EDDY NUGRAHA
BUBUKA
Wayang teh najan geus diropea dipasieup ku rupa rupa kapecekaan sunda nepikeun ka ngabogaan wanda sorangan jadi kareueus sunda, paling henteu saperti nu didugikeun/dicatetkeun ku MA Salmun (1954), kapercekaan asal ti jawa-lain sunda asli. Jadi, Sasrajendrahayuningrat nu jadi poko ieu tulisan ge kapercekaan asal ti jawa dina nganepikeun ajaran.
Dongeng ngeunaan Sasrajendrahayuningrat geus nerekab disunda ayeuna sab wayangna didugikeun bari dibeungharan ku kreatifitas dalang dalang sunda nu matak pikaresepeun balarea bareng jeung upaya nyebarkeun agama Islam katut pangaruh politik jawa nu pernah ngawasa sunda (mataram-Islam) baheula. Nya urang urang ayeuna nu sok resep kana dongeng dongeng ti batur paboro boro hayang nyaho meujeuhna keur nambah luang memeh diakurkeun jeung titinggalan titinggalan luluhur nu laina nurutkeun kabutuh awak.
Ngan kusabab ayana robahan pangaruh hindu-jawa tuluy jadi Islam-jawa dina wayang, maksud jeung hartina kecap Sas(t)rajendrahayuningrat ge robah robah nepikeun ka loba nu jadi teu puguh juntrung nu sabenerna kasaput ku rupa rupa warna versi nu ngahartikeun maksudna. sab loba versi ieu, urang tuliskeun versi nu kapanggih ti lembur ameh engke bisa milih mana nu leuwih pantes tina rupa rupa pamanggih pakeun minuhan unsur kaharti karasa kabukti.
SASRAJENDRAHAYUNINGRAT DI SUNDA:
Jaman ‘Hindu/Pra Islam‘
I
Sasrajendrahayuningrat mangrupakeun ngaran hiji ajian/ulikan dina wayang/sastra hasil kapercekaan bujangga jawa baheula nu ditepikeun/aya dina jejer carita wayang/kitab Arjuna Sasrabahu. Sasrajendrahayuningrat, dipondokkeun jadi Sasrajendra, asal tina kecap ‘Sasra Jaya Indra Rahayu Ning Rat’.
Ieu ajian/ulikan sasrajendra kacaritakeuna dina kasus kawin resi Wisrawa (resi anyar2 -karek pangsiun tina jadi raja) jeung dewi sukesih (buta/dhiyu ngora keneh/mojang) pimantueun /pipamajikaneun anakna nyaeta WisRawana (disebut oge danapala sab jadi raja di lokapala) nepikeun ka boga anak Rawa-na (nu ngandung maksud adina Wis-Rawana) kusabab kasus nurun ajarkeun eta ajian (ulikan). Kajadian kawin ka murid pimantueun teh sabab para dewa teu satujueun dina harti ajian Sasrajendra teu meunang dikawasa/dikanyahokeun ku buta atawa turunan buta (tingal: MA Salmun, padalangan, 1954).
Dumasar kana kecap asalna:
SASRA (sarebu, dikantetkeun jeung kecap lain jadi hartina paling kuat/sakti/perkasa, tingali Sasrabahu, nagasasra, sasramangala jrrd), JAYA (unggul, awet, teu keuna ku rusak/apes);
INDRA (indrawi, tingali panca indra, dasa indra; Indra rajana para dewa /lain raja semesta (tri-loka) kawas Siwa-dina ulikan Sasrajendra matih/metuna cahaya (dewa, deva=nur/cahaya) dina awak lamun nurut/dirajaan/dikamudi/diatur/ku Indra-lain sabalikna);
RAHAYU (salamet, senang);
RAT (sakabeh/nagara/jagat).
Jadi ajian/ulikan Sasrajendrahayuningrat ngandung harti: ajian/ulikan supaya Indra2na kuat unggul awet nu ngajadikeun kasenangan/kasalametan ka sakabeh - utamana sakabeh dirina/sorangan nu ngulikna.
Tina harti kecap asal diluhur, bisa kaharti lamun ajian Sasrajendra teu meunang diajarkeun atawa dikawasa ku buta-jeung turunanana, sabab, ari buta teh awakna gede/leuwih kuat ti jelema tapi boga watek jahat kayaning cannibal jrrd- kaasup musuh utamana para dewa jeung manusa. Lamun para buta kamampuh indra-indrana jadi leuwih kuat leuwih seukeut ti samemehna tangtu bakal jadi leuwih bahaya nyilakakeun para dewa/jelema. Kawas dicaritakeun engkena dina context Arjuna Sasrabahu, Rawana, nu hayang hirup didunya indrawi saendeng endeng jeung kabisana pancasona/rawarontek meh angger terus di dunya indrawi, tuluy bisa nyerang ’ngelehkeun’ para dewa di kahyangan kaindran bari hadiah/beubeunangana meunang ‘panyombo’ ti (dewa) Indra/hadiah indrawi - nyaeta widadari widadari ‘anakna’ Indra nujadi ‘sakti’ kasenangan rawana jeung adi adina salila di dunya. Singgetna: ulikan indrawi meunangna ge hadiah kasenang Indrawi-indrawi keneh.
Sedengkeun dina geus puas/wareg meunangkeun/dina kasenangan alam/level/maqam ka-Indra-an, kahayang umumna jelema salila didunya tuluy hayang undak nambah meunangkeun nu leuwih jero/luhur nyaeta ka-wisnu-an Wisnu sasaka dunya indrawi – salah sahiji lingga murti nu hirup/nitis di jelema didunya (Brahma & Siwa mah tara nitis ka jelema). Matak nu diteangan/nu dikeukeuweuk Rawana euweuh deui iwalti Saktina Wisnu (dina carita Ramayana saktina Wisnu nitis di Dewi Sinta -tingali konsep Sakti dina agama Hindu)-Jadi sabab konsep ‘sakti’ ieu najan sinta katewak jasmanina ge angger teu daek/teubisa ngagadabah nunggu nunggu leahna sab kudu bisa jadi saktina Rawana.
