Selasa, 27 September 2016

Alif Satunggal Ciri Tembong Agung


Galur sakaol aya dua dulur rai raka anu raina naros ka rakana “ka ari hirup manusa timana” rakana ngawaler “ti lohul mahpud” raina naros “dimana etateh ka?” “dina hiji perkara” perkara naon saur raina “raka ngajawab“ perkara alif, ari alif kumaha alif teh sahiji, atuh sahiji mah tunggal, enya jawab rakana, raina naros mun  tunggal pasti aya manunggal enya ceuk rakana, mun manunggal pasti aya satunggal rakana ngajawab enya ceuk rai atuh satunggal mah aya bareung, enya tah kieu ka mun satunggal bareung naon? Jawab rakana sunda, raina panasaran ka rakana sunda teh naon, rakana ngajawab, sunda teh Isun Dzat dzat teh naon dzat perkara-perkara anu gaduhna saha raina, moal katembong da agung perkarana. Atuh sunda wae urang teh meh apal anu teu tembong tapi agung. Rakana gumujeung bari ningali raina.

Teuras lalaku ka kulon, ka! Ceuk rai ka rakana, asa aya anu can kapanggih dina pamikiran, naon ceuk rakana” rama urang nyaur kieu, sing kapanggih ajian hirup anu bakal mawa weuruh sajati” oh eta saur rakana pan eta teh elmu rama ku para hiyang di pasihan geular tina elmu ajian jati putih, kahiji.oh kitu saur raina the matak jadi geular di rama urang.

Ari ayeuna urang kamana? Urang kaluhur gunung raina naros bade naon ka? ke oge ku rai bakal apal, raina teu nyaur deui. Tos dugi kaluhur gunung nyampak aya ramana, bagea teuing anak kaula putra anu dua cedok sumkem ka ramana, rakana palih katuhu raina palih kenca. Ramana misaur ka dua putrana geus geura dariuk ama dek pepeling ka anjeun putrana caralik dina jukut bari mando di payuneun ramana. Saur putrana anu cikal nyikal mangga rama prabu....ku sim abdi bade diregepkeun raina nya kitu oge.

Rama eta dua jalma nembe misaur, anjeun tadi di perjalanan geus menang elmu anu sakitu ahengna tah ku anjeun kudu di pibanda keur melaan rahayat ka hareupna, sabab anjeun bakal jadi hiji raja di wengkon ieu ala ngan arajeun kudu jadi raja anu mibanda jeung milaku agung na pangeran urang anu nyipta ieu alam jeung eusina, nya rama prabu...saur putrana. Teras kumaha salajeungna ramana misaur deui... dina isuk ning jaga anjeun jadi raja kudu adil jeung wijaksana ka rahayat anu di heuyeuk jeung di ola ku anjeun ngan ieu pepeling ti ama, pepejeuh keur anjeun duaan anu bakal mangku kakawasaan keur rahayat repeh rapih tulung tinulungan jeung amanah ka janji. Dua putrana sareugeup ngabandungan ramana cumarita.



Anu Ka hiji :
Pepeling Keur Anjeun
Mun indit kudu geus tepi
Memeh pok kudu geus prak
Ulah poho mun keur inget
Ulah mikir memeh dilamun
Mun nanjak geura turun
Mun lapar kudu peureum


Anu Ka dua :

ngelmu kudu katimu
Ngaji kudu ngajinis
Apal ka sora sorangan
Kudu bisa nimukeun panas mun keur tiis.


Anu Ka tilu :
Rahayu dina diri
Ucap sipat wujud rasa
Rasa moal pasalia jeung nyata
Kudu wawuh kanu jauh
Kudu apal kanu anggang.
Wujud sajatining hirup apal kahurip, hurip lahir-hurip batin-jasmani pipining rohani-apal kadiri asal ti gusti.

