Kembang sungsang dinang kunang Kotak kurawis wayang Lindu nira bumi bengkah Adam adam babu hawa Siskang danur wilis Ingkang ngagelaraken cahya nur cahya Anwas anwar ngagelaraken Malih kang danur citra Nurcahya nursari nurjati Dangiang wayang wayanganipun Semar sana ya danar guling Basa sem pangangken-angken Mareng ngemaraken Dat Kang Maha Tunggal Wayang agung wineja wayang tunggal Wayang tunggal

Kamis, 06 Juni 2013

SANGHYANG TAPAK, , RAHASYA ILAHI

PAMIANGAN PANEMBAHAN SOENDA PADJADJARAN
PAKEUN BELA BAKTI KA BANGSA MWAH NAGARA INDONESIA

Sunda teh Wiwitan mudu jadi anggeuhan pamiangan, na purbatisti purbajati i sunda sembawa sunda mandala, ning cita ning samaya nu rek nurutan inya twah nu surup ka nusalarang, pakeun heubeul jaya dina buana, pakeun nanjer na juritan, tangtuna bela bakti ka Diri Sarimbit, Kaluarga, Rakyat, Bangsa i Bhumi Pretiwi mwah Nagara Indonesia, Undang-Undang Dasar 1945 dening purbatisti, Pancasila dening purbajati. Purbatisti purbajati, mana mo kadatangan ku musuh ganal musuh alit, suka kretatang lor kidul kulon wetan kena kretaras. Sing para dewata kabeh pada bakti ka Batara Seda Niskala. Pahi manggihkeun si tuhu lawan pretyaksa.
Pun Sampurna ingsun abdi kaulanun i bebrayan Panembahan Soenda Padjadjaran, seja mipit amit ngala menta, nyuhun widi restu pandamping para rumuhun nu tangtu na tuturus nali ngaragasukma lelembutan dumasar ku tangtu catur darya kelima paheut : Sir na ati, budi na watek, cipta na utek, rasa na adeg, ngajadi pangadegan; nu tangtu panyca pasagi: tekad na hate, ucap na cangkem, lampah na tapak, paripolah na laku, ngajadi diri; na tangtu panggih jirim jeung jisimna : raga badag boga utek gede, raga leutik boga utek leutik, sukma badag boga panca indra, sukma leutik boga indra genep, lelembutan boga na getih; na tangtu apal asalna jisim kandung indung, yuga bapa: raga na bali mwah tali ari indung, sukma na cai tuban mwah alam kandung indung, lelembutan na yuga bapa; tinangtu panggih sajatining diri na pakem purbatisti purbajati i sunda sembawa sunda mandala.
Inyana Kaulanun …. Ning Cita Ning Samaya … Shi Punten nu Kateda Empun nu Kasun, Seja :
- Sembah Sumujud ka Gusti Sanghyang Tunggal nu nyipta waruga jagat nu ngawasa kawasana buana pancer tengah sabuder awun mwah sedaya mahluk nu karsa dicipta;
- Babakti ka para Pangagung mwah Pangluhung nu ngawasa di kawasa kersana Gusti Sanghyang Widi ngalaksana pancen pamayung agung di buana pancer tengah bangsa mwah nagara;
- Bakti tumut ka indung bapa aki nini buyut bao nu ngawasa dikawasa kersana Gusti Sanghyang Widi. ngaragasukma lelembutan jirim sajisimna;
- Parasparo pasarpana atuntunan tangan silih asih pantara ning padudulur jeung papada ning cita ning samaya mahluk nu karsa dicipta kawasana Gusti Sanghyang Widi, nu napak nekonan ngalaksana pancen di buana pancer tengah, sabuder awun.
- Ngarawat ngarumat ngaraksa alam hirup kahirupan, hutasanapah bhayu akasha teja sanghyang mahoratra saddya, sa palantara buana pancer tengah sabuder awun kersana Gusti Sanghyang Widi.