Satuluyna oge bisa kaharti dina kasus Sasrajendra ieu, naha mojang buta nu arek kawin/jadi ratu hayangeun butuheun ajian/ulikan Sasrajendra nyaeta supaya indra-indrana awet/jaya/kuat/seukeut/menarik keur ngalusan nganggerkeun masieup kageulisan/kaalusan/kangoraan kabutaanana-da hayang elmu kasampurnaan manunggal jeung gustina di jaman hindu mah langsung jadi resi teu hayang kawin.
Sedengkeun kajadian ngajarkeun Sasrajendra tungtungna jadi sare sagebrug ge bisa kaharti sabab nu ngajarna nyaeta manten raja- nu geus kabukti tapis metakeun indrawina tuluy kakarek jadi resi (relative ngora keneh-anakna ge karek rek kawin- tuluy sobatna Somali masih keneh jadi raja). Nu tapis diajarkeuna ku raja karek manten/resi anyar mah tangtu ngeunaan kakuatan/kanyaho indrawina da geus loba pangalamana nu salah sahijina aya hubungan jeung sensualitas jeung sarupa ti eta-lain elmu karesianana nu karek digeluti anyar keneh –karek dilalanyah. Ari Nu diajarna, mojang nu geus pantes kawin. Atuh puguh nu ngajar, nu diajarna katut bahan/subyect ajarna nyababkeun gede ‘kecenderungan’ tina ukur teori kana praktek nu diantarana ngarah kana sagebrug.
Kecap/terms sasra mah –lain sastra- ngaruntuy pisan ‘main & supporting idea’na dina context kitab Arjuna Sasrabahu nu jadi acuan carita ayana ajian/Ulikan Sasrajendra, nyaeta ngeunaan kakuatan/kamampuh leuwih ti jalma biasa (tikel 1000eun/sasra hartina jauh pisan manan jalma biasa).
Hal kitu teh nunjukeun yen ieu kapercekaan henteu asal direka reka ditulisna:
Sasra dina Sasrabahu nyaeta kakuatan nu bijil/ngawujud kusabab gusti/pangeran (Wisnu) nu sinelir di jelema nu ngajadikeun Arjuna Wijaya paling kuat sakti jaya dijamanna (boga gelar Sasrabahu). Jadi, Sasrabahu ngarupakeun kakuatan nu turun/bijil/metu/dibikeun ti dewa ka jelema.
Ari Sasrajendra sabalikna, Kakuatan indra nu dikawasa ku jelema nepikeun ka bisa mapakkan dewa dikaindraan. Nu hiji tiluhur ka handap -ti dewa ka pangkat jelema, nu hiji deui mah ti handap ka luhur/ti jelema naek ka maqam/level dewa. Nu hiji kasinelir dewa-jadi jelema pangkat dewa, nu hiji ngalatih indrana sorangan nepikeun ka sataraf-papak jeung Dewa.
Bedana saukur level/maqamna mungkul nu hiji mah dikawisnuan (linga murti-tihang/sasaka maujud nu aya di Triloka) nuhiji mah ukur nepi kana pangkat raja dewa – kaindraan- salah sahiji unsur triloka. Sasrabahu leuwih unggul tibatan Sasrajendra dina harti Ka-wisnu-an luhureun/jeroeun/tihangna ka-indra-an. Matak ahirna, Rawana – hasil tina salah ajar Sasrajendra - bisa diperuhkeun/ditewak/dicangkalak ku pangawasa Sasrabahu Arjuna Wijaya jeung dipaehan dijaman Ramayana. Rikipna carita, panah nu dipake Rama maehan Rawana dingaranan guawijaya sawarna -aya wijayaan- jeung nu pernah newak/nyangkalak Rawana samemehna Arjuna Wijaya (Jaya: unggul, awet, teu keuna ku rusak/apes, wijaya: pangjayana pangunggulna) kawisnuan Sasrabahu euweuh apesna jaya tuluy, kaindraan Sasrajendra aya apesna/kurangna/gorengna.
II
Di sunda mah Sasrajendra jawa hindu ieu teh teu dianggap aneh, lain hal nu diteangan. Kecap/istilahna ge teu dipake sab geus barogaeun ulikan ulikan kakuatan indrawi sorangan ngolah/metakeun/meruhkeun/nyeukeutan indriya. Sunda bogaeun disiplin elmu sorangan nu sarua jeung Sasrajendra - kayaning kanuragan pajajaran beda jeung majapahit. Nu ngawasa kawisnuan paling henteu di sunda aya dua raja nu kacatet kahiji Sang Purnawarman kadua Rahyang Darmasiksa. Aranjeuna aya dina pangkat Wisnu najan lain ku make cara katitisan Dewa/Wisnu –ti luhur ka handap-dina harti ngulik sorangan nepikeun ka undak tina ulikan indrawi ‘Sasrajendra’ nepikeun ka alam lingga na satiap nu murti nu jadi sasaka indrawi ‘Sasrabahu’–ti handap ka luhur- nepikeun ka meunang make gelar/ngaran Wisnu. Maranjing di pangkat kawisnuan teh estuning usaha katemen sorangan lain katitisan batur.
Teu yakin? Atawa can manggihan? Meujeuhna nengetan pananya urang lembur: Ari ka kabuyutan teh atuh naon gawe?

-----
Tidak ada komentar:
Posting Komentar