Kembang sungsang dinang kunang Kotak kurawis wayang Lindu nira bumi bengkah Adam adam babu hawa Siskang danur wilis Ingkang ngagelaraken cahya nur cahya Anwas anwar ngagelaraken Malih kang danur citra Nurcahya nursari nurjati Dangiang wayang wayanganipun Semar sana ya danar guling Basa sem pangangken-angken Mareng ngemaraken Dat Kang Maha Tunggal Wayang agung wineja wayang tunggal Wayang tunggal

Jumat, 12 Januari 2018

Ageman Buhun Kayakinan Dasar Tatar Sunda

Tangtos balarea seueur nun hoyong uninga, ageman naonnu dipuhit ku Prabu Siliwangi. Kayakinan anu kumaha nu dianut sakur Rahayat Pajajaran dina waktos harita. Hayu  sasarengan  urang  tingal  ku  ati wening;  rampa  ku  manah  ngagenclang,  kalayan  mihatur  kameumeut  ka  Sri  Baduga  Maha  Raja,dirojong  kasono  nu  teu  aya  papadana. 

Ageman Buhun  
Ageman Buhun janten kayakinan dasar sakur Rahayat Tatar Sunda. Akaran sawirahma sareng waktos rebu taun, beutina janten “Peradaban” nu  tambih lami tambih asak. Tangtos  kayakinan ieu aya  “wiwit-na”.  Aya  “purwa daksina” anu  baris mangrupi  bahan  dasar  ageman. Hasil panalungtikan  sinareng  panglenyepan  para  karuhun nu luhung, dina  raraga  milari  jawaban  kahirupan;  ngabentenkeun  lepat  leresna;  sae  awona;  utamina  hoyong  uninga  sinareng wanoh  ka  Maha  Ngayuga. 
Ageman  Buhun  ieu tiasa  disebat: “Wiwitan  Sunda”,  margi  ti  awalna kacida  kiatna  diagem  janten  kayakinan  nu teu nyesakeun  ku rahayat Sunda. nga-bumi  dina  ati;  nyaangan  akal;  marenah  dina  rasa. Nganteur jatidiri Kasundaan (sanes sunda nu hartosna  suku bangsa). Sunda nu hartosna tingkah-polah salaras sareng ucap-ragap, Sunda nu  hartosna  kaweningan manah sauyunan sareng pasrah darana, Sunda nu talajakna  ngahormat  ka  sasama  sangkan  ngahargaan  ku  sukalilah,  sapagodos  jeung alam  salaras  Restu-Na  Gusti  Allah. 

Saripati Ciri-Ciri Ageman  Buhun :
Nyembah, Mihatur,  sumerah, mung ka Sanghiyang  Wening. 
Jalma  mah  teu  miboga,  sakadar  kapihapean  ti  Hing  Murbeng Alam.    
Saawak  rengkah, sabulunyun  daging,  dina  ngojai  kahirupan ukur  nyumponan  darma  wawayangan.  
Kawenangan  mung gagaduh Sang Hyang Wenang. Urang mah teu wasa.
- Sang Hyang Tungggal Ngayuga  dimana-mana, aya dimana-mana, nunggalkeun diri jeung sagala anu aya, nunggalkeun napas jeung sagala Ciptaan-NA, nunggalkeun  diri  jeung  ati.
- Wening  jalma. Tadina jelema jalmaan napsu, mulang kana  Purwana, balik  kana  wiwit-na. balik  ka uga-na jadi “jalmi”.
- Naon wae nu di bumi, laut walungan gunung  tatangkalan; oge sasatoan  jeung  emas inten  sarwa  rukmi,  aya  nu  ngageugeuh, nyaeta  para  dangiang nu dipercanten  ku  Maha  Welas  Asih.             
- Para dangiang ieu wajib dipihormat jeung dipusti, tapi lain disembah.      
- Pameuli sumamprak ka Sang Hyang Tunggal, kudu hormat ka sasaha, sanaos beda kahayang jeung pikiran. 
- Neang diri sajati, ku wawuh ka sukma diri nu sajati. Margi sukmaning jati bagian sifat ti Sang Hyang Tunggal  Cahya.
- Di Jagat Bumi jalma mah ngan ukur ngalempengkeun tuur, Alam ngan sakeudueng. Tangtu balik ka Jagat Purwa nu abadi, ngariung mungpulung deui jeung Maha Asih. Mulih  ka  jatina  mulang  ka  asalna.   
- Sagala nu rumingkan di bumi  alam, tatangkalan giri dugi ka Sagara, reang gundem-catur. Ngagungkeun, muji jeung  nyucikeun  ka anu  Nyiptakeunana. Usaha dina  nyalaraskeun  gun  dem-catur ieu (kidung  alam),  nyaeta  tararapa  di  gunung-gunung, di guha-guha,  ngahiji jeung  alam  sabari  ngalenyepan.
Tinu naskah Carita Parahyangan Kropak 630, tingkat batin manusia dina agemaan (sunda) nyaeta :
1. Acara
2. Adigama
3. Gurugama
4. Tuhagama
5. Satmata
6. Suraloka
7. Nirawerah.
Satmata nyaeta tingkatan ke-5, ngarupakeun tingkatan nu luhur, jang jalma anu masih dinu kandunyaan. Tingkat ka-6 (Suraloka), nyaeta jalma nu geus ninggalkeun/sinis ka kehirupan nu umum.  Tingkatan ka-7 (Nirawerah) sakabeh hirupnya pasrah ka Hyang Maha Tunggal/Sang Matongton/Hyang Widhi Wisesa/Nu Maha Murbeng Alam.

- Lamun  geus  salaras  jeung  alam  dina  neuteup  Maha  Agung,  tangtu  kahoyong  Maha Ngayuga, nga-wahyukeun nu diwakilan  ku bahasa  alam (totonden). Janten  awas  paningal,  moal dibobodo tenjo, ditipu pangdenge (waskita  pramana  tingal). 


Jentre pisan yen Ageman Buhun teu tiasa disamikeun sareng Animismime atawa Dinamisme. Ngandung ajen inajen kacida luhungna, ngajak kabagjaan anu jucrung, sangkan  nentremkeun  ka  balarea. Ageman  Buhun  atanapi  Wiwitan  Sunda  ieu  masih dipuhit  ku Urang Baduy Cikeusik  Banten. Oge  ku  masyarakat  kampung  adat  Sunda sapertos  Ciptarasa/Ciptagelar  Palabuanratu,  nu  digeugeuh  kasepuhan Abah  Anom. Sareng  seueur  keneh  nu teu disebatkeun  dina  tulisan  ieu.

Sairing  waktos ti jaman ka jaman,  Ageman  Buhun  nambih  sampurna. Dukungan  para raja; panalungtikan para resi anu laluhung elmu katut kasolehanana;  ditambih  para  Rumuhun  anu  calakan  nareuleuman  deui, ngajantenkeun Wiwitan  Sunda  ieu  langkung  jero,  kahartos  ku akal   Kaudag  ku jatining rasa, kaguar ku jiwa, neang deui purbadiri dina  uga. Ngajantenkeun filsafat hirup anu ngangkat harkat balarea. Dugi ka jaman Karajaan Sumedanglarang nu dirajaan ku Prabu Linggawisesa (1333-1340 M –  Udeg-udegna Prabu Siliwangi), Ageman nu kawit dinamian “Wiwitan Sunda” robih janten : SUNDA WIWITAN. 

Pangaruh Ageman Sunda Wiwitan  lebet  kana  kabijakan  Undang-undang  Pamarentahan. Nagara  ngaligar  langkung majeng  sinareng langkung moderen. Salajengna  Sunda  Wiwitan  janten  “roh”  kakiatan  Karajaan; Nagara; Pamarentahan  katut  Rahayat. Karajaan  Sumedanglarang  ngawit  beukah  kamakmuranana;  majeng  dina  sagala  widang. Rahayat  sanes  waebuncir  leuit  seubeuh  dahar, tapi oge beunghar manah  reugreug  hate, kujalaran  ngaraos aman. 

(Peryogi  diuninga : Prabu  Linggawisesa  puputra Prabu  Ragamulya, Puputra Prabu  Linggabuana Wisesa/anu gugur peupeus pati waktos  perang  Bubat,  puputra  Ratu  Diah  Pitaloka sareng Prabu Rahiyang Wastu Kancana, puputra Prabu Dewa Niskala,  puputra  Prabu  Siliwangi ). Ku  Prabu  Rahiyang  Wastu Kancana, ajaran  Sunda Wiwitan  pupuhupuh-na  dikempelkeun. Salah  sahiji  Pangeran  Wargi  Agung  Karaton  Surawisesa  nu  namina  “Pangeran  Wisnu  Brata”,  ageman  ieu  dibukukeun  nu  katelah  “Purbatisi  Purbajati”, eusina 4444 pupuh. Pangeran Wisnu Brata  sanes wae  ngempelkeuen  tulisan  ajaran anu aya, langkung ti kitu kenging Wahyu-wahyu  luhung  tur suci. Mu’jizat Purbatisi  Purbajati  enggal nyebar  ka  puseur-puseur  dayeuh,  padesaan, kasabudeureun  tatar  Parahiangan,  oge  ka  Mancanagara.


