Ku : Ust.Djono Abdulrrahman
Nu disebat kalimah taudz teh nya eta kalimah anu diparentahkeun ku Allah SWT sangkan diaos ku sing saha anu bade ngaos Al Qur’an, sanaos mung saayat. Eta parentah kaunggel dina surat An Nahl ayat 98 : Fasidzaa qoro’tal qur’aana fasta’idz billai minasysyaithoonirojiim. Hartosna dimana anjeun rek maca Qur’an, mangka anjeun kudu nyuhunkeun panyalindungan ka ALLOH tina panggoda syetan nu dilaknat (dipecat tina rokhmat). Kalimah Taudz the aya dua rupi; Kalimah anu ka hiji , numutkeun hadits riwayat Imam Ahmad sareng Imam Turmudzi, diriwayatkeun ku Imam Abu Daud sareng Imam Nasya’I nu pihartoseunanana : Katampi ti sahabat Abu Syaid al Hudri , ti Kangjeng Nabi Muhammad SAW saestuna anjeun (kj Nabi) sapertos biasa dina sholat sok ngaos doa Iftitah, lajeng Auuzdu billahi sami’il allimi minassysyaithoo nirrojimi min hamdziyi wa nafhihi wa nafsihi, “abdi sumalindung ka gusti Allah nu maha nyandangan, maha uninga tina gogoda syetan nu la’nat (dipecat tina rokhmat), tina fitnahna, tina kagumedeanana sareng tina kakuatan sihirna.”

Kalimah taudz nu kadua nyaeta kalimah sakumaha anus ok diaos ku urang sadayana. Kateranganana numutkeun hadits anu diriwayatkeun ku Imam Mundzir, pihartoseunana : Imam Ibnu Mundzir parantos nyarios : aya katerangan ti kangjeng Nabi Saws dina sateuacana ngaos Al qur’an sok ngaosheula Auuzdu billahi minasyaitoonirrijim, abdi nyalindung ka Gusti Allah tina panggoda syetan nu dila’at (dipecat tina rohmat). Tina kalimah taudz nu dua rupi tadi, numutkeun pamendak Imam Syafi’I sareng Imam Abu Hanif, nu pangutamana nyaeta taudz anu kadua, margi luu sareng pidawuh Allah dina surat An Nahl ayat 98 tea. Namung numutkeun Imam Ahmad Idnu Hambali, kalimah taudz nu utami nyaeta kalimah nu ha hiji , margi supados ngempelkeun nu kaunggel dina surat An Nahl ayat 98 sareng surat Al Araaf ayat 200 , oge ku ayana hadist nu katampi ti Abi Syaid Al Hudri tea. Kanggo urang sadayana, dina leresan mayunan kalimah taudz nu dua rupi, duanana oge tiasa dianggo , boh bade nghaos Al Qur’an atanapi dina lebet sholat , margi duanana dicontoan ku kangjeng Nabi Saw.
Hukum Ngaos Taudz
Dina nangtoskeun hukum ngaos taudz, pamadegan para ulama henteu sami. Numutkeun Imam Hasan Basri, Imam Atha Ibnu Abirobah sareng Syeh Ibrahim ; netepkeun yen ngaos taudz teh hukumna WAJIB dina unggal ngaos Al Qur’an atanapi dina sholat (sabada do’a iftitah) Nu janten dasarna, pidawuh Allah dina surat An Nahl eta parentah wajib, bade ngaos Qur’a, atanapi sholat. Namung upami numutkeun jumhur ulama, maos taudz teh hukumna sunnat, dina sholat oge sunatna mung sakali nyaeta dina rakaat ka hiji. Nu janten dasarna, hadits nabi nu diriwayatkeun ku Imam Bukhori, nu hartosna ; katampi ti Abu Huraerah r.a waktos kangjeng Nabi lebet ka masjid, jol hiji pameget nuturkeun. Eta pameget teh sholat. Sarengsena teras ngadeuheus ka Kangjeng Nabi ngahaturkeun salam. Salamna ku Kangjeng Nabi diwaler, teras ngadawuh : Anjeun kudu sholat deui, kumargi saestuna anjeun acan sholat. Teras eta pameget the sholat deui. Sarengsena sholat teras ngadeuheus deui. Ku Kangjeng Nabi dipiwarang sholat deui. Kitu jeung kitu dugi ka tilu kali. Rengse sholat ka tilu kalina teras ngadeuheus bari nyarios; Ya Rasullulah, demi dzat anu parantos ngutus ka anjeun kalayan agama nu haq, sim abdi teu tiasa sholat ti anu parantos dipidamel bieu, kumargi kitu mugi salira rido galih keresa ngajar sim abdi, naha kedah kumaha atuh sholat nu leres teh ? Kangjeng Nabi ngadawuh : dimana anjeun bade ngadeg sholat, anjeun kedah takbir, teras aos naon bae anu apal tina Qur,an (maksadna Al fatihah), teras anjeun kedah ruku dugi ka tumaninah dina ruku. Teras cengkat dugi ka ajeg ngadeg, teras sujud dugi ka tumaninah dina sujud, teras cengkat dugi ka tumaninah dina ajeg, teras sujud deui dugi ka tumaninah dina sujud, teras calik dugi ka tumaninah dina calik. Tah naon -naon anu ku kami diajarkeun ka anjeun, anggo dina unggal sholat saterasna. Dina naon-naon anu diparentah ku Kangjeng Nabi ka eta pameget, sadayana mung wungkul anu wajib dilaksanakeun dina sholat, TAUDZ mah teu kasebat-sebat. Eta margina para ulama jumhur netepkeun taudz teh hukumna sunat.
Mangfaat Ngaos Taudz
Kanggo urang, taudz teh teu kinten ageung mangfaatna, sae pisan upami urang sering ngaos taudz dina hirup sadidinten. Margi gusti Allah SWT ngajarkeun taudz ka urang sadayana, teu aya sanes maparin benteng panggoda syetan, nu dina hirup sariring dumadi sarengkak paripolah teras-terasan ngagoda bade nyasarkeun sangkan urang mengpar tina jalan lempeng nu dipirido ku Allaoh Swt. Buktos anu teu tiasa ditolak, kumaha nyasarkeunana syetan ka manusa Kangjeng Nabi Adam a.s sareng Siti Hawa r a dilungsurkeun ti surga ka dunya, cukang lantaranana akibat kagoda sareng nurut kana panggoda syetan.
Upami Kangjeng Nabi Adam As sareng Siti Hawa r a tiasa kagoda ku syeta, atuh urang mah kantenan bakal kagodana teh jelas pisan , upami teu iatna, taliti ati-ati tur taki-taki dina nebihan tur merangan pangajak syetan. Syetan (iblis) geus sumpah di payuneun Allah SWT yen manehna rek ngagoda/nyasarkeun ka manusa di alam dunya sakumaha anu kaunggel dina Al Qur’an (tingali serat Al Hijr : 39-40) anu pihartoseunana : Iblis/syetan ngomong kieu ka Gusti Allah : Abdi sumpah rek mapaesan kajahatan maranehna (manusa) supaya maranehna boga rasa alus-asa bener, asa reueus-dina milampah kajahatan di bumi. Sareng abdi rek satekah polah nyasarkeun maranehanana , anging abdi-abdi Gusti nu ariklas.
Ku ayana sumpah syetan, Gusti Alloh ngersakeun kalayan karunia-Na, manusa diwuruk kalimah taudz. Upami kalimah taudz diaos kalawan hate nu khusu, khudu sareng tawadhu kantenan upami disarengan kaiklasan, satemenna syetan bakal kabur ngajauhan , margi syetan moal mampuheun ngagoda jalmi nu leres-leres ikhlas dina ibadahna. Kanggo jalmi nu hoyong kengeng pangraksa Allah tina kajahatan syetan, sartas disalametkeun tur dipaparin kabagjaan, teu kinten peryogina mibanda hate nu ikhlas. Dina leresan ieu, Imam Gozali ngadawuh ” Saleresna ari manusa teh sadayana bakal cilaka, kajabi nu gaduh elmu. Nu gaduh elmu oge bakal cilaka, kajabi ngamalkeun elmuna. Nu ngamalkeun elmu oge bakal cilaka kajabi nu ngamalkeunana bari ikhlas.”
