Kembang sungsang dinang kunang Kotak kurawis wayang Lindu nira bumi bengkah Adam adam babu hawa Siskang danur wilis Ingkang ngagelaraken cahya nur cahya Anwas anwar ngagelaraken Malih kang danur citra Nurcahya nursari nurjati Dangiang wayang wayanganipun Semar sana ya danar guling Basa sem pangangken-angken Mareng ngemaraken Dat Kang Maha Tunggal Wayang agung wineja wayang tunggal Wayang tunggal

Jumat, 05 Januari 2018

~ SULING ~

Paribasa eta alat disebutna “Suling” (Su-La-Hyang) padahal mangrupa ajaran anu diterapkeun (dititipkeun) di na rupa-bentuk alat musik. Bentuk Suling siloka ti na manusa SUNDA anu make iket. Maka, Suling teu sami sareng “flute”.
Suling nya eta ajaran “rasa” anu kedah dilakonkeun ku renghap-na hirup jelma, lamun teu bener niupna (hirup-na) maka jadi SILUNG (ngaco).
Hirup-na jelma SUNDA kudu nurut ka na TRI-SU-LA NAGA-RA anu ngatur iraha muka jeung iraha nutup-na genep (6) liang CEKENG. Maka sagala-na “LAIN CEUK BATUR” komo nginjeum anu batur mah…. ku kitu-na diri baris moal beunang dibobodo ku nanaon da sidik na ceuk diri sorangan.
Sabalik-na lakon TRI-SU-LA NAGA-RA (Rasi-Ratu-Rama) kudu nerap di na diri bangsa SUNDA nu antuk-na baris ngalahirkeun SU-WA-RA / SWA-RA / SU-RA (sora) keur picontoeun (denge keuneun) ka batur… nya mawa tentrem… atuh pang goreng2 na mah keur ngahibur.
nada-nadana …
1……2…..3…..4…..5……1
DA   MI   NA   TI    LA    DA
Harti :
1. kecap “MI” nya eta nunjukeun rasa “nga-pimilik” / ngabogaan / ngawasaan.
2. kecap “TI” nyaeta nunjukeun “awal-na / pamerean” (dari)
Jadi……..
DA = Gede / Ageung / Agung
MI = (anu) nga-ngawasaan
NA = Seuneu (wakil RA di bumi)
TI = ti
LA = Hukum / Aturan / Katangtuan
lamun ku bahasa Indonesia mah kira-kira jadi kieu :
Hukum (yang) Agung dari Penguasa Api (HUKUM nu AGUNG TI PANGAWASA SEUNEU)

Rahayu.........Rahayu.........Rahayu.........

Tidak ada komentar:

Posting Komentar