Dirorok ku Hingkang Aki
Prabu  Siliwangi ti alit dirorok ku Hingkan Aki Prabau Rahiyang Wastu  Kancana. Hujan kaasih dipukprukeun ka Incu nu deudeuh-na teu nyesakeun, dugi dinamian Raden Pamanah Rasa. Patali batinna langkung maheut sinareng  Akina  tibatan  sareng  Ramana. 

Didikan  langsung  ti  Aki,  nyuburkeun  calakan  nu  dasarna  pinter  kabina-bina. Yuswa  belasan  taun  tos  diajarkeun  Purbatisi  Purbajati, ditambih  didikan  langsung  ti  Pangeran  Wisnu  Brata,  murak  rusiah  mu’jizat-mu’jizatna. Diteuleuman  langkung  jero  ti  dasar  sagara,  langkung tebih  ti  dasarna  bumi, langkung  luhur  ti  patala  langit, langkung  endah  ti sagala kaendahan. Yuswa  27  taun  tos  tiasa  ngadamel  kitab  nu  dinukil  ti  Purbatisi  Purbajati,  nu  dinamian  “Sanghiyang  Siksakanda’Ng Karesian”.
  
Ka  Hingkang  Aki  sinareng  guru  Pangeran  Wisnu  Brata, langkung nurut, manut, tumut  nu teu  nyesakeun. Kabeungharan  elmu  sareng  kaagungan  akhlak  dua  kasepuhan  ieu  ngaguyur  batin  meh meh  teu  kawadahan. Janten  bekel  kakiatan dina neuleuman  Agama  Hindu,  Budha,  Islam  sareng  sajabana. Puseur  saripati  Agama Agama  kabuka  rusiahna, kateang  kaluhunganana. Anu  mireueus, dipuncak saripati  jatining Agama-Agama,  Anjeuna  dijemput  ku  Maha  Cahyaning  Sunda  Wiwitan.  Kujalaran  kitu  Raden  Pamanah  Rasa  teu  ngangken  muhit  Agama anu  aya, namun  sagala  Ageman  dihormat  sangkan  dilenyepan, diteuleuman,  diteundeun  di birit leuwi  ati pangjerona, pantona Batu  Satangtung nu moal  peunggas ku bobodo tenjo. sabari  cicing-cicing diamalkeun dina  rengkah-polah  anu  nyata, jentre  sareng  nantrat  ngukir  kahuripan. Upami  ditaros,  mung  ngangken  muhit  Ageman  Sunda  Wiwitan. 

Sasabaraha ciri acining Sunda  Wiwitan :

Mung  nyembah;  mihatur; pasrah,  ka Sang Hyang Batara Seda (Allah Subhana Wattaala).

Nyembah  kedah langsung, teu aya wawakil  (wasilah). Sing  para  Dewata  kabeh  pada  bakti  ka  Batara  Seda  Niskala. Pahi manggihkeun  si tuhu  lawan  pretiyaksa (wirehing  para  dewa  sadaya  pada  sadrah  pangbakti  ka  Sang  Hyang  Batara  Seda Niskala.  (Sadayana  tarepang  sinareng  hak-hak-na  anu  Wujud).  Dikutip  tina  kropak  630  kitab  Sanghiyang  Siksakanda'Ng  Karesian. Jentre  pisan,  yen  Agama  di pajajaran  teu  kapangaruhan  ku  Hinduisme,  para  Dewa  oge,  nyembah  ka  Maha  Hyang  Batara  Seda  Niskala. 

Kayakinan  urang  Sunda  teu  kaluar  ti  puseurna  Sunda  Wiwitan,  tos  maheut  sareng  maneuh dibumi  raga  jeung  jiwa. Puncak tujuan Sunda  Wiwitan  sadaya  Rahayat  Pajajaran oge  Nusantara  dina  waktos  eta,  nyaeta :  “Manggihkeun Hyang Tapa balik Dewa (Kapendak  Hyang, sanes  Dewa ).