Naon Ari Syetan
Syetan teh ngagoda ka manusa teu kinten rongkahna, ti payuneun, ti penngker, ti gedengeun, ti luhureun, ti handapeun (tingali Serat Al Araaf 16,17) sareng teu pilih bulu : di kiyai ngahiji, ka ajengan datang, ka pajabat nu pangkat, tara kaliwat, ka masarakat sumawonna. Di ibu-ibu matuh, di bapa-bapa tara pisah. Nu pangsesahna kanggo manusa, eta ku teu apal, sesah nyirikeunana, nu kumaha sareng naon ari syetan teh ? Gusti Alloh parantos ngadawuh dina Al Qur’an (tingal serat Al An’nam 112) pihartoseunana ” …… sarta pikeun saban-saban Nabi kami nyadiakeun pimusuheunana, nyaeta syetan ti antara manusa jeung jin,…..(sareng saterasna). Kapendak deui dina surat An Naas ayat 5,6; “Alladzi yuwaswisu fii suduu rinnaas, minal jinnati wannas” Nyaeta anusok ngawas-waskeun hate manusa ti golongan jin jeung manusa. Kagumedean/kasombongan syetan/iblis (nu sok seseleket jeung meuting dina hate manusa) kapendak dina surat Al Kahfi ayat 50 : wa idzqul na lil malaaikattisjudu li adama fasajaduu illa iblis,kana minal jinni fafasaqo an amri sabbihi, hartosna : “jeung basa kami (Allah) marentah para malaikat kudu sujud, kajaba iblis nyaeta ti golongan jin nu fasek, nu mungpang kana parentah Pangeran” upami kitu nu disebat syetan teh isim, tegesna nami,tina sarupaning jin sareng manusa (nu takabur, reksak ahlak budiparangina, teu nurut kana parentah Pangeran) janten kacindekanana syetan teh tiasa dua rupi : nu jolna ti bangsa jin – ngarobeda hate manusa, ngagerenteskeun ati kana hal anu awon nu papalingpang tina aturan agama ; nu jolna ti bangsa manusa nu laku lampahna tebih tina papagon agama, hartosna tos dikawasa ku syetan, teras ngajak kanu sanes sangkan milampah jahat. Mangka eta manusa teh tos sanes dirina deui, tapi syetan nu malih warni mindarupa janten manusa.
Dina kahirupan rumahtangga syetan napel ka istri, ngaropea hatena nepi ka si istri panasbaran, ngarenghik ka caroge hoyong itu hoyong ieu. Pedah tatanggana mah sagala kabedag. Inyana henteu sadar tumarima kana rejeki nu aya. Blus syetan asup kana hate carogena, ngagugu kahoyong istri ngalangkungan jalan enteng, kapaksa korupsi, nipu , maling. Ku pangrobeda syetan kana hate manusa , teu sakedik nu munjung ka gunung muja ka sagara, bakat micinta harta banda , dugi ka rido ngical iman. Atuh rejekina teh teuaya nu halal, malah teu subhat-subhat acan.
Akibat Panggoda Syetan
Gogoda syetan nu hasilna mucekil utamina dina urusan kadunyaan (harta, tahta/pangkat/jabatan, wanita). Dugi ka wantun milampah kamusrikan demi dunya, padahal musyrik teh dosa anu moal dihampura. Jentre pisan dina Al Qur’an Allah SWT ngadawuh; Innallooha laa yaghfiru ayyusyroka bihii wayaghfiri maaduuna dzaalika limayyasyaa. Pihartoseunana : saestuna gusti Allah moal ngahampura kana dosana jalmi nu musyrik, tapi Allah bakal ngahampura kana dosa-dosa salian ti musyrik, kalayan sakersana.
Ieu hal sanes hartosna manusa teh teu kenging dudunya, teu kenging beunghar, tapi usahana kedah ngalangkungan jalan nu dipiridho ku Allah SWT. Pajabat nu nyepeng kakawasaan tur wantun “ngomersilkeun ” jabatanana, hatena tos dikawasa ku syetan. Satemenna jalmi nu milampah dosana teh sering bari tara neda dihapunten ka Allah , hartosna hatena ngagebleg hideung, ahirna hatena teuas. Jalma nu teuas hatena teu kinten dibenduan ku Alloh SWT. Margi jalmi nu teuas hate tara narima kana nasehat, tara nampi panggeuing estu noyod sakarep isun. Pidawuh rosul dina kitab Nasihul Ibadz; naha aranjeun hayang dituduhkeun ku kami panyakit dina diri anjeun jeung piubareunana? Panyakit dina diri anjeun teh dosa, piubareunana istigfar.
Kanggo jalmi nu nurut kana pangajak syetan hartosna jadi abdi syetan, ibadah ka syetan, Gusti Allah bakal misahkeun maranehna ti jalma mu’min ahli kahadean.
Pidawuh Alloh dina Al Qur’an (tingali serat Yasin ayat 59 dugi ka 65) hartosna : ” Hey jalma-jalma nu tukang nyieun kajahatan di dunya, poe ieu aranjeun kudu misah ti jalma-jalma mumin ahli kahadean. Apan kami geus marentah ka araranjeun he Bani adam. Supaya aranjeun ulah nyembah jeung ibadah ka syetan, ulah nurut ka syetan, sabab sabenerna syetan the musuh aranjeun nu tetela. Saenya-enyana syetan geus nyasarkeun sabagian gede ti aranjeun. Naha aranjeun henteu anggunakan akal ? Tah ieu jahanam nu beheula ku kami diancamkeun kaaranjeun, mangka ayeuna sok geura arasup kana jahanam. Sabab waktu di dunya aranjeun ingkar ti kami. Dina poe iru kami nutup kana lisan-lisan maranehna,nyaeta jalma-jalma kalafir nu milampah jahat. Sarta dina poe ieu suku jeung leungeun maranehna ngaromong ka kami tur mere kasaksian tina nu dipilampah maranehna di dunya.”
Ku kituna sateuacanna panangan/sampean urang laporan ka nu maha suci ngeunaan lampah urang nu doraka, meungpeung aya keneh kasempetan, meungpeung lawang tobat muka keneh, kedah ayeuna urang milampah kasaean mungguh Allah. Allah ngadawuh (tingali serat Yasin ayat 55 dugi ka 58) : ” Saenya-enyana pangeusi sawarga dina poe eta maranehna estuning senang-senang jeung bojo-bojona, di tempatkeun dina tempat nu pinuh ku kani’matan, pinuh ku bungbuahan nu nari’mat. Ahli sawarga dina eta poe ditedunan sakur kahayangna. Mangka Allah ngadawuh ka ahli sawarga : SALAM.
Mangrupi kasaean, tumut kana sagala parentahNa, nyonto ka Rosul ku cara ngalaksanakeun sunah-sunahna.
Kacindekan
Taudz mangrupi kalimah paparin Allah SWT nu dijatenkeun benteng jiwaraga manusa tina pangrobeda syetan. Supados henteu tigebrus kana jungkrang kahinaan. Upami taudz tos ngalemah sumerep kana ati sanubari, mangka kagumedean iblis nu dipatrikeun kana sagala parentah ti Allah SWT ku cara nyepeng deleg kana papagon agama. Moal dugi ka kajantenan ayat -ayat Al Qur’an dipilihan mung nu enteng sareng nguntungkeun dirina wungkul. Estuning rido dirina hirup diatur ku Allah, teu ngabangkang sapertos iblis nu takabur. Margi sadar kana pidawuh Rosul nu hartosna : ” moal asup sawarga jalma nu dina hatena aya sakeprul rasa takabur, atanapi (mung paripaos) sagede siki sasawi.***
dicatut ti salaka.net