INYANA KAULANUN ... NING CITA NING SAMAYA ….
SEJA MIPIT AMIT ALA MENTA KERSANING GUSTI HYANG TUNGGAL
NYUHUN WIDI RESTU DAMPING, PARA RUMUHUN NU NGARAGASUKMA LELEMBUTAN
INI SABDAKALANDARA RAKYAN JURU PANGAMBAT
I KAWIHAJI PANYCA PASAGI MARSA NDESHA
BARPULIHKAN HAJI SUNDA
KIDUNG LUHUNG TI KARUHUN,
SASAKA PUSAKA BUHUN,
HAYU URANG PADA SUHUN,
NGALAP DANGHYANG NU RUHUN,
NUTI KULON NUTI WETAN,
KALER KIDUL SEUG PAMITAN,
HAYU URANG MARUKA WIWITAN,
KIDUNG SUNDA NUR BUATAN…
INYANA KAULANUN ... NING CITA NING SAMAYA ….
NU REK NURUTAN INYA TWAH NU SURUP KA NUSALARANG,
PAKEUN HEUBEUL JAYA DINA BUANA, PAKEUN NANJER NA JURITAN,
SEJA NGALAKSANA PURBATISTI PURBAJATI
PARA PANGAGUNG MWAH PANGLUHUNG
I SUNDA SEMBAWA SUNDA MANDALA,
SEDAYA TEKAD UCAP LAMPAH PARIPOLAH DENING SALIRA
SEJA NGALAP DANGHYANG NU RUHUN, MARUKA SASAKA PUSAKA BUHUN,
PAKENA GAWE RAHAYU, PAKENA KRETA BENER,
BHAGYA BARI PAKENA BENER, PAKEUN NANJER NAJURITAN,
SALAMET NA KRETA TUHU, PAKEUN HEUBEUL JAYA DINA BUANA.

SEMBAH BABAKTOS KAPIHATUR PIHUNJUK PANJENENGAN
HYANG PRABU TARUSBAWA,
PURBATISTI PURBAJATI PAKEUN MARUKA WIWITAN SASAKA PUSAKA BUHUN
Sumpah denira Sri Maharaja Suryaman Sang Mahapurusa Bimaparakrama Hariwangsa Digwijaya Sunda Sembawa Prabu Tarumanagara ka tujuh, Sangkan Sunda Sembawa Maruka Wiwitan na Purbatisti Purbajati pakeun heubeul jaya dibuana, nanjeur na juritan, kreta na Sunda ngawasa ku trahna Sunda Sembawa. Tarumanagara sirna ing bhumi jawadwipa beh kulwan, jawadwipa beh kulwan kabeulah, nanjeur na juritan, kreta Galuh Pakuan dening Prabu Wretikandayun na puraraya Galuh Karang Kamulyaan ti citarum beh wetan, ning kreta Sunda Pakuan dening Prabu Tarusbawa na puraraya Sundapura Pandeglang, ti citarum beh kulwan.

“ini sabdakalandara rakyan juru pangambat
i kawihaji panyca pasagi marsa ndesha
barpulihkan haji sunda”

SEMBAH BABAKTOS KAPIHATUR PIHUNJUK PANJENENGAN
HYANG PRABU SANJAYA,
PURBATISTI PURBAJATI PAKEUN YUDDHENIPUNA MWAH BALADHIKA NING WADYABALA
Kreta Galuh Pakuan mwah kreta Sunda Pakuan, nyahiji ku polah Raden Sanjaya, ing putra Prabu Sena trah Galuh lawan Ratu Sanaha putri Bhumi Mataram, mantu Prabu Tarusbawa, ngangaranan maneh taraju jawadwipa, lian kreta Galuh Pakuan, kreta Sunda Pakuan, mwah kreta Bhumi Mataram, alabatan ngagunamake Pustaka RatuNing Bala Sariwu. Kaampuhan na yudhakala rebut kreta Galuh Pakuan na kadatwan wus dumadi ranasabha ingga purbasora pinenjahan dening Sanjaya yudhakala. 635 Saka.
Pustaka Ratuning Bala Sariwu tetenan susunsusun Resiguru Kendan dening Rajaputra Suraliman sang yuddhenipuna mwah sang baladhika ning wadyabala ing Tarumanagara. Bihari Pustaka Ratuning Bala Sariwu, dititip rawat rumat ngarsakeun dening Resiguru Rabuyut Sawal, Gunung Sawal Seda Sakti kiwari, ku titah dening Prabu Tarusbawa, ing Tarumanagara ngajadi Sunda Pakuan.

SEMBAH BABAKTOS KAPIHATUR PIHUNJUK PANJENENGAN
HYANG PRABU SRI JAYABHUPATI,
PURBATISTI PURBAJATI PAKEUN NGARAWAT NGARUMAT NGARAKSA SARAKAN
Sri Jayabhupati Jayamanahen Wisnumurti Samarawijaya Sakalabuana mandaleswaranindita Harogowardana Wikramo tunggadewa, Prahajyan Sunda, Magaway tepek i purwa sanghyang tapak ginaway denira.

