Kembang sungsang dinang kunang Kotak kurawis wayang Lindu nira bumi bengkah Adam adam babu hawa Siskang danur wilis Ingkang ngagelaraken cahya nur cahya Anwas anwar ngagelaraken Malih kang danur citra Nurcahya nursari nurjati Dangiang wayang wayanganipun Semar sana ya danar guling Basa sem pangangken-angken Mareng ngemaraken Dat Kang Maha Tunggal Wayang agung wineja wayang tunggal Wayang tunggal

Sabtu, 22 Juli 2017

BUBUKA CATUR


Tabé, pun.
Amit sejaning unjuk uninga, réhing dumasar kana
rasa syukur “Nuhun” ka Nu Ngersakeun, Anu Maha Agung,
jisim kuring seja ngadugikeun gerentesna kereteg, anu
mangrupi karyana rasa, kersaning anu ngawasakeun, hasil
tina teuteuleuman, guguaran, kokoréh, tur mulung pulung
ti anu ngalangkung dina jajantung, galuh agung, manawi
bahan katampi, kalayan aya guna katut mangpaatna
kanggo urang sadaya, malar geusan jadi panungtun tur
pangjejer dina nutur lumakuna léléngkahan hirup,
sasieureun sabeunyeureun, kasanggakeun.

Tawis rasa anu dumasar kana, rasa “nyaah ka
sasama, béla ka bangsa, bakti ka lemah cai, ngarawat tur
ngarumat budaya, sarta niat ngawangian ka sarining
lemahcai”, malar jadi sambung léngkah, sambung lémék,
sambung rasa, keur nyambungkeun uga, tangtuna ogé ti
anu kantos aya ti heubeulna, ti biharina, sugan ngancik di
kiwari geusan ngambah ka supagi. Buhun ngajadi bahan,
biheunna, sara ngajadi sari keur pangaji.
Amit, tabé pun, hampura ingsun, anu diguar saukur
gambar, anu dipedar saukur nalar, piolaheun dina polah,
pilakueun dina lampah, malar katimu rupaning mustika
hirup, anu ngancik dina rasa anu katitipan, naon rupa nu
jadi wujud tulisan, muga larap jadi tutur, jadi lisan,
pijalaneun tatapakan dina aweuhan jalan anu kacida
lamparna, nangtu dina kacindekan Galur.
Sugrining galeuh kadeudeuh, sugrining galih ka
asih, tansah mugia, marganing galuh pangasuh. Tandes,
jadi élmu katut pangaweruh. Geusan pituduh jalan anu
lempeng.
Amit, sanés badé ngalalangkungan, sanes badé
nyanyahoanan, sanés badé mayunan anu ti heula, sanés
badé ninggalkeun anu pandeuri. Ieu mah mung mugia
pareng:

Nu jauh urang deukeutkeun.
Geus deukeut urang layeutkeun.
Geus layeut urang paheutkeun.
Geus paheut urang pageuhkeun,

Geus pageuh urang wangikeun.
Nu kungsi dihandeuleumkeun.
Nu kungsi dihanjuangkeun.
Urang cokot geusan teuleum.

Urang téang geusan midang.
Nya midang, di banjar karang.

Lebak panitisan bentang.
Nya bentang ti para Hyang.

Nu murba di alam padang.
Sapasini, saparanti,
Sa jalan, sareureujeungan,
Sareundeuk, saigel, sabobo, sapihanéan,

Ka cai jadi saleuwi,
Ka darat jadi salogak,
Malar hirup runtut raut sauyunan,
Pataréma rasa.

Geusan nyukcruk uga ti para luluhur,
Mapay tapak ti para Sanghyang Pudak,
Mustika Puraga Jati Sunda

Nu dipuluk mustikana,
Salaku pancer sajati,

Nu dihin ajaring tangtu,
Nu misti élmuning pasti,
Geusan ngadadali diri.
Dadalina uga ludra,

Manuk leuweung ménak lawung,
Lawungna di palawangan.
Nya lawangna geusan luang,
luangna ti pada urang.

urang nu nyorang , urang nu nyaring,
Nyorangna jalan séwangan,
Nyaringna ugeran kuring
Seja tandang seja tanding.

Tandang bari ngarawang,
Tanding bari ngariding.
Bari,nabeuh kohkol awi ,
Bahanna ku haur bitung,

Meunang nuar luhur gunung,
Sorana nyaring tang-ting-tung.
Ngelentrung lir anu ninun,
Nu sidongdang dina sahung,

Hateupna ku rangrang kawung
nu dijieun songkét Bandung.
Songan iket banda indung

Pun!!!

https://jiwa2kegelapan.wordpress.com

Tidak ada komentar:

Posting Komentar