Kembang sungsang dinang kunang Kotak kurawis wayang Lindu nira bumi bengkah Adam adam babu hawa Siskang danur wilis Ingkang ngagelaraken cahya nur cahya Anwas anwar ngagelaraken Malih kang danur citra Nurcahya nursari nurjati Dangiang wayang wayanganipun Semar sana ya danar guling Basa sem pangangken-angken Mareng ngemaraken Dat Kang Maha Tunggal Wayang agung wineja wayang tunggal Wayang tunggal

Sabtu, 22 Juli 2017

NGAJI DIRI 2

DEWALA & CEPOT
Cepot: lamun maneh ngaku ajengan, dewek rek nanyakeun pertanyaan ka silaing..!
Dewala: nanyakeun naon?
Cepot: aya nunyaritakeun euy.. tentang Bid’ah, yen sakabeh Bid’ah etateh dholalah, (finnar) jadi pinarakaeun.
Dewala: heueuh..ari kitu?
Cepot: naha etateh heueuh..?
Dewala: nya heueuh..! bid’ah mah dholalah, pinarakaeun.
Cepot: sakabeh?
Dewala: pikir ku urang, naon anu bakal pidorakaeun tina sakabeh, eta Bid’ah. Tanyakeun heula ari Bid’ah teh naon?
Cepot: naon Bid’ah teh?
Dewala: ngurangan atawa ngaleuwihan kana hiji perkara nu geus ditangtukeun ku pangeran jeung ku rasul-Na.
Cepot: oh.. jadi Bid’ah teh kitu?
Dewala: heueuh..bid’ah teh kitu.
Cepot: pinarakaeun etateh?
Dewala: pinarakaeun.
Cepot: kumaha etateh?
Dewala: urang nyokot garis besarna weh.. urang cokot globalna. Heulaanan ulah waka nuduh kanu jauh, ulah nyawang kanu anggang, ulah waka mikiran batur.
Cepot: naon?
Dewala: yeuh bid’ah nu aya dina diri sorangan heula
Cepot: diantarana?
Dewala: ulah dileuwihan jeung ulah dikurangan. Dina diri urang aya hate, tah ari hate teh wadah.
Cepot: wadah naon? Wadah ci kopi?
Dewala: lain..! na.. kanu hakaneun wae iyemah..
Cepot: dewek mah inget ka babaturan euy.. ngomongnateh kana hakaneun weh…! Jadi ari hate teh wadah? Wadah naon?
Dewala: wadah sagala rupa, ngan tidieu geus ditangtukeun, hate teh kudu diisian ku welas asih, ridho ikhlas, jeung ku sumerah pasrah.
Cepot: hate teh kudu diisian ku welas asih, ridho ikhlas. Jeung ku sumerah pasrah.
Dewala: heueuh.. lahaulaa katerangannana. Daya jeung upaya, anging gusti nu kagungannana. Jadi urang mah kudu tetep, eta hate teh diisian ku ridho ikhlas jeung sumerah pasrah. Tah lamun aya jelema nu ngaleuwihan ridho ikhlas tina hatena.. eta Bid’ah.!
Cepot: bid’ah kumaha?
Dewala: heueuh lewih..
Cepot: jadi?
Dewala: contona: ieu ikhlas ridho, derr weh diancikan ku ngewa, sirik pidik ka batur, tah eta finnar, pinarakauen. Sakabeh eta Bakal jadi ka naraka, ceulina, pangdengena,panempona, Contona kieu lah, seperti aa jeung kuring, aa teh jorojoy weh aya ngewa dina hate, ka kuring..! tah lamun eta hate aa geus kaancikan ngewa ka kuring, dimana kuring ngomong, teu sudi ngadenge omongan kuring, berate geus nyilakakeun kana ceuli aa, dimana ningali rupa kuring, aa geus embung nempo kana pangrupa kuring, berate geus nyilakakeun kana panon aa. Najan kuring make minyak seungit nu pangseungitna, aa moal daek ngambe kuring, berarti geus nyilakakeun kana pangambe aa. Jadi eta anggota badan anu aya dina awak aa,kabeh bakal ngasaan panasna seuneu naraka.
Cepot: eleuh..euleuh..!
Dewala: tah kitu.
Cepot: jadi lamun nyaci kabaturteh..
Dewala: geus bid’ah, geus ngaleuwihan tina ridho ikhlas, sedengkeun ka batur kudu muji, ngahormat, handap asor, tawadho tea. ayeuna dileuwihan ku dirina, ngewaan jeung syirik pidik.
Cepot: heueuh nya euy…!
Dewala: helaanan dina diri sorangan, tuluy kaituna.
Cepot: naon euy?
Dewala: pokonamah sakur nu bid’ah eta pinarakaeun.
Cepot: apan aya bid’ah hasanah?
Dewala: ah da kuringmah keur ngomongkeun bid’ah dholalah, lamun bid’ah hasanah beda deui jalurna.
Cepot: oh kitu nya euy..
Dewala: tah lamun urang ridho ikhlas, sumerah pasrah kanu pengabdian ka pangeran, ulah kaancikan ku sirik, pidik, jail, kaniaya, iren, pangasten, dudupak, rurumpat, ngumpat, simuat, ujub, takabur, nyaci, maki, jeung pedit.
Cepot: o..oh
Dewala: tah kuring inget kana hiji riwayat, aya hiji Nabi nu haying guguru ka Nabi Khidir.
Cepot: Nabi Musa kitu?
Dewala: heueuh.. tah saur nabi khidir, ‘heug guguru ka kami, ngan ulah loba nu ditanyakeun, jeung ulah loba nu dinahakeun.’ Hiji mangsa aya budak nu keur ulin, eta ku nabi Khidir budak the dipaehan, eta nabi Musa teh naroskeun ‘naha budakteh dipaehan?’ ‘cicing, apan tadi oge ulah loba nganahakeun..cicing weh guguru ka kami mah.!’ ceuk nabi khidir teh.