Sanaos  teu  nyembah  para  dewa, namung  tumut  sareng  manut ka  para  karuhun  sareng  Rumuhun,  nu  tos  seueur  jasanakana  kahirupan ( hana  nguni  hana  mangke,  tan  hana  ngunitan  hana  mangke = moal  aya ayeuna  mun  teu  aya  baheula). Ku  ngayakeun  sadrah  pangbakti. Sang  Hyang  Batara  Seda  Niskala  moal  narima  bakti,  mun  teu  hormat  sareng   ngahargaan  ka  Karuhun.

Sadaya  Jalma  gagaduhan anugrah  Kamulyaan,  mangrupi  Kapercayaan  ti  Maha  Agung. Harkat  kamulyaan (hak  azazi ) ieu  wajib  dihormat,  dirawat  sareng  dimumule. Harkat  kamanusaan pangluhur-luhurna  ti sagala harkat, Maha Suci Nyalira kacida  ngahormatna.  margi  jalmi  mah urang  sawarga, sumping ti Kahyangan. Kantos  ngalaman  tepang, caket sinareng Anu Maha Ngayuga (rekaman/memori aya nyumput  dina sanubari nu pangjerona).

Harkat manusia  anu  kacida  luhungna (hak  azazi),  wajib  ngahargaan  anu beda (teu  sapagodos),  wajib  ngahormat  ka anu  beda kahayang jeung pamikiran.  Balaka  saaya-aya;  henteu sieun  disalahkakeun;  teu wirang dipojokeun. Gotra sawala ku silih asih;  silih asah; silih asuh. Hiji  pangajaran Demokrasi  ka  rahayat,  nu  kiwari  diagung-agungkeun  bari  jeung  salah. 

Sungkem  ka  Indung  Bapa. Indung  tunggul  rahayu,  Bapa  tangkal  raharja.  Bakti  ka lemahcai,  salaku  Ibu  Pertiwi.  Tumut  sinareng  manut  ka  Raja  sareng  para pamingpin anu adil. Kumargi jalma  mah urang Kahiyangan, disilibkeun  heula  ka  Alam dunya, margi  “tragedi  khuldi”. 

Bumi mah  hak  sasatoan  Jeung  tatangkalan, jalma  mah  ukur  numpang. Wirehing kitu Salaku anu numpang, kedah  ngahargaan  ka  hukum  alam;  sasa toan; jeung  tatangkalan. Teu  kenging  sambarangan  metik  daun  jeung  ngajul  buah,  aya  carana  dina  ngamumule.  Kacida  buyut-na (dosa) mun sambarangan. Daek ngala embung  melak;  puncat peuncit sangeuk miara. 

Dina  ngarawat  jeung  ngalastarikeun  alam,  ayana "Leuweung  Larangan"",  sinareng  acara  ritual  "Guru  Bumi"",  nganuhunkeun  ka  bumi;  nyukuran  ka  Gusti  Allah jatining  kala,  atanapi waktos  anu tos  dipercanten   nyarengan  Jalmi, leres  leres  dianggo  ku  kasaean. Teu  kasiksik  wanci; teu Katutu  waktu;  teu  kapetos waktos. Nyukuranana  ku  ngayakeun “Seren  taun”. 

Hubungan  jalma  sareng  Sanghiyang  Tunggal,  panto  sareng jalana  aya  dina  “menekung”. Hiji  cara  ngosongkeun  diri,  neuleuman  jempling;  ngalenyepan  rasa  dina  ngudag  jagat  maha lega  nu teu aya  sisina,  nu lawangna  nyumput  dina  ati  nu  wening, kalayan  pasrah  sukalilah,  maheutkeun  deui  diri  nu  leungit,  digandong deui sono ka Gusti Allah.  Mitineung  sinareng  Sujud  ka  Allah,  tebih  teuing  upami kaluar,  meulah  bumi  maratan  langit,  moal  kaudag  ngapung  ka awang-awang  ngaluncatan  patala  alam,  da  teu  gaduh  jang-jang. Namun  ngudagna  kana  ati  sanubari,  da  Gusti  Allah  mah  caket  pisan,  bumina  aya  dina  kaweningan  manah (neang  deui  rekaman/memori  tepang  sinareng  Allah).  Seueur  keneh  Ajen  Inajen Sunda Wiwitan anu  sanesna,  tulisan ieu  mung  ngagambarkeun saheab supados  kauninga.


Kabebasan Milih Agama

Kasumpingan  Agama  Agama  Ageung  dunia  di  tatar  Sunda, sapertos Hindu;  Budha;  Islam,  ditampi  kalayan  karamahan  sinareng  rengkuh kahormatan  nu  pinuh  kanyaah.     Prabu  Siliwangi  nyalira  masihan  kabebasan  ka  Rahayat-na  pikeun Muhit  ka  Agama  anu mana wae.  Margi  uninga  pisan  yen  Rahayat  moal  nilarkeun  kayakinan  Sunda  Wiwitan  nu tos  nyanggreut  dina  uga, janten  engapan  hirup,  janten  getih  daging  jeung  tulang. Kawaskitaan  pramana  tingal  Prabu  Siliwangi  janten  kanyataan. Rahayat  anu  muhit  Hindu,  langkung  munjul  tibatan Umat  Hindu  ti  Nagri  asalna, India. 

Oge  anu  muhit  Budha  sareng  Agama  Islam. Aya  carios  sepuh, ku  ngaos  Bimillah  wae oge  tos  tariasa  ngapung. Langsung  jaranten  Aulia  Allah. Para  Brahmana  Hindu;  para  Pandita  Budha, ngaraos  bingah  nu teu aya  papadana. Kakaguman  hing kahormatan  ka  Raja  Pajajaran  teu  tiasa dibendung,  marantena  sararujud.  

Seueur  jujuluk  disanggakeun ka Prabu, diantawisna : “Prabu  Langlang Buana”. Agama  Hindu yakin  pisan,  kasampurnaan  elmu  sareng  kasakatian  Prabu  Siliwangi  sanes saukur  guguru, namung  hasil  pangalaman  ngalanglang  buana. Ragana  ras  clok  aya  di mana-mana, Sukmaning  suci-na ngumbara ka sagala  jagat. Murak rusiah alam,  ngabukbak  Niskala (ghaib). 

Para  Panditha  Budha  masihan  jujuluk : ”Prabu  Jagat  Raksa  Gentar.  Margi  aranjeuna  yakin  yen  Prabu  Siliwangi  teh  Titisan  Sang Budha  Sidharta  Gautama. Prabu  dipercanten  kenging  Kawenangan  ngangajagi  bumi,  sakumaha  kawenangan  Sang  Budha.


Nikah ku Cara
Garwa munggaran Prabu Siliwangi (masih  anom  teu  acan  janten Raja) nyaeta  Ratu  Ambetkasih,  putri  ti  Ki  Gedeng  Sindangkasih,  Raja Alit  Karajaan  Sindangkasih (Cibeber  Cirebon),  Mamangna pituin. Teu Gaduh  katurunan. Garwa  kadua  putri  mamangna  pituin  Ki  Gedeng  Tapa,  ngarajaan Nagara  Singapura (Muarajati,  Cirebon), namina  Ratu  Subanglarang.  Janten  Muslimah,  guguru  ka  Syekh  Quro,  Pasantren  Pura  Dalem  Karawang. Pasantren  anu  munggaran  di  tatar  sunda,  ngadeg  kenging  restu  ti  Prabu  Rahiyang  Wastu  Kancana.  Syekh  Qura  nami  aslina  Syekh  Hasanudin, ulama  ti  Campa (1416 M). Sakumaha  Aqidah  Islamiah,  Muslimah  teu  kenging  nikah  ka  sanes  Muslim,  sabalikna  pihak  pameget  anu  muhit  Islam  diwenangkeun Nikah  ka  sanes  Islam. 

Pernikahan  Agung  ieu  tangtos  calon  panganten  pameget  kedah  lebet  Islam  heula,  komo  ajaran  Islamna  Majhab  Hanapi  nu  Fanatik  kana Hukum  Syareat. Prabu  Siliwangi  lebet  Islam, dinamian  “Syekh  Rohimul Qoyyim”,  kawenangan  kadeudeuh  anu  weuteuh  salaras  sareng  hartos Siliwangi. Gaduh  putra  Raden  Walangsungsang (Prabu  Kiang  Santang ), kadua “Ratu  Larasantang (Syarifah  Mudaim).  Putra  katilu “Raja Sangara.  Sadayana  muhit  Agama  Islam. Garwa  kaopat  oge  ka  saderek  misan,  putrina  Prabu  Susuktunggal, Hingkang Ua Prabu Siliwangi. Sareng Ratu Kentring  Mayang  Sunda, puputra “Prabu  Surawisesa”,  garwa  sareng  putra  masih  kiat  muhit  Sunda Wiwitan.  

Tidak ada komentar:

Posting Komentar