Sumpah denira prahajyan Sunda. Lwirnya nihan.
“ … indah ta kita kamung hyang hara agasti purbbadaksina paccima uttara agniya neriti …. tabayabya aicanya urddhadah rawi shashi patala jalapawana ….. hutasanapah bhayu akasha teja sanghyang mahoratra saddya …. Yaksa raksasa pishasha preta sura garuda graham kinara mahoraga catwana … lokapala yama baruna kuwera bashawa mwang putra dewata panca kucika ….. nandishwara mahakala dunggadewi ananta surindra anakta hyang kalamrtyu gana bhuta sang prasiddha milu manarira umasuki sarwwajanma ata regnyaken iking sapatha samaya …. Sumpah pamangmang ni lebu ni paduka haji i Sunda irikita kamung hyang kabeh … pakadya umapala ikan … i sanghyang tapak ya patyanantaya …. Kamung hyang dentat patiya siwak kapalanya cucup uteknya belah dadanya inum rahnya rantan ususnya wekasaken pranantika … i sanghyang kabeh tawat hana wwang baribari shila irikang lwah i sanghyang tapak apan iwak pakan prannahnya kapangguh i sanghyang …. Maneh ka liliran pakanya katake dlaha ning dlaha …. Paduka haji i sunda …. Umade maka kadarman … ing samangkana wekawet paduka haji i sunda sanggum nti ring kulit kata kamanah ing kanang … i sanghyang tapak makatepa lwah watesnya i hulu sanghyang tapak ….. i hilir mahingan irikan …. Umpi ing wungkal gde kalih … i wruhhanta kamung hyang kabeh ….

SEMBAH BABAKTOS KAPIHATUR PIHUNJUK PANJENENGAN
HYANG PRABU DHARMASIKSA
PURBATISTI PURBAJATI PAKEUN PARASPARO PASARPANA
ATUNTUNAN TANGAN SILIH ASIH PANTARA NING PADUDULUR
Prabu Guru Dharmasiksa Paramarta Sang Mahapurusa Sang Prabu Sanghyang Wisnu, Ratu Sunda Pakuan Galuh Pakuan ing puraraya i Saunggalah Kuningan lantas pindah ing puraraya i Pakuan Bogor. Nalika kasumpingan incu Rakeyang Wijaya Sang Kretarajasa Jayawardhana, Prabu kreta Majapahit ing puraraya i Wilwatika Jawadwipa beh Wetan trah Kreta Singasari mwah Kreta Kediri. pitutur sangkan di pikukuh di puraraya Pakuan.

Pitutur Prabu Dharmasiksa pakeun di Pikukuh Seuweu Siwi Seke Seler i Sunda
… Hawya ta sira kedo ethawamerep ngalindih Bhumi Sunda mapan wus kinaliliran ki sanak ira dlaha yan ngku wus angemasi …. Hetunya nagaramu wus agheng jaya santosa wruh ngwang kottaman ri puyut katisayan mwang jayashatrumu, ngke pinaka mahaprabhu … ika hana ta daksina sakeng Hyang Tunggal mwang dumadi sarataya. …. Ikang sayogyanya rajya jawa lawan rajya sunda parasparo pasarpana atuntunan tangan silih asih pantara ning padudulur … Yatanyan siddha hitasukha … Yan rajya sunda dukhantara ... Wilwatikta sakopayanya maweh sharana …. Mangkana juga rajya sunda ring wilwatikta….

SEMBAH BABAKTOS KAPIHATUR PIHUNJUK PANJENENGAN
HYANG PRABU LINGGABUANA
PURBATISTI PURBAJATI PAKEUN JATI TEU KASILIH KU JUNTI TAN KALINDIH
Prabu Linggabuana Sang Prabu Wangi …” Sang Prabhu maharaja sunda pejah ta sira haneng bubat i wilwatikta nagara irikang kala sang prabhu maharaja kahyun ngawarangaken anak ira ya ta sang Retna Citraresmi athawa Dyah Pitaloka lawan Bhre Prabhu Wilwatikta Shri Rajasanagara ngaran ira nihan ta mulatnya. Maksud ngahiji Sunda lawan Wilwatika, ku kahyun ngawarangaken Retna Citraresmi lawan Prabu Hayam Wuruk, gagal jadi maksud ku Patih Gajah Mada i Majapait.
Sumpah denira prahajyan Sunda. Palagan Bubat … tathapyan mangkana sundhabhumi tan kalindih dening rajya wilwatikta..

SEMBAH BABAKTOS KAPIHATUR PIHUNJUK PANJENENGAN
HYANG PRABU NISKALA WASTU KANCANA
PURBATISTI PURBAJATI PAKEUN ACARA, ADIGAMA, GURUGAMA,
TUHAGAMA, SATMATA, SURALOKA, NIRAWERAH
Prabu Niskala Wastu Kancana Sang Praburesi Buanatunggal Dewata, ing Putra Mahkota Prabu Linggabuana, kancana putra Prabu Bunisora Sang Satmata Prabu Guru Pangadiparamarta Jayadewabrata. Mahaprabhu Niskala Wastu Kancana, nu heubeul jaya di buana pancer tengah i Sunda. Sugan aya nu rek nurutan inya twah nu surup ka nusalarang. Pakeun heubeul jaya dina buana, pakeun nanjer na juritan. Apah, teja, bayu, akasa, bug e nyurup ka pitutur hyang prabhu buanatunggal.

Pitutur Prabu Niskala Wastu Kancana, pakena gawe rahayu, pakena kreta bener
…. Nihan tapa kawali nu siya mulia tapa bhagya Prabhu Raja Wastu mangadeg di kuta kawali nu mahayu na kadatuan surawisesa nu marigi sakuliling dayeuh nu najur sagala desa aya ma nu pandeuri pakena gawe rahhayu pakeun heubeul jaya dina buana…. Aya ma nu ngeusi bhagya bari pakena kereta bener pakeun nanjer na juritan.

SEMBAH BABAKTOS KAPIHATUR PIHUNJUK PANJENENGAN
SANGHYANG PRABU SILIWANGI SHRI BADUGA MAHARAJA
PURBATISTI PURBAJATI PAKEUN MANGGIHKEUN SI TUHU LAWAN PRETYAKSA
….. Hana pwanung mangadegakna Pakwan Padjadjaran lawan kedatwan Sang Bima Punta Narayana Madura Suradipati ya ta sang Tarusbawa…. Hana pwa putra nira Sang Prabhu Dewa Niskala, Sang Ratu Jayadewata gumantyakna ta manira dumadi raja Sunda lawan nama sidham Shri Baduga Maharaja ing Pakwan Pajajaran Shri Ratu Dewata. Rasita lungguh criman kadatwan nira makaran Shri Bima Punta Narayana Madura Suradipati …. Raja Pajajaran winastwan ngaran Prabhuguru Dewaprana muwah winastwan ngaran Shri Baduga Maharaja Ratuhaji ing Pakwan Pajajaran Shri Sang Ratu Dewata putra ning Rahyang Dewa Niskala. Rahyang Dewa Niskala putra ning Rahyang Niskala Wastu Kancana. Rahyang Niskala Wastu Kancana putra ning Prabhu Maharaja Linggabhuanawishesa…..

Pitutur Prabu Siliwangi Shri Baduga Maharaja,
pakeun Rahayu Bagja Salamet Jaya Tri Buana
…. Wang na pun ini sakakala, prebu ratu purane pun, diwastu diya wingaran prebu guru dewataprana diwastu diya dingaran shri baduga maharaja ratu haji di pakwan pajajaran shri sang ratu dewata pun ya nu nyusuk na pakwan diya anak rahyang dewa niskala sang sidamoka di gunatiga, incu rahyang niskala wastu kancana sang sidamoka ka nusa larang, ya siya nu nyiyan sakakala gugunungan ngabalau nyiyan samidam nyiyan sanghyang talaga rena mahawijaya, ya siya pun i saka, panca pandawa mban bumi.
…. Purbatisti purbajati, mana mo kadatangan ku musuh ganal musuh alit … suka kretatang lor kidul kulon wetan kena kretaras....Sing para dewata kabeh pada bakti ka Batara Seda Niskala…Pahi manggihkeun si tuhu lawan pretyaksa….

…… Pamugi Gusti Sanghyang Widi karunya ning cita ning samaya. Sih nuhun, inyana kaulanun bebrayan panembahan soenda padjadjaran. Rahayu – rahayu – rahayu.

…… Pamugi Gusti Sanghyang Widi karunya ning cita ning samaya. Sih nuhun, teda nu di seja ampun nu di pundut. Abdi kaulanan bebrayan panembahan soenda padjadjaran.
Rahayu – rahayu – rahayu.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar