Kembang sungsang dinang kunang Kotak kurawis wayang Lindu nira bumi bengkah Adam adam babu hawa Siskang danur wilis Ingkang ngagelaraken cahya nur cahya Anwas anwar ngagelaraken Malih kang danur citra Nurcahya nursari nurjati Dangiang wayang wayanganipun Semar sana ya danar guling Basa sem pangangken-angken Mareng ngemaraken Dat Kang Maha Tunggal Wayang agung wineja wayang tunggal Wayang tunggal

Sabtu, 22 Oktober 2016

Rumpaka Sunda

Rajah
Amit ampun nun paralun,
Ka Gusti nu Maha Suci
Neda pangjiad pangraksa,
Para Abdi-abdi Seni
Seja ngaguar laratan,
Titis Waris Nini Aki
Ngembatkeunjalan laratan,
Katampian geusan mandi
Ka leuwi Sipatahunan,
Leuwi nu ngaruncang diri
Diri anu Sakiwari,
Rek muru lulurung tujuh
Ngaliwat ka Padjadjaran
Bongan haying pulang anting
Padungdeungan padungdeungan,
Jeung usikna pangancikan
Pun.. sampun…!

Sampurasun karumuhun,
Ka Hiyang Prabu Siliwangi,
Nu Murba di Padjadjaran,
Pangauban seuwe siwi
Nu Gelar di tatar Sunda,
Muga Nyebarkeun wawangi

Kidung
Run turun bayu rahayu,
Bayu tresna bayu asih,
Bayu mawat kawalungan,
Bayu mawat kaelingan,
Sakur nu kaliliwatan,
Sakur nu katitincakan

Urang buka tutungkusan,
Nu kahalang ku pipinding,
Dina gebang sewu lontar,
Dina tulis titis tulis,
Maca uga nu waruga,
Atra setra kanti sukma,
Amin ya Rabbal Alamiin


Sunda Mekar
Cacandraan para leluhur,
Cirri bumi dayeuh panca tengah
Lemah duhurna,
Lemah lengkobna,
Lemah padataranana,
Nagara mukti wibawa,
Panglambang congkrang Kujang papasangan,
Yasana para dewata,
Teu sulaya ti nyatana.


Narangtang
Nu jauh urang deukeutkeun,
Geus deukeut urang layeutkeun,
Geus layeut urang paheutkeun,
Geus paheut silih wangikeun.


Papatet
Padjadjaran kari ngaran,
Pangrango geus narikolot
Mandalawangi geus ngaleungit
Nya dayeuh geus jadi leuweung,
Nagara geus lawas pindah
Saburakna Padjadjaran
Di gunung gumruh suwung,
Geus tilem jeung nagarana.
Cupu Manik Astagina
ditandean sarat tangan.
Ditutuban apan bihari ku mandepun
Diteundeun di sisi jalan
Dibuka ku nu ngaliwat
Kunu weruh di semuna,
Kunu rancage hatena
Dibuka pating haleuang,
Numenta dilalakonkeun.


Papatet Gancang
Kawung mabur carulukna,
Gula lengiteun ganduan
Ciamis kari patina,
Ciherang kari kiruhna
Samak tingaleun pandanna
Kiai leungiteun aji, Pandita ilang komara
Kahuruan ku napsuna.


Tatalegongan
Bangkong dikongkorong Kujang,
Ka cai kundar cameti..
Kole di buah hangasa,
Ulah mopo samemeh leumpang
Hirup ka tungkul ku pati,
Paeh teu nyaho dimangsa
Naha bangkong dikongkorong,
Mawa Kujang teu ngarasa.. mokaha
Nolog andon ngalalakon,
Ngarasa heunteu rumasa.. timana
Asa gandang mawa ringkang
Ka cai kundang cameti,
Ka darat mah kundang heurap
Nyasaran kalangkang beurang.


Goyong
Sakapeng mah bawaning ku pusing,
Sok neneda ka Anu Kawasa,
Gunung Gede jeung Pangrango, geuwat geura arurug
Dayeuh abdi basmi sing leungit,
Gegek rame ge cumah, teu aneh teu lucu
Da pinuh ku tukang cidra,
Salamina tukang jalir janji, sulaya tina subaya.


Padepokan
Ku Indung mah dunungan sering dikantun
Tara matak jadi pikir
Ku Bapa mah dunungan sering ditilar
Tara matak runtuk galih
Aduh ayeuna mah,
Naha ari ku anjeun Na.
Mana nyeri da nyeri teuing.


Jalan Satapak
Jalan satapak paranti kuring ngaprak
Estu lantung tambuh laku,
Heunteu puguh nu dijugjug
Leumpang sakaparan-paran
Jalan satapak nu matak ngarakacak,
Emut kana tapak lacak
Harita nu karandapan,
Dunia asa nu duaan
Tuh ka gunung itu.. ka pasir itu,
Terusan jalan satapak.. duh
Asa jauh panineungan,
Ari ras jalan satapak


Narangtang
Dirarampa dilelebah,
Nyoreang alam ka tukang
Paingan ceuk juru pantun,
Jaman Padjadjarang Murba


Pangapungan
Watu gilang Padjadjaran,
Watu gilang sang Niskala baheula
Baheula sabale gandrung,
Sa Sunda sa Siliwangi
Geman Ripah Kerta Mukti… Raden
Naha atuh kiwari geuningan sagala gati.. deuh
Bongana pahiri-hiri,
Parebut dipayung tangtung
Pagirang-girang tampian,
Calik girang gede ajang
Naha alok heunteu nyaho,
Somah nu lara balangsak
Geuning duh kaniaya
Nya urang papantunan,
Kumelendang jeung kalangkang
Baheula sa Padjadjaran, sa Prabu, sa Balagandrung
Nu gandrung ka Sunda tandang… duh
Urang mindeng jejemplangan,
Ngajemplang jemplingkeun diri… Raden
Ulah rek kabareurangan
Si Pelung naglingkung lembur,
Hudang urang rarancangan
Rancag batan kuda lumpat,
tarikna ku dedegungan
Kebat ka bale Rancage,
Hayu ti ditu gebur gumebyar.
Reungeukeun tuh sangkakala,
Sangkakala Padjadjarang tangara
Mangsa mapag jaman anyar,
Mangsana Ki Sunda Tandang
Rempug jukung sauyunan.. duh
Tembingkeun ajen sewesen,
Satria nu Pinandita… raden
Teuas peureup lemes usap,
Pageuh keupeul lega awur
Silih asah silih asih,
Bari adil paramarta
Sinatria pilih tanding,
Raden tedak Pasundan


Nataan Tangtung
Duh Gusti Nu Maha Agung
Nu nyipta waruga jagat.
Nu nyangking pasti papasten,
Di Dunya raga rumingkang,
Jisim Jirim Karsa Gusti,
Aya daya Walakaya..
Anging Karsa Gusti
Bulan bentang sarangenge.
Gumulir nyirian wanci.
Dina hirup kahirupan
Uteuk tongo walangtaga,
Pucuk kembang buah beuti.
Nu sami pada tumuwuh,
Anging Karsa Gusti.


Pupunden Ati
Duh anak ibu,
Nu geulis pupunden ati
Geus bisa ulin,
Geus capetang jeung ngopepang
Teu weleh deudeuh,
Najan bangor toloheor
Tambah kanyaah
Sarengkak saparipolah.


Budak Ceurik
Ma’lum anu jadi indung
Boga anak ngan sahiji.
Pok na bari cumalimba
Semu ngeces.. semu ngeces melas melis
“Ema mana ari bapa?”
Abdi mah hayana papanggih geuning
Masing emut nyai geulis kawiwitan
Moal anjeun jadi nanjung,
Tanpa pangjurung ti indung
Masing emut ujang kasep kawiwitan
Moal anjeun jadi mulya.. duh,
Tanpa pangdu’a ti bapa
Jawab nu jadi indung:
Emas mirah buah ati
Ujang mah teu gaduh bapa,
Walona piraku deui
Cau oge aya nu melak,
Kitu deui diri abdi
Piraku teu gaduh bapa
Baeu hidep anak Ibu,
Menggeus ulah kitu deui
Masing emut nyai geulis kawiwitan
Moal anjeun jadi nanjung,
Tanpa pangjurung ti indung
Masing emut ujang kasep ka wiwitan
Moal anjeun jadi mulya.. duh
Tanpa pangdu’a ti Bapa.


Narangtang
Gunung gunung dibarubuh,
Tatangkalan dituaran
Cai caah babanjiran,
Buana marudah motah.


Mangu-mangu
Sok rajeung kamemelangan,
Mimikirandiri pribadi.
Timana jeung rak ka mana.
Cenah hirup kudu hurip,
Waluya lahir jeung batin.
Nyaho nu bener nu palsu,
Ngan hese neanganana.
Sok inggis salah pamilih.
Palangsiang bener the ngan ceuk sorangan


Jemplang Pamirig
Duh Gusti nu Maha Agung
Neda jait ti bala’i,
Neda Ginaran bagja
Nun Gusti abdi tingali
Abdi mah puguh tandaya,
Nu kawasa anjeun bae
Abdi darma asih brangta
Wungkul wuyung ku kahayang nu Agung
Upami eta saestu pibagjaeun,
Laksanakeun sapaneda
Nugraha dunia akherat.


Malih Warni
Siliwangi anu milih warni
Mindah rupa nilar Padjadjaran
Palias pondok lalakon
Siliwangi nu ngantun,
Ngantun oge da mulih deui
Mulang ka Padjadjaran,
Ngaping seuwe putu
Ngalanglang Galuh Pakuan
Siliwangi kiwari geus tandang deui
Ngaheuyeuk tatar Sunda
Tatar Sunda dijaring diaping,
Dititenan dijaga diriksa
Bilih bobor karahayon
Siliwangi nu luhung.
Wicaksana tur tigin jangji
Siliwangi geus lugay,
Kiwari lumungsur
Ngagem wangkingan pusaka
Kujang sakti ageman alam bihari,
Pusaka Padjadjaran


Sinom Tegal
Biur ngapung ngawang-ngawang
Bareng jeung angin nyiriwing
Ngalayang pa ayang-ayang
Tujuhan pa iring-iring
Bareng nyoloyong ngabring
Raksukan katingal hurung
Cawening nu harerang
Kahibaran layung kuning
Geulang, suweng, kangkalung
Lir kunang-kunang


Degung Mangu
Surud windu ganti warsih,
Robah mansa ganti musim
Surud windu ganti warsih,
Robah mangsa ganti musim
Alam ngagilir nguriling,
Ngemplong taya aling-aling
Ilang sugrining panghalang,
Lenglang ca’ang narawangan
Lugayna ti panglungguhan,
Padepokan kahiangan


Degung Panggung
Jaman Sunda ka emasan.
Ratu Sunda Padjdjaran
Kabudayaan Kasenian.
Jadi bentengna Pakuan
Ayeuna ninggang mangsana.
Kiwari cunduk waktuna
Bandana Rayat merdeka,
Sing santosa laluasa…
  

Tidak ada komentar:

Posting Komentar