Kembang sungsang dinang kunang Kotak kurawis wayang Lindu nira bumi bengkah Adam adam babu hawa Siskang danur wilis Ingkang ngagelaraken cahya nur cahya Anwas anwar ngagelaraken Malih kang danur citra Nurcahya nursari nurjati Dangiang wayang wayanganipun Semar sana ya danar guling Basa sem pangangken-angken Mareng ngemaraken Dat Kang Maha Tunggal Wayang agung wineja wayang tunggal Wayang tunggal

Sabtu, 13 Januari 2018

Palsafah Galuh-Galeuh-Galih Nu Kiwari

Dina salah sakitu lobana palsafah anu diwariskeun ku luluhur Sunda, di Ciamis aya salah sahiji palasipah anu unina kieu: “Galuh-Galeuh-Galih”. Numutkeun anu katarima ku sim kuring yén maksud jeung maknana téh nyaéta naon anu disebut dina elmu tarekat “Nur Allah-Nur Muhammad-Nur Ayam”.

Sedengkeun naon anu dikecapkeun ku luluhur ngarupakeun tangtangan keur sim kuring anu nyoba ngajabarkeunana, sabab pasti di satukangeun palasipah ieu aya harti anu disumputkeun anu kacida luhur jeung pantes dipikaharti ku urang.

Kahiji hayu urang guar naon harti kecap-kecap di luhur ku pangartian basa.

Galuh, nyaéta ngaran salah sahiji tempat, wewengkon, atawa ngaran karajaan di wewengkon Ciamis dina mangsa anu kaliwat (+ abad ka-9 M, sedengkeun numutkeun kamus basa Sunda - hartina “permata”. Galeuh, harti injeuman pikeun haté manusa atawa poko salah sahiji pasualan). Galih, nyaéta haté manusa (qolbu)

Kusabab éta sim kuring boga kacindekan aya tilu kecap konci nyaéta: Permata, Pokok Parsualan (Masalah) jeung Haté. Sedengkeun numutkeun inohong budaya Panjalu H. Atong Cakradinata nyaéta Nur Allah, Nur Muhammad jeung Nur Adam, jadi pokok pangkal guaran jadi jadi kieu:

Permata = Nur Allah
Poko Pasualan (Masalah) = Nur Muhammad
Haté = Nur Adam
Tapsiran sim kuring:

1. GALUH
Galuh anu ngandung harti permata atawa Nur Allah nyaéta sumber sagala sumber. Nur Allah (Cahya Illahi) nyaéta sumber ti sagala sumber, sumber kahirupan jeung sumber asal kajadian alam semesta.

Dawuhan Allah:
Allah (Maparin) cahaya (ka) langit jeung bumi. Paumpamaan cahaya Allah, nayéta saperti hiji liang anu henteu labas, anu di dina aya cempor badag. Éta cempor aya eunteung (jeung) eunteung anu saolah-olah siga béntang (anu moncorong) siga mutiara, anu dihurungkeun ku minak tina tangkal anu loba kaberekahana, nyaéta) tangkal zaitun anu hirup lain di Beulah wétan jeung lain di palebah kulon, anu minakna (wungkul) ampir-ampir naangan, sanajan henteu ditodél ku seuneu. Cahya diluhureu cahya (lalapissan), Allah ngabingbing kana cahya-Naka sing saha baé anu dipikersa-Na, jeung Allah midamel sasmita keur manusa,…(Q.S. An Nur: 35)

Ayat di luhur jelas jadi dasar pikiraneun kecap Galuh atawa Permata di mana Allah nyaéta minangka sumber cahaya keur langit jeung bumi. Numatak kacida merenahna lamun luluhur Sunda nekenkeun ka urang supaya mikawanoh kana pasualan Galuh, anu ngandung harti urang kudu ngahartikeun naon anu dimaksud ku kecap Cahaya Ilahi, Nur Allah atawa Permata. Kumaha carana, tangtu sarua jeung mikawanoh Allah, atawa Marifatullah.

Naon anu dimaksud ku Marifatullah? Urang papay ti mimiti Iman nepi ka Marifat. Iman nu hartina percaya, Ma’rifat hartina wanoh. Jelas béda pisan antara Iman jeung Ma’rifat téh, lamun kitu urang percaya ka Allah téh kudu dibarengan wanoh atawa wawuh ka Mentena (Ma’rifat), lamun teu kitu, jadi iman urang téh kawas “iman taqlid”, jadi ngaku ayana Allah téh ku alatan béja ti batur, tah kitu kanyataan dina umumna. Iman ka Allah téh ngan sawates kana percaya wungkul, sabab sabenerna aya hasil ciptaanNa nyaéta Bumi jeung Langit.

Surat Ali Imraan ayat 193 anu unina kieu:
Rabbana, satemenna nguping (panggero) anu ngagero kana iman (nyaéta): "Geura arimanan ka Rabb-anjeun", janten abdi ogé ariman.

Kayakinan kana kaayaan Allah téh keur manusa, sabab Allah kuanjeun ngébréhkeun yén teu aya deui gusti anging Allah :
Allah ngébréhkeun yén teu aya gusti (anu hak disembah) kajabi Allah. (Q.S. Ali Imran : 18)

Upama kieu tong boro anu nganut agama Islam, sedengkeun anu nganut agama séjén ogé percaya kana kaayaan Allah Ta’ala, terus naon bédana antara agama Islam jeung agama lianna? Naha bédana téh sabab Islam mah miboga Rukun anu Lima, Sahadat, Shalat, Zakat, Puasa jeung Haji? Sedengkeun dina agama lian ogé aya Sahadatna, shalatna, ngan béda basa jeung cara milampahna, maksudna mah sigana sarua. Sedengkeun agama Islam mah apan anu paling sampurna tibatan agama-agama lian jeung anu dipiridho ku Allah. Sakumaha Dawuhan Allah.

Surat Ali Imraan ayat 19:

"Setemena agama (anu dipitidho) di sisi Allah ngan Islam"

Kalayan kitu Islam téh nyaéta anu paling deukeut ka Allah s.w.t., jelas Muhammad s.a.w. minagka rasul Agama Allah ogé anu pangcaketna ka Allah.

Ku sabab kitu Muhammad s.a.w. jadi Panghulu Rasul jeung disebut Babuning Ruh. Kusabab kitu agama Islam disebut pangluhurna sabab aya haq Ma’rifat ka Allah. Kabuktian ku ayana Mi’raj Nabi Muhammad, di mana anjeunna tiasa ningali Johar Awal, nyaéta Sifat Anu Maha Suci. Para Wali ngadawuh Johar Awal nyaéta Sajatining Hirup, atawa Sajatining Sahadat nyaéta gumulungna Dzat jeung Sifat Anu Maha Suci.

Jadi, urang ogé bisa manggihan jeung Tarekat Wali, Insya Allah bisa panggih jeung Hakekatna Rasulullah. Kakara urang urang “diaku” jadi umat Muhammad s.a.w., lamun geus diaku jadi umatna, insya Allah urang bisa dibawa kana kasalametanana, nyaéta kana kasucian. Lamun can wanoh jeung jeung yakin ka Rasulullah, boh Majajina, atawan Hakekatna, tetep acan sah urang ngaku jadi umat Rasulullah. Sababa rukun sahna maca Sahadat téh:

1. Kudu netepkeun heula Dzatna Allah Ta’ala.
2. Kudu netepkeun heula Sifatna Allah Ta’ala.
3. Kudu netepkeun heula Asmana Allah Ta’ala
4. Kudu “sidik” (wanoh lalawan jelas) heula ka Rasulullah.

Kieu carana “ngaikrarkeun” sahadat, nyaéta kudu “sidik” heula ka RasuluLlah, sabab kumaha urang bisa netepkeun ayana Allah jeung RasuluLlah lamun urang acan wanoh (Ma’rifat) kana Sifat-sifat-Na. Sabab dina netepkeunna téh urang kudu pasti heula kana barang-barangna anu bakal ditetepkeun (disaksikeun). Kitu ogé carana “netepkeun” jeung maca Sahadat, henteu sambarangan asal dina macana, sabab lamun ngan sakadar maca wungkul mah sigana saha baé (budak leutik ogé) bakal bisa milampahna.

Kusabab kitu wajib pikeun mikawanohna. Ibarat bédana antara maca scenario lalakon film jeung indit sorangan lalajo filmna. Tangtu bakal jauh pisan kaayaanana Lamun maca scenario/guluyurna lalakon ngan sakadar tina salambar keretas, sedengkeun lamun urang langsung lalajo bakal yakin kana adegan jeung paripolah palaku-palakuna. Lain ngan sakadar “ceuk béja”. Mana anu leuwih utama maca scenario atawa lalajo langsung?

Kitu ogé dina hal maluruh agama (élmu), anu ngan maca tulisan ieu ulah ujug-ujug langsung percaya, jeung ulah langsung nolak, sabab ayeuna mah geus jadi jaman informasi, jaman mikir, pangaweruh manusa geus maju jeung cerdas, henteu gampil dibobodo.

Manusa ayeuna dina sagala hal kudu aya pangbuktian jeung kudu karasa, kudu yakin. Tuluy bakal jadi masalah lamun kolotna tetep bodo anakna jadi cendikiawan.
Jeung sebenerna élmu RasuluLlah téh aya opat hambalan:

1. Élmu Sari’at
2. Élmu Tarekat
3. Élmu Hakekat
4. Élmu Ma’rifat

Dina zaman ayeuna Élmu Ma’rifat téh diudag-udag ku nu nyaho jeung yakin kana kaayaan Allah jeung Rasulullah, sabab aya Dawuhan Allah:
jeung sebenerna anjeun bener-bener bakal ninggalina kalawan `ainulyaqin, (Q.S. At Takatsur:7)

Kusabab kitu dina ibadah ka Allah kudu sidik jeung yakin, supaya sah Dzatna, sah Sifatna, sah Asmana, sah Af’alna dina ngumbara di dunya ieu, supaya nepi kana rarasaan dina ngabédakeun mangsana papisah jeung Allah-jeung-Rasulullah. Lamun geus ngarasakeun bédana papisah jeung Allah-jeung-Rasulullah boh beurang awawa peuting, mudah-mudahan urang jauh tina itikad goréng, paripolah goréng saperti sirik, dengki, jail, curang, licik ka sasama mahluk. Sabab pasti bakal ngarasa éra, sabab ngarasa pahareup-hareup jeung Allah swt, sagala hal lian bisa disumputkeun, jeung sagala rupa paripolaj naon baé anu lian dibaengan ku Ujub-Riya-Takabur.

Dawuhan Allah dina Surat Al Baqarah ayat 29:

Allah, anu midamel sagala anu aya di bumi pikeun anjeun jeung Allah miarep ngajuggjug langit,teras didamel ku anjeun-Na tujuh langit. Jeung Allah Maha Uninga kana sagala rupi
Kusabab kitu ogé ngararasakeun yén diri urang ieu lain miboga kakawasan tapi apes, hina, naïf jeung bodo, hasil hiji pagawéan, datangna rizki sabenerna sabab aya pitulung ti Anu Maha Suci jeung ayana Qudrat jeung Iradat-Na Anu Maha Kawasa.

Jadi ayeuna bisa ditangtukeun, lamun manusa masih kénéh mgalakukeun lampah syirik, sirik jeung jail ka sasama mahluk Allah boh paripolah maksiat anu dilakukeun ku Santri, Pajabat, Pamingpin, Pangusaha jeung sajabana, nandakeun yén maranéhanana tacan deukeut jeung Allah-jeung-Rasulullah. Lamun henteu ngarasa deukeut jadi paripolahna moal jauh tina tindakan anu ujub, riya, takabur, ngaku pinter sorangan, nganggap handap ka batur, ngaku pang Islam-na. Manusa kieu ngaku miboga Qudrat-Iradat sorangan, saenyana teu narima Qudrat-Iradat Allah. Jadi ngarebut hak kakawasaan Allah Ta’ala, di mana sabenerna henteu gampang ngaku Islam téh, komo nuduh batur, si Éta Islam, si Ieu kafir sabab masalah Islam jeung Kafir mah ngan hak Allah SWT. jeung ngan Allah anu netepkeunna.

2. GALEUH
Nyaéta Poko Pasualan (Masalah) atawa Nur Muhammad, ieu salah sahiji pancén manusa anu kudu dituntaskeun, nyaéta sawatara pasualan anu disanghareupan minangka pancén manusa di dunya atawa salaku khalifah fil ardhi. Urang kudu bisa nyanghaeupan jeung ngungkulan sagala pasualan. Sing saha anu nyanghareupanana?, manusa anu diciptakeun tina Nur Muhammad. Naon Nur Muhammad téh?

Dina padamelanana Allah maparin cahaya anu disebut NUR MUHAMMAD, anu miboga opat sinar utama, nyaéta cahaya hideung (hakeketna Bumi), cahaya bodas (hakeketna cai), cahaya konéng (hakeketna Angin) jeung cahaya beureum (hakeketna seuneu).

Numutkeun ajaran tarekat yén cahaya beureum jadi Hakekat tina lafadz Alif, cahaya konéng jadi hakekat lafadz Lam awal, cahaya bodas njadi hakekat Lam ahir jeung cahaya hideung jadi hakekat lafadz Ha (Alif, Lam, Lam, Ha - ALLAH).

Salajengna Allah meaparin cahaya (nur) ieu demi kahirupan jeung huripna alam semesta katut sagala eusina sarta mahluk-mahlukna.

Ti mana asalna Nur ieu? Nur ieu asalna ti Nur Anu Maha Suci, anu disebut Johar Awal. Johar Awal téh asal muasalna (bibitna) tujuh Bumi jeung tujuh Langit katut eusina.

Dawuhan Allah:
Jeung sabenerna Kami geus nyiptakeun di luhur anjeun tujuh jinis jalan (tujuh jinis langit). (Q.S. Al Muminuun:17)

Ngan Allah anu nyiptakeun tujuh langit jeung kitu ogé bumi. (Q.S. Ath Thalaq: 12)

Jadi lamun asalna ti Allah tangtuna urang asalna ti Johar Awal, anu sifatna Caang nyaéta gumulungna Dzat jeung Sifat Anu Maha Suci, kakara ngajadi Asma Ul Husna (Asma Allah).

Dawuhan Allah dina Surat Al A’raaf ayat 180:
Ngan kagungan Allah asmaulhusna, jadi sok neneda ka Anjeuna-Na, ku nyebut asmaaulhusna éta jeung tinggalkeun jalma-jalma anu méngpar tina benerna (dina nyebut) asma-asma-Na. Jaga maranéhanana bakal meunang wawales kana naon anu anu geus dipigawéna.
Kumpulan kaopat cahaya (Nur) éta anu disebut ISMUDAT, hartina Asma Dzat Laesa kemislihi, atawa Asma Anu Maha Suci, sedengkeun ahli dzikir nyebutna latifah. Jaga urang kudu bisa balik ka ditu, ku sabab kitu wajib pikeun dikpikawanoh ti aeyuna.

Papay tarekat-na anu bisa nyinglarkeun hahalang (hijab). Anu nutupan jeung moékan Dzat Sifat Allah Ta’ala. Panggihan jeung hakekatna Tasdid Muhammad, anu aya dina wujud pribadi, tah éta konci Muhammad anu bakal bisa muka tabir ka Allah SWT,

Insya Allah, tangtu urang bakal nedunan paribasa urang “mulih ka jati, mulang ka asal” . nyaéta Rasa Jasmani anu kieu dipaké deui ku Rasa tadi dina mangsana aya di Nurullah (Johar Awal). “Mulang ka Asal” nyaéta Jasmani balik ka asalna nyaéta balik deui jadi Nur Muhammad, opat cahaya, beureum, konéng, bodas, hideung. Saupamana balik deui ka Asal, tah éta anu disebut sampurna, hartina béak, beresih jeung béak rasana, béak jasmanina.

3. GALIH

Haté atawa Nur Adam atawa Cahayana Manusa. Aya babasa yén hiji jalma bakal katinggali hurung lamun haténa beresih jeung beungeutna bakal katinggali surem lamun haténa geuneuk maleukmeuk. Haté nyaéta sari tina rarasaan manusa, haté jalma bakal tingtrim (beresih) lamun terus éling ka Allah.

Dawuhan Allah:

Jalma jalma nu ariman kalayan haténa jadi tentrem jeung éling ka Allah. Inget, ngan éling ka Allah hate jadi tingtrim. (Q.S. Ar Rad: 28)
Ngan Allah anu parantos nurunkeun ketingtriman kana haté jalma mu'min, (Q.S. Al Fath: 4)
Kakuatan jeung Kateguhan haté datangna ti Allah s.w.t., dawuhan Allah dina surat Al Mujadilah ayat 22: Maranéhanana téh jalma-jalma anu ku Allah geus dipelak kaimanan dina haténa.

Kacindekan, Galuh, Galeuh jeung Galih hartina ngandung harti jeung miwanoh sarta ngalaksanakeun dina ngadeukeutan ka Allah s.w.t., ngarti yén urang téh nu ngatur dunya jeung ketingtriman haté dipikabutuh pikeun ngahontal kaunggulan anu hakiki.

Waallahu ‘alam bishawab. Mugia aya mangpaatna.
=============================================
(Ki Dr. Ihwan Natapradja, Girang Pupuhu SKKS, 16 Juni 2013).

http://cipakudarmaraja.blogspot.co.id/2016/01/palsafah-galuh-galeuh-galih-nu-kiwari.html

Tidak ada komentar:

Posting Komentar