Cepot: uluh..uluh.. maenya budak dipaehan euy?
Dewala: tah aa ge nanyakeun gening, cicing dengekeun heula weh da can ngarti. Tuluy aya kapal nu geus loba muatannana, tah eta kapal teh di tibrosan ku nabi khidir neupi ka ngelelep, atuh muatan teh sing garajleng.
Cepot: disisi kapalna?
Dewala: heueuh disisi, rek indit. Tah didieu piker ku aa..! ceuk nabi khidir bieu, ulah loba maenyakeun jeung ulah loba nganahakeun, sing horeng nitah mikir. Ulah maenya jeung dinahakeun ieu kaagungan pangeran teh, tapi kudu mikir urang
Cepot: mikir the lebah nu manana tah?
Dewala: heueuh mikir, tapakur tea.
Cepot: ari eta budak nu dipaehan tea?
Dewala: ieu budak geus gedena bakal jadi jalma nu kafir, tuluy bakal maehan indung bapana, matak mening dipaehan weh ayeuna..
Cepot: atuh etamah elmu ka ma’rifatan euy, jadi nabi khidir mah waspada kanu bakal datang?
Dewala: kahiji kitu.
Cepot: ari eta kapal nu di tobrosan?
Dewala: tah ieu kapal teh, engke di tengah laut bakal aya nu ngabajak, jeung bakal dikelelepkeun, matak mening ayena weh ditobrosan. Ameh teu cilaka.
Cepot: oh jadi nabi khidir mah apal kana kajadian nu bakal datang? Atuh ngaramal kitu mah? Nujum tea.
Dewala: lain..! tah eta teh sing jadi elmu keur urang.
Cepot: elmu kumaha?
Dewala: kieu. Budak pangna dipaehan bakal ngaruksak. Tah dina wujud urang oge aya lampah bubudakeun, geuwat eta laku lampah bubudakeun teh geura bunuh..!
Cepot: oh kudu dipaehan?
Dewala: ganti ku kadewasaan. Sabab lamun urang tutuluyan bubudakeun, bakal cilaka.
Cepot: oh……jadi urang teh kudu geus dewasa
Dewala: kudu geus dewasa, kudu geus dibunuh eta laku lampah bubudakeun teh.
Cepot: jadi ulah bubudakeun.
Dewala: kahiji.. kaduana hirup ulah di perbudak ku dunya.
Cepot: jadi ulah diperbudak ku dunya?
Dewala: ulah..! malah aya katerangan, ceuk pangeran ‘ya dunya… geura perbudak kumaneh, eta manusa-manusa nu salilana sujud kamaneh!’ nu matak loba jelma nu diperbudak ku dunya, jeung dulur neupi ka teu akur, jeung baraya neupi kaparasea, loba nu papisah alatan rizki, sieun teu kabagean hakaneun, sieun teu kabagean rizki.
Cepot: alatan diperbudak ku dunya?
Dewala: heueuh.. matak aya katerangan hiji deui, ‘ya dunya..geura ngabakti meneh ka manusa-manusa, anu salilana ngabakti ka kami!’ kitu dawuhan pangeran
Cepot: jadi dunya bakal sujud ka urang teh lamun urang?
Dewala: lamun urang geus bakti ka pangeran.
Cepot: ah rek bakti atuh ah ayeunamah..
Dewala: syukur… ngan ulah kapaksa. Matak ancikan eta hate teh ku ridho ikhlas, jiga ceuk dewek tadi. Ulah dileuwihan! Bid’ah tea.
Cepot: heueuh. Terus aya deui, soal kapal tea.
Dewala: tah.. supaya salamet engke ditengah, ditengah-tengah gonjlang-ganjlingna dunya, supaya istiqomah, geuwat eta muatanteh geura laloncatan ti ayeuna keneh, eta muatan anu aya dina diri urangteh.
Cepot: diantarana?
Dewala: geura tobroskeun eta liang-liangna, geura bere jalan eta muatan sina laluncatan.
Cepot: diantarana?
Dewala: nyaeta nafsu sarakah, jeung jiga nu ceuk kuring bieu: sirik, pidik, jail, kaniaya, iren, pangasten, dudupak, rurumpat, ngumpat, simuat, ujub, takabur, nyaci, maki, jeung pedit. Tah kitu, geura kencarkeun muatan nusakirana bakal ngaburatkeun ka urang teh.
Cepot: nyaan nya euy, Jadi riwayat-riwayat para nabi teh merupakan komitmen moral keur urang.
Dewala: heueuh.
Cepot: paingan.. aya katerangan “inna dina indallahil islam” agama nu dipikaridho ku Allah teh anging Islam. Islam teh salamet nya euy? Salamet dirina, bisa nyalameutkeun ka batur, numatak lamun urang islam dordar parasea silih siku silih sigeung alatan tina beda paham teh?
Dewala: etateh sumogol.. ulah dipaseakeun, dalain keur pasea, da agama mah lain keur pipaseaeun, tapi keur gaweeun.
Cepot: jadi urang teh ulah diperbudak ku dunya, ulah bubudakeun, geus kudu dewasa, jeung ulah pinuh muatan tina awak, nyaeta nafsu nu bakal picilakaeun.
Dewala: tah kitu.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar