lakuning lampah, ciri diri nu ngagema kasinaran ku
panceran asal, sangkan wawuh ka nu tilu dawuh nu
nyangking nyinaran galuh salaku jagat panataan rasa ti anu
ngarsaanana.
Tilu Dawuh nu nyangking di jagat panataan
(tempat cahaya Suci) anu aya dina diri nu nebaran
cahyaning ules watek, nyaéta sinar anu dawuh :
1. Nga – Sanghyang: (diri mijati katuhuan di alamna)
keur pangaji élmu suci anu apal ka anu kagungan
Wasa.
2. Nga – Rahyang: (diri mirasa kamanusaan di alamna)
keur pangaji élmu suci anu apal diri anu kahirupan.
3. Nga – Danghyang: (diri miraga kanusaan di alamna)
keur pangaji élmu suci geusan apal kana hak jeung
pancén mahluk anu pada-pada dicipta saalam
(kanusaan), anu campur sangkan sampurna.
Cahayana anu jadi ules watek tina tilu dawuh anu nyinaran
galuh, tangtu diri kawandaan sipat :
1. Ka-Wisnu-an (kawasanaan): hirup, mampu
ngadalikeun rasa jeung wasana.
2. Ka-Shiwa-an (kasahawaan): hirup, mampu
ngadalikeun hirup jeung sasamana.
3. ka-Brahmana-an (kabarahmanaan): hirup, mampuh
ngadalikeun laku jeung alamna.
Tilu cahaya anu nyipatan jadi cahaya nu disebut
ules watek diri, udagan anu dihin ku katangtuan, pikeun
nétélakeun kasampurnaan dina nataran tatapak
pahirupan, anu bakal jadi adeg pangadegna diri, pikeun
nyubadanan kabutuhan pasti. Ngahartian, patujuan
hirupNa, sabab:
Hirup anu ngusikkeun, hirup anu ngobahkeun,
hirup anu ngawasakeun, hirup anu ngarasakeun, geusan:
hirup kudu mawa cageur, hirup kudu mawa bageur,
hirup kudu mawa bener, ku alatan hirup nu kahirup, nu
kahirupkeun ku hirupna anu suci, ngabukti kalawan nyata.
Hirupna keur nuju kasampurnaNa.
Tri Pancer Silah
Tri Pancer Silah, nyatana tilu cahayana diri anu
mancerkeun sipat geusan ngahontal kasampurnaan diri
anu mibanda sinar:
1. Aji Luhung
Hartina, munel ku pangaweruh rasa jeung jiwa salaku
sarining diri anu teguh pengkuh tur ampuh timpuh
sarta awas dina ngawasakeun tur ngawaskeun pangawasa-na, nebarkeun élmu pangaweruh kasam-purnaan, ku dasar
taliti sarta nastiti saperti:
Tékad niat anu suci
Ucap lampah anu bukti
Pari polah nu merenah, sarta
Budi basa nu katata, bémakrama.
“ Patalina Diri ka Gusti ”
2. Aji Komara (Wibawa).
Gelaran lakuning diri anu nyangking patokan pasti, dina
ngajaga tur ngariksa ules watek tiap-tiap anggota badan,
anu masing-masing mibanda pakomna pancén séwangan
tapi teu luput tina ugerannana, kalawan mungsina, tétés
ngalumakukeun dina kahadéan. Tutup hasil
kamangpaatan. Naon rupa anu jadi lalakuan, tinangtu
ballik hasil ka sorangan, naon rupa sorangan anu geus
disorang, atawa anu tacan ka sorangan, dasarna mah, tetep
dina tapak paniatan.
Aji Komara mangrupa wangunan diri anu pinuh ku
sinar kasajatian hirup, tegesna mah laku paripolah,
kauleswatekan ku naon rupa nu dilakonan, pageuh ku
dadasarna kaihlasan, tur dibarengan ku Pancerna rasa jadi
sipat: ajénan, anteuran, hampuraan, mujian, jeung
hémanan. Jauh kana sipat dengki, ujug hiri jeung takabur.
Panceran Aji Komara, aya dina sinarna rasaning:
Pancerna laku: jujur ka diri, kukuh kana jangji, lemes
usap teuas peureup, heureut keupeul, lega awur.
Pancerna gawé: geusan mingpin diri sakujur, batur
sakasur, dulur salembur kalayan baraya sabuder awur.
Geusan hirup anu munel ku aji jeung pangaji diri nu
diolah ku karancagéan, budi jeung parangi salaku
wawangi diri, soméah, daréhdéh sarta hormat tilawat
ka sasama hirupna. Éta hasil tina ngasah akal jeung
pikir, sangkan lébér wawanén, jembar ku panalar, dina
ngolah jeung ngariksa hirup, ngudag tujuan geusan
ngajayak tapak, lalampahan sorangeunana: “Suci hing
pamrih rancagé haté”.
“Patalina diri ka sasama”
3. Aji Wiwaha
Hartina ajén-inajén kaparigelan diri dina ngolah
kamotékaran élmu nu weruh salaku kembangna diri,
munel ku warna rasa, budi jeung daya, karya jeung
karsana, pikeun panalar buah cipta (karya diri). Sugri
pangbakti sajining lemahcai, ngapak méga mébér jangjang,
hiberna lir manuk julang, ngambah saaweuhan dunya,
pakeun jaya weruh sadurung winara. Karsaning ngarancah
béntang, tinawur nebar caraang, pakeun ngembangkeun
talatah keur ngawangi lemah cai.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar