Kembang sungsang dinang kunang Kotak kurawis wayang Lindu nira bumi bengkah Adam adam babu hawa Siskang danur wilis Ingkang ngagelaraken cahya nur cahya Anwas anwar ngagelaraken Malih kang danur citra Nurcahya nursari nurjati Dangiang wayang wayanganipun Semar sana ya danar guling Basa sem pangangken-angken Mareng ngemaraken Dat Kang Maha Tunggal Wayang agung wineja wayang tunggal Wayang tunggal

Senin, 14 Desember 2015

KIDUNG

sampurasun,
Awitan kidung pamulang kidung Nagara
Amit amit panguasa amit
Bukti katampi asal hurip mahluk kabeh kudu hurip
Asal mahluk kabeh kudu babarisan
Tanpa bukti pangiring kidung Nagara
Selenting bawaning angin, seredet bawaning rasa
Bukti asal alam sipat Nagara
Sipat asal bumi alam sakti
Bumi suci meleg badan sampurna
Kidung bumi bapa langit nampa tetes kirim nyawa
Tanda sipat bakal ciri
Pangiring kidung nagara
Kidung sakti titipan asal
Asal cai mahluk kabeh kudu balik deui ka asal cai
Asal cai, asal seuneu, asal bumi, asal angin
Pangiring kidung Nagara
Awitan kidung pamapang – mapag nyawa
Papag sakti kidung nagara
awitan kidung asal lemes kabeh kudu lemes
asal takluk – kabeh mahluk kudu takluk
asal lemah – kabeh mahluk kudu lemah
asal gagah – anu salah kudu rebah
asal bener – kabeh mahluk kudu bener
asal sakti – kabeh mahluk kudu sakti
lamun hirupna teu taliti
kabeh mahluk kudu mati
pangiring kidung nagara
lemah punjeng sakti alam pangbinasakeun
kidung pangiring giring
sukma mulia digarba ingsun, ingsun lemah,
ingsun kirim sukma panguwasa garba
garba sujud mulih ka asal, asal rupa sipat jeneng
jeneng manungsa asal monyet kudu pulang ka monyet
jeneng manungsa asal sipat macan kudu pulang ka macan
jeneng manungsa asal sipat kucing kudu pulang ka kucing
jeneng manungsa asal sipat kambing kudu pulang ka kambing
jeneng manungsa asal sipat buaya kudu pulang ka buaya
jeneng manungsa asal sipat kebo kudu pulang ka kebo
jeneng sipat manungsa rupa asal binatang, sato hewan, ti cai,
ti jalan, ti tegalan kudu balik deui ka binatang, ka sato, ka hewan,
ka gunung, kacai, ka jalan, ka tegalan.
pamulang panggetar bumi
pamulang keun sipat kidung nagara
asal binatang kudu jadi binatang
satetes cai asal, cai herang, sampurna asal binatang
hung, ahung !!

KIDUNG CUKCRUKAN



Nyukruk galur ti karuhun
Mapay lacak anu baheula
Nyambung kabalarea

Titinggal nini aki
Urang islam kudu asli
Gambaran siloka diri

Hirup ulah kajongjonan
Mawa diri sing taliti
Satincak make pikiran
Pikiran jalan dituduh
Nuduhkeun diri sing lilir

Hahalang lugay disinglar
Lamun haying salamet diri
Didunya ukur ngumbara
Peupeujeuh sing repeh rapih

Repeh rapih jeung sadapur, sakasur, sadulur
Ancur rubang ngajadi hiji
Ngahiji ngajadi dulur
Sadayana mahluk gusti

Kedalkeun katineng urang
Ka ibu sareng ka rama neda ka maha kawasa
Neda agung cukup lumur neda jembar pangaksami
Wireh ayeuna sim kuring ngidung nu panganggeusan
Amin ya robbal alamin
Mugi gusti nangtayungan ka gusti nu maha suci
(ka makhluk nu di alam rame)

KIDUNG PADARINGAN NYAI CINGKRIK

Bismillah ngawitan ngidung
Muji syukur ka Hyang Agung
Ka ibu Sri putri anu luhung
Putra putu nyuhunkeun pitulung
Cukup sandang pangan ti indung
Ibu sri ratu pohaci anu agung
Pamupuk ratu anu geulis
Incu putu ulah pais
Cinta abdi jeung anu geulis
Nu geulis sumangga niis
Kandang rasa raga kaula
Kandang sari budi kaula
Budi manis jeung nugeulis
Sasarengan sami niis
Nitis suci jeung nyai sri
Nitis raga pangawasa
Nitis jiwa sareng raga
Nitis rupa sareng nyawa
Jaya anjeun jaya kaula
Rasa jaya pangawasa
Nyata gusti anu kawasa
Nyata wujud raga salira
Patuh rawuh moal jauh
Betah kami dinu sepi
Sepi suci diasuh ku kami
Moal kurang sandang pangan
Aing nyaho kanu nyaho
Ulah sieun teu mikapoho
Ulah sieun hanteu ngejo
Da kami teu mikapoho
Maneh pastina dipuuk
Kami pasti dipupuk
Naga sari pasti numpuk
Kadaharan pasti numpuk
Ngalumbuk tinu geulis
Welas asih, welas asihna tinu geulis
Jalmi anu sadar narima
Daek cicing ditempat maneh
Kami sudi rek ingkah
Nyata anjeun the rendah
Atuh kami moal nilar
Nya maneh moal kena ku lapar
Langgeng maneh the ginanjar
Amanat ka sadayana nu ngarti
Incu putu anu narima bodona
Amanat ti ibu ti kanjeng rama
Ulah kabawa ku sakama-kama
Ibu nu geus diciptana
Narima tanaga sareng rasana
Rasa kabeh manusa angu ngarti
Ka ibu anu teu ngandung
Ka rama anu teu ngayuga
Ka rama ratu safaat
Ka ibu sanghyang Sri
Ya Alloh Ya Rosululloh
Alhamdulillah sami Allohu
Tutup bayu sampurnaing nafsu
Tetep iman ing syahadat
amin

Sampurasun ,,,

run turun ingsun gumulung
sumilir gilirna wanci
ngalanglang ngacacang mangsa
ngalingling alam kiwari
ngalanglang alam ayeuna
rep sirep neda ti gusti
nya ingsun bayu rahayu
bayu mulus bayu asih
bayu pangauban jaman
bayu sajatining manik
nya ingsun langlang buana
pangauban seuweu … siwi
pangeran galur galunggung
anaking mangka caringcing
ngambah jagadna manusa
didinya ayana harti
didinya ayana ucap
pibeukeuleun hirup hurip
sasaka pusaka karuhun
dangiang putra kawali
pangauban pajajaran
panceg pangara dina adil
teuas jeujeur leuleus useup
padika ngaheuyeuk nagri
dina langkah aya tangtung
tangtungan diri pribadi
ulah gedag kupanggoda
tengetkeun gilirna wanci
lalakon pangreka jaman
sembaheun alam kiwari
ulah ngukur kuwung-kuwung
endah rupa-rupa jirim
adegan manawi purba
bibit pamelar sakti
wibawa ucap parentah
sakti dina darma bakti

