ngahiji jeung Jirim, kamana-mana babarengan satungtung dina umurna.
Sanggeus aya Jirim-Jisim, tuluy timbul di kuring sagala aya pangakuan, sagala ngaku ku kuring, sagala dipiboga ku kuring, majarkeun teh Jirim kuring Jisim kuring, Badan kuring, sirah kuring, leungeun kuring,  suku kuring, dada kuring jeung sajabana ti eta.
Oge kuring teu kendat-kendat ngaku-ngaku najar maneh kuring nu mikir, kuring nu ngarasa, kuring nu boga kahayang, kuring nu nenjo, kuring nu ngadenge, ieu kuring nu ngangseu, kuring nu ngalengkah, jeung loba-loba deui.
Sakapeung kuring ieu sok sasambat, aduh ieu kuring keur nalangsa, ieu kuring keur cilaka, ieu kuring keur prihatin, ieu kuring keur sedih jeung sajabana.
Hal ieu netelakeun teu sapukna pangrasa kuring anu harita tumiba ka diri kuring, sakapeung ieu kuring teh sok agul, bungangang senang meunang kabungah, pedah cumpon nu dimaksud, laksana nu dipikahayang, jeung sajabana ti eta.
Jadi ringkesna mah, sagala gerak-gerik Jirim-Jisim, sagala tingkah laku Jirim-Jisim, sagala hal-hal anu tumiba ka Jirim-Jisim kabeh diaku ku kuring.
Kukituna tetela kuring nu tanggung jawab ka sagemlengna kaayaan. Jirim-Jisim, boh hadena atawa gorengna, boh mulyana atawa cilakana.
Upama kuring keur ngadenge, nu mana nu disebut kuring teh..? kapan nu ngadenge mah ceuli..!!!
Upama kuring keur leumpang, nu mana kuring teh..? kapan nu leumpang mah suku …!!
Upama kuring keur sedih, nu mana kuring teh ..? kapan nu sedih mah hate …!!
Jebul pertanyaan ti kuring:
Naon atuh saenyana kuring teh …?
Saha kuring teh ..?
Timana asal kuring teh ..?
Saha anu ngajawabna … kuring keneh,kieu pokna: Nu disebut kuring teh, Hiji kaayaan nu tangtu, nu disusun ku hiji beungkeutan sifat-sifat kajisiman kuring sorangan, nu ngancik di kajiriman kuring sorangan, ti jaman baheula, ti turunan, ti bangsa, ti agama jeung nagara, katut adat tabeatna.
Geuning sok kasebut adat tabeat bawa ti qudrat,  titis tulis ti ajali, turunan ti loh mahfudz, nya gumelar jadi kuring ayeuna ku qudrat irodatna Maha Suci, geus teu beunang dipungkir deui mangrupa kuring sorangan.
Sagala sifat-sifat pembawaan kuring estu pepek taya kakurang, sagala sifat-sifat kalahiran, sifat-sifat kadunyaan jeung sagala sifat-sifat kabatinan aya di kuring, kukituna kuring teh, nya Jagat – nya Jelema.
Geuning sok kacatur, Jagat Sagir – Jagat Kabir
Jagat Sagir nyaeta Jelema
Jagat Kabir nyaeta Alam Dunya

Tidak ada komentar:

Posting Komentar