Kembang sungsang dinang kunang Kotak kurawis wayang Lindu nira bumi bengkah Adam adam babu hawa Siskang danur wilis Ingkang ngagelaraken cahya nur cahya Anwas anwar ngagelaraken Malih kang danur citra Nurcahya nursari nurjati Dangiang wayang wayanganipun Semar sana ya danar guling Basa sem pangangken-angken Mareng ngemaraken Dat Kang Maha Tunggal Wayang agung wineja wayang tunggal Wayang tunggal

Sabtu, 22 Juli 2017

NGAJI DIRI

SEMAR, CEPOT & DAWALA

Semar: sacanggih-canggihna jaman kiwari moal leuwih canggih tibatan pangeran. Naon geuning nu bisa ngobrol tina jarak jauh?
Cepot: HP.
Semar: tah eta…!. Make bisa mindahkeun program, tina HP ieu kana HP nulain ngaliwatan dibukana blutooth. Apal silaing blutooth?
Cepot: apal..!
Semar: naon?
Cepot: ari panon gede teuing..
Semar: bolotot atuh eta mah…!. Blutooth teh bisa mindahkeun program, tina HP ieu kanu HP lain tanpa ngaliwatan kabel. ku silaing dianggap canggih…? Da dewekmah seuri..
Cepot: naha?
Semar: milyaran tahun pangeranmah geus kitu..!
Cepot: iraha..? ayana ge karek ayeuna
Semar: heueuh jelemamah.
Cepot: ngan karek panggih ayeuna, padahal pangeran mah geus tibaheula..?
Semar: heueuh.!
Cepot: contona?
Semar: contona: hiji indung jeung bapa mapatahan budakna, ceuk indung teh ‘jang.. tah ieu hayam, jang.. tah ieu meuri’, pindah weh kana otak budak, tah make kabel naon?
Cepot: eh… enya..nya..!
Semar: sok siyah canggih mana?
Cepot: cetek geuning jaman canggih kiwari mah, dibandingkeun tanda-tanda kaagungan jeung kakawasaan Allah?
Semar: nya..?
Cepot: muhun.. bapa..! ari baheulamah geuning urang kampung, lamun anakna jauh teh, misalna di Sumatra, ari nelpon teh make seeng, ‘jang geura balik..!’
Semar: balik budakna?
Cepot: maot..!
Semar: jurig siyah..!
Cepot: tapi naha geuning jalma teh loba nu hubbuddunya ieu teh, jadi poho kana kaakheratan, samarukna bakal langgeng manehna hirup di dunya teh. Sabab pangarti nu jadi ciri, kagagahan anu rongkah, kapangkatan nu dipiwegah, geuning percuma tanpa dibarengan ku kaimanan jeung kataqwaan kanu kawasa..
Semar: ha..ha..ha..
Cepot: lain seuri..!
Semar: hiss..! sia mah dipujiteh.
Cepot: sakapeung abdi sok ngalamun, yen hayang jadi pagawe tetap teh he..se.., malahan panglamar mah panglamar kaditu kadieu, hayang digawe teh kudu nyogok heula geuning jaman kiwari mah, kadang sogokan asup.. digawemah teu tulus. Ripuh.. pa hayang jadi pegawe tetap teh.
Semar: hayang teu ripuh?
Cepot: kumaha?
Semar: ulah hayang jadi pegawe tetap..!
Cepot: tapi?
Semar: kudu tetap digawe..!
Cepot: anjir…
Semar: aya buruan kararotor bersihan, usum halodo runtah-runtah durukan, keun disebut nugelo ge..! terus..bekerja, terus pengabdian. Bisana makmur ieu Negara, lamun manusa-manusana berkualitas. Ari manusa nu berkualitas teh nyaeta anu tetap digawe. Tetap dina pengabdian.. tah eta aral… tah eta subaha.. jeung loba teuing ku lamunan.
Cepot: jadi kudu tetap digawe hirup mah?
Semar: heueuh..! tingali tina al-fatihah, saacan “iyyakanasta’in” naon heula?
Cepot: iyyaakana’budu.
Semar: pengabdian heula ujang..! ujug-ujug menta weh ka pangeran..! ibadah tara, digawe embung, shalat teu daek, da kandel kulit beungeut etateh. Ari menta terus ka pangeran. Ari digawe embung. Ari memeh ka dunya, sia heula mana jeung sampe?
Cepot: rek nanya weh ka bapa, ari saencan kuring ka dunya, sampe geus aya?
Semar: enggeus..!
Cepot: berati heulaan sampe..
Semar: naha atuh menta deui, menta deui ka pangeran? Kari melak..!
Cepot: ari tanahna teu boga?
Semar: di tanah batur..! lamun hayang beunghar, deukeutan nu beunghar..!
Cepot: da nu beungharna pedit..
Semar: bongan siana pedit..!
Cepot: ari kuring pedit naon?
Semar: pedit ku tanaga..
Cepot: eh.. heueuhnya..
Semar: ulah waka nyebut pedit kabatur, lamun sia can bageur.
Cepot: eh..
Semar: ulah aral…! Ayeuna urang udag ka raja, raja maot, bawa ku sia mayitna ka pasar, heug tawar-tawarkeun, ‘bilih aya nu bade mayit raja, kanggo kenang-kenangan’ bakal aya nu meuli?
Cepot: moal.
Semar: tah ayeuna bandingkeun jeung bangke teri, hargaan mana? Bari lauk pangleutikna.
Cepot: hargaan teri..!
Semar: tah gening..!
Cepot: alah… neupi eta pikiran kolot kadinya. Nuhun pa ah.. ditampi ku boncel hiji, kumaha yeuh boncel dua? Meuni euweuh komentar..
Dewala: ah kuringmah narima papatah weh.. ti kolot. Cirina manusa teh anu daek di papatahan, jeug daek mapatahan, lamun teu kitu, rametuk…!
Cepot: tah ayeuna kieu yeuh nyonya igun.!
Semar: coba…. Ka kolot nyebut nyonya igun sia mah..
Cepot: ayeuna kumaha yeuh mikiran diri.
Semar: naon?
Cepot: BBM naek. Eukeurmah bencana alam tiditu-tidieu, di wetan keur diomean, beledug di kulon. di kulon can beres, geus bijl deui di kidul. Can di timpa ku BBM naek. Ripuh kuring the, jadi kudu kumaha atuh..?
Semar: tah eta nu matak nyusahkeun diri the “kumaha”
Cepot: asa harengheng kudedengean.
Semar: yeuh.. sakur anu datang.
Cepot: sakur anu datang.
Semar: kana diri.
Cepot: kana diri.
Semar: eta ibadaheun teh deuleu…!
Cepot: kumaha?
Semar: BBM naek, tingkatkeun gawe silaing..! jalma iman jeung taqwa, dimana datang rugi iobar, dimana datang untung syukur. Setiap datang perkara, eta pigaweeun. Contona: ceuk katerangan, ari sungut anjing teh najis, dimana urang kaletak ku anjing maka kudu dikumbah ku cai 7x dicampur ku taneuh
Cepot: najis mugholadhoh tea?
Semar: heueuh.! Ieumah diletak ku anjing, ngadon dipaehan anjingna, apan ceuk katerangan, kumbah ku cai 7x make taneuh. Tah lamun dikumbah, artina gawe, meunang ganjaran. Coba lamun teu diletak, aya pigaweeun?
Cepot: euweuh..!
Semar: euweuh deuleu…
Cepot: anjir…! Aya kitu aki-aki, paingan montok wae. Jadi singhoreng, sakur perkara nu datang, eta pigaweeun teh..?
Semar: heueuh.
Cepot: eta di Negara Indonesia, ri..but weh jeung rebut. Demo dimana-mana.
Dewala: eh..alus. da demokrasi. Emang kuduna.
Cepot: apal aing ge demokrasi, ngan demokrasina, demokrasi kiriman, ada yang menunggangi.
Semar: pek vocal, pek nyarita, ngan kudu demokratis jeung pancasilais, ameh dilindungi ku undang-undang. Lamun tindakana anarkis, tah eta tingali ayat, “Allah teu beukieun ka jalma nu nyieun karusakan di muka bumi”.
Dewala: atuh si cepot mah deer.. maen langlayangan make kawat kupling, jeprut weh pegat, ngait weh kana tihang listrik. Bledug teh..! tah etateh geus ngarugikeun ka bangsa jeung ka Negara. Bola weh…bola..!
Cepot: da hayang puas..!
Dewala: heueuh eta… kaleuleuwihi teh… Allah teu beuki ka jalma nu kaleuleuwihi, sakur nu rek ngarugikeun ka batur, cegah ku diri sorangan, ari enyamah daek ngaji..
Cepot: geuleuh atuh da ka batur..!
Dewala: tah eta.. geuleuh. Nu nyilakakeunmah.
Semar: sok tingkatkeun, lain aral.!. apan tadi ge: bi idznilah, bi qudrotilah, bi irodatilah, bi fadhlilah. Bi, bi, bi, bi, kalayan, kalayan, kalayan. Ari ieu di aku..! matak salametna jelma di dunya jeung di akhirat, dimana eta jalma geus boga ajian ngalengit..!
Cepot: ngaleungit dirina?
Semar: nu kitumah bangsat..
Cepot: naon atuh?
Semar: nyaeta jalma nu geus bisa ngaleungitkeun pengakuan tina dirina. ‘diri sasampiran, awak sasampaian, umur ukur gagaduhan, saliring-liring dumadi, satingkah jeung sapari pola, urangmah teu ngaboga-boga, lahaulaa walaquwwata illabillahil’aliyiladzim..
Cepot: heueuh ku jararauh wae, lahaula teh diartikeuna jadi nekat.
Semar: nekat kumaha?
Cepot: contona abi ngadupak batur, abi teu wani, ‘awas siah peuting, dikadek ku aing, lahaulaa weh aingmah.’ Tuh.. jadi nekat. Alhamdulilah jadi nuhun, assalamualaikum jadi punten. Da teu nyararambung..
Semar: salah kaprah eta teh, alatan ku teudaek mikir.
Cepot: Alhamdulillah pa ah.... nuntut elmu teh geuning teu kudu jauh.
Dawala: matak ceuk kolot baheula mah, “ulah nuduh kanu jauh, ulah nyawang kanu aggang, nu caket geura rakeutan, nu deukeut geura deueusan, moal jauh tina wujud, moal anggang tina awak, tingali aya naon jeung aya saha, tina diri sorangan, cirina satangtung diri, pek geura panggihan silaturahim the jeung diri sorangan, asyhaduanla angfusakum, saksian diri maneh , kumaneh weh. Sorangan”

http://ngamumule-islam.blogspot.co.id

Tidak ada komentar:

Posting Komentar