~ r a h a y u ~

Kidung Banyu Suara

Banyu suci anu gumelar
banyu suci tungtung hiji
banyu ratu cahya suci
nu ngawujud di bumi alam
nyata manusa katembongna
metu banyu ti talaga
metu banyu ti dada
rawuh banyu ti kanikmatan
rawuh suci nyai sri tambah lapar
sumur tilu anu nungku
sumur dua anu nyata
sumur hiji anu nyata
sumur bukti raga suci
anu wahwuh ka gusti
nu kasebutna diri
nyata banyu teh ngabayu
nyata hirup raga aya
nyata rasa ku pangawasa
nyata banyu aya di raga
banyu latif anu sumerep
banyu kasar anu katinggal
anu tiasa manjing suara
anu ngancik dina rupa
rupa banyu adegan salira
jaya banyu adegan salira
kuat banyu adegan salira
awas banyu paninggal sarira
pangrungu banyu ceuli sarira
kahayang banyu sir sarira
aya banyu diraga sarira
pangeusi banyu aya diraga sarira
wujud banyu wujud sarira
subur nagasari bukti
subur raga pangawasa nyesa
subur raga jaya jadi mustika
subur raga manusa suci
subur mustika mangsa
subur raga pasti suci
anu aya dina raga pasti
banyu suara anu pasti
henteu kurang sandang pangan
tetep langgeng aya nganteng
cahaya utusan anu manteng
manteng langgeng sakabehna
ngawujudkeun di bumi langitna
nu nyumponan raga wujudna
diri jadi ratuna
sakumna hayang miluna
jadi ngawujudkeun bengharna
kuayana banyu suara
ciri timbul ratu sunda
nu kasebut tibaheula
rek timbul ratu sundana
banyu suara anu bebeja
timbul ratu sunda asalna
anu aya titadina
ieu nyaho rek kaluarna
suara ratu rek nakon
ka sakabeh jalmana
nya nanya usul asalna
mun maneh asal timana
naon anu dibawa kumaneh
naon papakeeun maneh
naon rek dipake kumaneh
jeung saha ari maneh
mana sajatina maneh
anjeun agama naon
naon anu dijenengkeun agama
timana asalna agama
saha nu mawa agama
ayeuna agama aya dimana
kumaha ari rupana agama
sabalikna ari agama
mana dirina agama
iraha maneh beragama
mana tangkalna agama
mana dahanna agama
mana akarna agama
naon anu disebut agama
sabaraha dahanna agama
jeung naon ari rantingna agama
mana daunna agama
jeung mana kembangna agama
mana buahna agama
kumaha rasana agama
jeung kumaha wujudna agama
aya anak anakna agama
jeung aya incuna agama
mana anakna agama
jeung mana wujudna agama
jeung wawuh maneh ka agama
jelas pasti jadi ratu sunda
nu rek nakonan ka jalma
cirina ieu banyu suara
suara ratu sunda arek nakon
rek nakonan rek nakonan
nujadi bukti pertakonan
suara ratu sunda geura takon
sakabeh umat ditakon
salah ngajawab pertakonan
pasti diancurkeun kapertakonan
moal bisa kan ngabohongna
jawab salah pasti teu genah
ditempatkeun dinu tengeunah
sabab perjawaban teu meureunah
ratu sunda lain teu nyaah
maneh ngarasa jauh jeung maneh
perjawaban maneh salah
lamun maneh jeung maneh
atuh ngajawab atuh ngajawab
moal salah maneh kitu
teu wawuh kana adegan maneh
anu dibawa kumaneh
pasti maneh moal genah
mun maneh wawuh kamaneh
pasti maneh menang genah
da nyaho maneh ka maneh
pertanyaan moal salah
da nyaho wujud maneh
ngan maneh ka maneh
tah ieu anu disebut banyu suara
raga suci mawa kamana
ratu sunda nu rek nyuara
kasakabeh anu didamelna
aya wujud pertakonan
masing caringcing ti ayeuna
keudah ati-ati jeung eling ti ayeuna
pasti jumenengna suara
raga suci mawa kamana
nuhun suci pasti adilna
kumaha bae kahayangna
pasti dilaksanakeunana
suara jawabanana
da wujud adil suci suara
raga suci mawa hukumanana
wujud rupa pasti nakon
wujud kum suci anu bakti
anu bisa anu apal kudrat pasti

Sewakadarma



Ini kawih panyaraman
Pikawiheun ubar keueung
Ngarana pangwereg darma
Hawakaneun sang sisya
Nu huning sewakadarma

Anaking mulah mo yat-yatna
Reungeu sabda sang pandita
Ingetkeun hayuwa lali
Teher nging ngenak-ngenak rasa
Ngarana ngapakeun tali

Ingetkeun na dasa sila
Iseueuskeun na panca sakit
Iyan ta ningkahkeun raga
Mayahkeun sarira
Ngalekaskeun suku tangan

Suku milang awak urang
Lamun salah lengkah
Eta matak urang papa
Leungeun lamun salah cokot
Eta matak urang papa
Ceuli lamu salah denge
Eta matak urang papa
Panon lamun salah jeueung
Eta matak urang papa
Irung lamun salah ambeu
Eta matak urang papa
Sungut lamun salah hakan salah inum
Manguni salah nu sabda
Lamun sabda teutuhu
Lamun lain sabda jati
Lamuna hamo rahayu
Lamun tiis bawana
Eta nu disalahkeun
Nu maka papa kalesa
Sanyarah na angen-angen

Sapamilang pengeusi raga
Nu dipiawak sarira
Eta nu matakak malalat
Eta nu ngindit ngarampid
Nu maanan kana kawah

Lamun salah di kreti
Hala hedap hala tineung
Hiri dengki kasakalih
Makeya neluh ngaracun
Ngagunaan mijaheutan
Sakara ning hedap dusta
Mati-mating na wong sadu
Ja barya hanteu dosa
Sinengguh inyana dusta

……..

Utun anaking sumangir
Mulah mo yatna-yatna
Anaking sewa sogata
Ayeuna datang ka mangsa
Ketepi ma sandi pati
Datang ka salaka hurip
Kajeueung kingkila
Anggeus awas na kapramanaan
Kadenge antag-antagan
Kingkila buyut dek mangkat
Nu dek ninggalkeun kahanan.

Dora sanggeus dibukakeun
Jalan anggeus dicaangan
Mulah sawah geuning bijil
Sora dora larangan
Samecat sanghyang atma
Sadeuri sanghyang hurip
Lungga sanghyang premana
Moksah aci wisesa
Maka ti sarira
Anggeus di ranti kurungan

Lunyay betan demas pindah
Betan kunang-kunang leumpang
Kadi kuwung-kuwung metu
Betan panah ka luhur
Betan sekar pamujaan
Betan katumbiri jadi
Kadi bulan ngagantaran
Betan panonpoe sabijilna

Hanteu nu diheureuyanan
Na msuh anggeus kalalar
Kaliwat reya nu kawah
Anggeus kaleumpangan
Kapungkur batu kacakup
Sang Yama tesa sumembah
Nyeueung atma ngalalar
Katon sakti di nyimbah wasa dora
Kala magahan jalan kana kasorgaan

Tuluy nyorang beunang nyayu
Tajur pinang
Kumara sinar hanjuang
Sasipat mata handeuleum
Salaput beuheung tatali kayu widuri
Manyara deung kembang bulan
Wera tumpang wera lancer
Kembang soka kapuracata
Kembang tere rane
Jahe singungu hanoja
Dilem padma putih
Mendadaki kembang susun
Kembang menur kembang bunga pala
Dara puspa kembang puspa gading
Malati kembang huru kajut
Kembang dongdoman
Kembang teleng bunga hireng
Kasumba deung kapuracata
Deung kembang jaman katilu
Ki saruni keling kembang cina janaraya

Geura salin papakeyan
Panganggo yeuh boeh rampes
Ragala boeh larang
Disasarah pipinggir taluki renggi
Rawito waya sinbur sinyaja
Disebutkan jamar tali katela
Dikeris rusa malela

Beuteung reueus ku sakitu
Bogoh ku nyeuseupan inya
Nyeuseup sarining kembang
Udana bangbara tunggul
Seyahna bangbara kumbang
Paktisori jaga ma di dewa
Engang deung tiwwan
Sireupeun deung teuweul kaak
Seyahna ku sorana
Sada haja-haja nu becet

Kapisarengseng kapicengceng
Kapiroel kapigimba
Kapicengcang kapibarung indung singgul
Larina karasana
Kasidi sabwana magawa hayu
Sedahan marepehan ti kayanangan

Lamun barta di tihang beusi
Ditelar ku purasani
Dipamikulan ku malela
Dilayeusan teja putih
Diwilahan tambaha sukla
Dihateupan ku salaka
Dituruban ku pirak kapas

Dililinggaan ku manik
Diukir ditiru kembang
Mitumpang meru kacana
Diukir dinanangankeun
Kaluhur naga palayu
Kateyoh naga puranteng
Ditengah naga patengteng
Merak ngigel dipuncakna
Eunteup gawa until saka
Dipiwastan demas kolot
Disareyan ku panamar
Dijeujeutan demas ngora
Ditatapkan cundiga
Dibalay kadi kapintas
Dipipinggir rustalisan

Anggeus uga kalambar
Diuk dipalangka demas
Saraga beunang ngalukis
Dikasuran kamogiti
Dikasangan boeh larang
Kulambuna lungsir keling

Nanggapan sada canang
Sada gangsa tumpang kembang
Sada kumbang tarawangsa ngeuik
Sada titilaring bumi
Sada tatabeuhan jawa
Sada gobeng direksa calintuh di anjung
Sada handaru kacapi langa
Sada keruk sagung

Beuteung bogoh ku sakitu
Tapak sapu beres keneh
Barentik marat nimurkeun
Manah pupus ku tikukur
Manah saar ku titiran
Maryagat ku tapak jalak
Dyawuran kembang ungra
Misanak jati rupa
Kalumbi lungsi dewangga
Beunang nyulam ku haremas

Anggeus salin papakeyan
Rampes beunang babasahan
Titip linyih huis damis
Dadar lesang
Haji pantes listuhayu
Mahardika ngalagena
Durgahena maragancayan

Anggeus mulih jati rupa
Muliya teja madilah
Kaminyar teu kapademan
Sakitu eta byaktana
Nu tuhu mangun hayu
Laksana miguna tapa
Nuturkeun saur nu tuhu
Mapay sabda nu bisa
Kena tutur kawastwanana

Tembey datangna prabeda
Nu ngagogoda bancana
Datang pwah wedadara
Deungeun pwah widadari


Anaking sanghyang atma
Ulah tadi teuing eureun
Sugan aya kamalinaan
Sugan kabawa jeueung
Sugan kabawa ku denge
Tutur tutur aja lali
Inget-inget haywa lupa
Kena ku panyasarkeun
Sanembal sanghyang atma

Samapun teuteuleu amat
Da ing can lamuning daek
Ja nyaho inya naraka
Ja ngagawa tresna keneh

Nu nyarek henteu didenge
Nu migi teu dipitineung
Tonggoy kana pilaloan
Mo lipi dina husireun
Mawa na tineung sorangan
Malikan katumbiri
Malikan katumbiri
Tuluy kana kuwung-kuwung
Nyaleket di panonpoe
Naglalar ka teja mentrang
Nojerkeun batu pratiwi
Ngarapet taraje demas

Datang ka wekasina sabda kasuniya
Lawan taya heuleut
Beurang lawan wengi
Datang ka bwah tingkah
Eta kasorgaan
Jawawuwa tingkah papa sangsaraan
Liwat sadu undak ti inya
Datang kana manarawang
Katenjo para dewata
Gunung Kendan Medang Menir
Palungguhan para batara.

Di timur Batara Isora
Kahyangan pirak putih
Tihangna perak di ukir
Bahana pirak sagala
Dihateupan pirak cina
Dituruban ku pirak
Dililinggaan ku manik
Disareyan pirak malaka
Didingding ku pirak keling.

Imah manik dikarancang
Warnanan ukir-ukiran
Direka ditiru kembang
Kahanan Hyang Isora
Husireun nu ngawerati
Dinya kasorgaanana

Ti kaler Batara Wisnu
Kahyangan miru hireng
Tihangna beusi diukir
Bahana beusi sagala
Dihateupan beusi cina
Disarean ku malela
Didingdingan ku beusi kuning
Lilinggana beusi panamar
Diukir bahana manik dikaranycang
Warnana ukir-ukiran
Diukir ditiru kembang
Kahanan Batara Wisnu
Husireun nu rampes twah
Dinya kasorgaanana

….

Anaking sanghyang atma
Manah cunduk mo dyajak
Manah mo di undang
Nu tuhur teher laksana

Teher herang tineung
Manah cunduk kana panuhun
Manah datang kana tangkal
Manah nepi kana jati
Manah deukeut kana anggeus
Datang ka ambu ka ayah

Suka tanpa balik duka
Wareg tanpa balik lapar
Hurup tanpa balik pati
Sorga tanpa balik papa
Hayu tanpa balik hala
Nohan tanpa balig wogan
Moksa leupas tanpa balik wulan

Twatwag ka jati niskala
Luput ti para dewata
Leupas ti sanghyang
Tan hana kara
Lenyep anyara cintya
Kena rampes tanpa denge
Kena suwung tanpa wastu
Ka nu lengis tanpa kahanan
Deung alitan
Hanteu pati dipiganal
Hanteu kasampak di luput
Hanteu pabaur
Hanteu dingeunah dicandu teka
Hanteu barayana hanteu deungeun
Sarwa tunggal wisesa

Nu maca inya
Ulah dipipanaswasan
Reungeukeun teher rasakeun
Picarek teher turutan pun

Atma milang sinurat ring merega
Paying beunang numpi
Di Gunung Kumbang pun
Barur Ni Teja Putu Bancana
Tilas sandi ti Jenggi
Pangwedar beunang buyut Ni Darwit pun

Sangakwakwana mahala ka ing
Lempurang dening sasaur
Uraceuk loter
Kadinya lacakeun yuyu cina

Carita bisi kurang wuhana
Leuwih longana

Lamun batri sasanga mancal luhur ma
Ya tanpa milih tan sinungan pun

Sambat aing nama Siwaya
Da ngemis gamut wirahana pati
Pantang panting sarasoti
Nanu hamas haba jaja pun,,,

pun ampun paralun,,,

_/\_
Rahayu

KIDUNG MAPAG PADJADJARAN PAKEUN HEUBEUL JAYA DINA BUANA NANJER NAJURIN

PEPELING
DIRARAMPA DILELEBAH
NYOREANG ALAM KATUKANG
PAINGAN CEUK JURU PANTUN
JAMAN PAJAJARAN MURBA
SOK RAJEUN KAMEMELANGAN MIKIRAN DIRI PRIBADI
TIMANA JEUNG REK KAMANA CENAH HIRUP MUDU MURID
WALUYA LAHIR JEUNG BATIN NYAHO NU BENER NU PALSU
GUSTI …..
NGAN HESE NEANGANANA
SOK INGGIS SALAH PANGGIH
PALANGSIANG-PALANGSIANG
BENER TEH NGAN CEUK SORANGAN
*****
PAPATET
NU JAUH URANG DEUKEUTKEUN
GEUS DEUKEUT URANG LAYEUTKEUN
GEUS LAYEUT URANG PAHEUTKEUN
GEUS PAHEUT SILIH WANGIKEUN
PAJAJARAN KARI NGARAN
PANGRANGO GEUS NARIKOLOT
MANDALA WANGI NGALEUNGIT
NYA DAYEUH NGAJADI LEUWEUNG
NAGARA GEUS LAWAS PINDAH SAPURAGNA PAJAJARAN
DI GUNUNG GUMURUH SUWUNG GEUS TILEM
JEUNG NAGARANA
CUPU MANIK ASTRA GINA
DITANDEAN SARATAN
DITURUBAN APAN BIHARI KUMADEPUN
DITEUNDEUN DISISI JALAN
DIBUKA KUNU NGALIWAT KUNU WEURUH
DISEMUNA NU RANCAGE HATENA
DIBUKA PATING HALEUANG NUMENTA DILALAKONKEUN
DIBUKA PATING HALEUANG NUMENTA DILALAKONKEUN
KAWUNG MABUR CARULUKNA
GULA LEUNGITEUN GANDOLA
CI AMIS KARI PAITNA
CI HERANG KANTUN KIRUHNA
SAMAK TINGGALEUN PANDANA
KIAYI LEUNGITEUN AJI
PANDITA ILANG KOMARA
KAHURUAN
KUNAPSUNA
*****
GILANG PADJADJARAN
WAKTU GILANG PAJAJARAN
WAKTU GILANG SANG NISKALA
BAHEULA …..
BAHEULA SABALE GANDRUNG SASUNDA
SASILIWANGI GEMAH RIPAH KERTA MUKTI
RADEN NAHA ATUH KIWARI GEUNINGAN MENI SAGALA GANTI
DUH ……
BONGANA PAHIRI-HIRI
PAREBUT TIPAYUN KANTUN
PAGIRANG-GIRANG TAMPIAN
CALIK GIRANG GEDE AJANG
NAHA ALEK HENTEU NYAHO SOMAH NU LARA BALANGSAK
GEUNING …..
DUH KAYANING ….. KAYANING …
NYA URANG PAPANTUNAN
KUMALENDANG JEUNG KALANGKANG BAHEULA
BAHEULA SA PAJAJARAN SA PRABU SA BALE GANDRUNG
MEGAT UGA SUNDA TANDANG URANG
NU URANG NINENG JEJEMPLANGAN NGAJEMPLUNG JEMPLINGKEUN DIRI
RADEN ULAH REK KABALERANGAN
SIPELUNG NGALIMPUNG REBUN
HUDANG URANG NGARANCAGAN
RANCABATAN BUDAK LUMPAT
NARIKNA KUDIDEKUNGAN DEBATNA BALE RANCAGE
HAYU DIDITU NGEPUR NU NGEJAT
RENGETKEUN TUH SANGKAKALA
SANGKAKALA PADJADJARAN
TANGARA …..
MANGSA MAPAG JAMAN ANYAR
MANGSANA KI SUNDA TANDANG
REMPUG JUKUNG SAUYUNAN

DUH……
TEMBONGKEUN AJEN WEWESEN SATRIA NU PINANDITA
RADEN …..
TEUAS PEUREUP LEMES USAP
PAGEUH KEUPEUL LEGA AWUR
SILIH ASAH SILIH ASIH
TEGUH PENGKUH SILIH ASUH
BARI ADIL PARAMARTA SINATRIA PILIH TANDING
RADEN …..TEDA PASUNDAN

Tidak ada komentar:

Posting Komentar