Elmu wujud kanyaho
Tina sir anu kawasa
Mun kapanggih diri anu sajati
Moal miring ka gusti

         
Ciri mapay bukti milari gusti yang widi Tah aranjeun duaan kudu jadi raja di pasundan ieu, muhun rama prabu. Anjeun seda ka gunung itu adi anjeun sena ka gunung kaler kudu tepung dina bulan purnama. Dimana tepung anjeun kudu jangji adi ka lanceuk-lanceuk ka adi. Tidinya teu kacarios dina tatapana, ari ramana ngagedogkeun salira janteun hiji kasepuhan anu linuhung ku pangaweruh bari ngawasuh rarayna dina hiji cai nyusu tidinya aya cai panyipuhan tina basa kasepuhan.

Kacarios kasepuhan mangkat ka tilas padepokan anu ayana di hiji pasir anu buni ku tatangkalan garede jeung buni. Di dinya kasepuhan nyauran hiji ponggawa anu ngajagi eta padepokan ponggawa naros dupi kasepuhan timana? Kaula bade nepungan anu gaduh padepokan ieu, ponggawa ngawaro hatur punten sepuh kinteun sawarsih nuju angkat ka palih kulon ka puncak gunung lingga. Oh kitu, kumaha ponggawa mun kaula nungguan didieu. Waro ponggawa kaulanun kasepuhan kaula teu widi mun nampi tatamu teu aya widi ti gusti prabu... Kasepuhan cumarita kaula teh lanceuk rajaanjeun. 
Ponggawa bingung keudah kumaha, anjeuna ngahuleung bari mikir anu jadi beurat keur ponggawa tah raja anu mangkat tos lami teu aya mulang. Saur kasepuhan deudeuh teuing ponggawa anjeun pageuh nyekeul amanah ti raja anjeun. Ti dinya kasepuhan naros hey ponggawa kamana raja anjeun, ponggawa kaget da nuju ngalamun dugi ka rarangana katingali margi (kolorna atanapi lancingan pangsina) morosot dugi ka kedal ucap, eta kasaepuhan ka ponggawa pantes sumedang larangan, kapantrang Sumedang ngabejakeun raja dimana, keur kumaha, atawa kumaha anu jeulasna sanajan wiwirang nepi ka larangan ka tombong. Sumedang pantrang ngabejakeun raja keur tatapa.

Ti dinya kasepuhan naros ka ponggawa anjeun geura susul raja anjeun anu mangkat ngulon tea saur ponggawa. Panuhun kasepuhan kaula moal incah balilahan ti ieu tempat samemeh raja mulih deui ka ieu padepokan kasepuhan sasauran deui mun anjeun beuneur-beneur rek ulun kumaula ka raja anjeun naon jangji anjeun. Ponggawa ngawaro kasepuhan kaula dek ngajadi peueut mun kaula sulaya tina jangji kaula. Dadak sakala di eta tempat tangkal kawung kaluar peueut. Tah ieu jangji hiji abdi raja anu satia ucap lampahna di ijabah, anu simbulna ngajadi peueut anu mangfaat keur balarea nepi ka kiwari kabeh jalma mirasa tina pueeut (gula) tah mun abdi raja saperti kitu ieu alam dunya bakal aya dina kaanugrahan tinu maha agung anu bisa maslahat keur jalma rea tah simbul eta geura larapkeun ieu laku ning lampah diri dina pajamanan kiwari. Komo mun ieu simbul ku urang salaku ki sunda di parigawe jeung diamalkeun.

Tah ti dinya aya ngaran Sumedang larangan (Sumedang Larang). Eusina ulah lanca linci udar tali gading mun geus di istrenan ku titah raja. Atawa titah rakyat Sumedang kudu pageuh kana jangji, ulah sulaya. Keur itu dadak sakala aya cahaya kaluar ti langit anu rupana hejo HIBAR. Kasepuhan ningali eta cahaya anu gilang gumilang anu nyaangan gunung di palih kulon anu nuju tatapa na dua calon raja. kasepuhan kedal ucap NURMALA teu lami ti dinya aya cahaya deui mancur ka gunung palih kaler kasepuhan kedal ucap deui HIBAR BUANA LINGGA ciri bukti bakal ngajadi karajaan tembong agung jeung Sumedang Larangan.

Tah kitu persi di Cipaku

Tidak ada komentar:

Poskan Komentar