Saban-saban robah mangsa, ganti wanci ilang bulan kurunyung taun, sok
mineng kabandungan jelema, sanajan ngalamun salaput umur, kahayang patema tema,
karep henteu reureuh reureuh . Da geuning nu bakal karasa mah anging kadar ti
pangeran, manusa kadar rancana, kobul aya tinu maha agung, laksana aya tinu
kawasa.
Ulah nuduh kanu jauh, ulah nyawang kanu anggang, nu caket geura raketan, nu
deukeut geura deuheusan, moal jauh tina wujud, moal anggang tina tina awak, aya
naon jeung aya saha ? tina diri sorangan. Cirina satangtung diri, pek geura
panggihan diri maneh teh, ku maneh weh sorangan, ulah waka nyaksian batur
saksian heula diri sorangan. Sing daek nulung kanu butuh, nalang kanu susah,
ngahudangkeun kanu sare, ngajait kanu titeuleum, mere kanu daek, nyaangan kanu
poekeun. Pitutur para Guru, papatah para ulama, pangeling para kiyai, rawuh
para karuhun anu mere tuduh jalan sangkan ulah kajongjonan, jeung kamalinaan.
Geura suprih ku pangarti, paruruh ku pangaweruh sakumna elmu, geura eling kana
purwadaksi emut kana tuturus laka, urang asal ti mana ?, balik bakal ka mana ?,
Ayeuna cicing di mana?, lenyepan masing taliti. Larapkeun na sanubari , di
sarengan kulampahna. Tanya heula eta rasa, talek heula eta hate, tilik deui eta
diri, di mana ayeuna ngancik ?.
Tekadkeun sing enya –enya pikeun sakabeh laku lampahna, bisi goreng balukarna,
napsu nu matak kaduhung, awak anu katempuhan, tina atikan atanapi tina didikan
anu munggaran, kasasar nya lampah, pajauh laku, jeung buntu dina laku, yakin
dina pamadegan, tanjeurkeun bebeneran sangkan meunang kabagjaan, dunya rawuh
akherat.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar